Wilujeng sumping lur.

10 Jun 2009

Tanjakan Tonjong

angkot beureum arjasari - ciparay

Tonjong nyaeta salah sahiji ngaran lembur nu aya di desa Babakan kacamatan Ciparay kabupaten Bandung, kaasup tatangga sabeulaheun kampung simkuring (Rancakole - Arjasari).

Tonjong oge loba kenangan pikeun kuring sorangan *cieeeh ceuk atu teh, baheula sakola simkuring nu SMP (SLTPN 3 Ciparay) aya di leubah lembur eta keneh (beh dieu’eun lembur kangkareng, unggal balik sakola bari gagaro hokcay ala budak lembur ngalengoy cape nyekelan buku tugas atawa kantong nu beurat di aakod mun pareung geus aya kagiatan ekstrakulikuler nunungguan mobil angkot disisi jalan bari lelenggutan peupeureuleukan heuay, sakapeungeun nyeukeulan es batu mun poe keur meujeuhna panas mentrang mentreng, ahhh pan lumayan atuh ngubaran hanaang dina jero dada *matak kulit teh hideung cakeutreuk.


Jaman baheula mah *isss gayana make jaman baheula* taun 2000-an alias karek asup kana era millenium tea supir angkot teh balaga lir ibarat president api api teu butuh, hhh jadi budak sakola saangkatan simkuring teh rada harese mun pas rek indit jeung balikeun sakola mah, kusabab kudu sabar nunungguan heula angkot beureum. Nya maklum we da kaayaan dilembur masih keneh aya sistem ngetem tea ngarah meunang penumpang nu leuwih loba, kusabab mun teu kitu maranehna (maksud teh supir angkutan kota) teh moal bisa nyumponan setoran kanu jadi dunungan meureunan, jeung teu poho oge nyetoran kanu jadi pamajikan jang ngahirupan sapopoe nu geus nunungguan diimah rek masak asin make jalantah *meureun deui tah ketang*.


Kitu oge mun inditkeun sakola isuk isuk atawa beurang ngalelenggut nunungguan angkot bari ngedegdeg da sieun telat heug we disetrap ku guru, komo ku guru fisika nu galak ciga pa Nana hihi (isuk isuk biasana leuwih hese, sabab saingan jeung nu rek arindit gawe, matakna start kudu ancang ancang leuwih subuh), bari jeung lamun keur pareung para supir angkot marema sok rada haroream (baca pikasebeuleun hayang disumpahan bitu ban meureun!) mawa barudak sakola mah, sabab meureun mayarna sok saeutik alias teu full kawas penumpang nu lain, nu indit nepi ka tujuan terminal panungtungan (mun teu salah baheula mayar teh tarifna masih keneh Rp. 300;- nepi ka Rp. 500;-) jeung atawa mayarna ngan sakur satengahna sabab nya memang kitu aturanana jang budak nu masih keneh make baju saragam sakola mah, jeung teu saeutik oge barudak sakola nu rada baraong *lamun pareung aya kasempetan sok kabur tara mayar* haha.

nu alit dipangkon...nu alit dipangkon....”
Pok supir angkot atawa kendekna lamun kabeneran loba penumpang nu rek naraek marema (dasar embung rugi) nepi ka dijeujeul tah angkot teh palaur we tiguling da sok rada miring ka leubah kenca nu sok loba narangkel ti gigir jeung ti tukang body angkot, tah kabeneran pisan simkuring teh salian diciptakeun imut manis bari sakapeungeun haseum ge hehe ngagubrag ka alam dunya ieu teh ngabogaan awak nu leutik alias alit ceuk leumeusna supir angko tmah, awak teh baheula ipis pisan jauh ti awak nu ayeuna hehe, maklum ceuk kolot ge simkuring mah da ririwit, kapaksa we sok kabagean dipapangku ku nu lain *ih meng-Era-kan sekalih! Sttt stt tong dibeja beja nya, komo ka urang lebah kota Cimohay mah, bising dipoyok bebeakan :P*


Mun keur hese milik teu jarang oge loba barudak sakola nu kabareurengan atawa telat abus jam sakola lamun aya nu kabagean sakola beurang (jam kadua pelajaran antawis jam satu - lima sore), atuh karunya balikna oge kudu kabeurangan. Jabaning ti eta aturan angkot Arjasari – Ciparay nu ngabogaan cet warna beureum teh teu online *haha ciga internet* atawa operasi ngangkutna lain full 24 jam, nyaeta ngan nepi ka jam 7 peuting, ceunahmah kusabab te meunang alias DILARANG KERAS ku tukang ojeg kawas kang Endang nya atu! (geus jadi jatah manehna ti jam 7 peuting nepi ka subuhmah...hmmm paciwit ciwit rezeki meureunnya sakali ewang. Kumatakna lamun barudak nu balageurmah samodel si Dadan jeung si Yusuf mah (kaasup simkuring dkk. sakapeungeun lamun keur daek sok milih leumpang bae mun balikeun sakola mah) komo lamun kapaksa pisan alias emergency darurat tea! Hhh lain kunanaon alesanana teh, sabab musabab beakeun ongkos da nyaeta kajajankeun tadi basa istirahat atawa memang teu dibeukeulan ongkos ku indung bapana :P atawa jatah ongkos kabeakeun jang iuran uang kas atawa motokopi soal ulangan pelajaran! beu Tragis pisannya sodara sodara! Haha. Tah Tanjakan Tonjong teh jadi kampung carita tempat nunungguan angkot nu hese parebut rek balik alias paheula heula naek, ku sabab di tanjakan Tonjong teh angkot daek teu daek sok eureun heula kulantaran sok loba penumpangna nu tarurun didinya (aya jalan parapatan nu rek motong jalan ka lemburna masing - masing ngambeh tereh nepi meureun atawa rek sindir sumampir ka warung randa ceu Ipah nu geulis bahenol nerkom *meureun, tong tatanya para pamirsa, da ayeunamah geus kawin deui, geus kolot deuih hihi).


Kuring masih keneh inget pisan, harita teh sok dibekelan ku kolot teh dua rebu paling saeutik nepi ka lima rebu nu panglobana *eta ge maksa bari neangan alesan ngawadulan kolot da hayang meuli jajan atawa banda nu dipihayang hihi, duh hampura ya alloh*.

Tapi syukur Alhamdulillah, mun teu salah ti taun 2002 mah eta supir angkot teh teu rada balaga teuing, anggurana beuki nyedek ka wanci kadieu kadieu mah kalah atoh manggihan penumpang teh najan budak sakola, kusabab loba saingan mobil angot alanyar, nu antukna jadi hese meunang penumpang komo deuih ti saprak aya kanaekan BBM nu ngabeuratkeun ongkos jadi ngapung kaluhur, mahalna menta dibedog!


Jadi sabenerna mah ieu postingan teh leuwih pantes dibere judul “angkot beureum Arjasari – Ciparay” meureunnya, lah keun bae we lah, da nulisna ge keur dina raraga sono nostalgia beurat ka lembur Tonjong hehe maksa pisan.

Salam kangge Neng Ika sareung neng Illa urang Tonjong (ciga dina siaran radio wae nya) nu kamari ieuh kungsi mere suprais pas mulang ka lembur *speechless beu!...hiks hayu ah rek nyalingkeur heula dijuru hawu nuluykeun nostalgia baheula jeung babaturan nu carulun keneh bari ngegelan jagong tutung :P.


Cag ah.

Baktos ti Lilis mayasari A.K.A Liezmaya, kelas 1D, 2D, 3C urang cidodol – Rancakole nu kungsi jadi juara *halah2...mmm mun aya nu wanoh ka simkuring? Atawa asa asa inget inget poho deui, aaah Sok atuh tong isin isin jeung asa asa heug noel geura, deuh meuni sono dak! Siapa tau pan tiasa nonostalgilaan ka jaman baheulllll.


- Postingan nu meureun teu penting didieu teh samata mata hayang mancing tag kina search engine keur urang lembur nu iseng iseng meureun keur neangan batur lemah cai ku ngaran ngaran lembur simkuring di Bandung, hapunteun kanu kaabotan kana basa simkuring nu kirang merenah panginteunnya, boh dina basa jeung tulisan.



8 Jun 2009

Extravaganza sunda

me with si ohang/ pohang
Ayeunamah hiburan ditanah sunda teh geus mangrupa rupa, ditingali tingali ti saprak cing mareceunghul stasion stasion tipi lokal, samisalkeun nu aya di Jawa barat nyaeta: Bandung TV, Bogor TV, CB Channel, CT Channel, Ghanesha TV, IMTV, Padjajaran TV, STV Bandung, Jabar TV, jst. artis artis lokal ge ngiluan harudang, loba beungeut beungeut anyar nu sautik gedena ngiluan jadi tenar makalangan alias terkenal jadi idola lokal pikeun urang sunda khususna, komo bari jeung ku urang urang paisisianmah nu biasana kaum para kokolot, nu masih keneh satia panceug kana hiburan kasundaan.

Program program khusus nu disuguhkeun nu karasa dipaporitkeun (kusabab langka, jeung beda ti stasion TV Nasional) jeung memang karasa pisan ku simkuring pribadi keneh asa aya rasa nu atoh, bungah mencrong/ ngalalajoanana ge kitu tah. Contona program nu dipaporitkeun eta teh diantawisna nyaeta: Program Tembang sunda, bobodoran sunda sapertos Sasagon nu tayangna dina TVRI tea (tapi dibareungan ku pesen nu kaharti tur hade kangge masyarakat), jalan jalan Bandung nu dicandakeun/ host na teh di kang Aang pami teu leupatmah, wayang golek komo mun nu dibaturan ku bodor si pohang mah jeung saparakancana nu nuju nge-trend di kalangan urang pasisisan bahkan urang kota tur urang sunda umumna nu geus pernah lalajo naha eta tina kaset VCD atawa tina akses internet langsung saperti Youtube, jst. nu ku simkuring pribadi disebut/ dilandian Extravaganza sunda meurunnya (hiburan sunda nu dipaporitkeun).

Ku bosen-na acara nu ditayangkeun dina TV nasional teh nu lolobana eusina teh "eta eta keneh" alias sajenis kusabab lolobana sok patiron tiron tea pikeun meunang rating ceunah mah jeung komo teu sautik nu nayangkeun program nu sama sakali teu mutu ngan ukur ngabobodo nu lalajo bisa jadi pangbeubeurah manah kanu mikacinta Budaya sunda nu kiwari beuki hese ditingali komo deuih nu dikalangan barudak ngora, bahkan nu cindeukna diantara budak turunan urang sunda keneh sacara langsung.

Sapangalaman simkuring nu kirang langkung tos ampir tos tilu taun balakecrakan dina dunya maya (internet) kalah lolobana urang batur nu justru hayang diajarkeun Basa sunda atawa mung sakadar tatanya ngenaan budaya sunda nu sacara kasimpulanana memang budaya urang teh endah jeung patut jeng dilestarikeun, batan ti urang sunda eta sorangan nu cigana keur ngomong basa sunda dina sapopoe wae ku hese ngecapkeunana, teuing ku era atwa memang teu barisaeun!

Cag ah, hampura lamun aya salah kecap, sakadar pangacaprukan ieumah.
--
Poto: Simkuring, sakalian narsis nu ngepens jeung Ohank hihi :P


4 Jun 2009

Kodok bangkong


Hiji mangsa kuring sakulawarga keur beberes imah rek pindahan, katohian teuing timana torojol datangna ujug ujug aya bangkong dina handap ranjang kasur teh.
lanceuk kuring langsung ngajerit sieun ku eta bangkong hejo nu gedena sapeureupeun leungeun, bari pok nyubut "kodooook...kodooook" satarikna bari tutunjuk kanu handapeun kasur. Ngadenge kitu kuring teu mikir panjang deui, spontan langsung we ngodok eta kolong kasur.
barang itungan deyik dina leungeun kuring geus kaceukeul hiji bangkong hejo, naa da harita keneh ku kuring tuluy langsung dialungkeun deui bari ngiluan ngajerit bari lulumpatan luncat kana luhureun kasur da sieun bari gogorowokan nyubut "bangkoooong...bangkoooong"
Teu kungsi lila emang kuring neangan eta bangkong rek dipiceun, beu teuing kamana eta bangkong lumpatna da teu jeu'eung deui haha...
peristiwa yang langka sekali terjadi sodara sodara dan tentunya sangat mengherankan bagi kami sekeluarga, hingga akhirnya terdengar gelegar tawa dirumah kami tersebut!



Pésén Admin

- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

TOKO ONLINE BAJU BUSANA MUSLIM SYAR'I MURAH
Mau belanja baju busana muslim, Gamis Syar'ie Murah Bekasi, perlengkapan rumah tangga, dll. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

 

Wilujéng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka dégét ayéna, nyaéta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

Nunutur

Nu Parantos Ngalongok

Copyright 2013 Tépas Pangacaprukan | Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!. ti taun 2006 dugi ka kiwari. Development by Jasa Pembuatan Website Murah