Kacaritakeun aya hiji bapa nu karek datang ti pagawean, manehna di papag ku pamajikan jeung barudakna nu tilu arimut lucu, nya maklumlah bapana téh da balikna saminggu sakali ku sabab jarak pagawean/ kantor jeung imah téh kacida jauhna, mun bulak balik unggal poe mah da pasti beak w ku ongkos jeung waktu.
Isukna poenan weekend alias lalibur barudak téh, panon poe karek naek, ci ibun masih keneh saleger bapana geus ngadaweung dina korsi sabari nginum ci kopi ngabaturan pamajikanana nu geus pakupis beberes imah ti isuk keneh, manehna maca koran sabari ngajaga anakna nu pangbungsuna nu keur ngageubra sangges tadi ceurik hayang nginum. Nya pek torojol budakna anu ka dua, si pangais bungsu...budak téh lulungu keneh tuluy sare gogoleran dina korsi nu panjang bari nyubut "haus", nya atuh bapana nyampeurkeun eta budak bari mawa nginum ci haneut terus diinumkeun.
Tuluy bapana diuk deui dina korsi bari nuluykeun hanca koran nu geus dibaca tadi, teu kungsi lila si pangais bungsu téh nyampeurkeun bapana, manehna nangtung ditukangeun tonggong bapana bari neunggeulan tak tak bapana...
"jang Odi, tong neunggeulan bapa"
jang Odi teu malire omongan bapana, manehna kalah terus nuluykeun nenggeulan taktak bapana
"Jang Odi, tong neunggeulan tak tak bapa atuh, nyeri!" sabari ku sora nu rada heuras"
Jang Odi cicing sababaraha renghapan...beungeutna katinggali ciga nu reuwas sieun, tapi nuluykeun deui polahna nu matak pikakeuheuleun bapana
"Jang Odi!!!"
Bapana nyentak jang Odi da ku alatan geus beak kasabaran
Nya tuluy we jang Odi téh reuwas, manehna lumpat ka indungna sabari ceurik.."ibuuuuuuu" bari nyumput ditukangeun indungna da ku sieun tea ku bapana.
indungna tuluy malik bari ngomong ka jang Odi "teu kengeng kitu atuh jang, karunya bapana...nyerieun"
Bapana tuluy mangku jang Odi bari dolo da jang Odi barontak rek dipangku téh sabab sieuneun keneh.
Geus rada reup jempe, bapana nanya ka jang Odi...
"Naha tadi Ujang téh nenggeulan bapa?"
"garah teu nyeri" tembal eta budak lima taun téh sabari sisidueun
"haar ari Ujang sidik diteunggeulan kitumah bapa téh nyeri"
tapi da ku keukeuh jang Odi ngajawab ngarah teu nyeri bari dibareungan ku ceurik nu leuwih tarik
"kunaon atuh ibu ieu téh?"
indungan bingung...teu kungsi lila indungna seuri bari ngomong ka bapana
"oooh bapa, Jang Odi téh niatnamah hoyong ngarancetan Bapa, da ku ibu sok dipiwarang nenggelan taktak pami nuju nyareri téh, da ngarancetanmah tacan tiasaeun"
Nya nyurucud atuh langsung cimata bapana téh, manehna menta hampura ka anakna bari mangku eta budak
"hampura bapanya jang".
Sakapeung niat hade budak sok tara dipiharti jeung teu hayang dipiharti kunu jadi indung bapana, nu antukna loba barudak nu matak jadi barontak...ku sabab kitu hiji hubungan bathin indung bapa jeung anak téh kudu dideukeutkeun ti keur leutik keneh, artikeun paripolah budak, lempeungkeun tong wara dicarekan tiheula.
Cag ah...ku: Jungjunan LieZMaya/ Lilis mayasari.
Tutumbu Carita diluhur:
- Daftar Pangarang Sunda
- Carpon Sunda : Nini Jumsih Moro Langlayangan
- Carpon Basa Sunda : Bulan Wanci Sareupna
- Carpon Titis Tulis
- Aing Djago
- Hese mapalerkeun
- NAAAAA…ARI...NANI…
- Sajak sunda: Sapanjang Jalan malakarea
- Poék mongkleng
- Carpon: Nu anggang nu dipikameulang
- Sisi Padang Panjang
- Lutung Kasarung
- Font Aksara Sunda Asli (Sundanese Font Unicode)
- Sangkuriang
- Ngaran – Ngaran Wanci
- Muhamad Musa
- Gallery Kujang Sunda (Jawa Barat)2
- Gelo Ku Anu Kagegeloan
- Anjeun - Puisi titipan kang Haidar Pasundan
- Deudeuh Euis
- Eulis...
- Tungtungna
- Sakeureut Hate
- Diteunggeul ngarah teu nyeri
- Sastra basa Sunda : BANDÉRA KONÉNG
3 pesen:
Assalaamu'alaikum
hapunten nembe tiasa amengan
wilujeng babaran shiam.. punten pisan kana sadaya kalepatan
wassalam
aih
aih
hebat pisan euy blogna sundanis abis
hehhehe
salut euy
balesannya x)
Salam...wilujeng wengi teh Lilis,ply ngiring ngacapruk ah didieu.meni sae blogna uy,sundanese bebeakan.he he
supaya nambih ngacapruk,mangga nganjang ka saung abi tetyngacaprak.blogspot.com
diantos nya teh.he he.(tp abi mah masi diajar)
Posting Komentar