Teu dihaja kuring liwat ka ieu lamping deui, lamping di sisi gunung Cakrabuana, anu mere kawaas mangsa sababaraha puluh taun katukang. Narembongan deui ngolebat dina sisi lamping tingarudat siga muter film di bioskop. Kuring meungpeun beungeut asa wegah jeung nyeblak basa kagambar hiji wanoja anu sok imut pikayungyuneun.
Duh, Nyai......gerentes dina jero hate
asa ku teungteuingeun nasib diri naha bet urang kedah papisah. Beuki
lila, beuki kagambar jelas sagala katugenah, kawaas sareng kacinta urang
pagalo jeung ngahunyudna eurih katebak angin. Imut nu manis, biwir nu
ipis jeung raray nu pinuh kadariaan ka kuring asa teu guna harita
geuning urang teu tiasa ngahiji. Tapi dalah dikumaha, geuning waktu geus
nunjukeun ka urang yen urang kedah papisah, salamina. Anjeun teu salah,
jiga langit diluhureun Cakrabuana anu salawasna warna bulao. Teu salah
salawasna jiga mega bodas nu tingarudat diluhureun urang mangsa harita.
Moal lepat sabab akang percaya ka Nyai yen gunung ieu, Gunung Cakrabuana
salamina masihan kakuatan ka akang kanggo nunjukeun saha akang anu
saleresna. Kulantaran, kolot Nyai anu teu panuju, kulantaran kolot Nyai
anu poekeun ku dunya anu ngeusian jero hate jeung kahawekan anu
sakama-kama. Kolot nyai milih si Barja, anak Pak Karta juragan Jengkol
pikeun pisalakieun nyai sanggeus lulus sakola.
Asa masih keneh aya rasa ngagilisik
ramo-ramo Nyai kana cangkeng waktos urang duaan ngabius kana motor boga
Nyai, motor bebek, motor anyar zaman harita. Ari akang mah boro-boro
boga motor apanan sakola SMA oge dipaksakeun bari jeung nganjuk
ngahutang ka tatangga. Beuh, kolot Nyai mah, bru dijuru bro dipanto teh
lain babasaan. Asal Nyai daek menta, moal burung teu dicumponan. Dalah
Akang, kolot akang kudu dedegler heula upamana rek bayaran sakola
bulanan oge. Tapi Alhamdulillah pan waktos harita akang mah meunang
beasiswa di Depdiknas anu di usulkeun ku Nyai ka Kapala Sakola da
Anjeuna dulur Nyai. Balik sakola, Nyai lain langsung uih ka bumi tapi
sok ngajak akang muter-muter ka lamping Gunung ieu. Cenah, akang bari
diajar motor di tanjakan di lamping Gunung Cakra gigireun leuweung.
Akang asa era ka Nyai, era ka diri sorangan, ngukur diri sorangan sabab
akang sieun. Sieun ditincak ku kaayaan. Nya akang sadar diri sabab moal
kuat upami dituluykeun ieu hubungan. Sagalana geus beda di ieu lamping
jiga kahirupan urang nu geus beda teu kawas baheula. Huis mimiti neteep
dina sela-sela buuk hideung kuring. Kumis jeung janggot moal boa geus
sarebu kali dikerok sangkan kuring katingli tetep ngora. Tapi urang moal
bisa ngabohongan kana diri sorangan yen urang geus teu bisa balik deui
ka mangsa waktu urang masih keneh boloho. Basa urang mimiti wanoh jeung
kaget basa kumis ipis mimiti mucunghul di luhureun biwir. Asa masih
keneh kamari Nyai nyeungseurikeun kumis akang jiga kumis beurit.
Sagalana ngolebat deui, minuhan
pamikiran kuring anu celengeu disisi lamping ieu. Ayeuna akang gaduh
jabatan di kantor Pamarentah, jauh di luar Pulo Jawa. Anak geus rendey,
aya opatna kabeh sakola anu ku akang rek diproyeksikeun sina sakola
luhur. Geus kuduna akang boga pamajikan teh urang jauh, urang sabrang di
Pulo Kalimantan. Lain teu hayang boga pamajikan ka urang Sunda dalah
dikumaha geuning jodo mah jorork geuning. Jalan raya anu luar-leor jiga
oray masih keneh jiga baheula, nya didinya urang duaan hese beleke
nungtun motor anu anu mogok. Nyai ngadodorong titukang matak
pikarunyaeun, kuring nyekel stang sangkan nuju ka hareup anu jalanna.
Harita mah asa endah wae sagala anu katingal ku urang. Nya kitu deui
nyai, sok katangen imut ngagelenyu anu paling amis ka kuring. Ah..hate
nyeblak asa deg-degan deui. Motor teh motor nyai anu dibawa ka sakola.
Batur mah leumpang kaasup akang ka sakola teh, nyai mah geus mawa motor
anyar deui. Poe ieu Nyai hayang dianteur ka sisi lamping Gunung Cakra,
teu meunang heunteu nyai maksa pisan. Nya bius kuring teh mawa motor
nyai ka sisi leuwung ngabonceng nyai di tukang. Hate asa deg-degan jeung
reuwas da bisa kumaha onam. Tapi rasa sieun jeung kumaha onam ka eleh
keun ku rasa cinta kuring ka Nyai. Nya diwani wanikeun wae. Lain salah
kuring sagalana kajadian. Kuring mah ngan ukur nganteur kahayang nyai.
Di sisi leuweung anu jauh kaditu kadieu nyai menta eureun. Nyai diuk
cimekblek bangun lungse jeung beak kacape. Motor dieureun keun disisi
jalan.
Kuring luak lieuk kaditu kadieu, sieun.
Sieun pisan saba ieu teh toangan pisan. Tapi anehna nyai mah siga euwueh
kasieun, pohara pisan ceuk pikir kuring. Malah neuteup telek kana
beunget kuring asa jiga hayang nu eces. Aya rasa ragab jeung dosa sabab
saheunteuna ge kuring teh ngan duaan di ieu tempat anu jauh kaditu
kadieu jeung aranglangka kasorang ku manusa. Kuring cicing sieun
kajadian saterusna matak nyiksa kuring, tapi sigana ieu kajadian teh
geus direncanakeun ku nyai. Nyai ngagelehe ka kuring jiga nu ogo, kuring
ngingetkeun nyai sangkan urang pajauh bisa aya syetan asup ka diri
urang nya ngalakukeun nu teu bener. Tapi Nyai malah beuki liar jeung teu
ngadenge naon anu kukuring dicaram. Istighfar nyai, ceuk kuring bari
ngos–ngosan nahan katugenah. Antukna kuring oge manusa anu pinuh
kalemahan. Kuring mawa kaperih sabab kudu nandangan kawirang ka diri
sorangan, tapi nyai mah siga anu bungah sanggeus sagalana lekasan. Reg,
Mobil Avanza kaluaran anyar dieureunkeun belah sisi lamping gunung, pas
di tempat dariuk di lebah dinya baheula. Sanajan ayeuna geus rada
lenglang kusabab tatangkalan beak dituaran.
Asa masih kagambar sagalana kajadian
didinya, kuring asa diperkosa sabab mimiti pisan kuring nyaho sorga
dunya, kitu deui nyai. Nyai, asa kamari urang di sisi leuweung eta, naha
geuning ayeuna urang geus jauh lekasan. Basa kamari kuring patepung
deui jeung nyai di sisi lembur. Kuring asa reuwas basa papangih jeung
nyai anu kuleuheu jeung caludih. Ah..asa teu percaya titingalian teh,
baheula kulit anu hejo carulang ayeuna ngan kari karijutna jeung semu
hideung kapoe. Beungeut anu geulis lir Dewi Sri ayeuna loba gurat-gurat
kapeurih katara dina tarang. Teras, Nyai nuduhkeun anak nyai ngan
hiji-hijina anu keur sumedeng ligar umurna tujuh belas-taunan. Kuring
moal tuker titingalian, kuring moal bohong ka diri sorangan yen anak
Nyai teh siga diri kuring mangsa keur ngora, nyeples pisan. Dedegan,
panon, irung, halis, biwir meh sarua. Kuring asa ningali diri kuring
mangsa jeung nyai. Teu di test DNA oge kuring mah bakal ngaku eta anak
kuring. Ah asa peurih hate teh geuning papanggih jeung sari pati
sorangan anu teu ka roris mangsa keur jauh. Deudeuh teuing anaking!
Dicandak ti: Saungdedimlyd.web.id
Gambar: banghendri.wordpress.com
Salam hangat,
Neng Lilis Mayasari.
FB: liezmaya | Twitter: Liezmaya.