Wilujeng sumping lur.

12 Apr 2010

Carpon: Misbahudin

art (1)

Foto: Jalan motong (satapak) ka sakola SD, Cidodol – Bahuan (Lilis Mayasari).
Keur jaman sakola SD baheula angkatan kuring sakelas teh aya 35 urang murid, tadina mah aya 33 ketang, ngan basa naek ka kelas opat datang dua murid anyar, maranehna datang ti beulah Bandung nu rada ngota ngaranana teh si Penti jeng si Misbah (ngaran aslina Misbahudin). Ari si Penti mah budak awewe nu jangkung, buukna panjang lurus, sedengkeun si Misbah mah budak lalaki nu boga awak nu jangkung gede, bisa disebut pangkasepna harita mah, dibandingkeun jeng si Jujun atawa si Landak mah nu baragajul olol leho...nya kabuktian, loba babaturan wewe sakelas kuring nu jumlahna aya kana 20 urang nu katingalina kapentang asmara ku eta budak kaasup kuring salah sahijina haha.


Tah hiji mangsa barudak baragajul olol leho CS-an si Jujun teh arindit ulin rek marulung muncang cénah di kebon Pak Rubama, nu kabeneran di handapna teh aya susukan. Tangkal muncang pak Rubama teh leubeut kacida, unggal poé teu wéleh aya wae muncang nu marurag ka wahangan, tapi hanjakalna pak Rubama teh katelah galakna kacida ciga maung, laum manehna gés ambék hohoak barudak teh cing pelecir lalumpatan, nya jadi sabisa – bisa mah kudu waspada ulah nepika garandeng kapergok kunu bogana. Harita si Jujun teh ngajak si Misbah (murid baru tea) piken mulung muncang didinya, ari ku kuring mah gés kabaca yen manehna teh boga niat rek ngajailan eta budak kota. Nya tapina da dasar budak lalaki daek we diajak teh, jabaning kuring ge moal mungkin ngalarang manehna, da sidik can wawuh tea, gengsi tur boga keneh ka era mah harita teh heuheu.

Ari kuring mah harita jeng babaturan awewe teh kawas biasa ngaradon mulung asem, teuing kunaon kuring resep pisan pabalap balap eta kadaharan nu teu lazim, padahal mah mun dipikir – pikir ayéna mah jang naon da lamun gés meunang ge da tara di dahar, nu aya mah kalah nyeuri beuteung atawa di bikeun ka si Mimin atawa ka si Leni nu harobi pisan nambulan asem, reusép we meureunnya lulumpatan ngesang lah. Tapi hanjkalna si Penti mah harita teh teu ngilu mulung asem da sabab ceunah mah manehna teh keur gering, jadina teu bisa asup sakola. Tapina lain ngan barudak lalakina wungkul nu meunang kasusah teh, barudak awewe nu mulung asem ge boga rasa kasieun, sabab eta tangkal asem gede teh padeukeut pisan jeng kuburan samoja (kuburan hiji awewe nu maot basa waktu ngajuru, dikuburanana teh pinuh ku tangkal samoja kembang kayas jeng bodas...jeng loba nu ngadarongeng yen "aya jurigan"), jabaning teu jauh oge ti patempatan barudak lalaki marulung muncang.

Caritana basa waktu barudak lalaki CS si Jujun teh ngajailan si Misbah, nyaéta nitah si Misbah pikeun nyokot muncang dina wahangan maranehna lalumpatan bari cocorowokan patarik - tarik sangkan pak Rubama teh kaluar ti kandangna imah, da sidik si Misbah mah murid kota anyar nu teu apal nanaon...tah wanci eta barudak olol leho teh buru - buru ngabaleucir ninggali pak Rubama kaluar ti imahna mukakeun panto, si Misbah reuwaseun...atuh buru – buru manehna hanjat kana gawir rek ngiluan kabur jeng nu lian, tapi hanjakal manehna teu ahli tuak taek gawir nu léér, nu antukna atuh langsung ti soledat labuh kana wahangan, sukuna misalah (keseleo)...manehna cérik ngararasakeun tatu dina sukuna.

Kabeneran teuing kunaon harita teh kuring bét hayang balik heula ka imah sabab ku lapar, kabeneran imah kuring teu jauh ti sakola, lamun ku lumpat "kuda" beunang 7 menit ge langsung nepi hareupeun teras. Balikna, kabeneran pisan kasampakeun hawar – hawar kuring ngadenge sora aya nu ceurik, harita kuring teu langsung nyampeurkeun da sieun tea ku jurig, kuring ngarempod cicing handapeun tangkal kalapa bari bijil kesang lembut kesang badag....rek ngaliwat teh sieun kacida, niat kuring harita hayang balik deui we ka imah, jabaning katingali aya pak Rubama di hareupeun panto imahna...deuh kumaha yeuh pikir kuring!
Tapi pas ditilik – tilik di handap gawir teh katingali ciga aya leungeun keur muntang kana jukut gawir, leuh kuring kukuceuk mata da bisi salah titingalian harita teh...ah kuring teh panasaran, kuring maju salengkah...bari ngitung ramo – ramo,
Maju...
Entong...
Maju...
Entong...
Maju...
Entong...
Maju...
Entong...
Maju...
Entong...
Aaaah da entong, kumaha yeuh pikir na hate teh, tapi da kuring teh panasaran bisi nyaan jelema, kuring maca Bismillah bari leumpang semu lumpat...Baruk, gening katingali aya budak lalaki di handap teh keur cirambayan, si Misbah!
Kuring buburu nyampeurkeun bari nanya...kenapa kamu teh? (Si Misbah teh teu pati bisaeun nyarita basa sunda)
“ini, kakiku keseleo” pokna teh bari nyusutkeun cimata da era meureun ditinggali ku awewe... *anu bageur tea hihi*
“alaaah, kumaha atuhnya” bari halon kuring karunya ningali mahena nu keur kanyenyerian.
Haat hate kuring harita teh, tapi kuring teu mungkin bisa nulungan ngangkat manehna atawa narik leungeunna kaluhur da sidik kuring budak awewe leutik, berat awak ge ngan sakur 25 kilo harita teh, teu mungkin bisa ngangkat anak gajah *haha tong ngambek bah*. Ah kuring teh teu make pikir panjang deui, ngawani – wanikeun maneh pikeun menta tulung ka pak Rubama, da meren sagalak – galakna manehna moal mungkin tega meureunan nganteup.

Ari pekteh Alhamdulillah, énya we geuning di sampeurkeun di penta tulung teh manehna langsung buru - buru lumpat nulungan, malahan mah si Misbah teh dibawa ka imahna pikeun di ubaran, di urut sukuna...nya kuring ge milu abus ka jero imahna ninggalikeun si Misbah di urutan bari aya karunya oge cirambayan nyerieun semu ngajerit leutik nahan kasakit.

Kuring ninggali eusi imahna loba parabot nu hargana teu sapira, harurung harerang, kuringge ninggali aya loba piala nu ngajalenjreng dina lomarina, geningan manehna teh guru (panjang caritana mah manehna teh jadi guru kuring di SMP gening hahay). Jeung geningan da bageur manehna teh, teu ciga nu aya dina pikiran kuring jeng barudak sakola lianna nu ges mangtaun – taun kasieunan ku pake Rubama, pedah we eta nada ngomongna gés kitu tibaheula, ciga nu ambeuk heuheu.

Sanggés beres di urut teh si Misbah tuluy dibawa ka sakola bari di aakod, kuring nuturkeun ti tukangeun dibarengan hate nu asa bulingah sapapanjang jalan.

Tah hikmahna mah pamiarsa, ti poé eta kuring teu sieun deui ngaliwat ka gawir deukeut imah pak Rubama teh, jeng si Misbah ge jadi wawuh rada deukeut ka kuring...nya atuh laloba nu saririk barudak awewe nu lian teh, ngan hanjakal ari gés wawuh budak eta teh sok nunutur kuring, jadina teh lila kalilaan mah asa ilpil (ceuk basa barudak ayeuna mah haha, hampura ketang bah ah heurey...mun pareng salira maca ieu postingan, hampura kurang leuwihna nya kang misbah, dimana atuh ayeuna teh, meni teu keucet2 atuh???).
Hampura dak ah...sono pisan ka sobat baheula, teuing ngalencar kamarana :(

Cag ah,
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya - Bandung 11 April 2010 (nu cape karek mulang ti lembur).




Tutumbu Carita diluhur:

7 pesen:

jujun mengatakan...

ouw.... jadi anu kapungkur nulungan si misbah teh kamu lis... lain ingkeun wae.... ekekekkeee... masih bogoh kitu kasi misbah teh??? ekekekekekekeee

LieZMaya mengatakan...

Haha ngaku2 janten Jujun Juandi??? budak olol leho baragajul sakelas? hueheheh.
ah etamah carita baheula w dasar kang, resep monyet...nyobat tungtungna mah da.

Anonim mengatakan...

abdi katarik pisan ku caritaan/dongeng bahela anu tos ka sorang ku salira"kitu oge kuring ngadadak inget ka waktu jaman abdi ker leutik"tapi terus terang lalakon urang keur letik moal bisa dipopohokeun,kitu oge lamun urang masih keneh waras,babaturan bahela keur leutik naha kamarana,padahal hayang pisan amprok sareng maranehna,tapi kedah kamana ngamprokan nana............??

Jungjunan mengatakan...

Ari simkuring mah saleresna pami bade nepangan rerencangan kapungkur mah seuseueurna teu pati hese, kari w nepungan bumi kolotna baheula, rerencangan isteri sadayana tos narikah, kantun tinggal 2 jalmi deui nu teu acan teh, sedengkeun nu pamegetmah mung nembe hiji nu tos lalaki rabi teh. Aranjeuna seueur nu pada ngalumara milari rizky ka sebrang kota...tapi pami hoyong paamprokmah biasana pami lebaran sok ngarareumpel di lembur teh.
Sakitu tah kang.
Hatur nuhun :)

jujun mengatakan...

abi mah kapungkur teh osok naek kana para sakola.. sareng rerencangan.. lamun babaturan entos aruih ti sakola, budak pamegetna osok naraek akana para.. apal parahenteu??? eta, lamun saur abahasa indonesia nanamah langit-langit...

Jungjunan mengatakan...

Naaa atuh meni ciga beurit wae atuh make ka para sagala haha...paingan w atuh sakola teh jarebol kentengna.

Budhi panca mengatakan...

katampi carpona teh...
baktos ti urang bandung anu ngumbara di bogor

BUDHI SHEBA FM Bogor

SHEBA 99,3 FM Suara Bogor Barat
Jl.Raya Leuwiliang KM.22 Bogor Barat
0251-8640993/ Fax: 0251-8641040
HP: 087870226327


Pésén Admin

- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

TOKO ONLINE BAJU BUSANA MUSLIM SYAR'I MURAH
Mau belanja baju busana muslim, Gamis Syar'ie Murah Bekasi, perlengkapan rumah tangga, dll. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

 

Wilujéng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka dégét ayéna, nyaéta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

Nunutur

Nu Parantos Ngalongok

Copyright 2013 Tépas Pangacaprukan | Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!. ti taun 2006 dugi ka kiwari. Development by Jasa Pembuatan Website Murah