Wilujeng sumping lur.

1 Des 2012

Sono nu ilang

Djungjunan...
Mun mangsa nyeudek ka peuting
Hate teh sok nugencang
Palaur salira kapalingan

Nu endah...
Sore ieu neuteup cai hujan
Nu ragrag cing aneprok kana taneuh
Pon kitu deui hate nyai djungjunan
Anu ragrag miharep salira.

Cinta nu sepi
Endah nu pudar
Hate nu ampir - ampiran layu
Duuh djungjunan, nyai sono kanu tos ilang.



9 Nov 2012

Carpon: Cinta di Lamping Gunung Cakrabuana

Gunung cakrabuana
Teu dihaja kuring liwat ka ieu lamping deui, lamping di sisi gunung Cakrabuana, anu mere kawaas mangsa sababaraha puluh taun katukang. Narembongan deui ngolebat dina sisi lamping tingarudat siga muter film di bioskop. Kuring meungpeun beungeut asa wegah jeung nyeblak basa kagambar hiji wanoja anu sok imut pikayungyuneun.

Duh, Nyai......gerentes dina jero hate asa ku teungteuingeun nasib diri naha bet urang kedah papisah. Beuki lila, beuki kagambar jelas sagala katugenah, kawaas sareng kacinta urang pagalo jeung ngahunyudna eurih katebak angin. Imut nu manis, biwir nu ipis jeung raray nu pinuh kadariaan ka kuring asa teu guna harita geuning urang teu tiasa ngahiji. Tapi dalah dikumaha, geuning waktu geus nunjukeun ka urang yen urang kedah papisah, salamina. Anjeun teu salah, jiga langit diluhureun Cakrabuana anu salawasna warna bulao. Teu salah salawasna jiga mega bodas nu tingarudat diluhureun urang mangsa harita. Moal lepat sabab akang percaya ka Nyai yen gunung ieu, Gunung Cakrabuana salamina masihan kakuatan ka akang kanggo nunjukeun saha akang anu saleresna. Kulantaran, kolot Nyai anu teu panuju, kulantaran kolot Nyai anu poekeun ku dunya anu ngeusian jero hate jeung kahawekan anu sakama-kama. Kolot nyai milih si Barja, anak Pak Karta juragan Jengkol pikeun pisalakieun nyai sanggeus lulus sakola.
Asa masih keneh aya rasa ngagilisik ramo-ramo Nyai kana cangkeng waktos urang duaan ngabius kana motor boga Nyai, motor bebek, motor anyar zaman harita. Ari akang mah boro-boro boga motor apanan sakola SMA oge dipaksakeun bari jeung nganjuk ngahutang ka tatangga. Beuh, kolot Nyai mah, bru dijuru bro dipanto teh lain babasaan. Asal Nyai daek menta, moal burung teu dicumponan. Dalah Akang, kolot akang kudu dedegler heula upamana rek bayaran sakola bulanan oge. Tapi Alhamdulillah pan waktos harita akang mah meunang beasiswa di Depdiknas anu di usulkeun ku Nyai ka Kapala Sakola da Anjeuna dulur Nyai. Balik sakola, Nyai lain langsung uih ka bumi tapi sok ngajak akang muter-muter ka lamping Gunung ieu. Cenah, akang bari diajar motor di tanjakan di lamping Gunung Cakra gigireun leuweung. Akang asa era ka Nyai, era ka diri sorangan, ngukur diri sorangan sabab akang sieun. Sieun ditincak ku kaayaan. Nya akang sadar diri sabab moal kuat upami dituluykeun ieu hubungan. Sagalana geus beda di ieu lamping jiga kahirupan urang nu geus beda teu kawas baheula. Huis mimiti neteep dina sela-sela buuk hideung kuring. Kumis jeung janggot moal boa geus sarebu kali dikerok sangkan kuring katingli tetep ngora. Tapi urang moal bisa ngabohongan kana diri sorangan yen urang geus teu bisa balik deui ka mangsa waktu urang masih keneh boloho. Basa urang mimiti wanoh jeung kaget basa kumis ipis mimiti mucunghul di luhureun biwir. Asa masih keneh kamari Nyai nyeungseurikeun kumis akang jiga kumis beurit.
Sagalana ngolebat deui, minuhan pamikiran kuring anu celengeu disisi lamping ieu. Ayeuna akang gaduh jabatan di kantor Pamarentah, jauh di luar Pulo Jawa. Anak geus rendey, aya opatna kabeh sakola anu ku akang rek diproyeksikeun sina sakola luhur. Geus kuduna akang boga pamajikan teh urang jauh, urang sabrang di Pulo Kalimantan. Lain teu hayang boga pamajikan ka urang Sunda dalah dikumaha geuning jodo mah jorork geuning. Jalan raya anu luar-leor jiga oray masih keneh jiga baheula, nya didinya urang duaan hese beleke nungtun motor anu anu mogok. Nyai ngadodorong titukang matak pikarunyaeun, kuring nyekel stang sangkan nuju ka hareup anu jalanna. Harita mah asa endah wae sagala anu katingal ku urang. Nya kitu deui nyai, sok katangen imut ngagelenyu anu paling amis ka kuring. Ah..hate nyeblak asa deg-degan deui. Motor teh motor nyai anu dibawa ka sakola. Batur mah leumpang kaasup akang ka sakola teh, nyai mah geus mawa motor anyar deui. Poe ieu Nyai hayang dianteur ka sisi lamping Gunung Cakra, teu meunang heunteu nyai maksa pisan. Nya bius kuring teh mawa motor nyai ka sisi leuwung ngabonceng nyai di tukang. Hate asa deg-degan jeung reuwas da bisa kumaha onam. Tapi rasa sieun jeung kumaha onam ka eleh keun ku rasa cinta kuring ka Nyai. Nya diwani wanikeun wae. Lain salah kuring sagalana kajadian. Kuring mah ngan ukur nganteur kahayang nyai. Di sisi leuweung anu jauh kaditu kadieu nyai menta eureun. Nyai diuk cimekblek bangun lungse jeung beak kacape. Motor dieureun keun disisi jalan.
Kuring luak lieuk kaditu kadieu, sieun. Sieun pisan saba ieu teh toangan pisan. Tapi anehna nyai mah siga euwueh kasieun, pohara pisan ceuk pikir kuring. Malah neuteup telek kana beunget kuring asa jiga hayang nu eces. Aya rasa ragab jeung dosa sabab saheunteuna ge kuring teh ngan duaan di ieu tempat anu jauh kaditu kadieu jeung aranglangka kasorang ku manusa. Kuring cicing sieun kajadian saterusna matak nyiksa kuring, tapi sigana ieu kajadian teh geus direncanakeun ku nyai. Nyai ngagelehe ka kuring jiga nu ogo, kuring ngingetkeun nyai sangkan urang pajauh bisa aya syetan asup ka diri urang nya ngalakukeun nu teu bener. Tapi Nyai malah beuki liar jeung teu ngadenge naon anu kukuring dicaram. Istighfar nyai, ceuk kuring bari ngos–ngosan nahan katugenah. Antukna kuring oge manusa anu pinuh kalemahan. Kuring mawa kaperih sabab kudu nandangan kawirang ka diri sorangan, tapi nyai mah siga anu bungah sanggeus sagalana lekasan. Reg, Mobil Avanza kaluaran anyar dieureunkeun belah sisi lamping gunung, pas di tempat dariuk di lebah dinya baheula. Sanajan ayeuna geus rada lenglang kusabab tatangkalan beak dituaran.
Asa masih kagambar sagalana kajadian didinya, kuring asa diperkosa sabab mimiti pisan kuring nyaho sorga dunya, kitu deui nyai. Nyai, asa kamari urang di sisi leuweung eta, naha geuning ayeuna urang geus jauh lekasan. Basa kamari kuring patepung deui jeung nyai di sisi lembur. Kuring asa reuwas basa papangih jeung nyai anu kuleuheu jeung caludih. Ah..asa teu percaya titingalian teh, baheula kulit anu hejo carulang ayeuna ngan kari karijutna jeung semu hideung kapoe. Beungeut anu geulis lir Dewi Sri ayeuna loba gurat-gurat kapeurih katara dina tarang. Teras, Nyai nuduhkeun anak nyai ngan hiji-hijina anu keur sumedeng ligar umurna tujuh belas-taunan. Kuring moal tuker titingalian, kuring moal bohong ka diri sorangan yen anak Nyai teh siga diri kuring mangsa keur ngora, nyeples pisan. Dedegan, panon, irung, halis, biwir meh sarua. Kuring asa ningali diri kuring mangsa jeung nyai. Teu di test DNA oge kuring mah bakal ngaku eta anak kuring. Ah asa peurih hate teh geuning papanggih jeung sari pati sorangan anu teu ka roris mangsa keur jauh. Deudeuh teuing anaking!

Dicandak ti: Saungdedimlyd.web.id
Gambar: banghendri.wordpress.com
Salam hangat, Neng Lilis Mayasari.
FB: liezmaya | Twitter: Liezmaya.


12 Sep 2012

Carpon Basa Sunda : Bulan Wanci Sareupna

Teu karaos waktos nyerelek, tapi ieu tepas masih keneh lowong hehe…maklum simkuring nuju saribuk ngurus itu ieu dak!
Ieu mah mung sakur pangbberah manah bae, mangga…manawi katampi, carita di candak ti Daluang.com (manawi teu kaabotan kang Dadan hehe).

http://amittophoto.net63.net/web_images/siluet.jpg

Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri deui runggunukna pilemburan jeung ngamparna pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa katineung di ditu, di bali geusan ngajadi.

Asa cikénéh, tur asa detik bieu pisan, kuring nénjo marakbakna kembang samoja di pipireun imah. Tangkal samoja gigireun kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara pisan. Malah saméméh ema ninggalkeun, nyusul bapa ka kalanggengan, ukur hiji anu diamanatkeun téh; pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema téh kamomorékeun, lantaran kuring kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun miara éta tangkal samoja.

Indit téh éstuning taya kereteg ti méméhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah henteu kungsi ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rék nyawang meletékna panonpoé nu baris maturan hirup kabeurangnakeun, Pa Érté ngaronghéap. Datangna teuing ti lebah mana, da ujug-ujug ngajanteng hareupeun. Katémbongna mani geus saged, beberengkes, bangun rék indit-inditan.

“Hayu atuh!” pokna.

“Hayu? Ka mana?” kuring kerung.

“Har, apan kamari geus dibadamian. Urang téh rék nyaba ka jauhna, ka alas peuntas. Urang nyiar kasenangan di ditu!”

“Asa kakara ngadéngé kuring mah?”

“Aéh-aéh, apan geus dibéjaan ti tangéhna ogé. Urang téh rék nyaba ka ditu. Matak harita bapa omat-omatan, sing loba ngumpulkeun bekel. Sing bisa ngajeuhjeuhkeun pakeun sarta ulah natambuh waktu. Bekel ieuh, kudu mawa bekel!”

“Kumaha atuh, da kuring mah teu boga nanaon?”

“Keun baé, kitu wéh. Buru-buru, bisi katinggaleun ku kapal!”

“Saha baé nu milu téh?”

“Loba. Geus taruluy batur mah!”

Mani asa rurusuhan indit téh. Asana mah, henteu mandi-mandi acan. Da éta, Pa Érté mani ngabebereg, henteu méré pisan témpo. Kuring nepi ka poho, henteu ngonci heula imah, henteu maraban domba, atawa nitipkeun pakaya jeung tangkal samoja ka nu aya di lembur.

“Keun baé da engké ogé aya nu ngurus!” cék Pa Érté sajeroning leumpang.

Nepi ka palabuan, enya baé geus ngagimbung loba jelema. Rombongan ti lembur kuring, misah di beulah wétan. Pa Kuwu, Pa Olot, Pa Lebé, Ulis Odang, Hansip Oding, Bah Wirya, katémbong keur ngabaredega. Panonna neuteup ka tengah jaladri. Bangun nu keur nyawang pikahareupeun.

Kapal anu rék mawa kuring – teuing ka mana, da Pa Érté can kungsi ngécéskeun – geus ngajugrug di basisir. Kapal anu nya badag nya jangkung, asa can kungsi manggih tandinganana.

“Geus kumpul saréréa?” cék Pa Lebé.

“Parantos sigana mah,” Pa Kuwu nu ngawalon téh.

“Hayu atuh urang indit ayeuna!”

Kabéh asup kana kapal. Dipingpin ku Pa Lebé. Tapi anéh, ari barudakna mah henteu sina milu. Kalah ka diantep ngajanteng di sisi basisir. Katémbongna, maranéhna bangun sedih naker. Loba nu carinakdak. Malah kadéngé lapat-lapat, aya nu ngahariring lagu Pileuleuyan. Euleuh, geuning aya nu maca tahlil sagala rupa.

Basa hatong kapal disada, asa aya nu ngajedud dina jajantung. Nya di basisir ieu pisan, saniskara katineung baris diteundeun, biheung kasampeur deui.

Nepi ka ayeuna, sajeroning nangtung dina dék kapal, kuring bingung kénéh. Rék ka mana ieu téh? Saenyana, éta pananya bisa ditepikeun ka Pa Érté, atawa ka saha baé. Ngan can aya waktu nu rinéh. Sabab kabéh ogé, keur anteng narangtung bari nyawang cai laut nu ririakan kasorot bulan nu beuki pias.

Nu ngajanteng di dék kapal téh, nu keur ngalamun kawas kuring, jumlahna teuing sabaraha urang. Ngajajar heuleut saméter. Kawas nu dikomando, leungeun maranéhna nangkeup harigu. Sorot panon ka jauhna, teu ngiceup-ngiceup.

Moal boa, ieu kapal keur nyuruwuk meulah jaladri. Gancangna teuing sakumaha, geus teu karasa.

Pa Érté ngajanteng pisan gigireun kuring. Teuing iraha jolna, da tadi mah anu ngajanteng lebah dinya téh Pa Olot. Asa manggih kasempetan pikeun nepikeun kapanasaran, Pa Érte gancang ditoél.

“Pa, rék kamana urang téh?”

“Engké ogé apal sorangan!” walonna bari henteu ngarérét-rérét acan.

Ngadéngé jawaban kitu mah, angger baé lebeng. Poékeun. Nya kapaksa baé, keur saheulaanan mah, dijawab ku sorangan. Dumasar kana sawatara kajadian harénghéng di lembur.

Bisa jadi, pangna Pa Lebé saparakanca ngajak miang téh, lantaran kaayaan lembur geus henteu pikabetaheun deui. Paceklik nu panjang. Kurang dahareun. Pagebug. Loba kasakit. Taneuh nu angar. Matak rungsing jeung henteu tingtrim. Enya ari nineungna mah, napel kénéh dina angen-angen. Tapi naon anu karasa ku kuring, moal bina jeung maranéhna. Miang ti lembur pikeun nyingkahan rereged. Ngan anu matak héran téh, boh Pa Lebé, boh nu séjénna, kawas nu mentingkeun sorangan. Naha ari anak pamajikan henteu dibawa, diculjeunkeun kitu baé? Saha nu ngurusna?

Kituna mah, aya alesan maranéhna indit ninggalkeun lembur ogé. Alesan anu ku kuring karasa jeung karampa. Méh kabéh anu ayeuna keur nangtung dina dék kapal, papada boga bangbaluh hirup. Ninggalkeun pasualan di ditu, di lembur. Pasualan anu nepi ka maranéhna miang ogé, biheung geus réngsé.

Kuring leumpang lalaunan. Mapay-mapay jajaran jelema-jelema anu keur narangtung nyawang jaladri. Kuring neuteup Pa Érté. Dina panon Pa Érté katara aya nu ngembeng. Boa manéhna keur ingeteun ka pamajikanana, da basa ditinggalkeun téh keur meujeuhna bureuyeung. Atawa inget ka anak anu keur meujeuhna kembang buruan. Kuring apal pisan, hirup Pa Érté ti baheula ogé henteu manggih kamarasan. Imahna nu nenggang di tungtung lembur, nu geus déngdék ka kénca alatan dihakan umur. Cék béja, ti barang rumah tangga Pa Érté hayang ngoméan éta imah téh. Keun bae panggung ogé, weweg-weweg atuh. Tapi tepi ka ayeuna ogé angger baé. Henteu robah, henteu kaganti golodog-golodogna acan. Kalah ka pamajikanana ririwit. Mindeng gering jeung kurang kasabaran, pédah hirup Pa Érté taya menyatna.

“Hésé geuning hayang ngawangun imah téh, Jang!” cék Pa Érté harita, hareupeun Pa Lebé.

“Cék kuring mah, jieun heula tihangna anu weweg!” walon Pa Lebé.

Enya, kawasna mah, pangna panon Pa Érté nepi ka ngembeng ogé alatan inget ka dinya. Inget ka imah anu henteu kungsi kaoméan.

Kuring ngaléngkah deui. Bagean Pa Olot ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah leuwih ngembeng ti panon Pa Érté. Naha Pa Olot téh inget ka budakna anu minculak ti batur? Enya, Pa Olot téh geus masagi dina dunya barana mah. Ngan sapopoéna teu weléh ngungun alum. Komo saprak Si Unéd mangkat rumaja mah. Si Unéd anu kakocapkeun sakola ka kota, mindeng nyieun masalah anu matak wirang Pa Olot. Komo apan, Pa Olot téh jadi jelema anu dipikolot, picontoeun urang lembur. Kari-kari ayeuna dikotoran ku kalakuan anak. Enya. Si Unéd anu sok mabok. Si Unéd anu – cék Pa Olot – jauh tina agama. Si Unéd anu kungsi ngagadabah Nyi Imas.

“Aing téh henteu bisa mingpin kulawarga. Henteu bisa ngalelempang paripolah anak!” kadéngé Pa Olot gegerendengan. Nyaritana bangun hanjelu naker. Kawas bijil tina haté nu pangjerona.

Kuring ngaléngkah deui. Pa Kuwu ayeuna mah anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah katémbong geus aya nu ngalémbéréh. Nyarakclakan. Murag kana dék kapal. Naon anu dipaké sedih ku Pa Kuwu? Asana téh taya cawadeunana. Tur kuring henteu kungsi nyaksian Pa Kuwu meunang bangbaluh. Salila mingpin désa, asa taya codéka nanaon. Malah kapaké pisan. Enya, ari kabeungharanana mah misah ti batur. Imahna ngajengléng. Kakocapkeun bulan hareup mah rék meuli mobil. Pakayana nu lubak-libuk, cék manéhna sorangan, lain hasil idek-liher di balé-désa. Tapi meunang meres késang, ladang dug hulu pet nyawa. Kari-kari ayeuna, Pa Kuwu ogé milu indit jeung Pa Lebé. Naha henteu lebar ninggalkeun pakaya, ninggalkeun pamajikan bahénol, ninggalkeun kasugemaan hirup?

Naon anu keur diimpleng ku Pa Kuwu, henteu kabaca saeutik ogé. Tapi sanggeus sakitu lilana didagoan, Pa Kuwu méré jawaban. Kawas nu surti, kuring téh hayang nanya kitu.

“Di dinya moal apal, naon anu keur jadi kabingung. Sabenerna, ku di dinya ogé bisa dijawab. Bisa dirarasakeun. Naon anu ku di dinya dipaké handeueul satutas ninggalkeun lembur?” pokna.

“Kuring mah henteu boga nanaon, Pa Kuwu. Imah geus rék runtuh, sawah jeung tegal teu boga. Ukur hiji anu dipaké hanjelu téh, kuring geus ngamomorékeun amanat Ema, miara tangkal samoja!”

“Lain, aya kénéh sajaba ti éta,”

“Naon?” kuring dangah, neuteup Pa Kuwu nu paromanna angger, teu riuk-riuk, teu némbongkeun robahna semu.

“Pikiran baé ku sorangan!”

Lebeng. Henteu kapikir.

Bagéan Pa Lebé anu diteuteup téh. Sarua, sarua pisan, dina panonna aya nu ngembeng. Malah lain ngembeng deui, nyurulung mapay pipi, mapay beuheung, parat nepi kana sukuna.

Pa Lebé, kuring apal pisan. Lalaki anu sapopoéna teu weléh basajan. Imahna lebakeun tajug, ukur kahalangan tangkal jambu. Pa Lebé anu tara leupas ti kopéah jeung – sakanyaho – tara ninggalkeun istigpar. Nilik kahirupanana mah, Pa Lebé henteu kasebut bisa usaha. Malah tepi ka kiwari, hirupna angger nyorangan. Pamajikanana maot, sapuluh taun katukang. Ti harita, kawas henteu boga deui niat rarabi. Sapopoéna idek-liher di tajug. Mapagahan barudak nu hayang diajar ngaji.

Padahal, naon anu dipaké sedih pikeun Pa Lebé mah. Miangna ti lembur, asana mah henteu ninggalkeun kabeubeurat. Atawa melang ku tajug, bisi euweuh nu ngurus. Bisa jadi, ngan éta-étana anu dipaké hariwang ku Pa Lebé mah. Inggis taya nu bisa neruskeun tapak-lacakna.

Henteu kaburu bisa ngawangkong. Sabab lir dikomando deui, anu ngajaranteng dina dék kapal téh arasup ka jero. Tinggal kuring ngajanteng sorangan. Satadina mah rék nuturkeun, ngan asa betah kénéh. Sabab bulan anteng maturan peuting, najan sorotna beuki pias. Cai laut angger ririakan. Kapal terus ngabiur, ngabiur teuing ka mana.

 

***

Transmigrasi. Pindah ka alas peuntas. Néangan hirup jeung huripna. Di ditu, di tempat nu ayeuna rék dijugjug. Ukur éta anu aya dina ingetan kuring mah. Sabab rék ka mana deui, ari lain transmigrasi mah. Kawasna Pa Lebé saparakanca kapincut ku dongéng Mang Satibi baréto. Puluhan taun ka tukang, Mang Satibi kungsi indit ninggalkeun lembur. Anu séjénna mah, harita, kalah ka tingbirigidig diajak nyorang sagara téh. Ngan Mang Satibi anu beunang disebut nékad. Inditna kadua pamajikan. Henteu mawa bekel nanaon. Heuleut lima taun ti harita, Mang Satibi nganjang deui ka lembur. Terus ngadongéng, kumaha senangna di alas peuntas. Cék dongéng Mang Satibi, di ditu téh manéhna geus bisa nyieun gedong, meuli motor, meuli sawah jeung tanah. Padahal pagawéan sapopoéna mah henteu hésé, ukur ngurus kebon sawit.

Pasti. Pa Lebé saparakanca, kaasup kuring, rék transmigrasi. Rék ngarobah hirup di ditu, di alas peuntas. Eukeur mah kaayaan di lembur geus teu pikabetaheun, katurug-turug kawasna mah ingeteun kana dongéng Mang Satibi téa.

Ngan anéhna, nu aya dina kapal, bet henteu nyaritakeun kaayaan di ditu, di tempat nu rék dituju. Kalah ka patingharuleng bangun ngadadak manggih kabingung. Malah aya ti antarana anu nepi ka luh-lah, kawas peunggas harepan. Ilaharna mah, lamun rék nyanghareupan kabagjaan – sebut baé kahirupan di alas peuntas téh kabagjaan – lain ngeluk tungkul siga nu bingung. Malah sakuduna béar marahmay. Taya salahna sapanjang jalan gogonjakan, seuseurian, patingcakakak sangeunahna.

Enya, kaayaan di jero kapal téh kalah matak sareukseuk. Di ditu, di dieu, pinuh ku nu ngadon ngalamun. Taya nu katangén ngobrol ngalér-ngidul. Taya nu katémbong melenyun udud. Maranéhna kawas nu jongjon jeung dirina séwang-séwangan.

Kapal téh terus nyemprung meulah jaladri. Geus henteu kadéngé sorana, awahing ku tarik. Ngan anéhna, geus mangbulan-bulan, henteu nepi baé ka nu dituju. Kalah ka pengeusi kapal lir nu beuki tagiwur. Beuki anteng ngalamun. Beuki jongjon jeung dirina séwang-séwangan.

“Rék iraha nepina ieu téh?” kuring nanya ka Pa Olot. Tapi ditanya ngadon ngeluk, bari kapireng sorana inghak-inghakan.

“Ku naon Pa Olot?”

Henteu ngajawab.

Nyampeurkeun Pa Érté, sarua henteu ngawalon. Komo ari Pa Kuwu mah. Hansip Oding, Ulis Odang, Bah Wirya, sarua ngabaretem.

Kapal angger nyemprung, teuing rék iraha eureunna.

Pangeusina geus loba nu inghak-inghakan. Malah terus careurik patarik-tarik. Ngaguruh sapangeusi kapal. Kuring bingung pipetaeun, naha kudu milu ceurik? Tapi kapal angger nyemprung. Angger teu soraan. Kuring kukurilingan, ka rohang nahkoda. Tapi taya sasaha. Kapal maju ku sorangan. Kawasna, nahkodana ogé keur milu ceurik.

Teuing meunang sabaraha bulan, maranéhna ceurik téh. Lila-lila, tina ceurik téh, jadi patinggorowok patarik-tarik. Kaasup Pa Érté, Pa Lebé, Pa Kuwu, jeung nu séjénna.

“Hayang balik deui. Gancang balik deui!” pokna.

Tapi kapal henteu eureun. Jajauheun nepi malik arahna. Asa ketir nénjo kitu mah. Kaasup kuring bet hayang balik deui. Sabab asa aya nu tinggaleun di lembur téh. Enya, asa aya nu tinggaleun.

“Moal, karah kumaha ogé, anjeun moal bisa balik deui!” aya sora ti gigireun, basa kuring keur nangtung ngumbar katineung dina dék kapal. Sora anu agem. Tur kuring kakara ngadéngé sora sakitu agemna. Basa dilieuk, aya nu maké baju sarwa bodas ngajanteng.

“Saha anjeun?”

“Pangeusi ieu kapal!”

“Enya, tapi naha bet nyampeurkeun kuring?”

“Pédah wé, katémbongna siga nu bingung!”

“Naha anjeun henteu milu ceurik?”

“Naon nu perlu diceungceurikan?”

“Itu geuning batur mah …”

“Enya, maranéhna ceurik hayang balik deui ka lembur. Sadetik wé cenah. Aya nu tinggaleun di ditu!”

“Kabéh aya nu tinggaleun?”

“Enya!”

“Kaasup kuring?”

“Bisa jadi!”

“Ké, ari ieu kapal téh rék kamana? Geuning henteu nepi baé?”

“Engké ogé bakal nyaho!” pokna bari terus ngaléos.

Kuring ukur bati ngahulengna. Asa teu kaharti. Nu gogorowokan beuki tarik. Sora Pa Kuwu mani pangtarikna.

“Hayang balik deui!” cenah. Enya, dipikir-pikir mah, kuring ogé asa aya nu tinggaleun. Pamustunganana mah sapamadegan jeung maranéhna : hayang balik deui.

Tapi kapal terus nyemprung. Teu beunang dieureunkeun. Kalah cimatana pangeusina terus maruragan. Ngamalir dina dék-dék kapal. Terus ngeyembeng. Beuki loba. Beuki pinuh. Pamustunganana kapal déngdék pinuh ku cimata. Terus déngdék. Pangeusina patingkocéak. Kuring hareugeueun. Kapal beuki tilelep. Saméméh karem, kuring bisa kénéh neuteup bulan nu beuki pias …***

Saung Pangreureuhan, 2000
sumber: daluang.com



4 Jun 2012

Created with PhotoShake for Android



21 Feb 2012

Carpon Titis Tulis


image Nis, ieu Maya, sobat anjeun baheula. Geus tilu kali ngetrok panto, ku naon teu dibuka bae? Lampu di tengah imah ngemprah keneh. Sora televisi kadenge ka luar. Karek tabuh salapan ieu teh, piraku Ninis geus tibra. Asa moal salah imah deuih. Maya geus tatanya ti gapura komplek keneh. Kabeh nu ditanya nuduhkeun ka dieu, ka nomer ieu. Jeung moal keur kagok digalentor ku salaki meureun, pan Ninis teh rarangdaan keneh lin?

Nyangka kitu teh pedah ceuk Ninis sorangan, kapok teu hayang deui boga salaki. Inget keneh teu basa opat taun ka tukang urang ngobrol duaan di warung sate Pa Kumis? Ti harita urang can bisa tepung deui.

"Sorangan bae Nis, keur ka mana ari Kang Adin?" kitu barang gok tepung di warung sate teh.
"Tong nanyakeun Si gejul, mending ge murak sate sing wareg!" tembal anjeun bari diuk gigireun, beulah katuhu.
"Har, ku naon kitu? Keur pasea?"

Harita paroman anjeun ngadadak alum. Terus robah jadi jamotrot kawas nu ambek. Untung Ninis mah geulis, najan keur jamedud ge angger we siga Bella Saphira. Rancunit matak pikabitaeun lalaki. Keur mah boga awak sampulur bari bahenol, puguh we matak moho sakur nu nenjo.

"Geus pisah jeung Si jurig teh, geus rek sataun!" ceuk anjeun bari jebi.
"Baruk? Tega geuning Kang Adin teh? Teu cara baheula keur hayangna, mani teu sirikna ngalehor dina golodog?" cekeng kaget pisan.
"Numatak ge, lalaki mah teu bisa dicepeng pamadeganana. Hanas keur bobogohan jeung Kang Iwan kapaksa dipegatkeun. Tuda watir ku melas-melisna. Jeung kataji ku keyengna we, mikahayang ka urang teh teu sirikna bebeakan. Geus puguhna surat murudul teh unggal minggu, apan lamun datang ge teu weleh angkaribung jingjing bawa. Atuh lamun balik ti panyabaan, memeh datang ka kolotna teh ngaheulakeun ka urang heula. Kitu deui mere duit pamahugi, eusi amplop teu weleh kandel. Sok we, saha awewena nu teu kaceot!"
"Enya, apal Maya ge. Tapi naha atuh bet tibalik lemah? Lain pedah Ninis katohyan nyelewer?"
"Euleuh, goreng teuing sangkaan teh, May?"
"Ih, pedah keur usum we. Pan ayeuna mah nu nyelewer teh teu pandang cacah atawa menak, teu di rahayat teu di pajabat...," nembal teh bari ngagalokeun kecap kana samara sate.
"Lain manehna nu nalak, tapi Ninis sorangan nu menta pisah. Ninis nu ngagugat talak ka pangadilan agama. Alhamdulillah hasil."
"Deuh, rame geuning Nis? Jadi, Kang Adin nu nyelewerna?"
"Lain perkara nyelewer, May. Kang Adin robah jadi euwah-euwah!"

Nis, inget keneh teu, harita Maya. Teu ngarti naon nu dimaksud ku Ninis. Maya panasaran hayang ngadenge lalakon nu sagemblengna, tapi Ninis kalah jongjon ngahuap. Sakitu geus beak tilu tiir, Ninis teu daek pok bae.

"Pok atuh, Nis!" cekeng, gantung areuyeun.
"Naon?" ceuk Ninis, malik mencrong.
"Eh, ari Ninis bieu tos ti mana heula?"
"Murak sate!"
"Ih, Maya mah mani ti dengdek-dengdek hayang ngadenge lalakon Kang Adin jadi euwah-euwah..."

Anjeun nyikikik. "Sugan teh teu panasaran," bari kop deui nyokot tiiran sate.

"Dasar gembul!"

Lalakonna panjang, May."

"Kajeun panjang oge, sok atuh caritakeun, meungpeung panggih," ngahaja sendok diecagkeun, ngahuap eureun heula bakat ku hayang saregep ngadengekeun.
"Mimitina mah saprak Kang Adin di-PHK," ceuk anjeun muka carita. "Lantaran hayang boga gawe deui, manehna meh unggal poe indit ngasup-ngasupkeun surat lamaran. Tapi nepi ka tilu bulan can aya nu narima bae. Antukna duit pasangon nu teu sabaraha gedena teh beak dipake kabutuh sapopoe. Tah, ti harita sikep Kang Adin mimiti robah. Manehna kawas nu peunggas harepan. Duka ku naon jadi remen meuli inuman nu teu paruguh. Lamun indit ti imah, balikna meh tengah peuting bari sasampoyongan mabok. Jadi gede ambek deuih. Komo lamun euweuh duit mah, wani nyiksa sagala ka Ninis teh."
"Euleuh, kutan kitu Nis? Terus kumaha?" cekeng wuwuh bengong.
"Hiji poe Kang Adin ngajak ulin. Cenah mah ngajak nganjang ka sobatna nu rek mere pagawean. Anehna, Ninis kudu dangdan kawas rek ka pesta dangsa. Kudu geulis, kudu menor, kudu seksi, cenah. Tara-tara ti sasari Ninis kudu make baju nu nyitak awak jeung erok pungsat. Jeung deui teu meunang mawa budak, May."
"Ninis teu nolak?"
"Ih, puguh we nolak mah. Pan iraha teuing Ninis dangdan kawas jablay. Komo bari kudu ninggalkeun budak nu anyar dikisat. Tapi Kang Adin keukeuh maksa. Gaul cenah sakali-kali mah. Meh bebas, budak pihapekeun ka tatangga, pokna teh."
"Tapi bener nya nganjang ka sobatna?"
"Nu matak, ti harita Kang Adin gejulna teh. Manehna jadi euwah-euwah May!" ceuk anjeun bari paroman ngariuk nguyung. Tina juru panon ebreh aya nu ngembeng. Lila-lila peupeus ngalembereh mapay pipi.
"Maksud Ninis?"
"Ninis teh dilacurkeun, May. Ninis dijual ku Kang Adin ka sobatna."
"Astagfirulloh...!" ngadadak dada karasa eungap.
"Lain ukur sakali eta, May. Unggal manehna butuh duit, Ninis terus dilacurkeun."

Nis, ngadenge kitu jajantung Maya asa rek pegat. Sakedapan ngaheunggeu. Asa percaya asa henteu. Naha Kang Adin jadi nista? Apan baheula mah sakitu bageurna? Jeung asa boga dosa ka Ninis teh, lantaran Maya sorangan nu nepungkeun Ninis ka Kang Adin.

"Ari Ninis teu bisa ngalawan pisan?"
"Hese nyaritakeunana, May. Nolak jeung ngalawan mah asa geus kurang kumaha. Dasar jelema gejul, beuki wani ngalawan beuki pohara nyiksana. Nu ngaranna ditampiling mah geus teu kaitung duka sabaraha kali. Lamun nolak ngalayanan lalaki bawa manehna, sapeuting eta Ninis digantung. Sirah di handap, suku di luhur..."
"Ya Alloh, ya Robbi...!"
"Ninis ge kungsi kabur May, tapi kacerek deui. Ti harita Kang Adin ngancam, lamun Ninis nolak dilacurkeun, cenah keur gantina Si Pipit rek dijual!"
"Beu!"
"Sok pikir ku Maya. Kajeun Ninis jadi korban ti batan anak nu dijual," anjeun harita terus nyegruk.

Harita teh Maya ge kabawakeun ceurik, Nis. Urang paungku-ungku duaan. Teu ieuh malire tukang sate nu kumisna ngadadak lempes. Maya bisa ngarasakeun kumaha paitna nasib Ninis. Ceuk paribasa mah Ninis the lir ibarat maju jurang mundur jungkrang.

"Hadena we ka Ninis aya jalma nu haat nulungan," ceuk anjeun sanggeus cimata urang mimiti saat.
"Kumaha dongengna, Nis?" cekeng bari curinghak.
"Sakali mangsa Ninis dilacurkeun deui. Poe eta mah teu dianteurkeun ku Kang Adin, tapi ngadon nitahan sobatna. Ninis diserenkeun ka hiji lalaki perlente. Aneh, nu ieu mah keur kasep teh someah. Apan nu sejen-sejen mah barang gok oge sok langsung rorontok muka anderok. Tapi nu ieu mah kalem pisan. Boro-boro ngarontok, diuk ge teu wani padeukeut. Di kamar hotel teh, Ninis diuk dina biwir ranjang, manehna mah camekblek we dina korsi."
"Geuning, aya nu kitu lalaki teh?"
"Ninis ge heran, May. Manehna kalah ngajak ngobrol, tatanya naon kasang tukangna pangna Ninis cenah jadi awewe panggilan. Ah, kasempetan ceuk pikir teh. Brak we dibuka sagalana. Meureun geus kersana Nu Kawasa. Eta lalaki teu pisan wani ngoromeoh. Kalah dek we nyieun reka perdaya. Nya ku anjeunna salaki gejul teh dijebloskeun ka panjara, sakalian Ninis dibantuan ngagugat talak...."

Duh, mani ngemplong ngadengena teh, Nis. Alam dunya asa ngadadak blungblang. Warung sate nu sumpek ge asa robah jadi stadion. Enya, bakat ku milu bungah.

"Nu matak, geus Ninis mah teu hayang deui boga salaki. Kapok. Ayeuna mah rek ngurus si Pipit di lembur. Rek disakolakeun sing luhur. Rek dipasantrenkeun. Sugan we jadi budak anu solehah," anjeun ngebrehkeun harepan.
"Maya salut ka Ninis," cekeng bari ngarangkul. "Maya angkat topi. Teu sangka Ninis bisa teger, tabah jeung tawekal. Mun Maya nu ngalaman kitu, duka bakal kumaha. Paling ge geus we maehan maneh. Gantung diri. Rek marakayangan jadi ririwa. Rek diuber salaki gejul kitu mah. Ngahukumna teu cukup ukut dibui kawas Kang Adin ayeuna. Salaki ucut burung mah kudu dijungjurigan sangkan paeh molotot!"
"Hush, nyarita teh sok sompral kitu, kumaha mun dituliskeun jurig?"
"Bae dituliskeun jurig mah, asal ulah dituliskeun malaikat we!" ngawalon teh bari jebi.

Nis, ayeuna Maya aya di teras. Ku naon ngetrok panto taya nu ngawaro? Geus tibra sare kitu? Boa Ninis jalir jangji, geus boga deui salaki. Mun enya teh, meureun ayeuna keur dikeukeupan, atawa keur ngahenen diparende ku bebene pamepes hate.

Ti saprak pisah di warung sate Pa Kumis tea, urang can bisa tepung deui. Bongan Ninis balik ka lembur. Maya teu nyaho ka lembur Ninis. Apan salila sosobatan teh urang mah teu ingkah ti kota Bandung. Tadi oge mapay-mapay we tatanya ka saban jalma nu kaparengkeun panggih di jalan.

Maya teh rek menta tulung, Nis. Bet sanasib geuning urang teh. Meureun sakumaha ceuk Ninis harita, omongan Maya dituliskeun jurig. Salaki Maya ge robah jadi euwah-euwah kawas Kang Adin. Maya sarua dilacurkeun ku salaki.
Duh, nyeri batin teh, Nis. Ampir saminggu tilu kali Maya kudu ngalayanan lalaki culas. Maya dipaksa teu meunang embung. Kawas Ninis harita, sarua Maya ge remen disiksa. Mun teu ditampiling, nya didagorkeun kana tembok. Sakapeung Maya dilelep-lelep dina bak mandi, terus dikerem sapeuting jeput.
Teu kuat Maya mah, Nis. Teu bisa teger jeung tabah kawas Ninis. Tilu poe ka tukang Maya nekad maehan maneh. Maya gantung diri, Nis. Boa Ninis ge terang kasusna dina Buser atawa Sergap. Kasus Maya diliput ku kabeh stasion tivi. Kungsi nonton teu?
Nis, geus dua peuting Maya marakayangan. Geus dua peuting ngubek kota Bandung neangan salaki. Cara omongan Maya harita, salaki gejul teh rek diuber. Rek diririwaan. Rek dijungjurigan ngarah paeh molotot.
Nis, ieu Maya aya di hareupeun imah. Buka atuh pantona. Piraku kudu gegedor? Maya bingung Nis. Salaki can kapanggih keneh. Duka ka mana kaburna tah jelema gelo teh. Sugan atuh lalaki nu bareto nulungan Ninis ayeuna bisa nulungan ka Maya. Pangnewakkeun salaki Maya. Lamun geus aya di pangberokan, keun bagean Maya nu ngajungjurigan. Satuju, Nis? ***


Bogor, 200309
Ku Dedin Rohaedin
Dicandak ti: Majalah-mangle


27 Jan 2012

Aing Djago

- Ku S.A. Hikmat -

image ,,Tah dada aing” Sorana mani handaruan. Kurang-kurangna teger mah nu ngadenge matak baseuh tjalana. Song dada rubakna nu buluan diasongkeun. Sorot panonna nu buringhas siga tembus kana hulu angen musuhna. Njaliara ka sakudjur awak nu keur disanghareupan. Unggal rindat, usik djeung kereteg musuhna geus kaukur. Moal kapiheulaan babar manehna mah. ,,Hajoh dia ulah ngadjedog bae.”

Si Gomar anu geus kasohor djago di daerah Tjibaliung, hatena rada hemar-hemir. Asa kakara manggih lawan anu teuneung ludeung asup ka daerahna. Sanadjan manehna geus njaho kana ngaranna oge, ari adu hareupan mah kakara, da di dunja kadjawaraan di sakuliah Banten mah teu aja nu bireuk atuh ka si Djago the. Djago-djago di Labuan, Menes, Rangkas, Cilegon, Pandeglang geus teter. Kabeh dipatjundang. Karek ku haok djeung polototna bae ge geus rea nu taluk. Komo ieu bari diparag ku si Djago djeung baladna saperti ajeuna mah.

Kareret ku djuru panon Si Gomar, balad-balad manehna sorangan bangun nu leungit pangatjian. Renghap manehna narik napas pandjang, tajohna ngumpulkeun heula tanaga djeung pangatjian.

 

,,Djadi asal idjen!” djawab Si Gomar neger-negerkeun maneh. Hatena mah teu wudu dag diug dug. Srog madju ka hareup. Bedog Tjiomasna meh ngangsar kana taneuh. Geulang bahar meulit dina pigeulang duanana. Dua djago geus adu hareupan. Nu saurang awak badag sembada, nu saurang deui djangkung leutik.

Njeh Si Djago njerengeh semu nu ngahoa. Pikirna sageprak oge Si Gomar moal teu rubuh.

 

,,Heeet” Si Djago ngagigila musuhna. Dina kalangan pentja di Banten mah sora ieu teh pikeun mere peringetan. Musuh kudu iatna sabab gorowok kieu teh biasana disusul ku panaradjang kilat nu bahja. Tapi da lain djawara sakatiga atuh si Gomar oge. Nangtungna masing angger tagen. Teu seber ku geretak nu matak katorekan. Manehna tetep ngadago gerakna musuhna. Tapi nu didago lebeng.

Ana barakatak the Si Djago ngagakgak ,,Heuh, heuh, heuh,” matak muringkak bulu punduk. ,,Heuh heuheuh, bener djago dia, njah! Deungeun-deungeun mah karek dihetkeun geh geus bidjil kokoneng.”

Rej beungeut Si Gomar beureum. Hatena ngentab panas. Leungit sagala kagimir. Ajeuna paeh isuk paeh. La haula wa la kuwata, tjeuk hatena njambat. Teuing ka saha. Ngan nu dipeleng ku mengingetna mah, guruna, nu nurunkeun sagala elmu pentja djeung kawedukan.

 

,,Hajoh dia madju”. Ragamang Si Djago rek ngarawel beuheung Si Gomar. Ieu pisan nu diarep-arep ku Si Gomar ge. Antara sasenti deui ngagilek, leungeun musuh digiwarkeun kaluar. Tapi…. Meh wae manehna kaleungitan kasaimbangan badanna. Da leungeun Si Djago sakilat: ,,leungit”. Sihoreng eta gerak tipu. Geuwat manehna menerkeun deui tangtunganana.

,,Heuh, heuh heuh” Si Djago Tjeutjeuleukeuteukan. Seuri nu karasana asa balati nurih angen Si Gomar. Saumur dumelah, karek ajeuna dipojok djeung digeuhgeujkeun dina kalang, mangkaning di lembur sorangan deuih. Renghap deui narik napas. Huntuna kekerot. Napsuna mimiti ngagudag-gudag. Gorowok manehna nantang. ,,Hajoh dia djago, madju Setan ……….”.

 

Djep nu njeungseurikeun djempe. Rej beungeut Si Djago beureum. Biwirna mani ngawet, dadana beuki didjeberkeun. Panonna molotot bangun anu rek ngalegleg.

,,Disakalikeun dia ku aing ajeuna mah, moal diomberan,” gerentesna. Sebrut peureup katuhuna nu sagede tjengkir ngahiuk. Djleng Si Gomar luntjat ka katuhueun musuhna, bari nepak siku Si Djago ku leungeun kentja, bareng djeung suku katuhuna nedjeh palangkakan. Mun nu sedjen mah dina tangtung kitu teh geus pasti beunang mamatihna.

 

Tapi Si Djago nu kakontjara maher pentjana, ngan ukur djero sasekon geus bisa ngomean tangtungna. Sret narik leungeunna nu milepas, disikukeun bari ngarengkogkeun awakna. Tulang siku diadu djeung tuur Si Gomar. Ngan sakilat duanana geus pada menerkeun deui tangtungna. Sadjongdjonan papelong-pelong. Napasna ngaharegak. Sebrut deui Si Djago ngaheumbatkeun peureup katuhuna. Tapi harita keneh ditjentok deui bari ngagilirkeun awakna ka katuhu. Atuh Si Gomar nu rek ngadua kalian mitjeun panaradjang musuhna kawas tadi teh, ajeuna kapalingan tangtung. Karek ge djleng ka katuhu geus dipapag manten ku peureup Si Djago nu ditudjukeun kana beungeutna. Gerak refleks Si Gomar teu kendor, lep manehna ngelok, brek pasang depok. Peureup kentja Si Djago ngahiuk mani bangbaraan milepas luhureun sirah musuhna. Kapaksa Si Djago ngalengkah ka hareup pikeun mere kasaimbangan tangtungna nu lontjer. Tapi karek ge tjlek sukuna kana taneuh, geprak suku Si Gomar ngagunting. Riek awak Si Djago njanggejeng. Arek dibeubeutkeun pisan, gewewek ngaranggeum buuk Si Gomar. Nu laladjo mongkek napas. Gurindjal, djleng Si Gomar luntjat heula. Geutih ngarej kana tarangna. Serepet bedogna dilugas. Gurilap-gurilap katodjo panon poe.

 

Si Djago, da beurat ku awak, teu kaburu nangtung. Kapaksa manehna ulin di handap, pikeun nahan panaradjang Si Gomar. Seak sora bedog ngahiuk njabet beuheungna. Gilek Si Djago ngagilek bari ngadepong, djekres sukuna ngagunting musuhna. Tapi Si Gomar rikat pisan ngadjleng.

Djleng ka kentja, ketjek suku Si Djago dikadek, tapi poos digiwarkeun, bles bedogna nantjeb kana taneuh. Si Gomar dina sikep nu nguntungkeun, terus njehtjer musuhna ………………. Djlung-djleng ka kentja ka katuhu bari njabet-njabetkeun  bedogna. Si Djago napasna geus mimiti ngahegak. Manehna kapaksa ngalawan musuhna ku karikatan sukuna wungkul. Kaajaanana matak pikahariwangeun.

,,Tah, Ka ………. !” Salah saurang balad Si Djago ngagorowok. Belewer aja nu ngalajang luhureun sirah Si Djago, manehna ngagilek bari njanggap bedog musuhna ku siku-siku.

 

Belentrang wadja pada wadja diadu, bareng djeung ngagoakna Si Gomar. Pluk bedogna murag tina leungeunna. Sadjongdjongan ngadjengdjen, bru nu rubuh bari sesegor, Si Gomar palastra-satria tengahing kalang. Aja nu djail ti luareun kalang!

Si Djago nu masih ngadepong bari ngahegak, olohok nendjo musuhna teu puguh-puguh  rubuh. Djung manehna nangtung lalaunan. Breh katendjo aja peso nantjeb dina tonggong Si Gomar. Barakatak manehna seuri. Geus biasa da, samangsa-mangsa manehna kapeped dina tarung, geus tangtu aja pakarang ,,rasiah” nu digunakeun ku baladna. Bubuhan rea pembela-pembela  njiliwuri djeung mopoek, maledog balati ka musuhna, ti luareun kalang. Tapi nu sohor mah tetep Si Djago bae.

 

,,Heuh ……… heuh ……… heuh !” bari njampeurkeun musuhna. Djeprot disepak, ketjoh ditjiduhan, bari ngahaok : ,,Hajoh dak, randjah imah-imahna.” Si Djago mere komando bari ludjag-ledjeg, siga nu heueuh unggul ku djalan beresih. ,,Tjalukan djarona ka dieu. Kumpulkeun djalma-djalma kabeh.”

Teu kungsi saparapat djam, awewe-lalaki geus kumpul naragog hareupeun Si Djago, bangun miris.

,,Mana djarona dak?” ,,Ieu jeuh Ka,” salasaurang baladna ngagorowok bari njuntrungkeun djaro (lurah).

,,Saha ngaran dia, hah?”

,,Badi” djawabna bari ngadegdeg.

Sanadjan manehna urut djawara oge, ari njanghareupan Si Djago mah keder. Hatena ratug tutunggulan.

,,Mimiti poe ieu dia dipotjot ku aing. Bagus keneh dia teu di podaran ge.” Ret panonna nitenan wanita-wanita  nu naragog.

,,Tah nu ieu, nu ieu, tuh nu itu, itu” bari nundjukan awewe nu taregep. ,,Djang aing eta mah. Ulah aja nu wani!”

Si Djago nu geus nalukkeun djawara-djawara di unggal kabupaten, katjamatan djeung desa, ngaranna beuki sohor bae. Beuki gede pangaruhna djeung loba pakajana, beuki matjeuh sarakahna, ngagalaksak ka rajat.

 

Angen-angen-na mah hajang bisa nalukkeun kabeh djago di sakuliah Banten, ti Udjung Kulon nepi ka Djampang Kulon. Ngaranna beuki dipikagimir bae, atuh beuki sombong, adatna mahiwal ti batur. Sagala kahajangna teu meunang dipungpang, utjapna hajang digugu bae. Lamun tjarekna : ,,Tjokot awewe itu!” djeun teuing pamadjikan batur, hih kudu wae digugu. Dibantah saeutik ge make kolu ngadek. Tapi ana geus njaah ka djelema, babakuna nu bisa ngadjilat, wah taja dunja kinasihan. Bro-broan, ka awewe mah. Sakalina mahugi oge tara diitung deui, sok imahna, sawahna, kebonna, lengkep djeung ingon-ingonna.
Tapi lamun seug kahajangna dihalang-halang. Beu, mani kawas nu ngadadak owah. Murang-maring, djubras-djebris hahaok djeung sesentak babanting bari meupeus keujang, tapi baladna geus teu helok deui. Lamun gegedugna keur ,,motah” tjara nu kasurupan teh, osok song we diasongan awewe geulis ngadadak lindeuk, bari latam-letem tjara embe badot ngadeuleu Si Bikang. Pajus disebut kolot-kolot kokorobet teh, da umur Si Djago teh geus kawilang kolot. Kitu lah kira-kira  65 taun. Tapi  kalakuanna ka wanita mah tara ieuh eleh ku nu ngarora, mun teu rek disebut leuwih gembul teh. Madjar teh, ,,meungpeung aing kawasa, sagala lubak-libuk.” Numatak Si Djago hirupna beuki kolot teh beuki mangprung. Tunggul dirarud tjatang dirumpak. Djadjauheun kana babalik pikir teh. Ari pamadjikan salawasna opat. Nu resmina kitu soteh. Ari ka saha-saha ngakuna mah Islam. Tapi Islamna ngan lebah njandung wungkul. Deugeulna (kepala batu) alahbatan budak halabhab. Rarasaanana ,,aing pang benerna sorangan”; batur mah kabeh ge salah! Aing kudu digugu!

 

Dina hidji poe sore-sore Si Djago diriung-riung ku baladna nu raket pisan. Manehna ngabaheuhaj dina korsi males. Di kamar istimewa paranti leleson djeung sukan-sukan. Gigireunana dua modjang nu barahenol tarapak deku bari mareuseulan bitisna. Saurang deui modjang keur njiaran njabutan huisna, da hajang tetep siga ngora, magar teh.

,,Daak, Daak, ……….! Sora Si Djago ngagerem. Panonna peureum beunta. ,,Kumaha Si Deugeul, djaro Mandalawangi tea geus dipotjot?”Djempling taja nu ngadjawab.

,,Pan euweuh nu njoara? Hajeh ngomong dararia!”

,,Ehm ….. Ehm …..” Si Patrik anak emasna Si Djago ngadehem.

,,Teu atjan Ka.”

,,Hah…….. ku naon?”

,,Eta…… eh…….. dihalang-halang ku anakna.”

,,Anakna? Djawara kitu?”

,,Sanes. Dja budak keneh, malah bedjana mah sakola keneh.”

,,Bating! Kapan ku budak bae bisa dihalangan. Naon daria geus djaradi bikang kitu?”

Kuniang Si Djago hudang. Bari molotot, manehna ngagorowok: ,,Mana Si Gada nu diparentah ku aing ngaganti Si Deugeul?”

,,Tatjan dongkap Ka, di Mandalawangi keneh.”

,,Hajoh teang kaditu. Heran aing mah, boga balad ketjing kitu.”

,,Pan aing nu ngagadjih daria unggal poe. Aing nu maraban daria isuk-sore. Aing nu mere pipamadjikaneun ka daria. Tjoba hajang njaho, saha nu adil djeung bageur tjara aing? Moal aja sadunja geh. Aing nu pangdjagona, aing nu pangbageurna……”

Sabot kitu di luar aja sora ribut-ribut. Djelema tinggorowok, tingdjarerit mani ajeuh-ajeuhan.

,,Naon tah?” Si Djago tjuringhak. ,,Saha nu wani ribut-ribut di imah aing? Kurang adjar……..”.

Tjan oge anggeus ngomongna, ana berejek tej djelema-djelema ti luar arasup. Panto didjedjek parabot diubrak-abrik. Bru-bro barang petjah-belah kawas dibanting-bantingkeun. Blak panto kamar Si Djago muka, aja nu nedjeh. Sampojong-sampojong aja djelema asup. Badjuna ruwak-rawek, beungeutna pinuh ku getih. Bru rubuh hareupeun Si Djago. Blus tilu djadjaka arasup. Narangtung adjeg, tapi sikepna sajaga. Pasemonna leber wawanen.

,,Tah…… Djago……! Balad andika Si Gada nu rek ngaganti Djaro Deugeul!!” tjeuk salah saurang djadjaka. Ngomongna ajem teu aja sari-sari kasima, komo gimir mah. Bangun jakin ka diri pribadi.

 

,,Haramdjadah….” Si Djago ngagorowok. Ambekanana ngahegak panonna buntjelik. ,,Saha dia hah? Deuk ngadjagoan hareupeun aing! Budak olol leho, hajoh ngomong, bisi hajang dipekprek hulu dia ku aing. Saha ngaran dia?”

,,Kula” djawab pamingpin djadjaka-djadjaka tea, ,,Ti Mandalawangi. Katelah mah Pakih.”

,,Pakih? Tjan ngadenge ngaran kitu mah. Anak saha dia hah?”

,,Kula anak Djaro Deugeul nu ku andika deuk dipotjot. Kula sabatur-batur ngahadja datang ka dieu deuk mere peringetan ka andika………..”

,,Peringetan……..? Aing deuk diingetan ku pantaran kitu? Budak bau djaringao? Heuh, heuh, heuh, heuh……”

Belewer aja nu ngalajang luhureun sirah Si Djago. Tjleb peso balati nantjeb kana panto tukangeunana. Manehna ngarendjag tuluj malik. Sabot malik serepet aja nu ngagaris kana leungeun badjuna. Rikat manehna njingtjet. Tjleb deui peso balati nu kadua nantjeb dina kosen panto.

,,Bangsat dia, nangtang gelut ka aing?” bari nepakan dadana. Si Djago sosoak: ,,Jeuh aing Djago. Aing nu kawasa, aing nu ngereh sakuliah Banten. Dararia mah tjatjing tjau! Budak olo-leho, tjan njaho di nu djagoan. Aing nu geus loba pangalaman, aing nu geus seubeuh mandi geutih, aing…………….”

,,Ngadjedog ulah loba pidato andika!” tjeuk Pakih tetep ajem. ,,Geus bosen kami mah. Tembongkeun ajeuna kadjagoan andika. Geus datang mangsana andika ngeureunan sagala kadjahatan, kadoliman djeung kasarakahan. Rajat laleutik geus teu sabar deui digarong pakajana, dirampas anak-pamadjikanana ku andika djeung balad andika. Meudjeuhna ajeuna andika tobat ka Pangeran djeung sumpah hareupeun batur-batur kami, jen moal deui-deui ngaruksak kaum wanita…….”

,,Heuh, heuh, heuh. Deuk njingsieunan dia ka aing? Heuh, heuh, heuh. Dak, dak! Deleh ku daria ieu tjatjing-tjatjing tjau, deuk maraksa ka aing kudu taluk? Heuh, heuh, heuh….”

Borobot djandela aja nu naradjang. Putjunghul sirah barudak narolol. Belewer-belewer batu sagede-gede kaletji merekpek sirah djeung beungeut Si Djago. Manehna pakupis nakis, hut-het, djlung-djleng, tapi atuda murubut datangna, sanadjan maher pentja, teu burung baluntjunur tarang djeung sirahna.

Ambek njedek tanaga midek. Tungtungna mah ngadjendjen weh.

 

,,Eureun!” Pakih mere komando ka anak buahna. ,,Hajoh Djago kumaha karep andika ajeuna? Sanggup sumpah? Sanggup ngeureunan sagala kadjahatan djeung kadoliman? Atawa hajang digorok andika ku anak buah kami?”

,,Eh… eh… eh… Nanaonan ieu kasep. Kapan Mamang ti baheula geh tukang ngurus djelema leutik. Njaah, deudeuh ka pakir-miskin. Teu rumasa Mamang mah. Demi Allah daek paeh kasarad, tilok ngabinasa ka sasama manusa. Hiih haram geh hukumna ……”

,,Ari eta andika sok ngarusak kaom wanita. Tjruk-tjrek kawin ka ditu ka dieu, djaba ngundeur. Pakaja batur dirampas, njawana dipegatkeun.”

,,Masja Allah, pitenah eta mah. Pitenah kasep, ulah sok dipertjaja. Mamang nu ngarondjatkeun harkat kaom wanita mah. Mamang nu geus korban melaan rakjat djembel. Sing pertjaja ka Mamang. Ulah kaosol ku batur Sep. Maranehna mah sirikeun ka urang…” djawabna neger-negerkeun maneh. Tapi dina hatena mah njeungseurikeun. Lah pilakadar bebenjit kamari ieu. Njaho ge moal urusan kolot.

Ari eta, pamadjikan andika nu ngarora, kapan pantesna mah djadi intju. Kabeh meunang papaksa. Lain ngaruksak wanita ari kitu?”

 

,,Aih, aih kasep. Eta mah amal soleh, Mamang mah sosial ka saha-saha oge.”

Tajohna mah batur-batur Pakih geus teu sabar; djlung-djleng laluntjatan tina djandela. Rob ngalingkung Si Djago bari tinggorowok djeung mesat bedog. ,,Gebruskeun bae ka Tjiliman! Tarandjangan, urang arak ka kota. Bui, bui, asupkeun ka pangbuian….gebugan heula!”

,, Stop dak!” Pakih mere komando.

Djep djempling. Sanadjan ngarora keneh oge, ari kana disiplin mah njaraho. Nurut ka pamingpin.

Srog Pakih madju bari ngomong : ,,Ieuh, Djago, bisi teu njaho batur-batur andika kabeh geus ditewakan ku anak buah kami djeung ku rajat. Digarebugan patingdjaropak. Kari andika ulon-ulonna. Bisi panasaran hajang ngalawan, pek andika kari meta. Arek silih kadek ku bedog, arek silih tewek ku peso, kami teu sieun.

 

Harta banda maneh nu asal meunang ngarampas sarta diaraku ku nu bogana, ku kami dipulang-pulangkeun ka nu boga milik. Boh nu aja di andika, di pamadjikan andika, di anak, di baraja, anu tetela meunang teu halal mah, kabeh dipulangkeun ka nu bogana.

Bisi teu njaho, rajat Tjibaliung ajeuna geus beunta, geus hudang, geus samiuk, kabeh idjideun, ambekeun ka andika. Lamun ajeuna ku kami dihutjuhkeun, moal kungsi lima menit andika djadi bangke! Ngarti?”

 

Lamun andika hajang salamet pandjang umur, ajeuna keneh talak pamadjikan andika opatanana, sina mulang ka salaki-salakina nu bareto. Andika pribadi memeh surup mata poe kudu geus indit ninggalkeun Banten. Hade tetep matuh di Banten, tapi kudu tarima hulu andika misah tina awak.”

,,Gorowok ti luar rame : ,,Peuntjit bae ajeuna! Peuntjiiiit!”

Si Djago anu sok susumbar-gumagah teh, harita mani ,,peot” bawaning ku sieun. Ngolesed tina korsi males bari njembah atjong-atjongan, menta hirup.

,,Haju urang tinggalkeun” Tjeuk Pakih ,,Kateuteuari ngalajanan nu burung…..”.




Pésén Admin

- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

TOKO ONLINE BAJU BUSANA MUSLIM SYAR'I MURAH
Mau belanja baju busana muslim, Gamis Syar'ie Murah Bekasi, perlengkapan rumah tangga, dll. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

 

Wilujéng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka dégét ayéna, nyaéta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

Nunutur

Nu Parantos Ngalongok

Copyright 2013 Tépas Pangacaprukan | Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!. ti taun 2006 dugi ka kiwari. Development by Jasa Pembuatan Website Murah