Wilujeng sumping lur.

28 Jan 2009

Refleksi kahirupan


Poe eta kuring nyorangan mapay mapay jalan sawah, galengan nu baheula mindeung jadi carita pangulinan kuring keur leutik jeung babaturan, sosorodotan dina gawir sawah nu hejo ku jukut, turun ka handap nepi ka baju teh bobolokot ku leutak nu antukna balik dicarekan ku indung bebeakan hehe, ah tapi da dasar bangkelang kuringmah, dicarek sababaraha kali ge tara kapokan, malahan nu ayamah kalah ngahajakeun, naek tangkal jambu, tangkal sawo nu nini, tangkal buah nu tatangga jang ngarujak teu bebeja haha.

Ah nyaan kuringmah mun diinget inget baheula buntangul pisan, kalakuan ciga budak lalaki, teterekelan, maen kaleci duh nepi ka pernah ngarandapan cicing pinuh ku cipanon ngararasakeun kanyeri dina kasur sabulan lantaran labuh tina sapedah nepi ka tulang suku potong hiks, nepi ka teu bisa miluan UAN alias ujian kelulusan basa kelas genep, nya kapaksa w aya guru nu nungguan kuring ngajawab soal di imah (ah tapi angger w teu meunang niron tawa dibejaan, tega pisannya "jelema geuring di titah mikir bereung jeung nyanyautan nyeri tulang hiks"!

Tapi ayeuna kuring geus nyengseung gede, mun ceuk baturmah kuring teh geus parawan heuheuy lain budak bau cikur deui, geus boga kabogoh nu kasep deuih *nya enya atuh, meunya teuing geulismah hiiiy!, geus boga hate ka lalaki (maksud teh duriat ceuk kang Darso mah), nya papakean ge geus aya ka era, daek make nu ririmbil saeutikmah teu ciga baheula ngan sakur mamake kaos sangsang rek ulin teh haha (cape deh, hereudang atuh da).

Duh nyeblak hate ninggali ngeplakna sawah nu keur meujeuhna dipanen, koneng pare nyurucudkeun cimata, inget ka jaman jaman baheula keur meujeuhna baong, sok ngala eceng, nyair impun, ngiluan nguseup (tapi tara wani da sieun oray, ninggalikeun w ti kajauhan), jeung ngala antanan (paragi coel sambel), najan di carek ge ku kolot tapi da neugtreug we hayang, ceuk kang Obama mah “No matter hey said” pokoknamha “maju terus pantat mundur” oops!

Baheula mah enya ge kuring teh Tomboy ceuk si Oneng mah, tapi angger we ari hatemah “feminim” heuheu hayang w meuli Barbie (dibaca berbi ceuk si Enung mah), jeung mun aya kahayang teh olo olo pisan, kudu pok torolong, heu maklum baheula kuring can boga adi awewe, jadi budak panggedena nu ogoan jeung imut imut najan sakapeung amit amit heheh, jeung da baheulamah kaayaan kolot teh lumayan keur aya, hayang meula nanaon ge asal kuringna cageur da dilaksanakeun waelah, Alhamdulillah.

Ayeuna kuring geus gede, kaayaan kolot ge geus beda, nyaa geus kudu kituna w meureun ku gusti Allah teh, da kawas ceuk papatah ge “hirupmah moal salawasna datar, aya mudun jeung tanjakanana”, nya matakna kuring sabisa bisa narimakeun jeung nyukuran nu ayeuna ku kuring dipimilik, da lamun melong kaluhurmah ke ka dupak, melongna mindeung ka handap ngambeh mindeung oge ngusap dada, nyukuran sagala nu ku urang dipimilik ayeuna, da baturmah moal tangtu boga jeung ngapimilik.

Alhamdulillah nun gusti, masih keneh dibere kahirupan jeung kanikmatan nepi ka renghapan ayeuna, moal kaitung jeung moal kawales naon naon nu geus dipaparinan ku Anjeun teh, hampura abi nu tara nyukuran, mopohokeun parentah jeung resep nyiar nyiar dosa…duh hampura gusti.




Pésén Admin

- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

TOKO ONLINE BAJU BUSANA MUSLIM SYAR'I MURAH
Mau belanja baju busana muslim, Gamis Syar'ie Murah Bekasi, perlengkapan rumah tangga, dll. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

 

Wilujéng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka dégét ayéna, nyaéta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

Nunutur

Nu Parantos Ngalongok

Copyright 2013 Tépas Pangacaprukan | Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!. ti taun 2006 dugi ka kiwari. Development by Jasa Pembuatan Website Murah