Kumaha daramang Masbro?
Duh tos lami tara apdet deui seratan di sang teh, da bongan atuh kieu yeuh ari jadi babu kantor mah, teu weléh sararibuk dotplok dotkom, nyuhunkeun dihapunteun we kasadaya dulur – dulur nu parantos getek ngangantosan, nye da saleresna mah simkuring gé géték atuh macaan carangka emailna gé “iraha jéng iraha apdate atuh Neng Lis” heuheu sabar…sabar.
Kumatakna da kirang kumaha atuh da simkuring mah selalu welkam kangge akang akang ceuceu ceuceu nu bade ngiring ngarojong maparinan sésératan didieu teh, malihan mah atuh bade ngahaturkeun mangrébu – rébu nuhun saupamina aya nu kerja ngintunkeun mairan seratan…tapi da gening kitu nya, cenah mah alesanana teh teu tiasa sok sieu lepat nyérat, awon seratanana, jéng saterasna…aduuh ulah kitu atuh lur, apanan namina gé urang teh diajar nyunda, silih ngawartosan, silih geuingkeun sangkan urang moal mopohokeun sareng mugia harepan mah apanan supados budaya sunda teh teras eksis kangge anak incu urang kapayun, satuju?
Sok mangga atuh, dina postingan ayeuna simkuring mah hoyong khusus w ngajak dulur – dulur sadayana saparakanca nu gaduh kaigelan, sésératan dina Basa sunda, boh eta Puisi, Carpon, Carpan, Unek – unek, atanapi bentuk seratan naon bae lah, atanapi manawi atuh aya nu bade marian poto – poto pilemburanana…Mangga pisan, diantos ku simkuring, da moal biheung di pasang di saung butut ieu, sok sakali deui, Tong isin – isin hehe.
Ke ke ke, Neng Lis naha Judulna di luhur teh méni teu nyambung?Hehe ah nya éta dihaja, sakantenan simkuring hoyong babagi carita, Alhamdulillah basa sasih kamari teh rayi – rayi simkuring anu dua parantos lalulus sakola (SMP sareng SMK), kaleresan pisan simkuring harita teh basa pangumuman kelulusan teh nuju aya mudik ka bumi (Arjasari – Bandung), sanaon ngaringkuk moro teu damang aya kana dua minggona, saur dokter ku alatan capé teuing kirang istirohat saréng kasérang ku panyawat radang usus + Tenggorokan saurna téh, tapi da Alhamudlillah ayena mah parantos sehat deui sabihara bihari.
Masbro didieu teh hiji basa gaul di lembur, apalna teh ti rayi rayi simkuring…cenah ieu teh panggilan gégéntosna kangge nami rerencangan (saumuran) nyéta singkatan tina “Mas” saréng “Bro” nu gaduh hartos Lanceuk/ kakak tina dua basa nu benteun, nyaeta basa Jawa sareng Inggris tea…saurna teh supados rada gaul tapi tetep tradisionil haha *beuhkeuy…tapi da nya Lur, pami di pikir – pikir mah ieu teh salah sawios apresiasi kaigelan karya barudak ngora, nya apanan tiasa dijanteunkeun gaganti basa Barudak nu baredegong tea nu hese leupas tina basa Kebon binatang safari tea gening (sabangsaning Guguk *Anj***, setan, bago**) dst nu matak teu mantés pisan kadangu kana ceuli urang teh apan…tah kitu pami numutkeun simkuring pribados mah, ieu positif keneh…mugia teu janten riya sareng memperbaiki moral bangsa ramaja ngora kapayuna sangkan langkung merenah *nanaon ge tina hal nu sapélé heula memeh jadi gédé.
Mangga atuh ah, mung sakitu heula we ti simkuring dina déngét ayeuna, mugia katampi.
Salam baktos simkuring, Lilis Mayasari/ LieZMaya.