Home » Archives for 01/09/11 - 01/10/11
Berita duka, Innalillahi wa inna illaihi raji’un, sakali deui dunia seni khususna seni sunda kaleungitan hiji maestro dinten senen ieu (12 September 2011), parantos mulih kajati mulang ka asal, Bapak Hendarso atanapi nu parantos kakoncara nami panggungna Darso, mugia iman islamna di tampi ku Alloh subhanahu wata’ala, dicaangkeun pakuburanana, dihapunteun sadaya dosa – dosana. Atuh kangge senina nu parantos dipidangkeun cing janten pahala, dikenang salalawasna ku dunia, diteraskeun ku kawula muda sunda. Amin.
Gambar dicandak ti: Inilah.com & pikiran-rakyat.com
Cag ah,
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Assalamu’alaikum Wr. Wb, kumaha daramang Lur?
Taqabalallahu minna wa minkum.
Simkuring pribados sareng kulawargi ngahaturkeun wilujeng boboran shiam 1432 Hijriah, mugia kersa ngahapunteun samudaha kalepatan lahir tumekaning bathin. Mugia amal sareng ibadah urang salami sasih romadhon teh di tampi ku gusti Alloh SWT di leburkeun sadaya dosa – dosana lir ibarat budak nu nembe brolll ka alam dunya.
Sareng sakantenan we bade nyuhunkeun pidu’ana, Alhamudlillah basa kamari boboran teh sakantenan ngajajapkeun rayi bungsu simkuring nu ngagaduhan wasta Muhammad Reizhan Ramadhan ka dokter pikeun di sunat/ di khitan dina yiswana nu ka genep taun, mugia janten murangkalih nu sholeh bageur dipilampah rezeky nu halal ku Gusti Alloh SWT. Amin.
Hatur nuhun, cag ah…
Lilis Mayasari sareng kulawargi (Bandung).