terang pan lotek?
tah gening ieu yeuh resep katuangan khas sunda nu enak teh
hehe.
Wilujeung nyobian ah.
Bahan:
Waluh, toge (omat togena kedah anu teu lempeng), kangkung diseupan, bade ditambihan ku kacang panjang ge mangga. Waluh di siksik stik. Kangkung dipotong2 daunna + gagangna.
Bungbu + Ngadamelna:
Uyah, gula beureum, cengek, suuk direndos dugi ka lemes, kanggo ngaledokan bungbu tambihan kulub kentang.
Tos lemes, tambihan ku cai asem kinten2 1 sdt ngarah gahar.
Brus seupan waluh, toge, kangkung. Teuras galokeun we. Raosan uyah gulana.
Tiasa dipurulukan bawang goreng, tambihan sareng kurupuk rorombeheun, peuleum pisaaaaaaaan.
dituang sareung sangu haneut, peda beureum...alah peuleum nikmaaat hehe
Tutumbu Carita diluhur:
4 pesen:
deuh pasti nikmat pisan da....komo dituang sareung sangu haneut + kurupuk rorombeheun + pindang/ asin :P
Sampurasun, punten ah simkuring bade ngadon ka saung anjeun...
kumargi simkuring teh urang sunda, sok ngaraos priharin kana perkawis kirangna perhatosan mojang atanapi jajaka kana budaya sunda utamina dina bahasa nu di anggo dina sadidinten tos di gentos ku bahasa indonesia anu gaul tea.
simkuring gaduh unek-unek, pami ngadamel carita pondok atanapi novel nganggo bahasa sunda, kinten-kintena kumaha?
Upami baraya kaleresan ngalangkung ka rajamandala mangga cobian lotek teh etti di cisadang mani raos pisan
@Kg. Supardi: rajamandala mana nu dimaksad teh? Cipatat sanes? Nuhun
Posting Komentar