Wilujeng sumping lur.

31 Des 2009

Muhamad Musa

tangkuban parahu-liezmaya Muhamad Musa, atawa, mun lengkep jeung gelarna, Radén Haji Muhamad Musa (1822 - 10 Agustus 1886), pangarang nu ngaluluguan kasusastran citak Sunda, ulama, sarta inohong Sunda abad ka-19.

Muhamad Musa dibabarkeun di Garut salaku turunan ménak, anak Radén Rangga Suryadikusumah, Patih Kabupatén Limbangan. Munggaran meunang atikan formal ti pasantrén di Purwakarta. Geus kungsi munggah haji ka Mekah nalika ngora, diajak ku bapana. Kungsi nolak tawaran Pamaréntah Hindia Walanda sangkan jadi kapala gudang, anjeunna milih widang kaagamaan. Sanggeus jadi panghulu, taun 1864 anjeunna diangkat jadi panghulu besar (Wal. Hoofdpanghoeloe) Kabupatén Limbangan nepi ka maotna.

Muhamad Musa sosobatan dalit pisan jeung K. F. Holle, pangusaha perkebunan entéh bangsa Walanda di Cikajang, nu naséhat-naséhatna ngeunaan bangsa pribumi (utamana Parahiangan) ka Pamaréntah Hindia Walanda diaku/dipercaya pisan.

Dalitna Musa jeung Holle nguntungkeun Musa, utamana tina campur gaulna jeung bangsa Walanda. Musa ku Pamaréntah Hindia Walanda dipercaya pisan, nepi ka ku jasana ka pamaréntah, kungsi dijangjian kalungguhan pikeun kulawargana nepi ka tujuh turunan. Tina dalitna jeung Holle ogé Musa bisa ngembangkeun bakat nulis/ngarangna sahingga karya-karyana (boh pituin atawa saduran/tarjamah) bisa dicitak nepi ka rébuan éksemplar di Jakarta.

Ti antara para putrana, nu kawarisan bakat/ karesep nyerat nyaéta Lasminingrat jeung Kartawinata.

Karya-karyana:

Karya Muhamad Musa pangmashurna nyaéta Wawacan Panji Wulung nu munggaran dicitak taun 1871. Karya-karya séjénna nu dicitak di antawisna,

    * 1862: Wawacan Raja Sudibya, Wawacan Wulang Krama, Wawacan Dongéng-dongéng, Wawacan Wulang Tani;
    * 1863: Carita Abdurahman jeung Abdurahim, Wawacan Seca Nala;
    * 1864: Ali Muhtar, Élmu Nyawah;
    * 1865: Wawacan Wulang Murid, Wawacan Wulang Guru;
    * 1866: Dongéng-dongéng nu Aranéh;
    * 1867: Dongéng-dongéng Pieunteungeun;
    * 1872: Wawacan Lampah Sekar;
    * 1881: Santri Gagal, Hibat.

Dicandak ti: Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda.
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.



23 Des 2009

Poto “Narsis” Oncom Bandung

CIMG1566 CIMG1567 CIMG1568 CIMG1569 CIMG1570

Sanajan katuangan ieu teh gés loba nu dijual di daerah pakotaan sabudeureun Bandung (jawa barat), ngan tétép we oncom Bandung nu asli mah ngan sakur aya di Kota Bandung eta soreangan, satatusna teh ku simkuring mah da tos jantén katuangan khas daerah Bandung pisan!

Oncom nyaeta sajenis katuangan nu di permentasikeun (dipeuyeum) sapertos tempe, mung benten deui bahan ragi-na saréng tempe mah, warna tur bentukna langkung “Heboh” warnana semu gedang asak samodel jamur – jamur sahingga rasana ge semu haseum...ngan lamun nu résép mah ieu katuangan teh nikmat kacida. Oncom teh sok dijién sagala rupaning masakan samisalna Pais asin Oncom jeng surwung, sangu tutg oncom tea géning nu peuleum kacida jeng beuleum peuda beureum, ngacay!

Hampura lamun poto – poto diluhur kaliwat narsis pisan kawas nu moto artis wae nya di bulak balik haha (kumatakna judulna ge di tanda kutipan)…atuhda bakat ning ku atoh kamari dikintunan oncom ti Bandung ku pun uwa…asa tos mang taun – tau teu nuang oncom ditambulan haha.

Cag ah, baktos simkuring Lilis Mayasari/ LieZMaya,.



12 Des 2009

Ngicalan Kaos Ngariung.Com

kaos sunda ngariung.comPangumuman, ka singsaha bae anu minat hoyong ngagaduhan kaos Ngariung.com (Komunitas urang sunda online) naha eta kaasup member atanapi sanes oge mangga kontak bae simkuring kangge konfirmasina ku cara ngintunan email ka ngariung (et) gmail (dot) com atanapi langsung bae toal simkuring dina YM: Mayaliez – Gtalk: Liezmaya (at) gmail.com

Kumargi stok kaos mung kantun sakedik deui, mangga atuh enggal bae pesenna, da sistemna siapa cepat dia dapat hehe…conto kaosna dihandap ieu yeuh.

Catetan: Alhamdulillah, Hatur nuhun ka para wargi nu parantos ngalunasan tagihan, InsyaAlloh kiriman paket kaos dikintun ku simkuring ngawitan dinten senen, kaping 14 Desember 2009, kanu teu acan…mangga diantos konfirmasi pembayaranana.

Tshirt-ngariung back front



10 Des 2009

Villa Kaca Arjasari

arjasari (13) arjasari (11) arjasari (12)IMG0329A arjasari (10) 

- Cangkurileung -

Cangkurileung...cangkurileung
Eunteup dina da rangrang awi
Abdi meulang...abdi nineung
Sok sieun mah teu tepang deui

Cangkurileung...cangkurileung
Eunteup dina dahan kiara
Entong melang entong keueung
Ayeuna mah da geus merdeka

Heulang ngelak dina caringin
Manuk dina dahan kai
Melang lamun da tengah weungi
pikir ngait da ti pandeuri

Puyuh ngungkung sisi gunung
Ngala manjah sisi reuma
nu puguh matak kaduhung
mun nyana kieu jangjina

palasari gunung leutik
Ditema ku gunung kunci
matak ngerik matak runtik
Kamana mah abdi nya nyungsi

Gunung puyuh ti beh kidul
Cipeles malipir nagri
Nu puguh abdi tumawu
Ngahelas mah mikiran diri.
[ www.liriksunda.blogspot.com ]

Ieu lagu teh panasaran ku simkuring pilari lirikna saparantos ngadangukeun di villa kaca Arjasari basa mulang ka lembur lebaran Idul Adha sasih november kamari, kaleresan didinya nuju aya acara pentas seni karya barudak sakola pami teu leupatmah. Tah kaleresan simkuring ayeuna nuju purun kangge kutak ketik update blog, sakanteunan we bade ngacapruk nyaritakeun ngenaan lembur simkuring nu dipicinta deui nyaeta Arjasari…(mugia para wargi teu barosen macana hehe).

Di sebut villa kaca teh kusabab eta villa teh loba pisan kaca jandelana, aya sababaraha villa dina legana tanah pribadi nu cenah ceuk penjagana mah bareto teh (saméméh krisis moneter) teuteundeunan almarhum mantan presiden kadua republik Indonesia, nyaéta pak Soeharto tea. Nu aya di kacamatan Arjasari...legana mang hektar hektar, jalanana ge di aspal tur aya taman jéng kolam hirup paragi pepelakan lauk nu gede pisan...keur ukuran harita di lembur mah eta villa teh kalintang mewahna, dijaga ku pasapon dua puluh opat jam. Kaluargana cendana ceunah mah baréto teh sok mindéng moro ulin refreshing ke eta villa, aya dua...nu hiji deui aya di beulah tonggoh lembur kina nu teu jauh beda mewahna oge. Ngahaja disakulilingna dipelakan tatangkalan sabangsaning bungbuahan jéng herbal tur diléngképan ogé ku Taman bermain anak nu kalintang alusna, da matak jadi bahan cérik barudak disakuliling villa eta nu ninggali bakat ning hayang ulin di eta taman...nu tangtu dilengképan taneuh basisir nu sok aya dilaut tea.

Kungsi oge cindekna langsung pak Soeharto dibaturan ku isterina almarhumah Ibu Tien soeharto nincék eta villa, mun teu salah mah aya kana ngadua kalianana...népi ka ayeuna sok paribasa di omongkén yén eta villa teh hasil tina kakayaan pak Soeharto nu teu ka catet tea.

Aya hiji patung (tinggal gambar di luhur) anu numutkeun simkuring endah kacida, dibangun di palataran jalan saméméh abus ka halaman villa nu disebatna teh Patung Biola, luhurna mérén mun di kira – kira mah aya kana tilu metérna, bentukna teh hiji wanoja nu gélis keur maen biola (sigana ngangge raksukan samodel balutan kaen sari) bari bu’uk na nu panjang ngarumbay rada galing ikeul katebak angin katinggali pisan cetakan awakna nu bayuhyuh demplon lir ibarat cetakan biola ogé. Ngan ti basa Indonesia abus kana jaman krisis moneter tea (mun teu salah taun 1998), tur pak Soeharto teh lengser tina jabatanana jadi presiden Indonesia eta villa teh lila kalilaan béki teu ka urus, ahirna ti taun 2000an dibuka pikén umum, tah dasar masyarakat Indonesia tea nu teu bisa ngajaga fasilitas umum...barang sataun ge gés katinggali amburadul...malahan népi ka ayeuna ti mimiti taman, villa, kolam, jalan, gés teu mangrupa deui kawas bahéla...ngan patung – patung sasatoan ditaman nu rada aya urutna, tur eta patung Awéwé pamaen biola nu masih katinggali alus keneh mah.

 Foto – foto pun rayi di taman villa kaca Arjasari… arjasari (27) arjasari (28) arjasari (29)  IMG0323A IMG0324A  IMG0326A IMG0327A IMG0328A

Baheula mah da mimitina sok aya sababaraha hiji jalma nu ngadon lari jogging atawa ngan sakur rekreasi piknik moro mékél mayoran kadinya teh, lila kalilaan loba tukang dagang, nu antukna unggal poé minggu teh jadi rame kunu jarogging, momotoran, jalan – jalan, barudak ngora bobogohan, atawa pakumpulan ibu – ibu atawa masyarakat pikén ngiluan senam pagi, SKJ, atawa poco – poco tea...osok ogé dipake tempat kemping/ kemah barudak sakola pramuka atawa organisasi lainna...ngan cénah sok mindéng loba nu kasurupan mun barudak sakola ngadon mondok didinya teh ku lélémbutan eta patung Awéwé pamaen biola téa, nu sok hirup mun ti péting cunaaaaaaah, sok kadenge aya sora biola haha (wallohu’alam).

Cag ah,

Baktos simkuring Lilis Mayasari/ LieZMaya.

Gambar foto ti: www.LieZMaya.Web.ID (hapunteun gambarna awon, maklum ngajepretna ngangge kamera HP VGA pas - pasan atuh da haha)

Lirik lagu ti: www.Liriksunda.Blogspot.com



9 Des 2009

17 Agustusan di Lembur Rancakole (2009)

CIMG0117CIMG0122

Najan telat mosting ieu topik bulan Agustus dina mangsa mitineung perjoangan para karuhun bangsa Indonesia urang baheula nyeta sok di ayakeun acara 17an (tujuh belasan) pikeun ngaramekeunana tea. Saetik nyambung carita ti pun eyang simkuring nu pernah ngadongeng ngenaan pangalamanana basa jaman di jajah walanda (Jepang mah duka kaalaman duka heunteu).

Babarengan jeng batur pada lalumpatan mun pareng walanda nyerang teh, leumpang hijrah teu karasa jauhna ti lembur beh Cimahi – Soreang – Banjaran – nepi ka Arjasari, nyumput di sisi walungan Ci jengkol nu aya di lembur simkuring ayeuna nu kasebutna Cidodol Rancakole. Cai harita teh ngulidag gedena keur usum mijih/ hujan…jadina mun budak ceurik ge teu pati sieun kapergok ku walanda, da nyeta kasileup sorana ku gumuruhna cai walungan Ci jengkol nu nyambung ka walungan Citarum. Pun aki (nu ti bapa) kapungkurna lebet kana militer janteun salah sahiji pajoang nu milu andil ngusahakeun ngamerdekakeun Indonesia, sakuat tanaga nyalametkeun masyarakat waktu harita, sanjata cing dorr darr kadenge dimana – mana, loba jalma nu jadi korban lamun ngalawan kana parentah.

Balik deui kana carita perayaan Agustusan 2009 simkuring kamari ieuh, alhamdulillah bulan eta teh saminggu samemehna simkuringge nincak nambahan umur alias milangkala, jadina sok asa atoh babarengan raramean sakaligus haha (nebeng ceunah), nya simkuring ge harita teh di olo kunu di lembur pikeun mulang ngadon Agustusan babarengan di lembur sakalian nyangu koneng tanda katineung deudeuh nu jadi indung bapa jeng kulawarga. Kabeneran pisan harita teh Desa lembur simkuring (rancakole) ngayakeun acara gede, nu ges lila teu di laksanakeun salila lima taun vacum.

CIMG0032CIMG0027CIMG0030

CIMG0075

Parade kasenian ceuyah diayakeun ku masyarakat nu dibagi perkolompok RW nu arak – arakan mapay lembur, startna ti Desa Rancakole dugi ka lapangan sepak bola Bahuan, tah di lapang eta hiji – hiji dipanggil ku panitia pikeun nampilkeun hiburan jang masyarakat nu lalajo (samodel kontes lomba), nu pang alusna di bere hadiah ku Lurah…unggal kalompok wajib nyieun tandu nu hias ku mangrupaning kadaharan samodel opak, ranginang, kurupuk, bungbuahan, sangu tumpeng, kembang gedang, jsb.(contona ciga nu katinggal dina gambar diluhur), Harita teh mun teu salah aya 8 kolompok, nyaeta lembur:

- Rancakole - Cikendit (RW 1) - nu nyuguhkeun hiburan alla militer, aya mobil perang tank baja sagala nu dijieun tina sabangsaning kardus, aya nu make baju tantara barelang hejo tur baju walanda warna kopi susu ngora marake sanjata bedil, jempol pokoknamah lah.

CIMG0108
- Rancaselang (RW 2) - nu nyuguhkeun kendang penca khas payuguban leutik didinya, silat nu marake baju warna harideung bari make iket dina sirahna, ibu - ibu marilu jaroged euyah - euyahan harita teh suka bungah.
- Pojok - Pasir leutik (RW 3) - Nu nyuguhkeun singa depok dipirig ku kendang penca nu khas tarompet, lembur ieu ngabogaan pakumpulan nu sok ngahibur seni singa depok dina hajatan, bangsa barudak leutikna lalucu imut ngangge kabaya warna warni.

CIMG0112

CIMG0081
- Cidodol kulon - Cidodol Wetan (RW 4) - Tah ieu lembur simkuring nu nyuguhkeun lagu dangdut, aya boneka gedeee pisan teu mangrupa dijieun ku para pemuda pemudi anggota karang taruna di lembur, darangdan teu puguh, ceunah nu penting mah HEBOH!!! haha dasar!

CIMG0072simkuring sareng sobat dalit SD baheulaCIMG0077CIMG0078
- Pasir sereh (RW 5) - Tah ieu topikna teh nyuguhkeun ala barat jeng tradisional, lalaki darangdan ciga awewe mamake baju suster, aya oge nu make wig bule (dilembur mah disebutna Blanhur - singkatan tina Blanda Hurik haha), bangsa wanoja - wanojana nu garelis mamake kabaya tur caping nu khas lamun rek indit ka sawah, jeng aya maskot aki - aki jeng nini nini peot, ngan aneh nu maenkeunana teh kalah lalaki...tapi di kelompok ieu numutkeun simkuring pang alusna mah, loba nu karasep soalna huahahaha *pisss ah

CIMG0055 CIMG0065CIMG0088
- Larangan (RW 6) - Aya Suster suster, jeng pamuda “Bayi sehat” nu di dangdanan ciga budak orok, didodorong kana kareta bayi mamawa dot tina Galon aqua jeng pernel huahaha..popok sagala rupa, jeng make cantel sagede gaban *amit - mit ninggalina getek pisan rarasaan teh hihihi...jeng aya nu dangdan sapasang panganten mamake baju khas sunda heuheu kabita.

CIMG0066

CIMG0082
- Bahuan (RW 7) - Lembur ieu mah mun teu leupat aya nu mamawa doger monyet sagala da :P
- RW 7....duka nu ieu mah yeuh teu apal :P

Cag ah,
Baktos simkuring Lilis Mayasari/ LieZMaya
Rancakole, Bandung - 17 Agustus 2009.



8 Des 2009

Safari Garden/ Kebon Raya Safari

Sababaraha waktos kapengker simkuring ngajugjug ka ieu tempat pangpiknikan nu aya di lebah kota Cisarua puncak Bogor sareng juragan Langit, mung hanjakal sakedap wungkul…kumargi aya pamengan. Alhamdulillah sanajan juprat jepret sasatoanana sakeudap lumayanlah kangge toongeun mah.

Nu ieu mah versi foto sabangsaning manuk wungkul (mung kabujeng nganjang ka zona Unggas wungkul hehe…eh aya bajing ketang hiji, mung bajingna tos kolot, janteun tos teu tiasa luncat hehe), insyaAlloh dina postingan kapayun aya foto sasatoan sanesna nu langkung seer deui saupamina nyendong kasempetan.

DSC_0004DSC_0036CSC_0037DSC_0007DSC_0008DSC_0012DSC_0013DSC_0014DSC_0015DSC_0016DSC_0017DSC_0019DSC_0021DSC_0022DSC_0023DSC_0024DSC_0025DSC_0026DSC_0027DSC_0029DSC_0030DSC_0033DSC_0034DSC_0035

Hatur nuhun pisan kangge kang Langit nu parantos kersa ikhlas ridho lillahita'ala masihan nambut camera ka simkuing, mugia dimaklum pami hasil jepretanana kirang mernah...atuhda maklum we da Camerana canggih teuing (Nikon - D50), sedengkeun simkuing seseringna ngangge camera digital saku wungkul hehe.

Cag ah…Baktos simkuring,

Lilis Mayasari/ LieZMaya

– Gambar di candak dina wanci 14 November 2009, Bogor -




Pésén Admin

- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

TOKO ONLINE BAJU BUSANA MUSLIM SYAR'I MURAH
Mau belanja baju busana muslim, Gamis Syar'ie Murah Bekasi, perlengkapan rumah tangga, dll. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

 

Wilujéng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka dégét ayéna, nyaéta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

Nunutur

Nu Parantos Ngalongok

Copyright 2013 Tépas Pangacaprukan | Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!. ti taun 2006 dugi ka kiwari. Development by Jasa Pembuatan Website Murah