Wilujeng sumping lur.

7 Nov 2007

Sastra basa Sunda : BANDÉRA KONÉNG

“Sok kudu kumaha atuh dék, kieu salah kitu salah, mun ceuk paribasa mah mobok manggih tikotok bobogohan jeung si Bola mah.” Si Suéb kukulutus ku teu puas kana kaputusan beubeurehna.

“Alloh Huakbar …Alloh Huakbar…”. “Aduh geus magrib eung kumaha atuh.” Kuring méngparkeun obrolan. Langit rada angkeub, hawar-hawar geledegan nandakeun rék turun hujan meureun. Na angkot ngangkleung ti Caheum majukeun ka Cileunyi, lebah pisan bunderan Cibiru aya awéwé jeung salakina jigana mah, da geuning jiga nu rada dituntun leumpangna éta awéwé téh, bari pepedengkelan nyabakan beuteung.

“A perih pisan, kumaha atuh teu kiat abi mah A, bilih abi pondok umur kadé nitip si Enéng nya”

“ Yeh ari étéh nyarios téh sok teu pararuguh, lain mah ngadoa sing énggal damang kituh. Enya sanés teu hoyong, tapi kapan saur Doktor…”.

“Kiri-kiri”

Teu lila ceuli kuring pindah dédéngéan ka jalma anu rék turun. Jeduk, “aduhh….”

Sirah jalma anu turun téh tidagor, gurunggusuh teuing tuda teuing aya naon, jigana aya téangeun, pasti pais kacang atawa asin cucut nu can béak kitu. Terus wéh pikiran kuring ngacapruk kamana mendi, tibatan ngadéngékeun curhatan Si Suéb nu teu puguh.

“Géhéng…bodlo…, ngalamun.. wéh, ngalamunkeun naon sih.” Si Suéb ngebug kana taktak.

“Ieuh kudu kumaha, dék jadi jangar..” omongna.

“Manéh geus jangar, komo urang” Témbal kuring.

Jadi ngan opatan na angkot téh ayeuna mah, Si Suéb, Si Étéh, Si Aa jeung kuring. Ké.. ké.. Eh enya ari supir moal kabawa, ari mobil saha nu mawa, aduh géhéng pisan ieu uteuk geus ngehéng, loba teuing ngadéngé Si Suéb ngacacang. Kipas wiper mobil geus dijalankeun, hujan geus turun, solat magrib kaliwatkeun, ningali Si Suéb – Si Bolana teu bogoheun, kuring jadi seuri sorangan, duh… gusti… hampura abdi. Panasaran nya saha Si Bola?, ngarana mah Rahma, di sebut bola sotéh, pedah awakna buleud kawas bola. Mobil ngalaunan da dierém ku supir, aya panumpang ayar awéwé duan ditariung hideung, baju coklat krém, calana hideung, nu hiji mah dikacamata. Kamana atuh gaya, mani saragam? Kuring nanya, tapi na haté. Payungna ditutupkeun, jigana geus balik gawé, teuing ulin, magribna kaléwatkeun teu nya?, na ari manéh, pikiran téh sok suudon, sidik manéh nu tas ulin, nu magribna kaliwat, ceuk kuring nyarékan manéh.

Lebah Cinunuk pas Borma.

“kiri-kiri, dipayun pa supir, pas gapura cét konéng” Si Étéh jeung Si Aa tarurun, payungna dibukakeun, ngasongkeun duit ka supir terus arindit. Ningali warna gapura, pikiran kuring geus ngalayang deui inget ka warna hiji partey, atuh kampanyeu wahé geus teu usum ogé, yéh ari kuring naha, kapanan ayeuna téh jamana orde répormasi, jamanna bébas, bébas milih, bébas SPP, pokona mah sagala bébas kaasup bébas meuli béas nu macem-macem hargana jeung jigana bébas ngala suluh deui di leuweung, jang hawu da geuning minyak lantung na gé geus jarang, da loba dianalisis ku pamaréntahna nu tanda kutip. Geuleuyeung deui mobil indit, lain mani satia nya ieu mobil maturan dununganna, jigana tiisuk jedur nepi kawayah kieu, pikeun ngabélaan kahirupan kulawarga dunungan nana. Na ari kuring duit ti kolot kénéh, can bisa néangan pakasaban, bisana téh méakeun hasil kasab kolot.

“Kopin… Nangor….Kopin…Nangor” hawar-hawar sora kendék nu ngagero calon panumpangna. Hujan geus raat, kuring jeung Suéb turun tiheula bari mikeun ongkosna ka supir.

“A…a.. ieu punten kakantun, murag tadi panginten”

Ceuk dua awéwé bari ngasongkeun amplop bodas. Pikir kuring naha wayah kieu aya nusadar mere duit ka kuring. Terus Suéb ngarebut amplopna.

”Dieukeun nu dék ieu mah!”.

Sabari diilikan, digalar digilir.

“Lain, ieu amplop naon nya, nu saha?.”

“Cing baca atuh, éta aya kop suratna. Ngajeblag hideung tulisan na téh “POLIKLINIK AZHAR”,

“géhéng geuning aya tulisan poliklinik sagala, surat naon nya!?”.

Kuring duaan sing haruleung, bingung mikiran.

“Tenang..tenang.. ayeunamah mendingan urang dahar heula, lain ti isuk can dahar” omong kuring jiga heueuh nu tenang padahalmah bingung.

“ Mang, lélé dua paké nasi”.

Sabari nungguan pecel lélé, kuring neruskeun obrolan nu tadi.

“Lain ari ieu kira-kira surat nusaha jeung surat naon?”.

Omong Suéb bari kerung. Ké…ké…tadi téh asa aya penumpang anu naékna pas bunderan Cibiru, pikir kuring langsung na haté, moal salah deui ieu téh surat anuna, jigana surat pikeun panganter ka doktor.

“ Jiganamah ieu surat téh surat Si Étéh jeung Si Aa”. Tembal kuring.

“Nu mana, nu tadi turun di Borma lain. Trus kumaha atuh?.” Ceuk Suéb. Mangkaning harita téh aya kana jam dalapannan, dahar geus réngsé. Kuring jeung Suéb jalang jéléng teu puguh haté, kudu dikumahakeun ieu surat. Mun teu salah mah Poliklinik Azhar téh aya dibehkuloneun péngkolan IAIN.

“Cing ari tidieu ka bundeuran cibiru sabaraha menit?” omong kuring ka Suéb. “Aya kana saparapat jam mereun.”

Teu dipikir deui kuring langsung ngajak Si Suéb indit deui ka Cibiru dek ka Poliklinik Azhar, soalna mun langsung dibikeun ka imahna nuboga, kuring bingung da teu nyaho alamat-alamatna acan jeung kuring teu wasa pikeun muka éta surat jadi euweuh deui jalan iwal kudu indit ka éta Poliklinik, sugan jeung sugan engké diditu pagawéna bisa méré alamat éta si Étéh.

Jam salapan kurang limawelas menit kuring duaan geus neupi ka poliklinik Azhar. Koridor keur diturun-turunkeun jigana geus maju ka tutup yeuh poliklinik téh, pikir kuring. Deregdeg téh si Suéb lumpat, ngadeukeutan jalma nu keur nutup poliklinik, sabari ngebug taktak si Akang.

“ Kang ké heula tong waka ditutup, dék aya perlu sakeudeung.”

Dasar si Suéb turunan kulon, jeung kolot gé angger baé kasar.

“aya naon kitu jang” témbal si Akang.

“ieu kang, abdi téh mendakan serat anu dina kop seratna téh aya alamat ieu Klinik, maksad téh badé sakantenan naroskeun alamat anu gaduh ieu surat” témbal kuring.

“Oh… kaleresan anu tugas dina bagian surat menyuratmah tara mulih, aya waé di kantor ka lebet wéh.”

“Hatur nuhun Kang”.

Kuring jeung suéb ka jero klinik, nyampak aya awéwé pangawakan nana jangkung leutik, kulitna bodas terus aya karangan deuih dina tarangna, pokonamah manis pisan.

“ maaf barangkali bisa dibantu?” omongna.

“ ini kami téh ingin menanyain alamat yang punya ini surat” témbal kuring. “coba lihat”

Surat ku kuring diasongkeun lansung baé manéhna ngabuka éta surat, terus dibaca.

“oh ini suratnya ibu Susan, surat pengantar oprasi dari dokter ke rumah sakit, untung kalian ke sini, kalian temukan dimana”.

“Tadi téh kami menemukannya diangkot” témbal kuring deui.

“ bagus, bagus kalin memang anak yang baik, tunggu sebentar ya, saya akan carikan alamatna”.

“mangga téh, mangga”. Ceuk kuring. Teu lila torojol manéhna mawa kertas.

“nih sudah saya tuliskan alamatna, sekaligus saya ganti dengan amplop yang baru”.

“ aduh terimakasih pisan Étéh, kalau begitu kami permisi dulu, mari.”

Kuring indit deui, nyegat angkot deui teu kacaritakeun deui di jalanna, caritana kuring geus turun, geus aya di pas hareupeun gapura konéng, jelas pisan dina keretas “Rt05/02 no 38” alamat si étéh téa, ku kuring dijugjug ka imahna, pas neupi kasampak imahna rada caraang, paké lampu nu lima wat rada mencrong kana panon, malah kuring ogé jadi molotot mata simeuteun. Pas dina tangkal jambu aér aya bandéra warna koéng anu dijieunna dina kertas ajit. Na hate kuring ngajerit, duh gusti palias teuing, geuning pondok lakon hirup manusa, geuning pondok lakon hirup si Étéh téh, duh hampura kuring, hampura kuring gusti, hampura kuring nu salila ieu sok notolérkeun waktu.

“Éb..bener geuing, jodo, pati bagja jeung cilaka anging pangéran anu uninga, kudi kumaha ayeuna urang éb?”

“kudu ngaca, urang téh kudu ngaca kana kahirupan jeung kudu maca ogé. Jadi kudu pinter maca, mun hayang pinter kudu sakola, sakolakeun awak manéh”

Jawab si Suéb

Teu dikira geuning ari keur sarius mah si Suéb téh sok jadi jiga kolot.

Kuring ngagandeuang bari humandeuar nuju ka hiji warung.

“bu, leres pami éta téh bumina bu Susan?”

“leres cép, mung tadi téh nembé dongkap ti dokter saurna mah, teras hoyong leleson, mung teu kanyahoan tos pupus. Nya ngantunkeun hiji putra panginten”

“oh hatur nuhun bu”

“aya naon kitu cép”

“ieu ibu manawi kaanggo kénéh, seratna nu kakantun”

Kuring ngasongkeun surat tuluy waé indit bari carinakdak.

dicandak ti: nunu24.blog.com

————
cikalna




Tutumbu Carita diluhur:

3 pesen:

Unknown mengatakan...

KA TEGALLEGA
Basa taun kalangkung, kira-kira tanggal 9 Maret 2008, abdi diajak ku bapa Otang sareng bu Nunung ka lapang Tegallega, cenah rek aya Jambore sa-Kota Bandung.
Sateuacan indit kaditu the abdi di latih heula di UIN, diajarkeun senam pramuka, ngadegkeun tenda jeung sajabana, nu ngajarna kang Asep sareng rencangna. Di UIN abdi kenalan sareng Gina, Tanti, Arif pokona mah seu-eur pisan. Ari ti sakola abdi mah nyaeta kuring, Mega jeung Rizki Rodlo.
Pesta Jambore the tilu peuting opat poe, waktu indit kaditu the make mobil ngan abdi mah teu ka bawanya naek motor jeung pa Otang. Waktu nepi ka lapang Tegallega geningan meni rame pisan….loba jalama., kira jam satuan upacara pembukaan Jambore Kota Bandung harita abdi papanggih jeung pak Walikota H Dada Rosada, rarasaan meni bungah pisan.
Isukna abdi diajak ka Taman Hutan Raya Juanda, meni asa sararieun geningan di jero THR the da pararoek, komo waktu asup ka Gua Belanda jeung Gua Jepang atuh bulu punduk the langsung muringkak.
Eeeh……lamun ti peuting Jambore the sok aya raramean tiap kelompok the kudu tandang nembongkeun kaparigelanana.
Tah eta pangalaman abdi ngeunaan lapang Tegallega Bandung the.
Hatur Nuhun Nya…..!!!.

LAILATUR ROHMAH
SMP NEGERI 46 CIBIRU BANDUNG
KELAS 7B – 2009.

Liezmaya mengatakan...

Hatur nuhun carita-na kang :)

Anonim mengatakan...

[url=http://firgonbares.net/][img]http://firgonbares.net/img-add/euro2.jpg[/img][/url]
[b]adobe photoshop clipping mask cs4, [url=http://firgonbares.net/]discount microsoft office small[/url]
[url=http://firgonbares.net/][/url] buy to let software windows xp home oem software
mp3 shop software [url=http://firgonbares.net/]define oem software[/url] fast selling software
[url=http://firgonbares.net/]buying oem software[/url] to buy linux software
[url=http://firgonbares.net/]software to store information[/url] kaspersky serial
Pro Apple [url=http://firgonbares.net/]4 Mac WinZip[/b]


Pésén Admin

- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

TOKO ONLINE BAJU BUSANA MUSLIM SYAR'I MURAH
Mau belanja baju busana muslim, Gamis Syar'ie Murah Bekasi, perlengkapan rumah tangga, dll. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

 

Wilujéng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka dégét ayéna, nyaéta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

Nunutur

Nu Parantos Ngalongok

Copyright 2013 Tépas Pangacaprukan | Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!. ti taun 2006 dugi ka kiwari. Development by Jasa Pembuatan Website Murah