Ieu gambar teu nyarambung sareung topik Neng?
Muhun wiosnya...da sabab teu gaduh poto ramo - ramo panangan anu nuju anyang - anyangan pacici cici putri atuh da...sakanteunan narsis majang ramo panangan leuntik simkuring nyepengan kembang warna bungur basa amengan ka Bogor :P *haha tong sirik*
Inget mangsa katukang basa kuring olol leho keneh *can aya nu bogoheun harita teh haha* jéng babaturan teh sok loba kaulinan nu dipika resep teh, mun bosen nu ieu, nya ganti ku itu, mun bosen nu itu kari w ganti ulin nu itu. Tah ulinna mun paréng istirahat sakola atawa balik sakola samemeh indit sakola agama atawa ngaji ka masjid. Tataros ka mang google mendakan postingan edun ieu, mangga di aos bae...derrrr ah barudak!Bada Isa Mang Sa'i diuk di tengah imah bari ngabaheuhay, sukuna nyanghunjar lambar, ngareureuhkeun capé tas baranggawé. Pamajikanana keur ngécos, ngérodan baju barudak na deukeut cempor.
"Cing Inah aya kénéh bubuy sampeu téh?" Mang Sa'i ka anakna nu cikal, anu umurna nincak 8 taun jalan.
Inah ngaléos ka dapur, hideng mangnyokotkeun bubuy sampeu tina catang hawu, citéh haneut dina téko jeung gula beureum meunang ngurud, dipiringan. Golosor dikahareupeunkeun bapana.
Indungna jongjon kékécos, bapana jongjon ngopi cacamuilan, bubuy sampeu dicocolkeun kana kurud gula disurung ku citéh haneut. Sakeudeung sakeudeung diselang ku imut ngagelenyu, ngadéngé barudakna sadulur-dulur, Inah, Titi jeung Didi ngariung di juru imah, anteng pacici-cici putri. Pikaseurieun ku kekecapan Inah, anu jadi luluguna.
Inah jeung Titi diukna émok, Didi sila andekak.
Dampal leungeun Titi jeung Didi disodorkeun duanana kénca-katuhu, ditangkubkeun sina antel kana palupuh, tuluy ditunjukan, ditetel-tetel ku curuk Inah bari ngawih:
"Pacici-cici putri
térélék kembang celempung ada nona ada tuan
kalau mau kembang apa........?"
"Hayang kembang naon?" cék Inah nanya ka Titi bari nyekel kana leungeun katuhu Titi.
"Hayang kembang sebé........!" témbal Titi.
"Heeh........kabogohna ka anak Mang Lebé ... !" ceuk Inah bari tuluy nyekel leungeun katuhu Titi téa sina nyangsang kana taktak.
"Héhéhéh........" Didi seuri. “Aduuuh........ kabogohna anak Mang Lebé cenah .... ! Héhéhéh ....”
"Keun baé atuh, naha........!" cék Titi anu boga rasa dijangjaruhkeun, bari seuri merong ka Didi.
"Sok urang tuluykeun........!" cék Inah bari ngawih deui:
"Pacici-cici putri
térélék kembang celempung ada nona ada tuan
kalau mau kembang apa?
"Hayang kembang naon?" bari nyekel leungeun Titi nu kénca.
"Hayang kembang bakung........!" cék Inah bari menerkeun leungeunna sina nyekelan taktak anu sabeulah deui.
"Heeh, kabogohna Tua Kampung."
"Sing rékép nya, ulah lésot! Ayeuna kari Didi"
Pek deui Inah ngawih saperti tadi ditungtungan ku nanya, "Hayang kembang naon?"
"Hayang........hayang........hayang .... kembang hérbras!" Didi ngajawabna rada agag-agagan.
"Heeh........alus, kabogohna urang Cibodas!" Didi jigrah, bari reureundeukan, tuluy nyangsangkeun leungeun kéncana kana taktak katuhuna, miheulaan parentah lanceukna nu ngaluluguan.
"Sok hiji deui, leungeun Didi nu kénca, encan..," cék Inah bari ngong ngawih deui. Tamat ngawih, pok nanya deui, "Hayang kembang naon?"
"Eu........eu........hayang kembang jalantir........!"
"Tah, kabogohna anu musapir!" témbal Inah.
"Ah embung nu musapir mah, da urang mah hayang beunghar!" cék Didi bari nyentak ka lanceukna.
"Heeh, heug, ganti atuh........jaga bakal jadi supir........!" cék Inah. Didi seuri atoh, indung bapana patingbelenyéh, kayungyun.
Sanggeus Titi jeung Didi pada-pada nyarangsangkeun leungeunna kana taktak masing-masing, tuluy Inah nanya deui ka Titi bari nyampaan siku, sirah, irung, panon, halis jeung buuk Titi.
"Ieu naon?" cék Inah kana siku Titi.
"Congcot!" témbal Titi.
"Ieu?" kana sirah.
"Gunung!"
"Ieu?" kana irung.
"Hawu!"
"Ieu?" kana panon.
"Lampu!"
"Ieu?" kana halis.
"Hileud!"
"Ieu?" kana buuk.
"Sapu!"
Geus kitu Titi téh sina meungpeun ku dua leungeun tuluy ditanya deui ku
Inah, "Nini! Nini! Aya Mas Giman bieu ngaliwat?"
"Aya!" témbal Titi.
"Mawa naon?"
"Mawa nangka........!"
"Nangka........raaaak........!" cék Inah bari ngajengkangkeun Titi sina nangkarak.
Barudak saleuseurian tingbarakatak. Tuluy deui Inah nanya ka Titi anu geus meungpeun sakali deui, "Nini ! Nini ! Aya Mbok Ayu bieu ngaliwat?”
"Aya!"
"Ngagandong naon?"
"Ngagandong jajamu!"
"Jamu........rauuuulll!" cék Inah.
Tuluy Titi disurakan ku Didi, "Euleuh jamuraul! Euleuh teu boga kaéra!"
"Keun baé da bobodoan barina ogé, naha........!” ceuk Titi.
"Ayeuna Didi" cék Didi bari nangkeupkeun leungeun kénéh kana taktakna sina ditataan ditanyakeun naon-naonna, tina siku dipapay nepi kana buuk ku Inah, saperti basa ka Titi. Tamat éta, Didi tuluy meungpeun, terus ditanya ku Inah, "Aki! Aki! Aya Mang Usa bieu ka dinya?"
"Aya........!"
"Nanggung naon?"
"Nanggung gula!"
"Gu........la........wing........!" Inah nyekelan leungeun Didi duanana, tuluy digulawingkeun, dijangjang-dijungjungkeun, bari nangtung.
"Aduh! Aduh! Nyeri, mani ngaderekdek ....! Luhur teuing ngajungjungkeunana Si Euceu, siah .......!” cék Didi bari lewa-lewé.
"Sugan téh teu nyeri. Maap, nya, kalepasan!” Cék Inah. “Ganti baé ku tatarucingan, saha nu pinter neguhna, cing........" Inah ngabangbalérkeun Didi anu rék ceurik téa.
Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit.
Versi tembang Kaulinan Pacici cici putri teh bentén – bentén da, sapertos simkuring basa alit mah lirikna teh,
“Pacici cici putri, si putri anteur ka cai...
Ah embung...ah embung sién aya nu kamari” kitu taaaah.
Duh hatur nuhun pisan yeuh meni asa ku waraas nyeblak kana hate, carita duluhur di candak ti sunda Blogger.
Tutumbu Carita diluhur:
- Walimatul Ursy/ Laki rabi N. Lilis Mayasari & Rohmat Musobir
- Naha bet peunteun lima Lis?
- Egoisna kuring…
- Korejat
- Bangbung Hideung
- Carpon: Misbahudin
- Serat keur sobat hate baheula
- Pileuleuyan Appa aki (Udin Bin Matnasik)
- Wilujéng warég Lis!
- Munjungan
- Poto “Narsis” Oncom Bandung
- 17 Agustusan di Lembur Rancakole (2009)
- Safari Garden/ Kebon Raya Safari
- Puncak Lembur Gentong
- Kacang Bulu
- Piknik ka Cibolang - Pangalengan
- Wilujeng Boboran syawal 1430 H
- 21 Taun
- Kapaksa Golput...
- Tanjakan Tonjong
- Kodok bangkong
- Kokoro No Moto
- Buku Ipis warna beureum
- PR 16
1 pesen:
nuhun, asa waasnya, tapi da teu kitu teuing..asa lawas pisan eta mah, upamu teu salah, jaman sim kuring mah bancakan, jeung geutrik... atanapi ngurek....bari tara bebenangan... he he...
nuhun liez
Posting Komentar