Home » Archives for 01/08/09 - 01/09/09
Sababaraha kulah kadeudeuhhate kapentang duriat nu jeroantara bab baban nyaah kuring nangtung mihareupLain estuning sagara wae nu ngeplaknu panas ngalingkeub kawah timurupakasaban ngarangrang cimata tiis kanyeriheab ku poe citresna anjeun nu teu katarimaDeudeuh euis...Cinta teh lain ngan hijiSono teh seni na carita duaharti hirup lain ngan sakur manehnaaya keneh nu ngalalana neang surti saliraengkang nu hiji...
"Duh gawat aing mah yeuh mun unggal poe kieu wae kaayaan teh"
"naha naon kitu?""Heu unggal poe teh loba wae pikacapekeun huntu teh aingmah, kudu afdol we ambeuk ambeukan teh euy...aya aya wae lah nu ngagoda teh aing mah, mangkaning pan sakeudeung deui rek nincak bulan puasa pan, palaur batal we aing mah lah!....Esmosi yeuh Esmosi!!!"
"Latihan meureun ti Gusti Alloh ngambeh maneh leuwih bisa nyabaran hate""heu'euh meureunan, tapi da atuh lila lila mah da kuring teu kuat...asa hayang ngadahar jelema, ngeunah meureunan!"
"aduh siah, kabur ah aingmah sieun" ber ngabeucir bari ngagigiwing sendal capit nu sisirangan.Punteun ah nu diluhur mah mung sakadar carita barudak lembur kamari ieuh basa mudik Agustusan ti Bandung heuheu, Simkuring nyungkeun neda dihapunteun tina samudaya kalepatan nu parantos dibalukarkeun ku simkuring pribados, mugia dina mayunan sasih shaum, sasih romadon urang silih bebaskeun sangkan bersih tiasa ngajalankeun sagala rupi ibadah nu dipikaridho ku Gusti Alloh SWT. Amin.
Wilujeung mayunan sasih Romadon 2009/ 1430 Hijriah :)
Geus teu karasa ngaliwatan waktu nu sakitu lilana mun diitung sapoe sapoena, tapi da bakat ning ku betah dialam dunya ieu waktu nu dua puluh hiji taun ieu téh asa teu karasa lilana.
21 taun katukang téh kuring ngagubrag ka alam dunya ieu, teu make baju alias ti bubulucun, ngan dibeulit ku tali ari ari jeung ku kembaran kuring nyeta si Bali tea. Nepi ka ayeuna indung kuring masih keneh neundeun eta tanda lahir dina lomari...teuing ku naon jeung teuing jang naon *tong nanya!*, ngan nu pastimah meureun anjeuna téh boga kenangan supagi teu kapopohokeun perjoangan nu jadi indung pikeun ngalahirkeun budakna “nyeta simkuring” ka alam dunya ieu.
Ceunah mah ceuk carita kolot teh...
Kuring téh lahir ka alam dunya teu pati ngahsesekeun/ nganyeurikeun indung, kuring lahir dina kaayaan awak nu leutik...heu ceuk istilah dokteh mah kuring téh prematur tea dina poe ka sapuluh bulan Agustus tengah peuting jam dua belasan, teu karasa ceunah kaluar tina jeuro rahim téh...gedena ge ngan sakur sakeukeuleun botol coca cola, nepi ka ti mimiti indung bapa aki nini jeung dulur dulur téh nyurucudkeun cimata (asa percaya teu percaya kuring ge ngadengena, ngan nya Kawasa ning Gusti Alloh SWT – kun fayakun), ditambah indung téh ngabogaan sajarah pernah kaleungitan dua anakna nu kembar *nyeta lanceuk kuring nu awewe* barang borojol ngagubrag ka alam dunya téh langsung dipundut ku Gusti Allah, tah kumatakna maranehna téh ngahamdallahan kalahiran kuring nu salameut. Geus ngarandeug rada gede nyeta umur sataun dua taun kuring kakarek bisa leumpang, jalma jalma nu mikanyaah kuring disagigireun téh atohna kacida pas ninggali kuring hanjat ngabeuleunyeung lumpat moro jambu beureum nu murag ti buruan hareup..teu disangka sangka pisan kuring téh rek pihirupeun atuh da ceunah, kumatakna jadi tongtonan kabungahan, langsung dipirig ku cocooan jeung kado lianna nu teu sakabeh budak saeuntragan kuring waktu eta bisa meunang eta kabungah.
Ngarandeug geus rada gede nepi ka geus sakola SD kelas geuneup hirup kuring téh teu gampang, ririwit wae geuring...pang pangnamah dina kasehatan tulang kuring, mun labuh sautik téh kudu w langsung aya nu salah jeung tulang téh kudu dibenerkeun ka dokter atawa spesialis ahli tulang. Ngan Alhamdulillah Gustimah da Maha kawasa, ti saprak nincak bangku SMP nepi ka kiwari kasehatan kuring bisa disebut normal jeung nu lian, kuring sehat jag jag beuleujag nepi ka ayeuna geus nepi titincakan umur téh dua puluh hiji taun, kumatakna lamun paamprok jeung kolot baheula (dulur) nu geus lila teu panggih sok langsung digabrug, pokna teh sok asa teu percaya yen ieu teh kuring tea nu baheula leutik ciga kiciwis, ha'at ninggalina, nyukuran Alhamdulillah ku kabungah sabari teu eureun merinan pangjurung du'a.
Alhamdulillah pangdu’a ti kolot jeung sakabeh jalma nu nyaaheun ka kuring téh geuning di paprinan ku Gusti téh, susuagan mugia kuring teu nguciwakeun nu jadi panghareupan maranehna.
Umur 21, loba carita amis pait raheut asem asin nu geus kaasaan kukuring, najan can loba tapi Alhamdulillah geus kaceuceup nu kangaranan pamikiran leuwih dewasa/ kolot dina diri kuring. Cing panceug hirup sangkan jadi hurip, betah dialam dunya lain ngan sakur beutah ku kadunyaan wungkul, lamun dibere harepan umur panjang cing jadi mangfaat keur jalma jalma nu papada ngabutuhkeun, silih asah silih asih silih asuh jeung dulur, rizky nu halal, kabungahan lahir jeung batin nu dipihareup. Satungtung hirup abdi ulah nepi ka jadi budak nu doraka ka kolot, mugia cing ditebihkeun Gusti eta lalampahan nu dipika ngewa ku Anjeun téh.
Hatur nuhun kangge ka sadayana nu ngiring ngadu'akeun simkuring, mugia cing diwales ku Alloh SWT. - Jika lupa bukan berarti melupakan, sudah cukup bahagia dengan semua yang telah kau berikan padaku tuan.
Eulis enteupna hate engkang téh lain sakur sakahayang hate jang sakeudeungeun hirup, lain ngan sakur rasa nu datangna jorojoy neuteup kageulisan imut salira...lain pisan Eulis, nimbang nimbang rasa engkang samemeh rek nanya hate salira téh, geus salila urang paamprok di leuwi harepan di Cikahini...lembur urang nu basajan, hideung panon salira ngagenclang asa nyecep ku hiji kiceupan nu moal kapohokeun ku engkang nepi ka pedarna waktu.
Geus dua taun urang babareungan, geus rakeut pageuh hate engkang mikanyaah salira, lir ibaratna katumbiri nu pinuh ku warna kabungahan...ayeuna mun salira menta papisah hirup engkang téh Eulis bakal paeh, moal jauh ti bodas jeung hideung wungkul.
Euh Nya widadari engkang nu ngarajaan sakumna hate, Keun we Eulis rizki mah moal leungit kamana, nu leungit urang teang deui, nu can kaala urang udag babareungan, nu moal kabeunangan ku urang da lain jodona meureun Eulis, cing sabar...kitu deui jeung engkang, moal weleh nyabaran hate keur neundeun sumur kadeudeuh keur salira..ngan ukur hiji salira Eulis.
Tong tega Eulis ninggalkeun engkang, tali asih nu kungsi pasini pakait ati, ngajangji paheut basa urang pariron lelepen.
Cinta engkang masih keneh ngaleuwihan gedena sagara kulon nepi ka saumur dumeulah,...
Moal beak najan Eulis ngawurkeun kanyaah ieu.
Titipan ti salah sawios tamu nu satia ngalongok blog ieu "saurna teh" :D