Wilujeng sumping lur.

30 Nov 2009

Puncak Lembur Gentong

DSC00998 Kampung ieu mun di béh lembur simkuring (Cidodol – Rancakole) nu lumayan terkenal ayeuna teh, ti baheula keneh tos kakoncara ketang lamun sakadar diantara urang urang lembur daerah Bandung selatan mah, mun aya nu nanyakeun gés kasebut "moal bireuk deui ceunah!".

Tah ceunah mah baheulana ceuk beja eta leumbur teh naha bét disebut Gentong, nyaeta kusabab aya hiji gentong nu di jién ku para masyarakat pupuhu baheula nu kacida gédena (sagéde imah saung) tina taneuh liat ku masyarakat sésépuh baheula pikeun nampung/ nemperken cai paragi keperluan masyarakat didinya keneh.

Ngan hanjakal ayeuna mah da eta géntong teh tos teu aya, peupeus teu kuat ku jaman atawa aya nu ngarusak, atawa kumaha wallohu'alam. Simkuring oge teu acan kungsi ninggal di kieuna eta gentong teh. Munggaran nincak eta lembur mun teu salah mah basa nuju kelas 5 SD, basa ku pun rama diajak jalan - jalan hiking mapay rute ka bumi pun eyang nu aya di lembur Jelekong (pipireun Gunung geulis)...da saupamina bade motong jalan beh tereh, ieu Jalan gentong teh bisa jadi alternatif, teu kudu nguriling heula ka lebah Ciparay - jalan laswi, atawa Arjasari - Banjaran...ngan hanjakal na teh jalanna masih keneh rarinjul butut, teu acan kantos diaspal paten hehe.

Sababaraha bulan katukang ceunah mah ceuk béja ti urang lembur, Gentong teh ayeuna tos lumayan rame, unggal poe minggu teh sok jadi tempat pangpiknikan jalma - jalma nu rek jaralan jalan, arolah raga lari/ jogging sabari balanja/ jajan sagala rupa di Gentong teh, sabab aya oge tukang dagang nu ngalampar jualan didinya teh, nu biasa disebut "pasar tonggeng/ pasar kaget" tea. Nyaeta pasar saaya - aya dadakan nu ayana teh ngan sakeudeung/ teu unggal poe...jadi sumber panghasilan neangan rizki oge pikeun tukang dagang atawa masyarakat di daerah sapanjang jalan ka arah puncak Gentong...ampir mirip jéng pasar kaget tugu Baleendah tea, nu sok pinuh ku tukang dagang.

Kadinya teh meren ngan sakur ngucurkeun kesang jang olah raga, sabab jalanna nanjak pisan pagunungan "tiriss" atawa aya oge nu ngahaja ngadon mékél botram muka timbel di puncak Gentong teh niggali pamandangan sababaraha gunung garede diantarana Gunung Geulis, Gunung Nini, Gunung Wayang (mun teu salah mah), jarakna ti lebah Cangkring teh/ jalan raya laswi Ciparay - Baleendah sakitaran 2-3 KM, endahna ninggali gunung Geulis nu nutupan sababaraha hiji lembur Bandung...turun ka beulah handap bisa eces ninggali Gunung payung cangkring (hiji gunung nu aya di lembur cangkring anu lamun ditilik – tilik ti kajauhan teh nyarupaan payung.

Lamun pareng kér halodo saupamana keur waktu rurusuhan bade ka lembur Jelekong (lembur pun eyang), simkuring sok motong jalan ngangge motor motong jalan ka puncak Gentong teh...lumayan tereh, mung sakur satengah jam. Kungsi oge basa baheula téh basa diajak ku pun rama mapay – mapay lembur hiking ngabeakén waktu dua jam kurang leuwih. Da lamun mapay jalan laswi mah nguriling ampir kana sajam we kirang lebih (make motor). Jéng kamari ieu teh ninggal di sisi jalan parantos aya bahan keusik, batu, jst jang ngomean/ ngalémésan jalan...sugan we atuh pamarentah merhatikén potensi pariwisata lokal ieu, jabaning da ceuk béja mah di dékéteun puncak Gentong teh aya hiji curug nu disebut Curug Cangkring nu lumayan endah lamun pareng usum mijih mah cénah (teu acan kantos ngabujéngan atuh da hehe).

DSC00997DSC00999 DSC01003 DSC01004

Foto foto gambar di candak dina wanci jam 3 sore keur mangsa ceudeum di puncak lembur Gentong...dina motor, hampura rada rumeuk ngablur da motona ge bari dugdeg luhur motor rarinjul hahay!

Cag ah…baktos simkuring,

Lilis Mayasari/ LieZMaya.Web.ID.



25 Nov 2009

Kacang Bulu

kacang bulu

Ieu katuangan jaman purbakala…maksadna salah sawios katuangan karesep basa kapungkur nuju alit. Di lembur mah disebatna teh kacang bulu…pami basa indonesiana mah naonnya? kacang kedelai tea panginteunnya? bakatku tos lami tara mendakan deui…pek kamari ieuh basa kaleresan dijalan sarantos ngajajapkeun pun alo ti sakolana ninggal tukang jagong. Beu ku haripeut pas ninggal sababaraha beungkeut kacang bulu nu nyesa…mung kantun aya tilu bengkeut deui, sabeungkeut pangawisna dua rebuan.

Alhamdulillah ya Alloh meni asa mendakan naoooooon kitu, nuangna meni ku bungah…bari ngemut – ngemut mangsa katukang basa nuju jaman bubulucunan sareng rerencangan di sawah heuheu…teu hilap dugi ka ayeuna.

Wilujeng lebaran haji/ Idul Adha lur! (kangge para wargi nu ngalaksanakeun), simkuring bade mulang heula ka lembur (Bandung) heula nya’…nitipkeun ieu kaca sunda pangacaprukan simkuring ieu hehe :)

Cag ah, baktos simkuring.



16 Nov 2009

Gallery Kujang Sunda (Jawa Barat)2

Neraskeun postingan Kujang kamari Alhamdulillah aya respon ti administrator kujangpamor.com langsung, nambihkeun gallery kujang anu langkung lengkep (Hatur nuhun pisan), kumargi seer, ku simkuring dijantenkeun album Gallery bae, sumangga bae saupamina bade copy paste gambar atanapi content wajib nyeratken sumberna, nyaeta: - Kujangpamor.Com -
View Gallery kujangpamor
View Full Album

Teu hilap dihandap ieu aya katerangan nami - nami bagian tina KUJANG nu langkung jentrena:
Kujang_Abah_2 Kujang_Abah1
- Baktos simkuring, Lilis Mayasari/ LieZMaya -
Gambar: Kujangpamor.com, Hatur nuhun pisan. Hapuntén boh bilih aya kalepatan dina artikel nu parantos disérat ku simkuring diluhur.


15 Nov 2009

Kujang Sunda (Jawa Barat)

kujang1-bodas kujang2-bodas
Kujang nyaéta hiji pakarang nu mandiri nu asalna ti wewengkon Jawa Kulon. Kujang munggaran dijieun kira-kira abad ka-8 atawa ka-9, dijieun tina beusi, waja sarta bahan pamor, panjangna kira-kira 20 nepi ka 25 cm sarta beuratna kira-kira 300 gram.
Kujang mangrupa pakakas anu ngagambarkaeun kaseukeutan sarta daya kritis dina kahirupan ogé perlambang kakuatan sarta wawanén pikeun nangtayungan hak sarta ngadegkeun bebeneran. Dina jaman bihari pakakas ieu ngan dipaké ku golongan tinangtu nyaéta para raja, prabu anom, golongan pangiwa, panengen, golongan agamawan, para putri sarta golongan kaum wanoja pinilih, sarta para kokolot.

Dina Wacana sarta Khasanah Kabudayaan Nusantara, Kujang diaku minangka pakarang tradisional masarakat Jawa Barat (Sunda) sarta Kujang dipikawanoh minangka pakarang anu ngabogaan nilei sakral sarta miboga kakuatan magis atawa kakuatan ghoib. Sabagian nu naliti nyébutkeun yén istilah Kujang asalna ti kecap Kudihyang jeung akar kecap Kudi sarta Hyang. Kujang (ogé) asalna ti kecap Ujang, anu hartosna manusa atawa jelema. Manusa anu sakti lir ibarat Prabu Siliwangi. Manusa anu sampurna dihareupeun Alloh sarta miboga derajat Ma'rifat anu luhur.
“…Ganjaran nu belapati, satria santosa iman, Raden teu burung dileler, jimat kujang nu utama, pikeun neruskeun lampah, pangjurung ngapung ka manggung, pamuka lawang ka Sunan. Cangkingan lalaki langit, wangkingan lalanang jagat, wewesen leber wawanen, saratna sapira kujang nanging jadi lantaran, Sunan Ambu mikayungyun, para jawara ngaraksa. Kujang the dipake ciri, pusaka Tanah Pasundan, ciciren gede wewesen, pantang lumpat ngandar jangjang, ngeok eleh ku bikang, saur galur nu cacatur, kujang dua pangadekna…”

Ampir sabagian ti masyarakat Jawa Barat apal kana kujang. Tapi, teu loba ti maranéhanana anu nyaho leuwih jero latar sajarah atawa simbol - simbol hartian di balik kujang (kalébét simkuring pribados pangintén hiks...). Kujang ngan nu di pikanyaho teh ngan saukur sawatés sajenis pakarang has Sunda jéng wangun anu ngabogaan tungtung nu seukeut/ runcing. Saleuwihna meureun, Kujang ngan dipikanyaho minangka lambang pamaréntah Propinsi Jawa barat wungkul atawa sanjata khas Sunda.
kujang-liezmaya
Alhamdulillah dugi ka deungeut ayeuna sanajan teu acan ngagaduhan Kujang dibumi “sakadar kangge cindera mata hiasan dina tembok tapi simkuring parantos ninggal tur nyépég langsung eta sanjata has sunda teh” basa dina kasempetan ngiriungan ririuangan di Bandung, buatana Bapak Hadian Wasita Saleh – Dosen ITENAS (Institut Teknologi Nasional), atanapi nu akrab disapa Kang Hadian, sareng simkuring gaduh dua tawis katinéng “leres kitu istilahna? Hehe” dua Bros kujang warna emas ti salah sawios pangurus situs kujangpamor.com , hatur nuhun :P
CIMG0318
CIMG0319
Mangga saupamina para dulur – dulur ngagaduhan minat hoyong terang langkung jero ngenaan Kujang tiasa ngabujéngan bae situsna di kujangpamor.com sakantenan tiasa oge pesen/ balanja online kujang dina situs pengembangan budaya kujang eta.
Cag ah, InsyaAlloh sanes waktos dicukruk langkung jero.
Baktos simkuring, Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Gambar: Kujangpamor.com (dokumentasi simkuring pribados.Sumber ti sababaraha rujukan Website dina Google
Hapuntén boh bilih aya kalepatan dina artikel nu parantos disérat ku simkuring diluhur.


7 Nov 2009

Download Mp3 Kacapi Suling



Postinga ieu mung sakur bade masihan sakedik bongbolongan...Mangga boh bilih aya para wargi sadaya nu meryogikeun download kacapi suling Jaka sunda, kacapi suling Cianjuran, Kacapi suling Gupay Sarakan, kacapi suling suara parahyangan, kacapi suling sabilulungan, kacapi suling album kotras suling, kacapi suling Arum bandung, tengah peuting, es lilin, bajing luncat, jeng sajabana...tiasa langsung tepangan bae kaca http://tinyurl.com/kacapisuling

Image: Kabumi.Org



Pésén Admin

- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

TOKO ONLINE BAJU BUSANA MUSLIM SYAR'I MURAH
Mau belanja baju busana muslim, Gamis Syar'ie Murah Bekasi, perlengkapan rumah tangga, dll. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

 

Wilujéng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka dégét ayéna, nyaéta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

Nunutur

Nu Parantos Ngalongok

Copyright 2013 Tépas Pangacaprukan | Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!. ti taun 2006 dugi ka kiwari. Development by Jasa Pembuatan Website Murah