Wilujeng sumping lur.

12 Feb 2011

Carpon: Bapa Kuring Lain Kuminis

penjajahan PIKEUN ka sakitu kalina, Bapa mulih pasosonten. Pameunteuna pias sareng kucel. Ampir babandingan sareng kucelna map anu dikékélék. Bari semu muyungkung anjeunna unggah kana golodog. Rekét palupuh katincak ku sapasang sapatu kulit anu barolong témbong ramo. Kepluk map anu ampir ilang warna téh satengah dialungkeun kana luhureun méja. Bareng jeung éta, Bapa ogé ngabeubeutkeun salirana kana korsi hoé. Atuh suku korsi sabeulah déngdék méh ngarempeyek.

Bapa ngarénghap panjang, ditungtungan ku ngarahuh lungsé. Lageday nyangsaya kana panyarandéan lir nu séépeun tanaga.

Kituna mah pantes, da Bapa téh rebun-rebun kénéh angkatna ogé. Mulihna panonpoé geus tunggang gunung, malah ampir reupreupan. Bangunna téh, nya capé nya hanaang, nya lapar.

“Cai, Nyai ...” saurna. Sorangan mah bieu geus cengkat mantén méméh Bapa sasauran gé. Kolotrak nyokot gelas tina pago. Néngténgkeun kendi, geus kitu gelekgek caina minuhan gelas.

Katémbong Bapa kalintang nimatna ngaleueut cai tina kendi téh.

Ngahuleng baé atosna mah. Siga-siga ukur sakedapan longsongna manah téh. Buktina ari gelas geus saat mah, pameunteuna ngungun deui.

“Nyai, kaluar baé atuh sakola téh ...” saurna antaré. Jep sajongjongan jempling.

Jandéla kapohoan can dipeundeutkeun. Tapi tina jandéla anu ngeblak, ti jauhna kaawaskeun aya kapinis anu hayang eunteup kana liang-liang témbok gedong toko hareupeun. Saban rék nyulusup saban ngajol kaluar da ditojér ku sasamana nu keur nyelegon dina cowak témbok. Ngan kitu jeung kitu baé, nepikeun ka tungtungna mah, éta kapinis téh lir pegat pangharepan. Manéh hiber ngajauhan, teuing indit ka mendi.

Kuring mindahkeun paneuteup, ngarérét ka Bapa anu masih kénéh nyangsaya.

“Hampura, Bapa téh teu sanggup mertahankeun kahirupan maranéh, geuning ...” saurna ngangken kana perkara jajatén anu kasoran.

“Saban kantoran jeung pabrik ku Bapa dipapay diasupan. Kalolobaan mah teu nampa pagawé anyar. Aya ogé anu naksir kana tanaga Bapa, bet hayang kumplit susuratanana. Rata-rata meredih ayana surat kelakuan baik jeung bébas G-30-S. Tungtungna, Bapa téh jadi bingung ...” saur Bapa ngangluh.

“Teu kedah janten bingung, saupami ti kapungkur Bapa ngéléhan ka abdi mah,” témbal kuring. Dikitukeun téh, anjeunna mah teu masihan koméntar nanaon.

“Ti kapungkur ogé, abdi mah tos sadrah ngécagkeun sakola. Malih sanés baé duméh Bapa tos teu kiat nyubadanan. Langkung ti éta abdi hoyong ngiring nanjeurkeun rumah-tangga urang. Abdi hoyong didamel. Keun abdi teu junun, manawi pun adi nu dua mah tiasa kabanjel-banjel tina hasil abdi didamel ...”

“Nyaéta tadina mah cita-cita luhur. Hayang ngangkat darajat anak, ulah katurug-katutuh. Keur mah nasib Bapa kieu, atuh ulah-ulah maranéh ...” saur Bapa ngalengis.”Tadina mah Bapa téh embung nénjo maranéh barodo. Bapa buktina, korban tina kabodoan téh, kieu buktina ...

“Bapa ...”

“Heueuh. Padahal rarasan mah Bapa téh teu salah. Teu jahat, teu nista. Tapi naha atuh hukuman ti masarakat mani parna kieu?”

“Atos Bapa ...”

Bapa mah bieu ukur ngarahuh jeung ngarasula. Tapi ari kuring mah maké gubrag cimata sagala.

Cimata teuing anu kasabaraha kalina sabab asa euih-euihna nasib goréng anu tumiba téh.

Bapa cengkat muru pangkéng. Kakupingna mah nuju mukakeun téténong. Atuh sorangan gancang cengkat muru anjeunna.

“Hapunten Bapa, nuju ngagigihan kénéh ...” cekéng téh basa Bapa marios boboko.

“Sangu anu tadi énjing-énjing ditaruang ku Yuyu sareng Didin,” ceuk kuring bari gura-giru muru panci anu keur nagen dina kompor.

“Heueuh keun. Tapi adi-adi manéh ka marana?”

“Nuju ngaos di Al Ikhlas. Ké sakedap,” ceuk kuring bari ngojéngkang mariksa gigihan.

Gigihan digulah-goléh, geus rada saat terus dijait, dipindahkeun kana langseng anu geus ditagenkeun.

“Geuning manéh Nyai boga sangueun, ti mana?”

Sakedapan mah ngahuleng heula. Tapi Bapa jiga anu surti da buktina katawis ruménghap.

“Nu mana deui?”

“Raksukan abdi ...” némbalan téh ririh da embung kakuping ku Bapa.

“Éra Bapa téh ku Si Jenat, heueuh biang manéh. Boa ti kaanggangan ngajejeléh Bapa ...”

“Ah, ulah nyarios kitu. Nu penting ayeuna urang masih kénéh tiasa mertahankeun hirup. Dodoja. Tapi piraku urang téh kieu sateterasanana, Bapa ...” cekéng téh ngahurun balung dina jojodog.

Dur, bedug magrib kadéngé ti jauhna. Bapa ngucap sukur. Saparantos kitu lebet ka kamar ucal-ucul. Muru sumur tukangeun beberesih. Tos saged gentos raksukan, muru masjid kidul. Kari nyorangan baé ngahintul nyanghareupan kompor. Kuring mah teu solat da keur aya gangguan.

Kuring mah sok digelendeng mun kuring loba ngalamun téh. Mun teu keur aya gangguan, Bapa teu resepeun mun trung kohkol kuring jeung adi-adi léléda teu muru pangsalatan téh. Saur Bapa, urang mah ti baheula gé turunan santri. Dipahing léléda dina urusan mangadep ka Pangéran. Saréréa narurut. Ti bareto ti keur aya Ema kituna téh. Atuh angot waktu tos taya Ema, saréréa beuki saruhud nyubadanan kawajiban solat lima waktu, malah dirajinan ku rupa-rupa solat sunat.

Ema katut Bapa téh tukang laleket ibadah. Batal jeung haram kacida dijagana. Atuh kuring gé loba kapangaruhan, milu nyantri. Éta wé sakalina babaturan lalaki tual-toél, kuring langsung jejebris.”Pamali, lain muhrim!” ceuk kuring.

“Ih, kampungan!” ceuk barudak lalaki da meureun polah kuring béda ti barudak awéwé séjénna.

Ah, teuing atuh. Da éta sagala gé mangrupa amanah kolot. Saur Ema, muslim mah kudu apal kana watesan hirup, utamana hubungan antara awéwé jeung lalaki.

“Ulah kokomoan gaul, utamana jeung lalaki, satungtung acan muhrim mah,” saur Ema jeung Bapa.

Sakitu apik jeung talitina piwuruk Bapa dina bagbagan agama. Sangkan kuring jeung adi-adi nu jadi kaulinan téh ukur agama, atuh harita Bapa kolu muka pangaosan keur barudak di imah. Sakitu pagegelek da imah sacangkéwok, tapi Bapa rajin ngumpulkeun barudak tatangga sina diajar ngaji. Dibélaan ngulub sampeu ngulub hui sangkan barudak getol ngaji téh, jajauheun maké kudu mayar mah.

Ceuk kuring, kurang kumaha Bapa bajoang nanjeurkeun agama Alloh tapi hasilna ... kalahka dituding kuminis!

Kuminis! Nista jeung taya rasrasan. Nu nudingna lain si itu lain si éta tapi Pamaréntah pisan. Ari ucap-ucap Pamaréntah mah pan digugu jeung dianggap bener. Nu matak waktu Pamaréntah nuduh yén Bapa téh golongan kuminis, atuh sakumha jalma samiuk nuding kitu, Tatangga nuding kitu, tempat digawé nuding kitu. Kabéh curiga, kabéh sieun, auh Bapa dijauhan, diasingkeun tina pergaulan.

“Ah, da ari kumini mah réa akal réa ékol. Geuning semboyan gerakanana ogé: untuk mencapai tujuan, gerakan apa saja boléh dilakukan. Jadi teu mustahil dina perjoanganana, kuminis ogé bisa nyiliwuri asup kana lingkungan agama!” ceuk sawatara inohong masarakat di lembur.

Harita, welasan taun ka tukang, pajah Bapa téh ampir dirogahala jeung diarah pati, lain ku batur tapi ku tatangga dareukeut wé. Mun teu ditulungan disumputkeun ku Bapa RK mah. Bapa RK (ayeuna mah disebutna RW) kalintang wijaksana. Cenah sanajan enya Bapa kabaud kana gerakan kuminis tapi da lain anggota aktip teu ilubiung langsung milu makar.

“Ulah kejem sagenahna ngarogahala jalma anu dituding jahat. Sabab lamun urang sarua kejemna jiga kuminis, atuh naon anu ngabédakeun antara maranéhna jeung urang téh?” saur Bapa RK harita.

Enya kalintang wijaksanana Bapa RK harita. Saur Bapa, mun Bapa RK teu sanggup nerangkeun kadudukan sacara jejem, nasib Bapa duka kumaha. Sabab dina jaman harita, sawaktu ceuk Pamaréntah PKI (Partai Komunis Indonésia) kabokér jadi ulon-ulon kakacowan, kaasup dituding nu tanggung-jawab malastrakeun jénderal anu tujuh, sakumna jalma anu dituding anggota PKI mah, digeredus, dibeberik, dipaténi, sarua kejemna jiga urang kuminis ngageredus lawan pulitikna. Da éta baé ceuk béja, rébuan urang kuminis digalusur, dipeuncitan, bugangna dipalidkeun ka walungan atawa diruang dina lombang runtah.

Harita Bapa weléh teu ngartoseun, naha anjeunna maké disamarutkleun jeung kuminis anu cenah anti Tuhan? Pan Bapa téh guru ngaji, pan Bapa téh larbek tukang di masjid. Tapi da kitu geuning panuding téh, yén perjoangan kuminis ngahalalkeun sagala cara, kaasup cenah nyulundup dina kagiatan masjid. Jadi ka Bapa gé tetep nudingna mah kitu.

Bapa téh padamel DKA (Djawatan Keréta Api, robah jadi PNKA, ayeuna PT.KAI). Teu pira pancénna mah ukur jadi bansower, nyaéta tukang mariksa rél KA saméméh karéta ngaliwat. Didamelna abot kacida, tanggel-walerna ogé abot kacida. Teu beurang teu peuting, teu panas éréng-éréngan teu hujan angin dordar Upahna teu sabaraha da puguh ukur lulusan SR. Satutasna geletuk kajadian 30 Séptémber 1965, Bapa dionclah ti padamelan kalawan teu hormat, teu dipangsiun atawa naon nu nelahna pasanggon. Cul kitu baé. Dosana mah, duméh nami Bapa aya kacatet dina daftar anggota Serikat Buruh Keréta Api. Naon aktivitas Bapa dina éta serikat? Ah, Bapa gé teu apaleun da malah mah teu daftar-daftar acan. Sabab harita mah, saban pagawé leutik ujug-ujug jadi anggota serikat buruh wé, dikumkeun kitu baé teu ditalék daék atawa henteuna. Malah waktu ditalék dina interogasi, Bapa langkung seueur ngabigeu batan némbalan da puguh badé némbalan naon da sagala teu apal.

“Ema, ogé Nyai, demi Allah, Bapa mah teu boga dosa nanaon. Rarasaan mah salila ieu Bapa teu kungsi codéka, méngpar tina bebeneran agama, komo make aakuanan jadi anggota kuminis anu teu tarima kana agama mah, baid Nyai, baid!” saur Bapa susumpahan. Kuring harita keur SD, teu ngarti naon anu harita ku Bapa dicarioskeun.

Perkara Bapa téh jadi manjang. Teu cukup ku dionclah ti DKA, sabab saterusna jadi urusan. Saban waktu idek-liher ka Koramil, ka désa ka kacamatan. Enya kudu lapor. Geus kitu wajib milu penataran P-4, wajib milu ceramah agama. Ngan anu paling ngenes mah ku pangupajiwa, sabab ti dikaluarkeunana ti DKA, Bapa teu ngalaman cepeng damel deui. Keur mah ti jaman Bapa didamel gé hirup téh seuseut seuat, ayeuna ngaligeuh pisan, atuh ékonomi téh beuki ngagejrét baé. Tong boro hayang paké hayang imah pageuh, dalah nyubadanan dahar sapopoé gé reremenna mah puasa lain waktuna.

Kangenes séjénna anu matak ngagejrétkeun Bapa salaku manusa, nyaéta dijauhan ku lingkungan. Nu tadina nyobat jeung Bapa, ti sanggeus éta kajadian mah jadi ngajauhan. Dulur-dulur gé kitu beuki ngajarauhan da sieun kababawa. Anu paling kasiksa, nyaéta sawaktos Bapa dipahing janten pangurus DKM sareng dipahing ngawulang pangaosan. Bapa teu dipercanten ngamumulé agama Alloh. Gusti, aya ku kacida hukuman kanggo pun bapa!

Kuring gé sarua kasiksa. Di sakola babaturan jadi béda, para guru pon kitu deui. Basa rék daptar ka SPG seuseutna lain bobohongan sabab sagala ditanyakeun.

Basa aya skrening, kuring nampa pananya anu matak tugenah kana haté: “Di mana saudara berada ketika terjadinya G-30-S/PKI? Mani sababaraha balikan nanya kitu téh. Mun aya jawaban anu teu cocog jeung jawaban saméméhna, panalék dibalikan deui. Sedih aya hayang seuri aya, sabab mun kudu dibalakakeun waktu geletuk kajadian téh saur bapa umur kuring acan jangkep lima taun lima taun acan.

Ari Ema gawéna ngan ririwit. Atuh katurug-katutuh ku perkara Bapa, panyawat Ema ogé tambih parna, tepikeun ka ngantunkeunana pisan. Méméh tilar Ema amanah cenah jual tanah jeung imah di lembur jang neruskeun pangupajiwa. Banda ngan saésé dijual, atuh ti harita kuring sakulawarga geus teu cicing di lembur bali geusan ngajadi deui da geus teu boga tempat jang cicing. Ongkoh deuih nu disebut teu boga tempat jang cicing téh lain duméh imah geus dijual baé tapi ogé lantaran urang lembur geus teu ngajénan kuring katut Bapa. Ti harita pindah baé ka kota, ngajauhan jalma-jalma anu kungsi ngéwa ka Bapa.

Ngan kitu geuning, sanajan kota téh jiga anu loba méré harepan tapi jang Bapa anu dituding geus hianat ka nagara mah, bisa disebutkeun katutup pisan rejeki téh. Ayeuna kari kuring anu kudu jadi gaganti Bapa néangan kipayah.

Kakara poé ieu Bapa nyatujuan kuring ihtiar. Malah jiga-jiga Baa ayeuna mah anu maréntah sangkan kuring nyiar kipayah.

Kulutrak panto dapur muka. Lol mastaka Bapa. Kacaangan ku cempor, angger pameunteuna mah ngungun.

“Sakitu geus lila kajadianana, angger wé hukuman keur Bapa mah teu dicabut,” saur Bapa geus ngangluh deui baé.

Kuring ukur cicing da geus ngajudi perkara naon ieu téh.

“Heueuh ku harianeun, teu beunang diképés-képés, angger baé geugeuleuh téh nyéblokan urang ...” saurna deui.

“Naon téa Bapa?” kuring tumanya sakadar ulah diantep teuing.

“Heueuh urut pimitohaeun manéh. Geus lawas kapan ka Palémbang. Bieu panggih deui di masjid. Minangka uluk salam téh cenah, geuning geus insap Mang Satim. Manéhna ngucap sukur duméh Bapa ayeuna idek-liher di masjid teu poho kana salat. Kitu cenah ...” saur Bapa.

Kuring ngeluk tungkul.

“Ari pék téh ditempas ku Ustad Oman. Cenah, enya urang saréréa kudu ngucap sukur kana kamurahan Pangéran sabab geus bisa nginsapkeun jalma-jalma anu kungsi méngpar tina bebeneran. Ceuk Ustad Oman anu kakara tilu taun di dieu, cenah élingna Bapa daék deui ngalanto ka masjid téh mangrupa anugrah Gusti Allah ka umatNa. Meureun manéhna mah teu apal, Bapa harita téh ngelol ka masjid téh apanan alatan diusir-usir ku ahli masjid séjénna da bisi ngotoran amparan sajadah ...” saur Bapa mélaan manéh

Kuring terus ngeluk. Bener saur Bapa, cocobi téh teras-terasan tumiba. Lain baé ka Bapa dalah ka kuring, boa ka adi-adi nu dua, haben baé dicehcer.

Karasa nyérését waktos Bapa nguningakeun pimitohaeun. Bet ras ka Kang Tatang. Enya dua taun ka tukang Kang Tatang ngalalanyah hayang ngeunteupan haté kuring. Ceuk Bapa engké heula montong waka rumah tangga sabab sakola kudu junun. Kang Tatang gé sabar nungguan. Tapi méméh bangblas kana cita-cita, jurig “kuminis” ngahihileudan. Sanggeus nyaho kasang-tukang Bapa, Kang Tatang ditarik mundur ku kolot-kolotna. Cenah ulah meunangkeun turunan kuminis bisi kababawa ririweuhna.

Teu ngabibisani, sabab Kang Tatang téh jadi pulisi. Lamun rék rumah-tangga, kulawarga calon pamajikan kudu diskrening, kudu dijujut kasang-tukang riwayat hirupna. Mun kapanggih aya patalina jeung kuminis, moal diidinan ku kesatuan. Mun aya nu nyebutkeun yén pulitik téh kejem, keur kuring sadirieun mah percaya pisan.

“Bapa, iraha atuh sasarengan milari padamelan téh? Keun baé sakola mah isuk-pagéto gé babari dikantunkeun. Ku saminggu teu sakola gé pasti bakal dikaluarkeun,” ceuk kuring mindahkeun paguneman.

Ayeuna giliran Bapa anu ngahuleng.

“Salajengna, perkawis sumujud ka Alloh, sawios atuh di bumi wé, teu kedah di masjid. Panginten Alloh gé Maha Uninga, tempat kanggo shalat mah di mana baé gé diwenangkeun asal beresih,” ceuk kuring deui.

Bapa neuteup kuring, kuring gé neuteup pameunteuna. Bapa, yén Bapa jalmi beresih teu gaduh codéka, teu sawios tos cekap mung diangken ku kuring gé. Tong maksa-maksa hoyong aya kapercantenan ti batur, ceuk haté. ***

Surelek gambar: idiysorhazmah.wordpress.com, carita ti Mangle (repost ti FB novel kang Aan Merdeka Permana)




Pésén Admin

- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

TOKO ONLINE BAJU BUSANA MUSLIM SYAR'I MURAH
Mau belanja baju busana muslim, Gamis Syar'ie Murah Bekasi, perlengkapan rumah tangga, dll. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

 

Wilujéng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka dégét ayéna, nyaéta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

Nunutur

Nu Parantos Ngalongok

Copyright 2013 Tépas Pangacaprukan | Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!. ti taun 2006 dugi ka kiwari. Development by Jasa Pembuatan Website Murah