Kampung ieu mun di béh lembur simkuring (Cidodol – Rancakole) nu lumayan terkenal ayeuna teh, ti baheula keneh tos kakoncara ketang lamun sakadar diantara urang urang lembur daerah Bandung selatan mah, mun aya nu nanyakeun gés kasebut "moal bireuk deui ceunah!".
Tah ceunah mah baheulana ceuk beja eta leumbur teh naha bét disebut Gentong, nyaeta kusabab aya hiji gentong nu di jién ku para masyarakat pupuhu baheula nu kacida gédena (sagéde imah saung) tina taneuh liat ku masyarakat sésépuh baheula pikeun nampung/ nemperken cai paragi keperluan masyarakat didinya keneh.
Ngan hanjakal ayeuna mah da eta géntong teh tos teu aya, peupeus teu kuat ku jaman atawa aya nu ngarusak, atawa kumaha wallohu'alam. Simkuring oge teu acan kungsi ninggal di kieuna eta gentong teh. Munggaran nincak eta lembur mun teu salah mah basa nuju kelas 5 SD, basa ku pun rama diajak jalan - jalan hiking mapay rute ka bumi pun eyang nu aya di lembur Jelekong (pipireun Gunung geulis)...da saupamina bade motong jalan beh tereh, ieu Jalan gentong teh bisa jadi alternatif, teu kudu nguriling heula ka lebah Ciparay - jalan laswi, atawa Arjasari - Banjaran...ngan hanjakal na teh jalanna masih keneh rarinjul butut, teu acan kantos diaspal paten hehe.
Sababaraha bulan katukang ceunah mah ceuk béja ti urang lembur, Gentong teh ayeuna tos lumayan rame, unggal poe minggu teh sok jadi tempat pangpiknikan jalma - jalma nu rek jaralan jalan, arolah raga lari/ jogging sabari balanja/ jajan sagala rupa di Gentong teh, sabab aya oge tukang dagang nu ngalampar jualan didinya teh, nu biasa disebut "pasar tonggeng/ pasar kaget" tea. Nyaeta pasar saaya - aya dadakan nu ayana teh ngan sakeudeung/ teu unggal poe...jadi sumber panghasilan neangan rizki oge pikeun tukang dagang atawa masyarakat di daerah sapanjang jalan ka arah puncak Gentong...ampir mirip jéng pasar kaget tugu Baleendah tea, nu sok pinuh ku tukang dagang.
Kadinya teh meren ngan sakur ngucurkeun kesang jang olah raga, sabab jalanna nanjak pisan pagunungan "tiriss" atawa aya oge nu ngahaja ngadon mékél botram muka timbel di puncak Gentong teh niggali pamandangan sababaraha gunung garede diantarana Gunung Geulis, Gunung Nini, Gunung Wayang (mun teu salah mah), jarakna ti lebah Cangkring teh/ jalan raya laswi Ciparay - Baleendah sakitaran 2-3 KM, endahna ninggali gunung Geulis nu nutupan sababaraha hiji lembur Bandung...turun ka beulah handap bisa eces ninggali Gunung payung cangkring (hiji gunung nu aya di lembur cangkring anu lamun ditilik – tilik ti kajauhan teh nyarupaan payung.
Lamun pareng kér halodo saupamana keur waktu rurusuhan bade ka lembur Jelekong (lembur pun eyang), simkuring sok motong jalan ngangge motor motong jalan ka puncak Gentong teh...lumayan tereh, mung sakur satengah jam. Kungsi oge basa baheula téh basa diajak ku pun rama mapay – mapay lembur hiking ngabeakén waktu dua jam kurang leuwih. Da lamun mapay jalan laswi mah nguriling ampir kana sajam we kirang lebih (make motor). Jéng kamari ieu teh ninggal di sisi jalan parantos aya bahan keusik, batu, jst jang ngomean/ ngalémésan jalan...sugan we atuh pamarentah merhatikén potensi pariwisata lokal ieu, jabaning da ceuk béja mah di dékéteun puncak Gentong teh aya hiji curug nu disebut Curug Cangkring nu lumayan endah lamun pareng usum mijih mah cénah (teu acan kantos ngabujéngan atuh da hehe).
Foto foto gambar di candak dina wanci jam 3 sore keur mangsa ceudeum di puncak lembur Gentong...dina motor, hampura rada rumeuk ngablur da motona ge bari dugdeg luhur motor rarinjul hahay!
Cag ah…baktos simkuring,
Lilis Mayasari/ LieZMaya.Web.ID.
Tutumbu Carita diluhur:
- Walimatul Ursy/ Laki rabi N. Lilis Mayasari & Rohmat Musobir
- Naha bet peunteun lima Lis?
- Egoisna kuring…
- Korejat
- Bangbung Hideung
- Carpon: Misbahudin
- Serat keur sobat hate baheula
- Pileuleuyan Appa aki (Udin Bin Matnasik)
- Wilujéng warég Lis!
- Munjungan
- Poto “Narsis” Oncom Bandung
- 17 Agustusan di Lembur Rancakole (2009)
- Safari Garden/ Kebon Raya Safari
- Kacang Bulu
- Pacici - cici Putri, Kaulinan Barudak Sunda
- Piknik ka Cibolang - Pangalengan
- Wilujeng Boboran syawal 1430 H
- 21 Taun
- Kapaksa Golput...
- Tanjakan Tonjong
- Kodok bangkong
- Kokoro No Moto
- Buku Ipis warna beureum
- PR 16
- Mitinéng sajarah Bandoeng Laoetan Api
- Poto “Narsis” Oncom Bandung
- Villa Kaca Arjasari
- 17 Agustusan di Lembur Rancakole (2009)
- Lembur Kuring Kacamatan Arjasari/ Ardjasari
- Piknik ka Cibolang - Pangalengan
- Bandung aing
- jalur Angkot Daerah bandung / sabudeureun bandung
- STaSiuN RaDio BaNduNg
- Tempat Jajanan nu arenak di bandung
1 pesen:
nuhun, lis..ke mudah mudahan kapayun diparengkeun..tiasa hiking...bari...tadabur alam...ka rancakole mudah mudahan sareng maneh na....he he...duka saha.....
Posting Komentar