Wilujeng sumping lur.

30 Des 2010

Carpon: Baju Panganten Pulas Emas

Pasangan-Pengantin-Sunda Ari embung, rek kumaha deui? Saleuheung teu bogoh wungkul mah, kapaksa-kapaksa oge meureun daek we ngalayanan. Ieu mah keur teu bogoh teh, ah, teu hayang we. Ongkoh awak asa pasiksak tas nangtung meh opat jam. Teu mararatut-mararatut oge diberenyeh-berenyehkeun biwir teh, ambeh katembong rada amis, tamba jamedud teuing.

Kakara bisa cucul-cucul teh ngahaeub ka magrib. Mani asa areungap. Tuur leklok. Leungeun ge karasa cangkeul. Balas sasalaman. Lain hajat leuleutikan. Bapa sasat mupugkeun tali kanjut. Hajat pamungkas. Euweuh deui kawinkeuneun. Ondangan nu datang ge leuwih ari sarebu mah. Kahayang kuring hajat di hotel bintang opat teh. Ambeh ari beres teu kudu gura-giru balik, da disayagikeun kamar dua. Nu hiji mah suit room keur honey moon. Nu hiji deui VIP, bisi aya kulawarga nu rek marengan. Digugu, da nu mayarna, bapana Mas Edo. Dina emprona mah taya saurang-urang acan nu maturan. Salurti kituna mah. Paduduaan we.

Kaciri kolot teh barungaheun pisan, kuring daek dikawinkeun tereh-tereh teh da tadina mah teu weleh nolak. Rarasaan teh can manjing umur. Kakara beres kuliah. Kahayang teh ke heula, itung-itung nyeunghap, sakola saumur-umur. Kudu gura-giru kawin teh meungpeung abah jagjag keneh, ceuk umi mah.  Sabalikna, ceuk abah, meungpeung umi jagjag keneh. Ongkoh pisalakieunana oge apan geus ngadagoan kuring ti keur di SMA keneh.

Rada reuwas basa Mas Edo jeung kolotna datang nanyaan teh. Euweuh iber ti tadina. Ujug-ujug nanyaan weh. Asa teu kungsi silitalek. Enya ari deukeut tea mah jeung Mas Edo teh. Ti keur di SMP keneh malah, sok mindeng ka imah. Deukeut kitu we teu dibarung ku rasa sejen, komo make aya sir mah. Asa ka lanceuk. Atuda babaturan Kang Eri, lanceuk kuring nu panggedena. Harita ge, kuring keur di SMP kelas dua, Kang Eri jeung Kang Edo mah geus karuliah. Boh kulawarga Mas Edo boh kulawarga kuring, sok silianjangan. Komo sanggeus Kang Eri kawin ka barayana Mas Edo mah, asa katalian. Beuki raket we duduluran teh.

Umi mimitina mah. Keur kelas tilu SMA, kawas nu ngocal-ngocal. Pajah teh, umi mah atoh mun Mas Edo jadi minantu. Teu kagok mianak. Kahayang umi teh pada ngaheueuhan, pangpangna mah ku Kang Eri jeung Ceu Emay. Ari sorangan, teu sirikna jejebris. Teu hayang. Teu bogoh saeutik-eutik acan. Piraku kudu kawin ka lalaki nu sasat geus jadi lanceuk pituin. Teu. Teu boga niat kawin tereh-tereh deuih. Piraku ari Kang Eri jeung Ceu Emay tamat kuliahna, ari kuring kudu enggeusan semet SMA. Asana teh, teungteuingeun umi mah. Naha teu dikawinkeun ka Ceu Emay we bareto teh. Babad ari jeung Ceu Emay mah, umurna teu ganjor teuing. Geuning Ceu Emay kalah kawin ka urang Prancis.

Ti harita, ngahaja rada ngajauhan Mas Edo teh. Teu cara sasari, diuk ge sok hayang pagegeye. Lalajo mindeng. Ka mana-mana sok diaanteur. Rarasaan teh da ka lanceuk tea. Teu ragab teu naon. Tapi da Mas Edona ge teu asa-asa. Nyaan miadina teh. Sugan sok beda kituh, pedah deukeut jeung kuring, parawan nu sumedeng beger. Mas Edo mah angger, ngaping ngadidik. Keur SMP remen dianteurkeun ka sakola, dibonceng kana motor. Geus di SMA, malah keur kuliah ge, kitu keneh we. Bedana teh ganti tina motor kana mobil. Ku umi dititah nganteur ka dokter ge, daekeun we. Lain ka kuring wae kituna teh, ka Ceu Emay ge sarua. Memeh boga salaki mah, sagulung sagalang we jeung Mas Edo teh ilaharna adi lanceuk.

Boh Ceu Emay boh kuring, teu boga rasa bogoh teh atuda Mas Edona kawas nu teu beger. Rengkak paripolahna ge siga awewe. Tara kabejakeun sok ngaheureuyan awawa ti keur sakolana oga. Eta pangpangna mah, pangna kuring teu bogoh oge, asa papada awewe. Lain kitu ari lalaki mah. Kuring mah hayang teh ka lalaki nu nyaan lalaki. Lain nu palaya-peleye kawas Arjuna. Hayang ka nu dangah kawas Gatotkaca. Ari Mas Edo, karesepna teh kalah kana masak, nyieun desain baju. Lalaki naon siga kitu.

Henteu wani ari nyebut Mas Edo banci mah. Da ari papakeanana mah angger cara ilaharna lalaki. Tapi ana ditelek-telek, kawas  bogoheun ka Kang Eri. Basa Kang Eri kawin ge, Mas Edo mah kalah indit ka Singapur. Pajah teh riset. Ketang, eta mah panyangka kuring we. Teu diobrolkeun ka sasaha ge, bisi suudon.

Mas Edo nu ngalaanan pakean panganten jeung memeres buuk urut disasak oge. Teu sirikna salambar-salambar disisiran make cai. Atuda nu nyieun rarancang pakean panganten oge Mas Edo. Pidua-bulaneun deui ka akad, geus anggeus baju panganten keur kuring teh. Ngahaja rada digedean, saluhureun ukuran awak kuring. Model kiwari mah fenomenal look tina singset kana gobroh, pajahkeun teh. Sabodo teuing. Teu nyaho teusing kana sual mode mah. Kuma ahlina we. Dina emprona mah angger we sabudeur awak diopnesel, da cek kuring, teu saringset asa gabrah-gobroh, siga meunang nginjeum. Apik pisan. Pakean teh diasupkeun kana pop nu teu sirahan  tea.

Sibeungeut we, da rariged, beungeut panganten tea, diriasna ge apan sakitu kandelna. Acan mandi mah. Engke we ari lilir, kajeun tengah peuting ge. Teu kuat ku tunduh. Teu sirikna lep-lepan keur solat magrib oge.

Mas Edo mah gancang cucul-cuculna teh da lalaki. Beskapna digantungkeun ngahiji jeung calana sontog nu tungtungna dipasmen. Cenah mah gaya campuran antara modeu Barat jeung Sunda. Teuing, nu karitu mah Mas Edo ahlina. Salin ku piama kekembangan, bungur saulas, karesepna jeung karesep kuring deuih pulas bungur ngora teh. Diuk dina ranjang, gigireun. Sukuna ngarumbay kana karpet kandel nu ngampar sakuliah kamar.

Kadenge sawareh, basa Mas Edo, nyekelan peupeuteuyan. Ramo dirames. Bari nyium tarang, Mas Edo nyarita lalaunan.  

"Sing jongjon we kulem. Wengi tadi apan teu kulem," pokna. "Bilih ngaganggu, Edo mah bade beberes di kamar nu itu." Angger, da ti bareto ge sok nikukur Mas Edo mah.

Pakean panganten teh diringkid ka kamar VIP di peuntaseun ngan kahalangan ku gang wungkul. Surtieun pisan salaki teh, peuting eta mah kuring embung kaganggu, hayang sare tibra, itung-itung mayar hutang. Teu sarena ge aya we tilu peuting mah, rek hajat teh.  Atoh ditinggalkeun teh. Balik-balikanan aya di kamar. Ragab. Teu bisa disumputkeun, embung! Kacipta mun kudu papanganten jeung Mas Edo. Asa, asa naon kitu? Ah, garila we. Ragab.

Inget ka dinya, pitunduheun teh bet ngurangan. Ras kana nasib. Boga salaki teh bet, beda pisan jeung kahayang. Apan kuring mah resep teh ka tukang maen bal, tentara, pilot, atawa nu sok ngalalana. Ari koceplak teh meunangkeun lalaki miyuni bikang. Breh umi ngalangkang dina ingetan. Nu kitu tea mah umi. Bongan maksa. Rek dibales, sina ibur, kuring teu daek ngalayanan nu jadi salaki. Ti peuting munggaran tepi ka iraha wae oge, moal. Carekna moal teh, moal.

Tapi lila-lila bet jorojoy aya rasa karunya jeung make sieun doraka sagala. Apan Mas Edo teh ayeuna mah geus jadi salaki. Tadi beurang ijab kobul di hareupeun wali jeung panghulu. Pisakumahaeun teuing benduna abah jeung umi mun seg uningaeun kuring teu baleg. Teu daek ngalayanan nu jadi salaki.

Pangna tepi ka dirapalan oge apan kuring geus nyebutkeun daek barang dilamar oge. Enya ari ukur mamanis lambe tea mah. Kapaksa bakat ku hayang mulang tarima ka nu jadi kolot. Umi pangpangna mah apan sakitu tipoporosena hayang minantuan ka Mas Edo teh. Doa mah doa, merul saban waktu. Tatanya ka saban austad. Puasa ge umi mah teu kalis ku nyenen-kemis. Saum Daud ge da can kungsi ompong ari lain aya ondangan ti dulur landes mah. Da enya, cek batur, malah cek umi ge, Mas Edo teh kasep, anak nu jegud, bapana ge apan diplomat senior. Cek batur mah, nu hayang ka Mas Edo teh kuring atawa umi?

Kungsi aya beja pajah Mas Edo rek kawin ka barayana papada ti Jogja. Na da umi nu bayeungyangna mah, meh-meh ngajungkel apan, mun teu pada- ngupahan, pada-ngubaran ku sobat-sobatna mah. Ari kuring mah jongjon we, malah make atoh sagala Mas Edo aya jodo teh. Nyaan, rek ngajak Ceui Emay jeung Kang Eri, nganteur Mas Edo seserahan.

Merenah kitu mun Mas Edo diteungteuinganan ku kuring? Naon dosana? Asa teu kitu teu kieu, der panganten awewe  pista.  Awewe nanahaon atuh kuring teh? Batur mah dibelaan dudukun apan hayang deet jodo teh. Neangan nu kumaha deui Teu meunang kitu ari jadi jelema. Eta teh sarua jeung mangnyerikeun batur. Ngijing sila bengkok sembah ka nu jadi salaki. Dosa gede! Cek sorangan kitu the. Nyaho, da sok ngaji ti leuleutik oge. Tapi ari embung?

Lalaunan turun tina ranjang. Kakara sidik, kamar teh disaput ku tileu semu bungur, sepre jeung sarung bantal, bungur ngora dipelat kaen bungur kolot. Nu kieu meureun nu disebut romantis teh. Lampu oge lain lampion atawa neon nu ngebrak, ieu mah dicaangan ku lilin, siga damar sewu.Kembang eros beureum dina bokor emas. Hiji dina meja toilet nu hiji deui dina meja leutik sisi ranjang.Eunteung satangtung-satangtung  di gigir jeung di tunjangeun. Ngahaja  ku desainer hotel, keur nu oleng panganten.

Leumpang ka sisi. Hordeng kandel diserelekkeun. Fitraseu bodas nyacas matak parat titingalan ka luar hotel. Kamar panganten teh ayana di tahap ka dalapan. Di handap, tembong jalan but-bat. Cahaya lampu mobil masih keneh kaciri pasuliwer. Gap kaca tukangeun ftraseu teh dicabak. Sidik kandel. Tapi mun dibanting ku korsi mah, piraku teu rujad. Awak kuring ngalayang, gebut ninggang aspal. Beres weh pasualan teh. Kuring teu tulus  papanganten jeun Mas Edo. Pasti karasaeun  ku umi, nyerina hate awewe nu kawin ka lalaki nu teu dipikabogoh. Enya sina karasaeun.

Nanaonan, cek hate keneh. Istigfar sababaraha kali. Moal ari tepi ka maehan maneh onaman. Asana bakal sarua nyerina, maehan maneh jeung maksa maneh sing daek ka Mas Edo. Enya, mending keneh milih papanganten jeung Mas Edo nu puguh geus jadi salaki.

Gilig. Rarasaan teh asa ngararemplong teu sumpeg teuing ari geus milih jalan sorangeun mah. Rap didaster ipis, kado ti manajer hotel. Teu diketrok panto kamar Mas Edo teh. Teu dikonci. Bray dibuka. Breh teh, hareupeun kaca satangtung, panganten awewe. Sagala rupana nu tadi beurang dipake ku kuring.  Kabaya panjang sutra pulas emas. Tukangna ngagapuy. Teu ngarenjag teu naon kuring asup teh. Barang malik, tembong panganten teh kacida geulisna. Kuring mah teu satungtung curukna. Geulis teh estu kawanti-wanti.

"Kumaha At, sae nya acuk panganten teh?" pokna. " Ti barang ningal Atih rap nganggo acuk di tempat rias tea, tos kumejot, hayang sarap-rapeun nganggo anggoan panganten. Hayang leuwih geulis batan Atih."
Kuring calangap keneh, asa can kumpul pangacian. Manehna geus leumpang, teu beda ti model nu keur leumpang dina cat-walk. Gek diuk dina dipan, andalemi.

"Mas Edo?" pok teh semu ngajerit.

Manehna unggeuk bari imut saulas. Tapi saterusna mah ngahuleng. Aya nu merebey tina biwir panonna nu make bulu panon perak.

"Meh saban wengi Edo sok dangdan, ngelemet ka luar ngahiji jeung nu sanasib, di taman, di kleub, atanapi dugem. Nanging nembe wengi ieu  asa kacida bagjana. Kalaksanakeun nganggo raksukan panganten meunang ngararancang sorangan.

***

Cag ah, baktos simkuring: Lilis Mayasari.

Carita dipugar ti: majalah-mangle.com (Ku Us Tiarsa R.) – gambar ti: tokokainflanel.multiply.com



21 Des 2010

Kempelan Bobodoran Sunda MP3 Cangehgar, kang Ibing, wayang Cepot, Bi Ijem, dkk.

1. CANGEHGAR (CARITA NGENAH DAN SEGAR)

Dina kasempetan ayeuna, simkuring hoyong babagi MP3 Bobodoran Cangehgar (Nu parantos di puter dina radio RAMA FM Bandung) teu hilap oge Bodornya Almarhum kang Ibing, Bi Ijem, Capot (Dalang Asep/ Ade Sunandar Sunarya Giri Harja) anu pohara lucu sarta anu pasti baris nyieun urang ngakak kakocok patuangan haha.

Mangga yeuh Linkna dihandap ieu, langsung bae di unduh akang akang ceuceu:

CANGEHGAR A.mp3
CANGEHGAR B.mp3
CANGEHGAR C.mp3
CANGEHGAR D.mp3
CANGEHGAR E.mp3
CANGEHGAR F.mp3
CANGEHGAR G.mp3
CANGEHGAR H.mp3
CANGEHGAR I.mp3
CANGEHGAR J.mp3
CANGEHGAR K.mp3
CANGEHGAR L.mp3
CANGEHGAR M.mp3
CANGEHGAR N.mp3
CANGEHGAR O.mp3
CANGEHGAR P.mp3
CANGEHGAR Q.mp3
CANGEHGAR R.mp3
CANGEHGAR S.mp3
CANGEHGAR T.mp3
CANGEHGAR U.mp3
CANGEHGAR V.mp3
CANGEHGAR W.mp3
CANGEHGAR X.mp3
CANGEHGAR Y.mp3

2. CANGEHGAR (CARITA NGENAH DAN SEGAR) TELKOMSEL

CANGEHGAR TELKOMSEL BAHASA CINA NA BAG 1.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BAHASA CINA NA BAG 2.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BAHASA CINA NA BAG 3.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BAHASA CINA NA BAG 4.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BAPA LOBA PISAN.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BEDA LALAKI AWEWE BAG 1.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BEDA LALAKI AWEWE BAG 2.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL BUDAK HOYONG NYUSU.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL JAMAN WALANDA.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL KAKARA NAIK KAPAL.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL KANYAAH.MP3
CANGEHGAR TELKOMSEL NINI BARIS.MP3

3. DONGEN KANG IBING +

Download Dongeng dari kang Ibing  seru Banggettt…

Dongeng kang Ibing +.mp3

4. Ngaronda Kang Ibing + Cepot + Ijem

Download Bobodoran Kang Ibing+Cepot+Ijem

5. Doa Perkawinan Nu Geloo

Download Doa Kawin versi Nu Gelo.(ziddu)..

4shared

6. Kang Ibing Bebesanan jeung Mas Sastro

Download Bebesanan 1

Download Bebesanan 2

Sumber asli artikel (kalebet gambarna) Bodor ieu di cutat ti: aslisunda.wordpress.com

Cag ah, mugia katampi ku ki dulur sadaya
Baktos simkuring: Lilis Mayasari. Hatur nuhun.



9 Des 2010

Poék mongkleng


















Duh Indung,
peuting ieu kuring nyawang lalamun
sono médar waktu nu gés kaliwat
cing ronghéak ngababarak sukma

Duh bapa,
Isukan hirup bét asa nyiksa
Kamana deui lumpat teh teu kahontal
katuhu jéng kenca teu weuléh katinggali poék
kitu deui hareup jéng tukang ciga nu mongkléng

Na kudu kamana deui kuring ngajugjug
barieukeun sariak awak...
bét asa kucape mépéndé hate
nampér sésék dada kapaneurinakeun

- Duuuh Gusti Nu Maha Wélas tur Maha Asih, hampura Abdi jalma nu saliwang nu sok poho nalipak awak -


24 Nov 2010

Carpon: Nu anggang nu dipikameulang

Nu anggang nu dipikameulang



“Kang ari basa wengi uih tabuh sabaraha?” pok pamajikan kuring basa keur nyiapkeun sasarap di dapur rebun keneh sabada solat subuh.
“Tabuh sabelas Neng” bari sok nyomot goreng sangu haneut lada karesep kuring jeng parakedel kentang.
“ooh meni weungi – weungi teuing atuh ayeuna mah nya uih teh?”
“Muhun nyèta apanan nuju aya deadline di kantor teh padugdeg waè ku boss di hardik wae sa-divisi akang teh…sok ngamuk teupupuguh geura”
“duh boa – boa nuju kadongkapan tamu panginten kang ti Cibeureum hehe”
“hisss ti iraha lalaki menstruasi atuh Neng” tembal kuring bari nyerengeh
“Ari basa weungi akang nu ngalihkeun Eneng ka kamar teh?”
“nya muhun atuh, na saha deui gèlis ari sanes kakang Restu lalaki pujaan hate eneng mah”
“iiih akang mah kitu da” pok pamajikan kuring bari semu umat imut
“nya mangkaning atuh apanan Neng teh gening da beuki beurat ayènamah…meuni langsung hah heh hoh ngesang akang mangkuna ge bari ngan sakur kakamar, komo lamun ka Cikopo nya haha”
“Enya yeuh kang, beurat awak Eneng teh janten naek tilu kilo geura” bari manyun
“Duh..duh tong manyun atuh ngewa ah katinggalna geulis, keun we atuh sawioslah nya teu nanaon, eta teh cingcirining Eneng teh bagja janten isteri akang, da upami meotan mah engke pajarkeun teu dipasihan tuang atuh ku akang, diseuseulan keh akang ku abah sareng ambu” kuring ngupahan pamajikan kuring bari nyèkèl tonggong leungeunna.
“Alhamdulillah, atos ah sarapanana…akang angkat heula damel nya Neng milari rizky heula kangge Tuanku permaisuri enjing…kangge balanja ka Supermarket sareng moll, teu hilap pasar Caringin hehe”
“Iiih akang meh meuni teu ikhlas kitu nya”
“yeeeh naha kitu, nya ikhlas atuh ridho Lillahita’alla kanggo Nyai nu geulis pupujaning hate akang tea mah”
“Hehe, nya jug atuh geura miang ka Bandung, uihna nyandak rizky sakarung” tembalna bari seuri manis halimpu nu matak genah karasa kanu hate, asana teh sakumaha capena pagawean kaubaran, kabayar ku pamajikan kuring.
“Kade nya ati – ati neng di bumi, ulah waka dibuka panto teh upami teu acan aya akang mah”
“muhun kang InsyaAlloh, jug kade akang cing ati – ati dijalan, sèèr minum…entong telat tuang, ku Eneng diantosan dibumi”
“mmm tapi engke teu kedah ngantosan deui nya, tuang w tipayun upami akang teu acan uih tabuh dalapan mah, berarti kapaksa akang bade ngalembur deui. Eneng langsung w kuleum tipayun di kamar, ulah diluar bilih leubeut angin ah”
“Muhun atuh, upami tiasa mah enggal uihnya kang”
“Muhun InsyaAlloh, mangga atuh Assalamu’alaikum”
“Waalaikumusallam” nya kuring indit bari ngagolosorkeun leungeun katuhu, langsung diadekeun kana biwirna nu ipis beureum tuluy kuring nyium tarangna. Tancap gas motor tuluy ngaberengbeung ka kantor”.

***

Jarak antara ti imah ka kantor teh lumayan jauh, sajam kuring diuk dina motor merik waktu beh nepi teu leuwih ti jam dalapan. Atuh da leubar lamun telat teh gajih langsung dipotong opat persen. Tapi hanjakal poè eta jalan teh macet pisan kacida, ceneh mah aya kacilakaan tabrakan motor jèng mobil di leubah parapatan jalan Baleendah. Hate kuring gès dugdeg we sok sieun kabeurangan, kapaksa kuring muter jalan ka jalan alternatif Banjaran Soreang, kuring ngabèrengbeung tarik nincak gas haar gening sarua keneh we macetna teu kira – kira…kabeneran aya kacilakaan oge ceunah “beu mèni bisa kabeneran kitu, kuring ngajerit dinu hate!!!”.

Lièk ninggali kana jam tangan gès nincak jam tujuh leuwih saparapat, sajam kuring pasiksak dinu kamacetan jalan...handeueul kacida dina hate, tapi mun ras inget ka pamajikan nu ngadadagoan di imah asa kaubaran nyabar - nyabarkeun hate beh jadi tiis deui...duuh Neng, akang lope Eneng heuheuy prikitiewww!

Tubikontinyu heula ah sodara2….tunduuuh hehe
Bekasi, 25 November 2010 - tengah weungi hese peureum!


22 Okt 2010

Antisipasi kaleungitan sendal

sandalKpk Meureun diantara anjeun sakalian aya anu kungsi kaleungitan sendal, komo leuwih ti sakali waé boh keur juma’ahan atawa nganjang ka imah batur atawa di lingkungan buruan imah sorangan oge? beu Kacida!. Tah Pikeun anjeun anu kungsi ngalaman kajadian eta, tangtu karasa pohara gendokna lain????
Di handap ieu aya Tips anu meureun cocog pikeun anjeun sangkan henteu kaleungitan sandal deui.

1).Entong maké sendal Branded, kawas: Neke, Adidos, ato anu séjénna, Pake we sendal anu sakali paké (emang aya kitu nya???)

2).Lamun anjeun kapaksa maké sendal Branded, simpen w sendal anjeun di tempat anu pajauh, contona sendal palebah katuhu anjeun, anjeun simpen di Masjid Istiqlal, tah senengkeun sendal anu palebah kéncana anjeun simpen di Stasion Gambir.

3).Paké Bakiak ari jang 3 penumpang mah, ciga anu sok dipaké dina pasanggiri 17 Agustusan.

4). Paké Password sarta alarm dina sendal anjeun.

5). Pasang kaméra & Tracker kalayan GPS sacara demit dina sendal anjeun, ambéh anjeun bisa ngawaskeun di mana posisi sendal anjeun lamun sendal anjeun di paok.

6). Jadikeun sendal anjeun minangka Accesoris anu dikalungkeun dibeuheung atawa jadikeun anting - anting.

7). Pesén sendal dina wangun kotak amal, salain sendal anjeun kahindar ti aksi dipaok, mangka anjeun ogé baris meunangkeun sumbangan amal sugan.

8). Gunakén sendal anu béda, sendal palebah katuhu kelir kayas kalayan hiasan kembang panonpoé, palebah kénca kelir konéng kalayan hiasan sirah tangkorak.

9). Gunakeun nomer sendal anu béda, misalna sendal palebah katuhu nomér 37, sarta palebah kénca nomér 45.

10). Atawa paké sendal anu katuhu duanana atawa kénca duanana

11). Tong hilap sok mawa ranté beusi anu panjang, anjeun bisa ngaranté sendal anjeun dina awak anjeun, ku kituna lamun sendal anjeun rék dipaok, anjeun baris meunang tanda mangrupa tarikan/ kenyangan.

12). Modifikasi sendal anjeun kalayan nambahan manik-manik, payet dll atawa kalayan nyieun bolong di tengah sendal anjeun, ku kituna sendal henteu bisa dipaké nu baris nyieun ilfil si-calon tukang maok eta.

13). Nunda sasobek kertas di luhur sendal anjeun anu aya tulisan ‘Sendal ieu boga aparat’ ; ‘Kredit sendal ieu tacan punah’ ; atawa anjeun tulis émbaran yen ‘Ieu lain sendal, sumpah ieu mah lain sendal..’

14). Tah tips nu terakhir mah Tips pang jitu nyaéta: Pake we sapatu, ku kituna anjeun moal kungsi kaleungitan sandal deui InsyaAlloh.

Hehe, tos atuh ah tong colohok macana, usap atuh eta umbelna…seurina tong tarik – tarik teuing bilih disangki nu janten gelo gara – gara ical sandal…apan atuh isin hihi :P

Cag ah, Sing emut eta gening pesen bang Napi “ingat…kejahatan bukan hanya terjadi karena ada niat pelakunya…tapi juga karena ada kesempatan…waspadalah…waspadalah!!!”


Baktos simkuring: Lilis Mayasari.
Sumber carita basa Indonesia ti séér carita di Google.
Image: apriliaagusta.blogsome.com



21 Okt 2010

Sisi Padang Panjang

lady_of_the_lake_by_Blade707

Bentang – bentang baranang
Maturan kuring nyorangan merengan bulan sapasi
Tiris kalimpudan halimun ipis harita Jungjunan
Sacarang endah nya pedah anjen cenah rek datang nyanding herepan urang

Naha poek halimun teh beuki kandel beuki tiris
Kakangen teh ges montel kacida dina dada
Naha salira teu katinggal irung – irungna acan
Dug deg hate hariwang ngarep – ngarep nu dipika melang

Naha kamana atuh Jungjunan salira teh
Dugi enjing panon poe tos moncereng jangkung
Gening taya wae laratanana

Sabulan ngadukdukan angeun neang nu jadi kakasih
Hor ceunah gening salira teh tos tilar dunya di jati Asih
Asa kabentar gelap tengah poe ereng – erengan
Kuring ngaheuluk sorengan dipadang panjang
Nyinghareupan patilasan jasad salira nu angkat nyorangan

Duh engkang pujaan hate, Jungjunan qolbu Euis
Poe ieu ges sataun Anjen mulang
Masih teu ilang teu kurang kanyaah kasono kanggo Anjen

Da Cimata teh bongan teu saat – saat wae
Isukan tungguan Euis nyusul di leuwi bulan disisi padang panjang

Duh engkang pujaan hate, Jungjunan qolbu Euis
Poe ieu ges sataun Anjen mulang
Masih teu ilang teu kurang kanyaah kasono kanggo Anjen
Da Cimata teh bongan teu saat – saat wae
Isukan tungguan Euis nyusul di leuwi bulan disisi padang panjang

-----------------------

Baktos simkuring, Lilis mayasari/ LieZMaya – Sajak nu ker ngahuleng sono kakasih peuting ieu.
Image: lady of the lake by ~Blade707 DeviantArt.



20 Agu 2010

Pileuleuyan Kang Ibing

Innalillahi wa innailaihirojiun, parantos Mulih ka jati mulang ka asal salah sawios seniman sunda nu tos kamahsyur Raden Aang Kusmayatna Kusumadinata atanapi nu akrab nami ngetopna nyaeta Kang Ibing tea, numutkeun sumber media Almarhum kang Ibing teh parantos ngantunkeun dinten kamari Kemis (19/8) sakirar tabuh 21.00 WIB (sasih romadhon, mugia khusnul khotimah, Amin) di Rumah Sakit Al Islam Bandung karna serangan jantung dina yiswa 54 taun. Mugia ditampi iman Islamna dicaangkeun pakuburanana sareng kulawarga nu dikantunkeun mugia cing tabah…,

Dihandap dimkuring nyandak kopian wawancara Kang Ibing dina wacana Rek Dibawa ka Mana Seni Sunda? - Galamedia, ku waas duuuh emut kana kakocakan anjena pami nuju ngabodor kapungkur janten “Si Kabayan” leres – leres nyangreud dina hate sareng DAMAS-na.

--------------------------------------------------------------------------------

Minggu, 16 Mei 2010

Rek Dibawa ka Mana Seni Sunda?

BERBICARA tentang hiburan seni Sunda, tidak akan terlepas dari sosok yang satu ini. Dulu, lelaki ini dikenal sebagai pelawak ketika masih aktif di D'Kabayan. Kini dia menjadi seorang penceramah, namun unsur bodor-nya masih kental.
Walaupun ia dikenal sebagai penceramah, namun tidak semua orang tahu kalau lelaki ini merupakan pemimpin Pondok Pesantren Baiturrahman Bandung yang berpusat di Ujungberung, Bandung. Meski sering berdakwah, orang-orang tetap menyebutnya Kang Ibing. Nama lengkap lelaki ini Kusmayatna, kalah populer dengan nama Kang Ibing.
Wartawan "GM", Kiki Kurnia berbincang-bincang dengan Kang Ibing seputar perhatian generasi muda terhadap seni Sunda. Pasalnya, banyak orang mengatakan generasi muda sekarang seperti sudah tidak peduli, bahkan mulai melupakannya. Benarkah demikian? Berikut petikan wawancaranya.
GM: Selain berceramah, kesibukan apa yang Akang lakukan saat ini?
Kang Ibing: Sebentar, sebelum Akang menjawab lebih jauh, sebaiknya ada yang perlu diketahui oleh masyarakat. Nama Akang sebenarnya Kusmayatna, namun masyarakat, terutama para wartawan, sering salah menuliskan nama Akang dengan sebutan Ibing Kusmayatna. Nama Ibing adalah nama landihan (alias) ketika Akang masih aktif di D'Kabayan dan menjadi nama tenar hingga sekarang. Jadi, jangan salah tulis lagi.
Kesibukan Akang saat ini, selain berceramah, ya ngurus domba dan mengajarkan seni pencak silat bagi warga sekitar rumah.
GM: Berbicara masalah seni Sunda, bagaimana perhatian generasi muda saat ini terhadap seni Sunda?
Kang Ibing: Kalau dibilang kurang perhatian bisa saja, tetapi banyak pula generasi muda yang senang pada seni Sunda. Buktinya, banyak lahir seniman muda, entah itu seniman tari maupun seniman hiburan lainnya, seperti penyanyi pop Sunda di Kota Bandung dan daerah lainnya. Namun, yang tidak peduli lebih banyak lagi. Bahkan generasi muda sekarang banyak yang tidak mengenal bahasa Sunda. Jika sudah tidak mengenal bahasa Sunda, artinya mereka sudah tidak mencintai budayanya sendiri.
GM: Bagaimana dengan perkembangan pop Sunda?
Kang Ibing: Akang melihat banyak perubahan yang signifikan, namun tidak terlalu ekstrem. Masyarakat masih menyukai seni pop Sunda, ini disebabkan perkembangan dunia hiburan.
GM: Pandangan Akang tentang dunia lawak Sunda?
Kang Ibing : Dunia lawak Sunda saat ini jelas mengalami keterpurukan. Kalaupun ada yang muncul, tidak ada yang bangga menggunakan nama dengan nuansa kesundaan. Dulu, ada grup D'Bodor, dalam bahasa Indonesia berarti 'melawak'. Terus ada D'Kabayan yang identik dengan nama kesundaan. Sekarang apa? Kalaupun ada, nama grupnya SOS yang jauh dari kesundaan.
GM: Saat ini 'kan muncul seorang pelawak asli orang Sunda, yakni Sule atau Sutisna jebolan SOS. Apakah sudah mewakili bangkitnya dunia lawak Sunda?
Kang Ibing: Ceuk Akang mah belum. Memang Sule sering menggunakan bahasa Sunda dalam lawakannya, tapi jumlahnya sangat sedikit dibanding dengan menggunakan bahasa Indonesia. Sule memang orang Sunda, tetapi manehna leuwih sering ngagunakeun bahasa Betawi. Bukan hanya itu, film maupun sinetron yang ditayangkan di televisi lebih banyak menggunakan bahasa Betawi. Artinya, bahasa daerah mulai dilupakan oleh para pemainnya, walaupun mereka dari berbagai daerah.
GM: Solusinya bagaimana Kang, agar generasi muda Sunda tetap "mikacinta" seni Sunda?
Kang Ibing: Solusinya mah, ya keluarga harus mau mengajarkan bahasa Sunda dan seni tradisional Sunda. Bukan itu saja, sekolah pun harus aktif menggunakan bahasa Sunda dan memperkenalkan seni tradisional Sunda. Jangan terlalu mengandalkan pamarentah, da pamarentah boga keterbatasan. Nu paling dekat jeung barudak kan kolotna sewang-sewangan.
Akang ngarasa bingung, rek dibawa kamana seni Sunda ayeuna? Boh ku pamarentah maupun para pelaku seni Sunda. Buktina, ongkoh ngangkat seni budaya Sunda, tapi bahasa nu digunakeun rata-rata bahasa Indonesia. Selain itu, Kota Bandung sebagai pusat budaya Sunda, tetapi teu puguh oreintasina. Tong nanya ka Akang oreintasi seni budaya di Kota Bandung jeung Jabar. Soalna, generasi mudana jeung pamarentahna siga nu api lain ka seni Sunda.
GM: Bagaimana dengan penghargaan pemerintah terhadap para pelaku seni dan budayawan di Jabar?
Kang Ibing: Penghargaan pamarentah mah tentantif, bergantung niatnya ke mana, apakah untuk pengembangan dan pelestarian seni Sunda atau karena maksud lain. Akang tidak mau berkomentar banyak. Bagaimana masyarakat saja menilainya, nanti masyarakat juga yang tahu jawabannya.
GM: Sedikit menyimpang Kang, bulan depan ada perhelatan Piala Dunia 2010. Bagaimana prediksi Akang?
Kang Ibing: Masalah bola ge sabenarna budaya, oge bisa disebut seni. Buktinya di Indonesia, sepak bola sudah menjadi budaya. Sedangkan seninya, bisa dilihat dari permainan yang dilakukan para pemain bola di tengah lapangan.
Ari soal bola mah Akang lain ahlina. Tapi semua tim yang masuk putaran final adalah tim yang terbaik. Akang belum bisa memprediksi tim negara mana yang akan menjadi juara. Semua pertandingan pasti berjalan seru dan mengasyikkan. Yang pasti, Akang mah memfavoritkan tim Brasil. Pokona Brasil! **

Duh pileuleuyan kang, sadaya jasa kangge dunya seni terutamina Seni Sunda pasti masih keneh bakal diancik dinu hate. Cag ah,
Baktos simkuring: Lilis Mayasari.



22 Jul 2010

Curhat tukang Goong ka Mang Cepot

Ieu carpon lucu kenging simkuring browsing…tamba teu update pisan, mangga diaos…mugia tiasa ngahibur.

 

 

“Pot kadieu euy dewek nek curhat!”

“Lah paling silaing mah sirik lantaran dunungan kawin deui nya!”

“Lain euy Pot, kieu yeuh….dipikir ku dewek, geus mang taun taun dewek jadi tukang goong, tapi hirup teh kieu jeung kieu we teu menyat menyat!”

“Jadi hayang naek gajih kitu?, bebeja atuh langsung ka dunungan!”

“Ah kuriak dibaeudan sauumur mun dewek wakca hayang naek gajih, padahal gawe teh kaasup beurat euy, najan ukur nakolan nu ngajendol, tapi kudu konsentrasi pinuh, malaweung saeutik, sora goong teu ninggang kana wirahmana,balukarna dunungan, enya kidalang tea, molotot, nu lalajo hahauk, kitu deui maneh Pot pipilueun protes da heueuh karasa ku dewek mun keur ngigel sora goong teu nenggel kana blaktukna,cawerang deuleu…!”

“Heu heu….tobaaaattttttt…..mangkana mun keur manggung tong nundutan wae atuh!”

“Teu nundutan kumaha atuh Pot, manggung noron tilu poe tilu peuting, teu karasa ngalenyap nepikeun ka ngimpi sagala!”

“Beu etah keur nabeuh goong nepika bisa ngimpi sagala, ngimpi naon kitu?”

“Ngimpi narokan suluh!”

“Heu…heu…paingan sora goong jadi nyerecrek ka mana mendi, da meureun rarasaan keur narokan suluh nya!”

“Mun saimbang jeung gajihna moal nepika nundutan kitu meureun Pot!”

“Memangna gajihna UMR kitu?”

“Lain UMR tapi UMN, Upah Minimum Nayaga!”

“Setatusna kumaha?”

“Tah eta dadalan aya sistim outsourching tea, ti baheula ngan kontrak jeung kontrak we gawe teh!”

“Heu..heu…tobaattttt….uing mah tibalik euy, ku dalang geus diangkat karyawan tetap tapi teu digajih gajih malahan tas manggung,sok langsung dibebeskeun kana kotak!”

“Teu nanaon teu meunang gajih ge Pot, pan silaing mah teu beuki kejo, sedengkeun dewek teu manggih kejo sapoe, ngiceup ge susah deuleu!”

“Heueuh ari kitu tea mah, ke…. ke…. kunaon bet tungang tengeng kana sarung uing, neangan naon?”

“Puguh dewek teh keur manggih kareuwas euy, panakol goong leungit, mun nyaoheun leungit mana teuing dunungan hohoak bari molotot!”

“Leungit dimana?”

“Pan biasana mun tas manggung panakol goong sok dibawa ka imah!”

“Keur nanahaon dibawa kaimah?”

“Keur ngabebenjokeun budak, mun budak gegerelengan ceurik lantaran hayang jajan es krim,tinggal ngasongkeun panakol goong meunang ngagulaan!”

“Heu…heu..tobaaatt..ammmpyunnn…nepika kituna,tapi naha bet jor jor sungkub singkab kana sarung dewek da dewek mah teu rumasa nyumputkeun!”

“Ah pasti disumputkeun siah, buktina dijero sarung maneh aya nu ulang ulangan!”

“Heu..heu..tobaaaaattt…ieu mah lain panakol goong tapi panakol bedug da rada panjang!”

 

Hatur nuhun kangge Sumber carita: Fosclub.wordpress.com

Sumber Gambar: Griffith.edu.au

 

Cag ah, baktos simkuring: Lilis mayasari/ lieZMaya.Web.ID



27 Jun 2010

Toko Kaset Online kapalay.Com

Duh tos lami tara mosting gening, da kumaha atuhnya teu gaduh pisan ideu sareng kaleresan nuju pakupis ku padamelan hehe. Postingan ieu mung hoyong nguningakeun ka para saderek sadaya yen saupamina hoyong ngagaleuh kaset – kaset wayang Giriharja (Asep Sunandar Sunarya)/ Tembang kasundaan sapertos Darso, Ida Widawati, Nunung Nurmalasari, Bobodoran Si Pohang/ Ohank, Rafli Sunandar,  jsb. mangga bujengan wae situs www.kapalay.com Alhamdulillah simkuring parantos nyobian mesen, servicena kirimanana enggal  dikintun, rapih sareng kaset – kasetna original namung mirah.

CIMG9822 CIMG9826

Mangga, wilujeng...mugia kaangge.
Cag ah, baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.



11 Jun 2010

Resep Masak Ulukutek Leunca Oncom Teri

Oncom oh oncom, katuangan favorit urang sunda (komo deuih urang bandung pasti uninga sadaya ge), leunca nu seger matak segut kana tuangna, ditambih teri nu nikmat dituangna mmmm yummmy.

IMG_3183

Mangga nu bilih bade nyobian kaleresan bahanna didinya aya, atanapi sok mangga pegat eta tukang sayur nu sok ngalangkung unggal enjing atanapi ka pasar, atanapi pesen ka tukang sayur nu caket sareng bumi *halah2 kalah promosi beu!

Bahan:
- Leunca saparapat 1/4
- Sakotak oncom, atanapi upami ukuranan alit atuh mangga 2 kotak oncomna
- Teri medan/ teri biasa digoreng teras dituuskeun
- sabatang serehna diprekprek sakedik beh seungit
- Sareng dua keureut laja/ lengkuas, sami diprekprek sakedik
- Dua lembar daun salam
- Uyah sacukupna (kira - kira sasendok teh w lah)
- Gula sasendok teh oge
- Penyedap rasa anu rasa ebi, tanapi pami teu aya rasa ayam geu teu sawios
- Minyak sacekapna kangge numis
- Cai 100 Ml/ satengah gelas

Bumbu nu dilemeskeun/ direndos:
- Cabe beureum 5 siki
- Cengek 10 siki (pami kangge nu raresep kana lada/ pedas)
- 4 sihung bawang beureum
- dua sihung bawang bodas
- cikur w sakeureut/ sakedit w tong seer2 teuing

Cara masakna:
- Panaskeun minyak, teras tumis/ goreng bumbu nu direndos sakedap
- Tambihkeun oncom sareng leunca
- Tambihkeun cai, aduk - aduk cing rata, teras tutup katel dugi ka leuncana leumpeuh hipu
- Leubeutkeun salam, sereh, jeng laja, teras oseng - oseng dugi ka caina garing sareng warnana rada coklat
- Tambihkeun uyah, gula, sareng penyedap rasa
- Tambihkeun terina, aduk - aduk dugi ka garing atanapi sakumaha salera nu dipikahoyong.
- Siap disayogikeun, dituang sareng bonteng kurupuk...aiiih nikmat!

Catetan: Bahan Leuca tiasa oge digentos ku cangkang tangkil pami nu resepmah, cara masakna sami bae…tah sapertos gambar dihandap ieu…

IMG_3196

Mangga, wilujeng...mugia kaangge.
Cag ah, baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.



7 Jun 2010

Egoisna kuring…

egoisna kuring... Mindeng pisan kuring ngaheureuyan (maksudna ngajailan) jeng sagala cara tur muslihat mitnah manehna haha *kejaaan, nyaaa maksudnamah urang duaan teh sok silih oleg sangkan jadi geuleuh, gemes, atawa pikasebeleun. Tapi oge teu jarang lamun keur heureuy kitu tungtungna teh teu saperti harepan mimiti nu tadina hayang silih gonjak sesuseurian tapi kalah jadi maranyun parasea pernah oge nepi ka ceurik nu sajadi - jadina. Tah eta sok mindeng karandapan ku kuring lamun keur mangsa hate keur rarungsing atawa kabeneran w keur sial dina waktuna.

Mood manusa teh teu salalawasna lempeng, nyeta sok robah robah lir ibarat pangombakan laut nu sasakali mempeng tarik tapi oge bisa wae ujug - ujug langsung karasa sepi ciga gaang nu katincak. Kuring kagolong manusa nu gampang pisan barobah kahayang hate, teu peduli aya sebab atawa heunteu sama sakali, tapi seringnamah ku sabab...yen nu jelas atawa sabalikna, saeutik atawa loba teu pedulilah, pokoknamah eta pasifatan kuring nu aneh. Jalma - jalma nu disakuliling kuring ges papada ngarti tabiat kuring nu hiji ieu, meureun bisa diabuskeun kana kategori nu plinplan tea, meureun oge disebut ku pasifatan nu egois nya, tapi oge da kuring teh jalma nu lumayan cukup toleran papada ngarti ningali diri *tuuuh pan plinplan.

Tapi untungnana teh, bebende kuring sabarna beak tikarep lamun keur nyingharepan sifat kuring diluhur, nya memang ges kabuktian sakali - sakali kecap nu mindeng dikedalkeun teh, samodel "i love u, akang nyaah ka salira" eta kabuktian pisan alias lain ngan sakur kecap nu teu guna samata, sabab kuringge ges ngarasakeun rada kadeudeuh manehna ka kuring sacara nyata. Sakapeung kuring sok ngarasa karunya oge ka manehna nu ditakdirkeun paamprok jeng kuring nu ngabogaan pasifatan nu pikasebelen ieu, tanngtuna moal babari pikeun manehna, kitu ge meren hatena teh bener nyaah kacida ka kuring teh, sakali deui kuring tegeskeun yen kuring ngarasa bagja jeng manehna.

Pernah dina hiji isuk kuring ngarasa bagja kacida pas hudang sare pinuh ku rasa nu kacida bungahna sono ka manehna, tapi pas beurengna kuring lier ku pagawean nu narumpuk beak tikarep nu ngamatakeun kuring naek darah, nu antukna kurinng ngan bisa amuk - amukan dina jero hate, tungtuna nu jadi korbanana mah nya bebende hate kuring sorangan nu jadi korban, kuring ambek - ambekan ka manehna teu puguh tanpa sabab hhhhh.

Engkang...hampura kuring nu mindeng nyieun salah pikasebeleun.
mugia teu bosen nyabaran :D



15 Mei 2010

Lutung Kasarung


Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti prameswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakanca, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih, nu katujuh Purbasari. Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun badé tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh Purbasari lain Purbararang, putra cikalna.
Prabu Tapa Ageung : Anaking, Bapa téh geus ngarasa kolot, kulantaran kitu Bapa rék tatapa di leuweung. Tuluy gaganti Bapa téh anu ngolah ieu nagara nyaéta Purbasari.
Purbararang : Tapi Pa? Naha lain abdi anu ngagentos Bapa téh? Lain abdi téh budak anu pangkolotna?
Prabu Tapa Ageung : Bapa milih Purbasari kusabab Purbasari téh bangun pisabareun, pibageureun, leuwih ti nu séjén. Kusabab kitu Bapa leuwih percaya ka Purbasari dina ngolah ieu nagara. Pokona mah ieu kaputusan geus mutlak jeung teu bisa dirobah deui

Tuluy Prabu Tapa Ageung indit tatapa ka leuweung.
Purbasari : Teu bisa kitu! Kuring teu narima! Kuring salaku budak cikal ngarasa dihina jeung asa ditincak hulu ku adi bungsu sorangan. Pokona kuring nu bakal ngolah ieu nagara. Purbasari, manéh indit…!!!

Purbasari diusir ti Karaton jeung dipiceun ka Gunung Cupu.

***
Kacaturkeun di Kahyangan, Guruminda putra déwata cikalna, titisan Gurian Tunggal ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu.
Guruminda : Ambu, abdi bieu ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Ambu.
Sunan Ambu : Jung geura téangan pijodoeun hidep anu sarupa jeung Ambu. Tapi ulah torojongan, anggo heula ieu raksukan… Lutung…!!!

Janggelek Guruminda rupa jadi lutung katelah Lutung Kasarung.

***

Kocap deui di nagara Pasir Batang… Niti Suwari ngersakeun haying tuang daging lutung. Tuluy nitah Aki Panyumpit pikeun néangan lutung ka leuweung.
Niti Suwari : Léngsér! Kuring téh haying dahar daging lutung.
Aki Panyumpit : Mangga juragan.

Di leuweung…
Aki Panyumpit : Ka mana nya lutung téh? Meni ka sepi euweuh sasatoan pisan ieu leuwung téh?

Aki Panyumpit geus pegat pangharepan. Barang rék muang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Barang rék disumpit, lutung téh nyoara.
Guruminda : Eh, Aki bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho nu ngaranna karaton.
Aki Panyumpit : Ih bisa ngomong lutung téh! Heg atuh ari kitu mah, sok geura turun!




Lutung Kasarung dibawa ka Karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang anu teurak, teu bias dirogahala.
Niti Suwari : Aya naon Léngsér, asa rariweuh katingalina!
Aki Panyumpit : Ieu lutung meni ka hésé dipeuncitna, na kumaha atuh ieu téh Juragan?
Niti Suwari : Pasrahkeun wé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.

Eta lutung téh dipasrahkeun ka Purbararang. Purbararang keur ngagembrong ninun barang Lutung Kasarung nyampeurkeun. Tuluy koloprak téh taropong Purbararang murag ka kolong Balé.
Purbararang : Cing lutung, pangnyokotkeun taropoong di kolong Balé!

Tuluy éta taropong téh dicokot. Ari béréwék téh dibebekeun jadi lima, sor disodorkeun ka Purbararang.
Purbararang : Jurig lutung! Taropong Aing sabogoh-bogoh dibebekeun! Léngsér! Teu sudi Kuring mah, anteurkeun Si Lutung ka Purbasari di leuweung!

Tuluy Lutung dianteurkeun ku Aki Panyumpit ka Purbasari di leuweung.
Aki Panyumpit : Neng, ieu lutung pamasihan Purbararang kanggo pibujangeun
Purbasari : Eh, Léngsér, geuning si Tétéh téh aya kénéh adilna, sanajan lutung ogé teu kunanaon, tamba keueung di leuweung. Hatur nuhun béjakeun ka si Tétéh.
Aki Panyumpit : Mangga Néng.

Caturkeun di sisi leuweung, Purbasari ngagolér dina palupuh sabebek, di hateup welit sajalon. Lutung Kasarung ngangres ninggal kaayaan putri anu sangsara.
Guruminda : Deudeuh teuing Putri téh nalangsa pisan. Kuring rék neneda ka Sunan Ambu, neda sapaat para Bujangga, niat misalin meungpeung Purbasari saré kénéh.

Raksukan digedogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan, Panejanan tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggleg karatonna leuwih agréng ti nagara. Tempas saré Purbasari jadi kasur tujuh tumpang, disimbut sutra Banggala, disumpal ku benang emas. Janggelek Guruminda jadi lutung deui..
Purbasari : Ya Allah, naha jadi karaton ano agréng leuweung téh? Alhamdulillah ieu kanikmatan téh meni ka ajaib.

Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara Pasir Batang. Purbararang tambah sirik. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah Purbasari.
Purbararang : Awas manéh Purbasari! Urang bakal ngancurkeun sagalana!

Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna PUrbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, pageulis-geulis rupa. Tapi rahayat jeung jaksa mutus teu weléh Purbasari nu unggul.
Tungtungna Purbararang ngajak pakasép-kasép beubeureuh. Sakasép-kasépna lutung moal ngéléhkeun sagoréng-goréngnana manusa.
Purbararang : Purbasari, ayeuna manéh bakal éléh kusabab beubeureuh kuring mah manusa ari manéh mah beubeureuhna ngan lutung!

Purbasari ngan bisa cicing rumasa éléh, tenggekna kari saketokeung di teukteuk. Tuluy Lutung Kasarung ngagedogkeun raksukanana, baranyay hurung janggelek jadi Guruminda deui.
Purbararang : Indrajaya, paéhan éta lutung jadi-jadian, beubeureuh si Purbasari!

Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanna.
Indrajaya : Ku Aing paéhan sia!

Dina ahirna, Purbasari ngadeg Ratu di nagara Pasir Batang jadi prameswari Guruminda. Ari Purbararang jadi pangangon. Indrajaya dihukum jadi pangarit. Nagara Pasir Batang jadi maju dina pamaréntahan Purbasri jeung Guruminda.

Carita/ dongeng diluhur tur gambar dicandak ti: Rendy Bambang Junior
Cag ah, baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Cutatan: Wilujeng milangkala kangge kang Iman anu kaleresan nuju udur.


25 Apr 2010

Korejat

“Leuh gusti, ari ieu teh Neng Lilis putrina si mamah nu pang gedena teh?”
”mmm...muhun" tembal kuring bari semu kerung hariweusweus ninggali sakuliling petempatan nu asa teu asing dina ingetan, kuburan aki kuring!
"hilap deui ka ema?" tanya menehna bari halon ngusapan buuk kuring
"mmm saha nya?" tanya kuring bari nyengir
"duuuh gusti ges gede deui gening incu teh, ari sugan teh moal hirup maneh teh cu!" bari ngagabrug
Kuring ngan bisa cicing bari reuwas ninggali ka palebah mata si mamah, katinggali cipanon ngareclak kana damisna.
"ieu teh buyut maneh cu, pentes w atuhda teu inget ge atuh da can pernah mangku ma uyutmah"
"Hah" kuring beuki kerung ngadengena bari teg teh hate rada sieun teu wani ngalepaskeun leungeun nu keur meulit kana awak kuring harita teh, leungeun ti nini - nini nu ngakuna yen manehna teh uyut kuring
"sa sa sanes ma uyut abdimah tos parupus sadayana ge?"
Heueuh geulis, tong sieun, tong hariwang...ma uyut mah menta widi heula sakeudeung ka malaekat pikeun panggih jeng maneh sakeudeungmah dina pangimpian"
atuhnya kuring teh beuki reuwas, cur kesang lembut kesang badag, kesang tiis kesang panas ngadenge jawabana teh.
korejat hudang ngagorejag bari rurat reret kasakuliling kamar kuring nu poek mongkleng...da puguh w geuning keur aliran listrik teh...nyiwit leungeun ngayakinkeun lamun kuring teh ges hudang alias teu keur aa dina pangimpian deui.

Cag ah, baktos simkuring: Lilis Mayasari, nu kahudangkeun tengah peuting.


20 Apr 2010

Bangbung Hideung

Update bewara: Innalillahi wa innaillaihi rojiun, parantos tutup yuswa seniman sunda asal Kota Bandung, Detty Kurnia (49) di RS Hasan Sadikin Bandung, Salasa enjing tadi. Mugia ditampi iman islamna, dicaangken pakuburanana :'(

Carita basa dua bulan katukang kuring mulang ke lembur, keur aya acara imtihan di lembur nini kuring. Kabeneran kapi adi kuring teh miluan marigél euyah dina acara eta teh, nya atuh kuring teh indit ninggalian kadinya bari nunungtun adi kuring nu bungsuna, jabaning samemehna da memang gés dipenta tulung ku Mamang kuring teh piken motoan sajepret dua jepretmah cénah jang kenang – kenangan motoan si Ujang jéng si éneng.

Acarana teh dimimitian ti jam 9 beurang, rada tereh jeng panbeja ti si Mamang samemehna nu ngomong yen acara teh dimimitianana jam 10. Nyaa kuring teh atuh karek jam 10 indit ti imah teh (jarak ti imah ka lembur nini teh kira – kira aya sakiloan). Népi kadinya teh hanjakal pisan, kapi adi kuring nu pangleutikna mah gés kaliwat ngigélna teh, tapi cénah da aya keneh hiji lagu deui engkin sore.
Kuring teh nya motoan we sababaraha jepret didinya teh samemeh indit ka Ciparay (ngaran Dayeuh tempat adi kuring nu lalaki sakola) pikén ngahadiran rapat orang tua ngawakilan indung bapa.

Beres balik ti sakola kuring balik deui ka lembur nini, bari Alhamdulillah gés disampakeun tuang liwét nyarambel jeng sadulur – dulur didinya nu kabeneran keur araya, da poénan libur harita teh...cénahmah ngahaja nungguan kuring beh balakecrakan heuheu. Beresna tuang kuring ngadaweung heula dina teras si Mamang bari garandeng ge ku sora pangeras/ sapekér ti buruan Masjid nu keur nabuh barudak imtihan tea.

Tuluy kuring hanjat ke beulah tonggoh nunungtun adi kuring nu bungsu jang ninggali kapi adi nu sakeudeung deui rek maju ka panggung cénah bari teu poho mamawa kamera nu gés disakuan dina calana. Alhamdulillah géning teu kaliwatan deui motoan kaparigelan kapi adi teh nu cing rancunit ujat ajet dina luhur pangggung kuring sésérian ninggali padukdeukna eta barudak teu bareunang diatur posisina..aya nu beuki maju, beuki mundur, jéng parohoan deui gerakan – gerakan ngigélna haha dasar barudak.

Peutingna acara teh masih keneh araya, tapi nu tarampil teh barudak gedena, tatarian, pidato dakwah jeng bobodoran nu aya dina acara panunggungan (Bentang bodorna Mamang kuring nu pangais bungsu haha). Keur lalajo kitu Mamang kuring datang nyampeurkeun ngomong yen engke bakal aya tari Jaipongan (dina jero hate kuring heran, Naha boro mah eta teh acara imtihan barudak ngaji tapi naha dibandungan titadi teh lolobana nu jaroged dangdut, pop…jeng ayena rek ditambah Jaipongan???) haha kuring mah ngan ukur bisa lalajo we wungkul lumayan jang hiburan bari sasakali mah ngajepret moto lamun aya nu alus.

Tuluy caritana teh budak lalaki jeng awewe (saumuran jeng kuring) ges naek kaluhur panggung teh, cenah rek duet jaipongan nu judulna teh Bambung/ bangbung hideung bari gés lengkep mamake kabaya beureum eta budak awewe teh, jeng lalakina make baju batik (huahaha teu nyambung pisan pikir kuring teh). Tapi ari ku kitunamah harita teh panonton nu didarinya teh pada ngarumpul baru nyaruitan jeng ngareprokan…tapi aya pamuda nu cing celetuk teh ngomong “naha bangbung hideung teh beureum eta mahnya!” barakatak teh panongton loba nu sareuri kaasup oge kuring harita teh.



CIMG2642

Derr kaset lagu Bangbung hideung teh diputer, sapanjang lagu eta diputer kuring mencrong asa ngabirigidig ninggalikeun nu daruet eta jaipongan, bari sasakali kuring keprok lamun pas dina mangsa adegan tari nu haradena kitu deui jeng panongton nu sejen ogé….dipirig ku musik nu hade jeng gerakan seni tarina nu hade diacungan jempol….duh waas! Tah Sanggésna kuring tatanya ka budak lalaki nu joged tadi da panasaran kana laguna, Alhamdulillah eta lalaki teh teu pédit mere beja yen eta lagu teh cenah ti Rika rafika , judulna bambung hideung heuheu….kuring nganuhunkeun ka manehna. Alhamdulillah kamari kuring maluruh dina Google menang eta tagu teh, sapo jeput eta lagu diputer dina winamp komputer kuring hahay….tah bilih dulur – dulur bade ngunduh mangga bujeungan bae ieu surélék:

http://www.4shared.com/audio/SVuecqG8/Rika_Rafika_-_Bangbung_Hideung.html

Deuuuh sok ingét mangsa katukang kuring keur leutik, lamun gés pareng datangna imtihan teh ngadadak asa rajin hayang buru – buru indit ka pangajian teh, da sidik balikna bari latihan pidato jéng ngigél haha....résép jabaning da bakal dipangmeulikeun baju anyar jang kana panggung.

CIMG2607 CIMG2615 CIMG2617 CIMG2632 CIMG2638 CIMG2640 CIMG2660 CIMG2672 CIMG2595 CIMG2598

Dokumentasi Foto: Lilis Mayasari.

Cag ah,
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya



12 Apr 2010

Carpon: Misbahudin

art (1)

Foto: Jalan motong (satapak) ka sakola SD, Cidodol – Bahuan (Lilis Mayasari).
Keur jaman sakola SD baheula angkatan kuring sakelas teh aya 35 urang murid, tadina mah aya 33 ketang, ngan basa naek ka kelas opat datang dua murid anyar, maranehna datang ti beulah Bandung nu rada ngota ngaranana teh si Penti jeng si Misbah (ngaran aslina Misbahudin). Ari si Penti mah budak awewe nu jangkung, buukna panjang lurus, sedengkeun si Misbah mah budak lalaki nu boga awak nu jangkung gede, bisa disebut pangkasepna harita mah, dibandingkeun jeng si Jujun atawa si Landak mah nu baragajul olol leho...nya kabuktian, loba babaturan wewe sakelas kuring nu jumlahna aya kana 20 urang nu katingalina kapentang asmara ku eta budak kaasup kuring salah sahijina haha.


Tah hiji mangsa barudak baragajul olol leho CS-an si Jujun teh arindit ulin rek marulung muncang cénah di kebon Pak Rubama, nu kabeneran di handapna teh aya susukan. Tangkal muncang pak Rubama teh leubeut kacida, unggal poé teu wéleh aya wae muncang nu marurag ka wahangan, tapi hanjakalna pak Rubama teh katelah galakna kacida ciga maung, laum manehna gés ambék hohoak barudak teh cing pelecir lalumpatan, nya jadi sabisa – bisa mah kudu waspada ulah nepika garandeng kapergok kunu bogana. Harita si Jujun teh ngajak si Misbah (murid baru tea) piken mulung muncang didinya, ari ku kuring mah gés kabaca yen manehna teh boga niat rek ngajailan eta budak kota. Nya tapina da dasar budak lalaki daek we diajak teh, jabaning kuring ge moal mungkin ngalarang manehna, da sidik can wawuh tea, gengsi tur boga keneh ka era mah harita teh heuheu.

Ari kuring mah harita jeng babaturan awewe teh kawas biasa ngaradon mulung asem, teuing kunaon kuring resep pisan pabalap balap eta kadaharan nu teu lazim, padahal mah mun dipikir – pikir ayéna mah jang naon da lamun gés meunang ge da tara di dahar, nu aya mah kalah nyeuri beuteung atawa di bikeun ka si Mimin atawa ka si Leni nu harobi pisan nambulan asem, reusép we meureunnya lulumpatan ngesang lah. Tapi hanjkalna si Penti mah harita teh teu ngilu mulung asem da sabab ceunah mah manehna teh keur gering, jadina teu bisa asup sakola. Tapina lain ngan barudak lalakina wungkul nu meunang kasusah teh, barudak awewe nu mulung asem ge boga rasa kasieun, sabab eta tangkal asem gede teh padeukeut pisan jeng kuburan samoja (kuburan hiji awewe nu maot basa waktu ngajuru, dikuburanana teh pinuh ku tangkal samoja kembang kayas jeng bodas...jeng loba nu ngadarongeng yen "aya jurigan"), jabaning teu jauh oge ti patempatan barudak lalaki marulung muncang.

Caritana basa waktu barudak lalaki CS si Jujun teh ngajailan si Misbah, nyaéta nitah si Misbah pikeun nyokot muncang dina wahangan maranehna lalumpatan bari cocorowokan patarik - tarik sangkan pak Rubama teh kaluar ti kandangna imah, da sidik si Misbah mah murid kota anyar nu teu apal nanaon...tah wanci eta barudak olol leho teh buru - buru ngabaleucir ninggali pak Rubama kaluar ti imahna mukakeun panto, si Misbah reuwaseun...atuh buru – buru manehna hanjat kana gawir rek ngiluan kabur jeng nu lian, tapi hanjakal manehna teu ahli tuak taek gawir nu léér, nu antukna atuh langsung ti soledat labuh kana wahangan, sukuna misalah (keseleo)...manehna cérik ngararasakeun tatu dina sukuna.

Kabeneran teuing kunaon harita teh kuring bét hayang balik heula ka imah sabab ku lapar, kabeneran imah kuring teu jauh ti sakola, lamun ku lumpat "kuda" beunang 7 menit ge langsung nepi hareupeun teras. Balikna, kabeneran pisan kasampakeun hawar – hawar kuring ngadenge sora aya nu ceurik, harita kuring teu langsung nyampeurkeun da sieun tea ku jurig, kuring ngarempod cicing handapeun tangkal kalapa bari bijil kesang lembut kesang badag....rek ngaliwat teh sieun kacida, niat kuring harita hayang balik deui we ka imah, jabaning katingali aya pak Rubama di hareupeun panto imahna...deuh kumaha yeuh pikir kuring!
Tapi pas ditilik – tilik di handap gawir teh katingali ciga aya leungeun keur muntang kana jukut gawir, leuh kuring kukuceuk mata da bisi salah titingalian harita teh...ah kuring teh panasaran, kuring maju salengkah...bari ngitung ramo – ramo,
Maju...
Entong...
Maju...
Entong...
Maju...
Entong...
Maju...
Entong...
Maju...
Entong...
Aaaah da entong, kumaha yeuh pikir na hate teh, tapi da kuring teh panasaran bisi nyaan jelema, kuring maca Bismillah bari leumpang semu lumpat...Baruk, gening katingali aya budak lalaki di handap teh keur cirambayan, si Misbah!
Kuring buburu nyampeurkeun bari nanya...kenapa kamu teh? (Si Misbah teh teu pati bisaeun nyarita basa sunda)
“ini, kakiku keseleo” pokna teh bari nyusutkeun cimata da era meureun ditinggali ku awewe... *anu bageur tea hihi*
“alaaah, kumaha atuhnya” bari halon kuring karunya ningali mahena nu keur kanyenyerian.
Haat hate kuring harita teh, tapi kuring teu mungkin bisa nulungan ngangkat manehna atawa narik leungeunna kaluhur da sidik kuring budak awewe leutik, berat awak ge ngan sakur 25 kilo harita teh, teu mungkin bisa ngangkat anak gajah *haha tong ngambek bah*. Ah kuring teh teu make pikir panjang deui, ngawani – wanikeun maneh pikeun menta tulung ka pak Rubama, da meren sagalak – galakna manehna moal mungkin tega meureunan nganteup.

Ari pekteh Alhamdulillah, énya we geuning di sampeurkeun di penta tulung teh manehna langsung buru - buru lumpat nulungan, malahan mah si Misbah teh dibawa ka imahna pikeun di ubaran, di urut sukuna...nya kuring ge milu abus ka jero imahna ninggalikeun si Misbah di urutan bari aya karunya oge cirambayan nyerieun semu ngajerit leutik nahan kasakit.

Kuring ninggali eusi imahna loba parabot nu hargana teu sapira, harurung harerang, kuringge ninggali aya loba piala nu ngajalenjreng dina lomarina, geningan manehna teh guru (panjang caritana mah manehna teh jadi guru kuring di SMP gening hahay). Jeung geningan da bageur manehna teh, teu ciga nu aya dina pikiran kuring jeng barudak sakola lianna nu ges mangtaun – taun kasieunan ku pake Rubama, pedah we eta nada ngomongna gés kitu tibaheula, ciga nu ambeuk heuheu.

Sanggés beres di urut teh si Misbah tuluy dibawa ka sakola bari di aakod, kuring nuturkeun ti tukangeun dibarengan hate nu asa bulingah sapapanjang jalan.

Tah hikmahna mah pamiarsa, ti poé eta kuring teu sieun deui ngaliwat ka gawir deukeut imah pak Rubama teh, jeng si Misbah ge jadi wawuh rada deukeut ka kuring...nya atuh laloba nu saririk barudak awewe nu lian teh, ngan hanjakal ari gés wawuh budak eta teh sok nunutur kuring, jadina teh lila kalilaan mah asa ilpil (ceuk basa barudak ayeuna mah haha, hampura ketang bah ah heurey...mun pareng salira maca ieu postingan, hampura kurang leuwihna nya kang misbah, dimana atuh ayeuna teh, meni teu keucet2 atuh???).
Hampura dak ah...sono pisan ka sobat baheula, teuing ngalencar kamarana :(

Cag ah,
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya - Bandung 11 April 2010 (nu cape karek mulang ti lembur).


1 Apr 2010

Kaulinan barudak sunda baheula

Saméméh kaulinan komputer sarupaning Sega, PSP, atawa Nintendo datang, barudak leutik di Tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manéhna sabada diajar atawa mantuan kolotna, ayeuna mah cigana geus langka pisan, kajabaning di lembur - lembur leutik ciga lembur simkuring meureunan hehe.

Beda jeung kaulinan elektronis nu sipatna nyorangan, rurupaning kaulinan heubeul ieu biasana kudu dipaénkeun ku leuwih ti saurang. Sipat ieu tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis ngadidik budak jadi teu kaiket/mahardika/independen, ngulik jeun kompetitip. Sabalikna, kaulinan heubeul ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuheuyeuk leungeun. Sawatara jalma boga pamadegan yén ieu téh aya hubunganna jeung sipat barudak ayeuna, hartina masarakatna nu bakal kahareup, anu leuwih gedé rasa kasoranganana jeung turun rasa babarenganana.

Dua sifat ieu aya goréng aya alusna, teu bisa dibédakeun hideung bodas. Ieu tangtuna tangtangan pikeun kolot supaya bisa ngawanohan budak jeung dunyana supaya kahareupna generasi hareup jadi generasi nu mardika, kompetitip, ngulik tapi teu égois, atawa boga 'rasa sosial' nu lemes.

Salian ti ngajarkeun rasa babarengan éta, hiji ciri lain kaulinan barudak lembur baheula téh biasana mah tara leupas ti kakawihan, sanajan kawihna ngan saukur kawih pondok tur leuwih deukeut kana hariring tibatan kana ngawih. Contona, dina kawih kaulinan pelak cau nu ngabogaan pancén "nyabut" bibit cau kudu uluk salam heula maké kawih. Kusabab ieu, loba nu ngahijikeun kakawihan jaung kaulinan budak.

Tah, Dina daptar di handap disebutkeun rupa-rupa kaulinan budak Sunda:

- Ambil-ambilan: kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan.
- anjang-anjangan: kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.
- bébénténgan: kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb.
- béklen: kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.
- boy-boyan: Ieu kaulinan salah sahiji kaulinan nu paling dipikaresep ku simkuring di lembur kapungkur. Kailinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.
- congklak: kaulinan maké papan kai dieusi kewuk.
- cacaburangé: kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing.
- cingciripit: kaulinan bari kakawihan.
- damdaman: kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.
- endog-endogan: kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.
- empét-empétan: kaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.
éncrak kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.)
- éngklé: kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
- galah asin: kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.
- gatrik: kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.
- gugunungan: kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul.
- hahayaman: kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.
- jajangkungan: kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang
- luncat tali/ luncat tinggi: kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun (biasana tina karet geulang).
- ngadu kaléci: kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.
- oray-orayan: kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor.
- paciwit-ciwit lutung: kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih
- pérépét jéngkol: kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.
- pelak cau: kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.
- sérmen: kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.
- sondah: kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.
- sorodot gaplok: ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
- ucing-ucingan: kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.
-  Galah Jidar
-  Ucing Baledog
- Popolisian
- ucing sumput: kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.
Aya nu bade nambihan manawi???


Dicandak Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda.
Foto ti: widjana.deviantart.com

Cag ah,
Baktos simkuring Lilis Mayasari nu ker sono ka lembur baheula.


24 Mar 2010

Mitinéng sajarah Bandoeng Laoetan Api

bandung lautan api

Monumen sajarah Bandung Lautan Api.

Hiji mangsa dina bulan Maret taun 1946 (salapan belas opat puluh genep), dina sakilat waktu nyaeta kurang lewih 7 jam lilana, sakitar 200.000 (dua ratus rebu) panduduk di ngukir sajarah ku cara ngaduruk imah jeng harta banda maranehna nu nyesa, ninggalken kota Bandung piken pikeun indit bajoang ka pagunungan di Selatan.
Sababaraha taun kaharepna, lagu "Halo - halo Bandung" di ciptaken pikeun ngalambangkeun emosi maranehna, sairing jangji nu patri yen hiji poe rek balik deui ka lemah cai maranehna nu dipika cinta, nu ayena ges tumpur ngajadi lautan api (pinuh ku seuneu).

- Insiden paristiwa Nyoekeun Bandera.
Sangges proklamasi kamerdekaan tanggal 17 Agustus 1945, Indonesia can bisa ngarenghap tenang lahir batin sapinuhna ngarenghap rasana mardeka. Kamerdekaan kudu di keureyeuh heula saeutik saeutik ku cara pajoangan rakyat nu rela ngorbankeun sagalana pikeun kahirupan anak incu jaga. Sangges Jepang eleh, tangtara Inggris datang pikeun ngalucutan tangtara Jepang. Maranehna kongkalikong jeng Walanda (Tangtara NICA) jeng ngamangpaatken Jepang piken ngajajah deui nagara Indonesia.

Aya warta dibacaken teks proklamasi kamerdekaan di Jakarta teh katarima di Bandung ti Kantor Berita DOMEI dina poe Juma'ah isuk isuk, 17 Agustus 1945. Isukna, tanggal 18 Agustus 1945 téh cetakan teks eta ges nyebar. Di cetak make mangsi warna berem ku percetakan Siliwangi. Di gedung Denis, Jalan Baraga (ayena Bank Jabar), kajadian insiden nyoekeun Bandera nu warna biru nyaeta bandera Walanda, sahingga warnana tinggal beurem jeng bodas wungkul (Bandera Indonesia). Paristiwa nyoekeun eta make pakarang bayonet nu dilakuken ku hiji pamuda Indonesia nyaeta Mohammad Endang Karmas, dibantuan ku Moeljono.

Tanggal 27 Agustus 1945 dibentuk hiji organisasi nu dingaranan Badan Kemanana Rakyat (BKR), di susul ku ngabentukna Laskar Wanita Indonesia (LASWI) dina tanggal 12 Oktober 1945. Jumlah anggotana 300urang, diwangun ku bagean pasukan tempur, Palang Merah, Penyalidikan jeng Perbekalan.

Paristiwa nu ngabeukikeun kacau situasi kajadian dina tanggal 25 November 1945. Salian ti nyanghareupan serangan musuh téh, rahayat nyanghareupan banjir nu rongkah oge kualatan caahna leuwi Cikapundung harita nu ngabalukarken ratusan korban kabawa teuleum jeng rebuan panduduk kaleungitan panyalindungan hirup. Kaayaan ieu di mangfaatken ku musuk piken nyerang rahayat nu keur dipaparinan musibah.
Sagala rupa tekanan jeng serangan terus dilakuken ku pihak Inggris jeng Walanda. Tanggal 5 Desember 1945, sababaraha pasawat terbang Inggris ngabom daerah Lengkong Besar. Dina tanggal 21 Desember 1945, pihak Inggris muragken bom jeng rentetan tembakan nu teu pandang bulu di daerah Cicadas nu antukna ngabalukarkeun loba tumpurna korban.

- Bandoeng Laoetan Api.
Ultimatun piken Tentara Republik Indonesia (TRI) ninggalken kota jeng rahayat ngalahirkeun politik "bumihangus". Rahayat teu rela lamun kota Bandung di mangfaatkeun ku musuh. Maranehna ngungsi ka daerah kidul/ selatan jeng para pajoang. Kaputusan jang ngabumihanguskeun Bandung dicokot dumasar kana musyawarah Majelis Persatuan Perjuangan Priangan (MP3) di darepeun sakabeh kakuatan pajoang, dina tanggal 24 Maret 1946.

Kolonél Abdul Haris Nasution salaku Komandan Divisi III, nyalabarkeun hasil musyawarah eta sarta maréntahkeun rahayat pikeun ninggalkeun Dayeuh Bandung. Poé éta ogé, rombongan nu nyicingan Bandung ngalir panjang ninggalkeun dayeuh. Bandung ngahaja diduruk ku TRI sarta rahayat jeung maksud ambéh Sekutu henteu bisa makéna/ nyicingan deui. Di ditu didieu haseup hideung ngebul ngabubung luhur di langit. Kabéh listrik mati paeh. Inggris mimitian nyerang nu ngabalukarken perang rongkah téh kajadian. Perang anu pang rongkahna lumangsung di Désa Dayeuhkolot, palebah kidul Bandung, di mana aya pabrik mesiu anu badag milik Sakutu.
TRI boga maksud ngancurkeun gudang mesiu eta. Ku kituna diutus pamuda Muhammad Toha sarta Ramdan. Kadua nonoman éta junun/ berhasil ngahancurken gudang eta make granat leungeun. Alhasil gudang badag éta ngajelegur sarta kabeuleum, tapi kadua pamuda éta ogé milu kabeuleum di jerona. Staf pamaréntahan kota Bandung mimitina mah baris tetep cicing di dayeuh, tapi demi kasalametan mangka dina jam 21.00 éta ogé milu kaluar dayeuh. Saprak waktu éta, kurang leuwih wanci 24.00 Bandung Kidul geus kosong ti nu nyicingan sarta TRI. Tapi seuneu masih keneh ngabubung ngaduruk dayeuh. Sarta Bandung ogé robah jadi lautan seuneu.

Pembumihangusan Bandung eta mangrupa kaputusan/ tindakan nu teu percuma, alatan kakuatan TRI sarta rahayat moal sanggup ngalawan pihak satru/ musuh anu ngabogaan kakuatan badag. Saterusna TRI babarengan rahayat ngalakonan ngalawan sacara gerilya ti luar Bandung. Kajadian ieu ngababarkeun lagu "Halo-halo Bandung" anu pinuh sumanget nu antukna sanggup ngobarkeun daya juang rahayat Indonésia.

Loba anu nanya panasaran ti mana istilah ieu mimitina. Almarhum Jenderal Besar A.H Nasution kainget waktu ngalakonan pasamoan di Regentsweg (ayeuna Jalan Dewi Sartika), sanggeus balik ti pasamoanana jeung Sutan Sjahrir di Jakarta, pikeun megatkeun tindakan naon anu baris dipigawé ka Dayeuh Bandung sanggeus narima ultimatum Inggris.

"Jadi saya kembali dari Jakarta, setelah bicara dengan Sjahrir itu. Memang dalam pembicaraan itu di Regentsweg, di pertemuan itu, berbicaralah semua orang. Nah, disitu timbul pendapat dari Rukana, Komandan Polisi Militer di Bandung. Dia berpendapat, “Mari kita bikin Bandung Selatan menjadi lautan api.” Yang dia sebut lautan api, tetapi sebenarnya lautan air”
A.H Nasution, 1 Mei 1997"

Istilah Bandung Lautan Api mecenghul ogé di poéan Suara Merdeka tanggal 26 Maret 1946. Saurang wartawan ngora waktu éta, nyaéta Atje Bastaman, nyaksian sorangan pamandangan dahsyat pembakaran Bandung ti pasir Gunung Leutik di sakitar Pameungpeuk, Garut. Ti penclut éta gunung Atje Bastaman nempo Bandung anu beureum ti Cicadas nepi ka jeung Cimindi.

Sanggeus anjog di Tasikmalaya, Atje Bastaman kalayan pinuh sumanget geura-giru nulis warta sarta méré judul Bandoeng Djadi Laoetan Api. Tapi alatan kurangna rohang pikeun tulisan judulna, mangka judul warta dipondokan jadi Bandoeng Laoetan Api.

Ari kiwari mah Bandung téh loba nu nyebut jadi lautan asmara atawa lautan runtah kitu nya? beu...
Postingan sajarah ieu di candak tina loba sumber.

Cag ah,

Baktos simkuring Lilis Mayasari/ Liezmaya.
hapunten bilih aya kirang langkungna, diantos koréksi di para dulur sadaya. Mugia jadi hikmah piken perjuangan hirup rahayat Indonésia kahareupeunana sangkan teu kagiridig ku bangsa deungeun (ngutip kang Ohang) hehe.



21 Feb 2010

Sajarah Singkat Mang Koko

Dina kasempetan postingan ayéna simkuring hoyong médar salah sawios tokoh Sunda nu kalintang gédé jasana pikeun sajarah kasenian Sunda, nyaeta Mang Koko tea nu tos makalangan, dugi ka generasi simkuring ayéna masih keneh séér nu mikabangga karya – karya anjéna.



mang_koko-01 Haji Koko Koswara, nénéhna Mang Koko, lahir di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917. Ramana Ibrahim alias Sumarta, anu aya teureuh ti Sultan Banten (Sultan Hasanuddin). Anjeunna kagungan putra 8, diantawisna Tatang Benyamin Koswara (ayeuna pupuhu Yayasan Cangkurileung) sareng Ida Rosida (salah sawios panembang kahot sareng kungsi maén sinetron "Inohong di Bojongrangkong"). Atikan anjeunna dikawitan ti HIS (1932), MULO Pasundan (1935). Mang Koko kalebet anu ta'at sareng patuh kana agamana (Islam).

Padamelanna dikawitan ti taun 1937, mangsa bangsa urang nyanghareupan révolusi. Saterusna patutur-tutur didamel di: Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Propinsi Jabar, guru anu saterasna janten Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonesia), Bandung, dugi ka pupusna ping 4 Oktober 1985.



- Bakat seni sareng karya-karyana.

Bakat senina ngocor ti ramana anu kacatet salaku juru mamaos Ciawian jeung Cianjuran. Saterasna anjeunna diajar ku nyalira ti seniman-seniman ahli karawitan Sunda anu parantos moyan, ogé neuleuman hasil karya widang karawitan ti Raden Machjar Angga Koesoemadinata (musikolog).

Anjeunna oge kacatet salaku anu ngadegkeun rupa-rupa pakumpulan kasenian, diantarana: Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946), "Taman Murangkalih" (1948), "Taman Cangkurileung" (1950), "Taman Setiaputra" (1950), "Kliningan Ganda Mekar" (1950), "Gamelan Mundinglaya" (1951), jeung "Taman Bincarung" (1958).

Oge anjeunna anu ngadegkeun sakaligus jadi pupuhu munggaran ti "Yayasan Cangkurileung" puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon. Anjeunna ogé anu ngadegkeun tur pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Kungsi anjeunna medalkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).

Karya cipta kawih-kawihna dikempelkeun dina buku-buku, boh anu kungsi dipedalkeun atawa anu masih mangrupa naskah-naskah, diantarana: "Resep Mamaos" (Ganaco, 1948), "Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952), "Ganda Mekar" (Taraté, 1970), "Bincarung" (Taraté, 1970), "Pangajaran Kacapi" (Balébat, 1973), "Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984), "Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984), "Layeutan Swara" (YCP, 1984), "Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jrrd.

Karya-karyana sanés ukur dina widang kawih, nanging ogé dina widang seni drama sareng gending karesmen. Dina lebah dieu kacatet, salah sawiosna nyaeta: "Gondang Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh Asih", "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon", "Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri Tampikan", "Si Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang", "Pangeran Jayakarta", "Nyai Dasimah".


- Pangajén ka Mang Koko.

mang_koko-02Mang Koko ginuluran seueur pangajén, boh anu asalna ti pamaréntah, lembaga atawa organisasi masarakat (LSM), upamana baé: Piagam Wijayakusumah (1971), salaku pangajén pangluhurna ti pamaréntah puseur (id: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan) dina kategori "Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan".

Tina riwayat ringkes kahirupan Mang Koko, urang patepang jeung hiji manusa anu enggeus masrahkeun jiwa, raga jeung bandanna pikeun kahirupan jeung kalanggengan seni, hususna seni Sunda. Jembarna, pikeun anjeunna, merenah upami urang ngaleleran gelar salaku "pahlawan panglelemes jiwa". Sabab, sakumaha kasauran anjeunna keneh dina salah sahiji kawihna, seni teh ngarupakeun panglemes jiwa.

Cag ah,
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya anu nuju murukusunu sono ka lembur indung :P
- Di cutat Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda.
- Gambar ti: Datasunda.Org




Pésén Admin

- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

TOKO ONLINE BAJU BUSANA MUSLIM SYAR'I MURAH
Mau belanja baju busana muslim, Gamis Syar'ie Murah Bekasi, perlengkapan rumah tangga, dll. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

 

Wilujéng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka dégét ayéna, nyaéta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

Nunutur

Nu Parantos Ngalongok

Copyright 2013 Tépas Pangacaprukan | Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!. ti taun 2006 dugi ka kiwari. Development by Jasa Pembuatan Website Murah