Nu kangaranan manusa mah moal jauh tina kasalahan jeung dosa, salalawasna...salila manehna masih keneh ngarenghap, tapi nya kitu tea kasalahan, naha leutik tawa gede, naha eta teh dijieun jieun ngahaja, teu dihaja kalawan teu sadar ku kasalahan manehna sorangan jeung memang aya nu sama sakali teu dipikahayang. Tapi da masing masing manusa teh beda beda harakat hatena teh, aya nu bisa narimakeun kusabab memang teu dipusingkeun atawa geus biasa tur ngamaklum ku kasalahan sahiji jalma kamanehna nu dihaja atawa teu dihaja, jeung sabalika...aya oge jalma nu sama sakali teu bisa mere hampura hiji kasalahan ku sabab geus kaleuleuwihi, teu make itungan leutik gedena ari bakat ku geus keuseul mah.
Duh ngacapruk...heu intinamah anjeun teh tos kaleuleuwihi, geus teu bisa ditarimakeun ku akal heureuy simkuring atawa memang duka teuing simkuring nu sarius teuing tawa nu geus poho deui kana selera humor anjeun, ngan hate leutik jeung hate gede simkuring tos teu tiasa narimakeun. Tapi da hampura mah masih keneh saleuwi moal saat meureun jang anjeun teu kudu hariwang...ngan menta heula sajengkal waktu pikeun mopohokeun nu teu bisa ditarimakeun eta.
Hade goreng tulisan ieu di tungtungan ku Hampura tina hate pribadi, sakali deui hampura kuring nu teu ngarti, sami wae simkuring'ge jalmi nu teu sampura, teu bisa leupas tina harokat manusa nu teu weuleh nyieun kasalahan.