kecap nu geus dikedalkeun
dibura teu beunang di letak deui
hamperu pait, cangkudu geus ngasak
lila pijadieun rebun mamanis
picaritaeun nu kungsi kasawang na teuteupan hate
ngenclang dina raray salira
kedal hese kacatur, cimata nyakseni kanyeri
muruhpuy peurih geus miheulaan patri tiheula
moal balik deui, moal nanggahkeun gado
lin kajaba mung kersaning nu kawasa nyarita lain
mun masih keneh aya sakeureut hate pikeun kuring
Wanci tengah peuting,
15 Oktober 2008