Ah dasar urang sunda atah, hese jeng teu pati ngarti kumaha ngomong sunda nu bener teh, malahan dulur kuring keneh yeuh, cindekna mah kapi adi teu nyaho naon artina galo – galo acan, tungku jeng sangku beu kacida! Da sidikna mah lamun ker ngobrol teh heg kuring make basa sunda nu poll teu jarang manehna mah kanah kerung pek nyusul nanya ka kuring “naon artina teh?” waduh kacida pisan, nya ku kuring di tembal “ari maneh urang sunda lain?” atawa “ari maneh urang Bandung lain atawa “ari maneh urang Rancaselang lain?” (Rancaselang = ngaran salah sahiji tatangga lembur kuring), atawa
Cik Lur naha bet bisa kitu geningannya?
Jeng nu teu eleh deuih sakola bararodo, lain barodo budakna (komo da kuring mah rarasaan kaasup kana budak nu palinter di kelas teh :haha narisi MODE ON), tapi naha nu jadi pertanyaan, naha nilai bahasa sunda kuring bet goreng, ngan meunang TUJUH pang gede na teh dina rapor, SOK NAHA GEURA BAYANGKEUN!!! Naha beda jeng pelajaran nu sejen nu nepi ka meunang peunteun dalapan atawa salapan???
Ku sabab naon cing…sabab kuring bingung ngeusian soal THB (soal ulanganana), loba materi pelajaran basa sunda nu can diajarkeun, samodel pertanyaan “cik sebutkeun lima kecap basa sunda nu asalna serepan tina basa arab”, da sok SUMPAH kuring mah daek medu, saumur – umur hirup teh can pernah kuring diajarkeun materi eta ku guru kuring harite teh keur SD “daek meu aing mah” haha (kalepasan)….nu antukna kuring ngan bisa ngagerenyitkeun tarang kuring, kusabab bingung teu nyaho jawabanana, nya kuring ngarang we sabisana, tapi hasilna gening pas dibagikeun eta soal hasil THB teh saralah kabeh beuuuugh kuring hanjelu kacida da sabab kuring era ku kolot kuring ninggalikeun eta peunteuna ngan meunang lima, duh! “naha bet Peunteun lima Lis?”
Jeng kuring masih inget keneh, harita aya pertanyaan nu sederhana pisan, tapi balik deui ciga tadi KURING TEU NYAHO JAWABANANA, kuring bingung ciga nu boloho bodo teu beda jeng si Encep! (film komedi Anjasmara zaman harita haha), pertanyaanana teh “Cik sebutkeun naon singkatan tina TARLING”, sumpah pisan….kuring bingung, dikosongkeun, teu dijawab da teu nyaho mikir tujuh kuliling ge! Niatna mah moal ngajawab eta soal...ngan edas harita kuring boga akal, kabeneran ijin indit ka cai api - apina mah ka guru teh, pek nyingcet ka tukang (kebon sakola) neangan Pasapon sakola kuring nu bageur ciga Hagrid (salah sahiji tokoh dina film Harry Potter) heuheu, ngarana Pak Wawan, duh bageur pisan pak Wawan ka kuring mah da heuheu teuing bakat ning kuring teh imut, teuing memang karunyaeun kana deg2an kuring anu boga awak leutik teu payaan labuh wae...ah pokoknamah Pak Wawan is my hero :P
kuring nanya ka Pak Wawan...pak cik tulungan Lilis yeuh...naon ari singkatanana tarling? "Gitar jeng suling lis...salah sahiji jenis musik khas Jawa barat" pokna teh, heuheu nganuhunkeun bari semu atoh kuring tipoporotot balik deui ka kelas langsung nulis jawabanana *horeeeeeeeeeee!!!
Tah gening ayena mah kuring ges gede, saeutikna ges rada ngarti kana basa sunda, jeng kuring boga kahayang pikeun ngamumulekeunana, tapi edas gening, kurikulumna ditingali – tingali (dina buku pelajaran adi – adi kuring di Bandung), masih keneh we pas – pasan eta materina teh, malahan adi kuring mah leuwih parah peunteuna teh, waduh!
Cik atuh lah ku matakna da ceuk kuring mah lain sapati – pati salah barudak ngora keneh gening, tapi da kokolotna keneh nu hoream, nu embung nurunkeun elmu kasundaan teh, barudak ayeuna mah lolobana diheulakeun kana palajaran basa Asing, sedengkeun palajaran indung teu diheulakeun, nya padahal mah atuh dina tingkah sapopoe ge apanan kudu atuh.
Ku saha deui atuh budaya Sunda teh di mumulena, ari lain ku tungturunan Urang sunda sorengan mah, barudak ayeuna kaasup ka kolot – kolotna di Bandung keneh wae ges mindeng kadenge basa sunda teh teu puguh kacampur – campur, nu antukna kadengen pikaseurieun lucu, tapi abus kana hate kuring mah sedih asa na teh kapandeurian.
Hayu atuh Lur, mimitian turunkeun elmu basa sunda teh jang dulur jeng tungturunan urang, keur bekel jaga sangkan urang sunda tetep ngajomantara teu kasepak ku basa deungeun.
Cag ah, ges tunduh…hampura bisi aya basa atawa carita nu salah…eta mah ngan unek – unek hate kuring pribadi, hapunten bapak/ ibu guru sanes simkuring teu nyukuran atanapi bade ngawurukan *ampun paralun teuing, sanes…ieu mah mugi janten bahan kangge bebenah.
Wilujeng sasih romadon, cag ah.
baktos simkuring,
Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Potret: Lilis Mayasari nuju SD keneh hehe @ taun 1994 kitu *pami teu lepat mah :P
Tutumbu Carita diluhur:
- Walimatul Ursy/ Laki rabi N. Lilis Mayasari & Rohmat Musobir
- Egoisna kuring…
- Korejat
- Bangbung Hideung
- Carpon: Misbahudin
- Serat keur sobat hate baheula
- Pileuleuyan Appa aki (Udin Bin Matnasik)
- Wilujéng warég Lis!
- Munjungan
- Poto “Narsis” Oncom Bandung
- 17 Agustusan di Lembur Rancakole (2009)
- Safari Garden/ Kebon Raya Safari
- Puncak Lembur Gentong
- Kacang Bulu
- Pacici - cici Putri, Kaulinan Barudak Sunda
- Piknik ka Cibolang - Pangalengan
- Wilujeng Boboran syawal 1430 H
- 21 Taun
- Kapaksa Golput...
- Tanjakan Tonjong
- Kodok bangkong
- Kokoro No Moto
- Buku Ipis warna beureum
- PR 16
- Pileuleuyan ki Darso
- TAU SIAH ? - IWAN PEKONG
- Kempelan Bobodoran Sunda MP3 Cangehgar, kang Ibing, wayang Cepot, Bi Ijem, dkk.
- Bangbung Hideung
- Font Aksara Sunda Asli (Sundanese Font Unicode)
- 17 Agustusan di Lembur Rancakole (2009)
- Gallery Kujang Sunda (Jawa Barat)2
- Kujang Sunda (Jawa Barat)
- Download Mp3 Kacapi Suling
- Hiburan online radio sunda “Dora Dori”
- Extravaganza sunda
- Khotbah Nikah Bahasa Sunda
- Musik Sunda
0 pesen:
Posting Komentar