
Arjasari nyaéta lembur kuring nu nyingkur ti kota, tempat dimana kuring digedekeun, nyiar elmu ti leuleutik nepi ka ayeuna manjang hirup sakulawarga.
Arjasari/ Ardjasari nyaéta ngaran salah sahiji kacamatan nu aya di Kabupatén Bandung, Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Kaasup wilayah lebaheun Soreang.
Desa nu kaasup kana wilayah kacamatan Arjasari nyaeta: Ancolmekar • Arjasari • Baros • Batukarut • Lebakwangi • Mangunjaya • Mekarjaya • Patrolsari • Pinggirsari • Rancakolé • Wargaluyu. Ekonomi masyarakatna masih keneh menengah kahandap, profesi lolobana nyaeta patani jéng pangdagangan hordeng/ gordin nu diicalan ka luar kota/ luar pulau jawa.
Sawah tur gunung masih keneh harejo, diapit ku gunung Geulis, sering dijanténkén trek jalur olah ragi sasapedahan, sabab ku mudun jéng nanjakna lumayan nantang. Daerah lahan pertanian lebah pinggir sari sering dijanténkén tempat praktek pikén praktek calon insinyur pertanian.
Salian ti pertanian oge Arjasari aya sababaraha peternakan penghasil hayam jéng susu sapi.
Dumasar kana ingfo ti Google.Com Arjasari teh koordinat pernahna teh di:
UTM : YT91InsyaAllah kapayuna bade di teraskén ngenaan ingfo pilemburan simkuring nu leuwih lega deui.
Geographical coordinates in decimal degrees (WGS84)
Latitude : -7.056
Longitude : 107.646
Geographical coordinates in degrees minutes seconds (WGS84)
Latitude : -7 03' 20''
Longitude : 107 38' 47''.
Link Google tiasa dipilari di Google Map arjasari.
Baktos: Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Tutumbu Carita diluhur:
1 pesen:
oh orang arjasari, pantesan... abdi mah banjaran na, tah pun ibu di batukkarut, aya gor desa masuk ka perumahan BAP....ke abdi bade ngintun hiji pusi/tembang anu atah, sebagau ungkapan hate....diantos wae...
Posting Komentar