Geus sababaraha bulan ieu aya nu anteung teu boseun bosen maturan simkuring didameul online dina internet, sajabaning ti maen pesbuk sareung tuiter heheh. Ti mimiti wanci jam satu beurang keur panas mentrang mentring nepi ka jam tilu sore nyetel winamp ngadengukeun streaming radio nu ngagaduhan jinggle khasna “Geboy mania” Rama FM Bandung anteung ngadangukeun acara Gentra Parahyangan Rama nu di candakeun ku “Tenteu Dorra sareung kang Dorry” nu lalucu heuheu (osok oge direncangan ku tokoh tokoh khas kang Dorry nu sanesna), eh aya oge acara kilat Cangegang nyaeta singkatan ti "Carita Ngeunah dan segar" *mun teu leupat mah.
Sok mangga geura bilih bade panasaran sono ka lembur atanapi baroseun ngadangukeun lagu lagu jaman ayeuna nu "teu paruguh", sakedikna tiasa ngabeubeurah manah ngadangukeun siaran radio sunda oge teu kalangkung diputeur oge tembang tembang sunda, tiasa ngarequest oge da atanapi telepon.
Alamat streamingna nyaeta: http://rama-fm.simaya.net.id:8800/ tanapi langsung bae tepangan website-na ramafm.com
Tiriling...tiriliiing...tiriliiing... Hp disada, tandana sms aya nu asup isuk isuk ieu. Aya seueur operatos kartu di Indonesia nu kasebut murah ceunah, tapi da dsar hargamah moal meunang ngabobodo...bong abong murah loba pisan sms promosi nu arabus unggal poe teh, komo deui aya oge nu nepi ka make telepon...nu ngomongna nyaeta operator manusa sorengan jeung mesin/ komputer. Sakapeung reuseup macana lamun memang eta ingfo nu ditepikeun dina sms teh memang guna samodel mun aya diskon hehe, tapi asa seubeul lamun ingfo nu ditepikeun teh yen ingfo nu teu paruguh, halah horemlah pokoknamah macana teh. Isuk ieu meunang "ingfo Asyik" ceunah, nu eusina teh lumayan aya pengetahuanana...eusina teh kieu:
Di hutan hujan Ekuador, Amerika Selatan, terdpt tumbuhan yg bs berpura-pura sakit utk mengelabui dan menghindari serangan serangga yg suka memakan daun sehat! Daun akan berubah warna & muncul bintik atau garis2 jika tumbuhan itu sdg beraksi. Ternyata bukan cm manusia aja ya yg bisa pura2 sakit hehehe...
Subhanallah, Tah matak memang bener pisan yen Alloh mah Maha Agung, Maha kreatif nu nyiptakeun sagala mahluk nu moal bisa ditiron sampurna ku manusa ciptaan manteuna. Hmm pas ditilik tilik panasaran ingfona nu aya di website geuning aya ingfo nu akurat ditulis ku BBC ngeunaan tangkal nu sok api api geuring ieu teh, mangga pilari didieu yeuh bilih panasaran oge hoyong maca beritana.
Pilih nomer hiji... Pilih nomer dua.... Pilih Nomer tilu....... Hirup “si eta”, hirup “si itu”, hirup “si manehna”...*hirup “Jungjunan alias LieZMaya alias Neneng alias Nini alias ngaran lainna nu teu paruguh” haha :P
Masing masing individu saurang - saurangna bobogaan panguat hate pikeun milih pamingpin dina taun dua rebu salapan ieu (alias isukan, tanggal 8 Juli 2009) pikeun nangtukeun nasib bangsa Indonesia urang lima taun kahareup, tah eta ge kaasup simkuring pribadi, hate leutik aya kayakinan pikeun milih salah sahiji calon pasangan presiden kahareup. Tapi ngan hanjakal siganamah simkuring teh teu tiasa ngagunakeun hak pilih geuning lur da kusabab kartu pemilih simkuring masih keneh kacatet di lembur Bandung, sedengkeun simkuring ayeuna keur hirup nyicingan bumi Bekasi, heu ceunahmah ceuk beja bisa make KTP ngan kudu dibarengan jeung kartu kulawarga (beu anggeur anggeur keneh atuh da kartu kulawarga simkuringmah teu dibabawa kadieu, aya dina lomari arsip di imah lembur heuheu) jabaning ketang dih da kudu milih di tempat domisili urang...beu keneh kehked atuhnya, berarti etamah ngan sakur jang masyarakat nu teu kabagean/ kacatetkeun ngabogaan kartu pemilih tea meureunan... ah sarua jeung bohong jang simkuring mah atuh, jadi kapaksa we kudu golput da rek ngahaja ka Bandung mah balik heula imposibel pisan hiks.
Tapi kuring ngadu’akeun saha saha bae nu kapilih jadi pemingpin eungke mudah mudahan cing tuhu kana amanah rakyat, sangkan bisa mawa urang kana kahirupan nu leuwih hade batan waktu katukang.
Janteun amanat penting dina postingan ieu teh, sok pikeun anjeun anjeun nu geus ngabogaan hak pilih tong di sia – siakeun, da lamun hak sora urang teu dipake mah ke kalah jadi untung pikeun pamingpin nu ngabogaan niatan goreng...ceuk basa politiknamah “penggelembungan suara” ceunah pan, komo deuih lamun euweuh halangan nu karandapan ciga simkuringmah heheh....Beu hampura, lain teu hayang!
- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID
VPS Indonesia Murah/ Dedicated server atau Shared hosting dan berkualitas.
Yuk kunjungi WebiiHost.com aja! Langsung daftar, proses aktivasunya cepat banget lhoo.