Wilujeng sumping lur.

7 Nov 2007

Saha LieZMaya teh?



LieZMaya, Hiji wanoja nu lahir di pakampungan Cimuncang Jelekong (Kampung pakumpulan seniman sunda, sapertos dalang, pelukis, ukiran wayang, jsb.) ping 10 Agustus 1988 dina dinten Rebo tengah wengi antawis tabuh 12 weungi ngagubrag ka alam dunya tina panto rahim ibu nu mulya nyaeta Nyai Eti binti Aman sareng pun bapa, Ayi Abdulrachman Herliansyah. Ti umur opat Taun ngalih ka lembur leutik nu ngarana kampung Cidodol, desa Rancakole nu ngabogaan kacamatn Arjasari. Ti mimiti pindah nepi ka dumelar ayeuna Alhamdulillah ngaraos betah sakulawarga teh di lembur eta. Abdi Putri nu kahiji tina opat sarangkai adi lanceuk.

Jenengan asli simkuring Neng Lilis Mayasari nu sok di geroan ngaran singkatna "Neng atanapi Lis", rayi Robi - Robiansyah, N. Rifa Nurfadillah, M. Reizhan Ramadhan.
Alhamdulillah...da cenah mah Abdi teh Ngabogaan pasifatan nu nyaah kadulur, resep ikhtiar dibarengan ku akherat InsyaAllah, tur mikacinta Budaya sunda. Najan simkuring teu lahir ti indung bapa dina lingkung kasenian, tapi aya kahayang kereteg hate saeutiknamah ngamumule budaya sunda. Najan ngan sabatas curat coret ngacapruk diajar dina Blog ieu, InsyaAllah hoyong nerasken kapayunna.
Liezmaya.web.id Slideshow: Liezmaya’s trip to Bandung was created with TripAdvisor TripWow!

Ayeuna simkuring nuju ikhtiar nyiar elmu jeung dunya di kota Bekasi barat, dina widang parusahaan IT hosting sareng Jasa Webdesign Murah Cekasweb.com namina, nu ALhamdulillah tos dikeureuyeuh ti taun 2006.

Saprak kaluar namatkeun sakola di:
- SDN Otto Iskandar Dinata - Bahuan Arjasari.
- SLTPN/ SMPN 3 Ciparay - Babakan Ciparay.
- SMK Mutiara sandi Baleendah dina widang jurusan Manajemen Bisnis.
InsyaAlloh hoyong nerakeun ka paguruan tinggi pami aya yiswa, kasempetan tur ridlo ti Gusti Alloh SWT. Amin.

Mung Sakitu heula ah,
Cag...Baktos simkuring.

Lilis Mayasari A.K.A LieZMaya.




Tutumbu Carita diluhur:

11 pesen:

Aris mengatakan...

Teteh dina header ieu blog nyarios yen "budaya sunda warisan ti karuhun teh kiwari ampir ampiran ngan sakur tinggal carita hungkul, gés langka barudak ayéna nu daek ngamumule budaya seni sunda (Terutami dina Basa tur carita), cénah era atawa ku mangrupaning alesan sajabana, atawa ngan sakur ku gengsi, duh prihatin pisan!"
==============================

Teu leres. Di luaran masih seeur keneh blogger2 anom nu masih reeus migunakeun basa sunda, di antawisna, abdi. u_u Sumangga tiasa ditawis di dieu, http://esensi.wordpress.com/2009/11/16/nengetan-deui-lampah-hirup-tisaprak-datang-ka-kota-kembang/

*lah, kalah promosi*

Wilujeng tepang ah, kenalkeun, wasta abdi Aaaarrris, urang Bandung, kawitna ti Cianjur.

Nice to meet your blog *halah*

http://esensi.wordpress.com

Liezmaya mengatakan...

SImkuring nyebatkeun "langki" sanes teu aya deui. Ieu mah sabangsa carita sareng tutur basa, tong boro dina dunya maya/ internet...da dina kahirupan sapopoe ge sok w gera tinggal, barudak teh bahkan aya nu teu apal kana basa karuhun urang..kumaha basa aslina, kalah baringung w ditaors teh, apalna ngan sakur basa gaul.

Aris mengatakan...

Ah, simkuring oge teu nyarios yen "teu aya deui". Nah, perkawis fakta "aya nu teu apal kana basa karuhun urang" maksadna basa nu kawilang lemes tur ngandung peupeujeuh? Na upami kitu mah emang leres, abdi ge ngaaminkeun. Tapi toh dina kanyataan mah masih kawilang seeur nu masih nyepeng basa sunda, najan seseeurna ngan tiasa basa loma.

Lajeng pami ditaroskeun, saha nu lepat, pami barudak zaman ayeuna teu apal naon ari hartina "disakompetdaunkeun", "dibejerbeaskeun", teu tiasa ngabentenkeun penggunaan "angkat", "mulih", sareng "wangsul" - "dahar", "neda", sareng "tuang". Komo deui teu uninga istilah wanci model "carangcang tihang" atanapi "pecat sawed" tur "janari leutik"? Aya lingkaran setan ti dieu, teu semata nyalahkeun kaayaan atanapi prihatin kana kurangna apresiasi barudak ayeuna kana basa sunda, perkarana seeur, kari arurang mikiran kumaha sangkan bisa masifkeun penggunaan ieu basa. Duh, teu acan pami ditambihan sareng kanyataan yen dina pendidikan informal (keluarga) ieu basa teu dimumule, klop lah.

*punten bawel*
*mangga ah*

PS: Teteh meni produktif pisan. Sae tur mangpaat pisan web IT-na. Salut.

Kang Edod mengatakan...

Aya urang jelekong gening. sahana Bp. Asep Sunandar yeuh etamah gudangna seni atuh......
Duh resep asa seuur dulur,sim kuring oge pituin urang sunda (Tasikmalaya)mung ageung di daerah transisi janten bahasa teuh sarwa kagok.bahasa indonesia heunteu lancar bahasa sunda lemes sumawona utag-atog.ngan reueus minangkana mah ieu teh gening seueur keneh dulur sa sunda anu aya kahoyong ngamumule budaya sunda. Wilujeng ah, hayu urang sami2 ngamumule budaya sunda....
Neng lilis bilih gaduh mp3 ceramahna AF. Gozali di upload atuh nuju milari yeuh....

Juragan mengatakan...

sim kuring reueus pisan, masih keneh aya nu paduli kana budaya sunda. di tengah-tengah ngagolontorna budaya-budaya anu teu pati cocok sareng budaya urang sarerea

blogadmin mengatakan...

Budaya sunda warisan ti karuhun teh kiwari ampir ampiran ngan sakur tinggal carita hungkul, gés langka barudak ayéna nu daek ngamumule budaya seni sunda (Terutami dina Basa tur carita), cénah era atawa ku mangrupaning alesan sajabana, atawa ngan sakur ku gengsi, duh prihatin pisan! Kasenian Kabudayaan Jasana Sanes Lumayan (kitu tah saur kang Ohank mah hehe)...Hayu atuh urang sami2 nyeuniken budaya sunda warisan ti karuhun lur!.


Sim kuring sapagodos sareng pendapat2 dulur2 di luhur, namung hapunten sateuacanna, sim kuring hoyong masihan pendapat perkawis kecap2 anu aya dina header, saupamina :

header numutkeun sim kuring
- sakur = saukur
- hungkul = wungkul
- gés = geus
- ayéna = ayeuna
- nyeuniken = nyenikeun

Sakali deui hapunten, bilih sim kuring anu lepat, ieu mah etang2 diskusi we :)

LieZMaya mengatakan...

Hatur nuhun kasadaya, terutami kangge kang Blogadmin...parantos dikoreksi ku simkuring. hatur nuhun, katampi pisan :)

Anonim mengatakan...

sampurasun...
ngiring ngarewong téh...
népangkeun saréng urang banjaran...
nuhun kana tulisanan jadi nga-inspirasi sim kuring nu ngédul nulis.
dihaturanan linggih atuh ka blog sim kuring.
permios...

blog direktori mengatakan...

nepangkeun teh, ti 2007 keneh apal blog teteh teh, tos aya pan nya ? hehehe bisi lepat.

teh bilih bade, blogna di daptarkeun atuh di dieu. hatur tengyu

Abah mengatakan...

wilujeng tepang, sim kuring urang ciamis nu ngumbara ka mana mendi. :D

Anonim mengatakan...

wilujeng tepang... sareng nepangkeun sim kuring Mang Yono ti Subang ....


Pésén Admin

- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

TOKO ONLINE BAJU BUSANA MUSLIM SYAR'I MURAH
Mau belanja baju busana muslim, Gamis Syar'ie Murah Bekasi, perlengkapan rumah tangga, dll. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

 

Wilujéng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka dégét ayéna, nyaéta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

Nunutur

Nu Parantos Ngalongok

Copyright 2013 Tépas Pangacaprukan | Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!. ti taun 2006 dugi ka kiwari. Development by Jasa Pembuatan Website Murah