Wilujeng sumping lur.

13 Nov 2008

Tungtungna


mieling eling hate sorangan
yen ngan ukur balebat anjeun nu nyari
tapi geuning hate kuring uget
gelenyu imut manehna muragkeun satia

duh kudu kumaha
hate ku bingung
rek milih saha, anu mana
Milu mere harepan duana
teu bisa nimbang nimbang rasa

kuring ngadalinding dina hiji peuting
sorana beuki leungit kasileup jangkrik
hanjakal jangkrik teu bisa mere jawab
ngan ukur bisa muragkeun deui cimata

keun bae, tungtungna ngan ukur jadi carita


16 Okt 2008

Sakeureut Hate

Pasalia hate kuring geuning...

kecap nu geus dikedalkeun
dibura teu beunang di letak deui
hamperu pait, cangkudu geus ngasak
lila pijadieun rebun mamanis

picaritaeun nu kungsi kasawang na teuteupan hate
ngenclang dina raray salira
kedal hese kacatur, cimata nyakseni kanyeri
muruhpuy peurih geus miheulaan patri tiheula

moal balik deui, moal nanggahkeun gado
lin kajaba mung kersaning nu kawasa nyarita lain
mun masih keneh aya sakeureut hate pikeun kuring

Wanci tengah peuting,
15 Oktober 2008


15 Sep 2008

Diteunggeul ngarah teu nyeri



Kacaritakeun aya hiji bapa nu karek datang ti pagawean, manehna di papag ku pamajikan jeung barudakna nu tilu arimut lucu, nya maklumlah bapana téh da balikna saminggu sakali ku sabab jarak pagawean/ kantor jeung imah téh kacida jauhna, mun bulak balik unggal poe mah da pasti beak w ku ongkos jeung waktu.
Isukna poenan weekend alias lalibur barudak téh, panon poe karek naek, ci ibun masih keneh saleger bapana geus ngadaweung dina korsi sabari nginum ci kopi ngabaturan pamajikanana nu geus pakupis beberes imah ti isuk keneh, manehna maca koran sabari ngajaga anakna nu pangbungsuna nu keur ngageubra sangges tadi ceurik hayang nginum. Nya pek torojol budakna anu ka dua, si pangais bungsu...budak téh lulungu keneh tuluy sare gogoleran dina korsi nu panjang bari nyubut "haus", nya atuh bapana nyampeurkeun eta budak bari mawa nginum ci haneut terus diinumkeun.
Tuluy bapana diuk deui dina korsi bari nuluykeun hanca koran nu geus dibaca tadi, teu kungsi lila si pangais bungsu téh nyampeurkeun bapana, manehna nangtung ditukangeun tonggong bapana bari neunggeulan tak tak bapana...
"jang Odi, tong neunggeulan bapa"
jang Odi teu malire omongan bapana, manehna kalah terus nuluykeun nenggeulan taktak bapana
"Jang Odi, tong neunggeulan tak tak bapa atuh, nyeri!" sabari ku sora nu rada heuras"
Jang Odi cicing sababaraha renghapan...beungeutna katinggali ciga nu reuwas sieun, tapi nuluykeun deui polahna nu matak pikakeuheuleun bapana
"Jang Odi!!!"
Bapana nyentak jang Odi da ku alatan geus beak kasabaran
Nya tuluy we jang Odi téh reuwas, manehna lumpat ka indungna sabari ceurik.."ibuuuuuuu" bari nyumput ditukangeun indungna da ku sieun tea ku bapana.
indungna tuluy malik bari ngomong ka jang Odi "teu kengeng kitu atuh jang, karunya bapana...nyerieun"
Bapana tuluy mangku jang Odi bari dolo da jang Odi barontak rek dipangku téh sabab sieuneun keneh.
Geus rada reup jempe, bapana nanya ka jang Odi...
"Naha tadi Ujang téh nenggeulan bapa?"
"garah teu nyeri" tembal eta budak lima taun téh sabari sisidueun
"haar ari Ujang sidik diteunggeulan kitumah bapa téh nyeri"
tapi da ku keukeuh jang Odi ngajawab ngarah teu nyeri bari dibareungan ku ceurik nu leuwih tarik
"kunaon atuh ibu ieu téh?"
indungan bingung...teu kungsi lila indungna seuri bari ngomong ka bapana
"oooh bapa, Jang Odi téh niatnamah hoyong ngarancetan Bapa, da ku ibu sok dipiwarang nenggelan taktak pami nuju nyareri téh, da ngarancetanmah tacan tiasaeun"
Nya nyurucud atuh langsung cimata bapana téh, manehna menta hampura ka anakna bari mangku eta budak
"hampura bapanya jang".

Sakapeung niat hade budak sok tara dipiharti jeung teu hayang dipiharti kunu jadi indung bapana, nu antukna loba barudak nu matak jadi barontak...ku sabab kitu hiji hubungan bathin indung bapa jeung anak téh kudu dideukeutkeun ti keur leutik keneh, artikeun paripolah budak, lempeungkeun tong wara dicarekan tiheula.

Cag ah...ku: Jungjunan LieZMaya/ Lilis mayasari.


30 Agu 2008

Wilujeung Mayunan sasih Romadon

Wilujeng romadhon
Hapunteun sabudaya kalepatan simkuring, bilh kantos nyeksek hate, nyungkeulitkeun manah dulur sadaya, tisoledat lalampahan, leupat arit dina cariosan.
Wilujeung majeung ibadah dina Sasih Romadhon kangge nu ngalaksanakeun, mugia taun ieu tiasa ningkatkeun kualitas kaimaman urang sadaya.

Hatur nuhun.
Marhaban yaa ramadhan

Img by: Al-habib


28 Agu 2008

salapan belas agustus



Duh Bi hampura teteh dugi ka hilap kana milangkala Obi
heug ke mun uih w nya di taraktir baso mang Ada hehe

Saparantos tiasa online kana internet teh tong sok ngaraos keenakan jang, geura uih ka bumi bantos tuh nu di bumi, diajar nu leres leres. Mugia nambihna yiswa nambih oge kedewasaan obi.
Sakali deui Wilujeung tepung tahun, milangkala nu ka 16 nya :)

Ti teteh nu tamelar.


22 Agu 2008

Lomba 17-an

Hayu baralap barudak!


selamat menempati rumah baru

memiliki rumah baru adalah suatu berkah. baik bagi yang memang benar-benar baru memiliki ataupun bagi yang sudah punya lebih dari satu tetap saja melihat dan menempati rumah baru menerbitkan rasa bahagia rasa syukur.
juga untuk jungjunan, tiayi kekasihku, yang kemarin berhasil memugar dan mendirikan kembali rumah lamanya yang sudah ambruk dan dibiarkan hancur dalam waktu yang lama. sekarang sudah berdiri kembali dengan kokoh, anggun dan cantik
do'aku semoga rumah baru ini menjadi tempat berteduh yang nyaman, tenteram dan lebih dari itu, memberikan banyak manfaat.
sekali lagi, selamat menempati rumah baru (rumah lama yang dipugar kembali) ini, dan semoga Allah senantiasa menjagamu kapanpun, selamanya.




21 Agu 2008

Buku ku ku.....

Buku nyaéta: Batur ngomong anu henteu miheulaan maneh. Batur ngomong anu henteu ngagero sabot manéh digawé. Batur ngomong anu henteu memaksa manéh dangdan sabot nyanghareupanana. Batur hirup anu henteu muji anjeun. Batur anu henteu ngabosenkeun. Pepeling anu henteu ngotéktak kasalahan.



Sajarah singkat EURO

Euro Taun 1960

Juara: Uni Soviet
Runner-up: Yugoslavia
Tuan rumah/ pribumi: Perancis
Nu nyetak gol Pangreana: Francois Heutte (PErancIS), Valentin Ivanov (Uni Soviet), Viktor Ponedelnik (Uni Soviet), Milan Galic (Yugoslavia), Drazan Jerkovic (Yugoslavia) 2 gol

Euro Taun 1964

Juara: Spanyol
Runner-up: Uni Soviet
Tuan rumah/ pribumi: Spanyol
Nu nyetak gol Pangreana: Francois Heutte (Perancis), Valentin Ivanov (Uni Soviet), Viktor Ponedelnik (Uni Soviet), Milan Galic (Yugoslavia), Drazan Jerkovic (Yugoslavia) 2 gol

Euro Taun 1968

Juara: Itali
Runner-up: Yugoslavia
Tuan rumah/ pribumi: Itali
Nu nyetak gol Pangreana: Jesus Maria Pereda (Spanyol), Ferenc Bene (Hungaria), Dezso Novak (Hungaria) 2 gol

Euro Taun 1972

Juara: Jerman
Runner-up: Uni Soviet
Tuan rumah/ pribumi: Belgia
Nu nyetak gol Pangreana: Gerd Muller (Germany) 4 gol


Euro Taun 1976

Juara: Cekoslovakia
Runner-up: Jerman
Tuan rumah/ pribumi: Yugoslavia
Nu nyetak gol Pangreana: Dieter Müller (Jerman) 4 gol


Euro Taun 1980

Juara: Jerman
Runner-up: Belgia
Tuan rumah/ pribumi: Itali
Nu nyetak gol Pangreana: Klaus Allofs (Jerman) 3 gol


Euro Taun 1984

Juara: Perancis
Runner-up: Spanyol
Tuan rumah/ pribumi: Perancis
Nu nyetak gol Pangreana: Michel Platini (Perancis) 9 gol


Euro Taun 1988

Juara: Belanda
Runner-up: Uni Soviet
Tuan rumah/ pribumi: Jerman
Nu nyetak gol Pangreana: Marco van Basten (Belanda) 5 gol


Euro Taun 1992

Juara: Denmark
Runner-up: Jerman
Tuan rumah/ pribumi: Swedia
Nu nyetak gol Pangreana: Henrik Larsen (Denmark), Karl-Heinz Riedle (Jerman), Dennis Bergkamp (Belanda), Tomas Brolin (Swedia) 3 gol


Euro Taun 1996

Juara: Jerman
Runner up: Republik Ceko
Tuan rumah/ pribumi: Inggris
Nu nyetak gol Pangreana: Alan Shearer (Inggris) 5 gol


Euro Taun 2000

Juara: Perancis
Runner-up: Italia
Tuan rumah/ pribumi: Belgia & Belanda
Nu nyetak gol Pangreana: Patrick Kluivert (Belanda), Savo Milosevic (Yugoslavia) 5 gol


EuroTaun 2004

Juara: Yunani
Runner-up: Portugal
Tuan rumah/ pribumi: Portugal
Nu nyetak gol Pangreana: Milan Baros (Republik ceska) 5 gol


EURO 2008

Juara: Spanyol (1-0)
Runner-up: Jerman
Tuan rumah/ pribumi: -
Nu nyetak gol Pangreana: Fernando ‘El Nino’ Torres



Pésén Admin

- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

TOKO ONLINE BAJU BUSANA MUSLIM SYAR'I MURAH
Mau belanja baju busana muslim, Gamis Syar'ie Murah Bekasi, perlengkapan rumah tangga, dll. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

 

Wilujéng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka dégét ayéna, nyaéta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

Nunutur

Nu Parantos Ngalongok

Copyright 2013 Tépas Pangacaprukan | Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!. ti taun 2006 dugi ka kiwari. Development by Jasa Pembuatan Website Murah