Wilujeng sumping lur.

21 Feb 2012

Carpon Titis Tulis


image Nis, ieu Maya, sobat anjeun baheula. Geus tilu kali ngetrok panto, ku naon teu dibuka bae? Lampu di tengah imah ngemprah keneh. Sora televisi kadenge ka luar. Karek tabuh salapan ieu teh, piraku Ninis geus tibra. Asa moal salah imah deuih. Maya geus tatanya ti gapura komplek keneh. Kabeh nu ditanya nuduhkeun ka dieu, ka nomer ieu. Jeung moal keur kagok digalentor ku salaki meureun, pan Ninis teh rarangdaan keneh lin?

Nyangka kitu teh pedah ceuk Ninis sorangan, kapok teu hayang deui boga salaki. Inget keneh teu basa opat taun ka tukang urang ngobrol duaan di warung sate Pa Kumis? Ti harita urang can bisa tepung deui.

"Sorangan bae Nis, keur ka mana ari Kang Adin?" kitu barang gok tepung di warung sate teh.
"Tong nanyakeun Si gejul, mending ge murak sate sing wareg!" tembal anjeun bari diuk gigireun, beulah katuhu.
"Har, ku naon kitu? Keur pasea?"

Harita paroman anjeun ngadadak alum. Terus robah jadi jamotrot kawas nu ambek. Untung Ninis mah geulis, najan keur jamedud ge angger we siga Bella Saphira. Rancunit matak pikabitaeun lalaki. Keur mah boga awak sampulur bari bahenol, puguh we matak moho sakur nu nenjo.

"Geus pisah jeung Si jurig teh, geus rek sataun!" ceuk anjeun bari jebi.
"Baruk? Tega geuning Kang Adin teh? Teu cara baheula keur hayangna, mani teu sirikna ngalehor dina golodog?" cekeng kaget pisan.
"Numatak ge, lalaki mah teu bisa dicepeng pamadeganana. Hanas keur bobogohan jeung Kang Iwan kapaksa dipegatkeun. Tuda watir ku melas-melisna. Jeung kataji ku keyengna we, mikahayang ka urang teh teu sirikna bebeakan. Geus puguhna surat murudul teh unggal minggu, apan lamun datang ge teu weleh angkaribung jingjing bawa. Atuh lamun balik ti panyabaan, memeh datang ka kolotna teh ngaheulakeun ka urang heula. Kitu deui mere duit pamahugi, eusi amplop teu weleh kandel. Sok we, saha awewena nu teu kaceot!"
"Enya, apal Maya ge. Tapi naha atuh bet tibalik lemah? Lain pedah Ninis katohyan nyelewer?"
"Euleuh, goreng teuing sangkaan teh, May?"
"Ih, pedah keur usum we. Pan ayeuna mah nu nyelewer teh teu pandang cacah atawa menak, teu di rahayat teu di pajabat...," nembal teh bari ngagalokeun kecap kana samara sate.
"Lain manehna nu nalak, tapi Ninis sorangan nu menta pisah. Ninis nu ngagugat talak ka pangadilan agama. Alhamdulillah hasil."
"Deuh, rame geuning Nis? Jadi, Kang Adin nu nyelewerna?"
"Lain perkara nyelewer, May. Kang Adin robah jadi euwah-euwah!"

Nis, inget keneh teu, harita Maya. Teu ngarti naon nu dimaksud ku Ninis. Maya panasaran hayang ngadenge lalakon nu sagemblengna, tapi Ninis kalah jongjon ngahuap. Sakitu geus beak tilu tiir, Ninis teu daek pok bae.

"Pok atuh, Nis!" cekeng, gantung areuyeun.
"Naon?" ceuk Ninis, malik mencrong.
"Eh, ari Ninis bieu tos ti mana heula?"
"Murak sate!"
"Ih, Maya mah mani ti dengdek-dengdek hayang ngadenge lalakon Kang Adin jadi euwah-euwah..."

Anjeun nyikikik. "Sugan teh teu panasaran," bari kop deui nyokot tiiran sate.

"Dasar gembul!"

Lalakonna panjang, May."

"Kajeun panjang oge, sok atuh caritakeun, meungpeung panggih," ngahaja sendok diecagkeun, ngahuap eureun heula bakat ku hayang saregep ngadengekeun.
"Mimitina mah saprak Kang Adin di-PHK," ceuk anjeun muka carita. "Lantaran hayang boga gawe deui, manehna meh unggal poe indit ngasup-ngasupkeun surat lamaran. Tapi nepi ka tilu bulan can aya nu narima bae. Antukna duit pasangon nu teu sabaraha gedena teh beak dipake kabutuh sapopoe. Tah, ti harita sikep Kang Adin mimiti robah. Manehna kawas nu peunggas harepan. Duka ku naon jadi remen meuli inuman nu teu paruguh. Lamun indit ti imah, balikna meh tengah peuting bari sasampoyongan mabok. Jadi gede ambek deuih. Komo lamun euweuh duit mah, wani nyiksa sagala ka Ninis teh."
"Euleuh, kutan kitu Nis? Terus kumaha?" cekeng wuwuh bengong.
"Hiji poe Kang Adin ngajak ulin. Cenah mah ngajak nganjang ka sobatna nu rek mere pagawean. Anehna, Ninis kudu dangdan kawas rek ka pesta dangsa. Kudu geulis, kudu menor, kudu seksi, cenah. Tara-tara ti sasari Ninis kudu make baju nu nyitak awak jeung erok pungsat. Jeung deui teu meunang mawa budak, May."
"Ninis teu nolak?"
"Ih, puguh we nolak mah. Pan iraha teuing Ninis dangdan kawas jablay. Komo bari kudu ninggalkeun budak nu anyar dikisat. Tapi Kang Adin keukeuh maksa. Gaul cenah sakali-kali mah. Meh bebas, budak pihapekeun ka tatangga, pokna teh."
"Tapi bener nya nganjang ka sobatna?"
"Nu matak, ti harita Kang Adin gejulna teh. Manehna jadi euwah-euwah May!" ceuk anjeun bari paroman ngariuk nguyung. Tina juru panon ebreh aya nu ngembeng. Lila-lila peupeus ngalembereh mapay pipi.
"Maksud Ninis?"
"Ninis teh dilacurkeun, May. Ninis dijual ku Kang Adin ka sobatna."
"Astagfirulloh...!" ngadadak dada karasa eungap.
"Lain ukur sakali eta, May. Unggal manehna butuh duit, Ninis terus dilacurkeun."

Nis, ngadenge kitu jajantung Maya asa rek pegat. Sakedapan ngaheunggeu. Asa percaya asa henteu. Naha Kang Adin jadi nista? Apan baheula mah sakitu bageurna? Jeung asa boga dosa ka Ninis teh, lantaran Maya sorangan nu nepungkeun Ninis ka Kang Adin.

"Ari Ninis teu bisa ngalawan pisan?"
"Hese nyaritakeunana, May. Nolak jeung ngalawan mah asa geus kurang kumaha. Dasar jelema gejul, beuki wani ngalawan beuki pohara nyiksana. Nu ngaranna ditampiling mah geus teu kaitung duka sabaraha kali. Lamun nolak ngalayanan lalaki bawa manehna, sapeuting eta Ninis digantung. Sirah di handap, suku di luhur..."
"Ya Alloh, ya Robbi...!"
"Ninis ge kungsi kabur May, tapi kacerek deui. Ti harita Kang Adin ngancam, lamun Ninis nolak dilacurkeun, cenah keur gantina Si Pipit rek dijual!"
"Beu!"
"Sok pikir ku Maya. Kajeun Ninis jadi korban ti batan anak nu dijual," anjeun harita terus nyegruk.

Harita teh Maya ge kabawakeun ceurik, Nis. Urang paungku-ungku duaan. Teu ieuh malire tukang sate nu kumisna ngadadak lempes. Maya bisa ngarasakeun kumaha paitna nasib Ninis. Ceuk paribasa mah Ninis the lir ibarat maju jurang mundur jungkrang.

"Hadena we ka Ninis aya jalma nu haat nulungan," ceuk anjeun sanggeus cimata urang mimiti saat.
"Kumaha dongengna, Nis?" cekeng bari curinghak.
"Sakali mangsa Ninis dilacurkeun deui. Poe eta mah teu dianteurkeun ku Kang Adin, tapi ngadon nitahan sobatna. Ninis diserenkeun ka hiji lalaki perlente. Aneh, nu ieu mah keur kasep teh someah. Apan nu sejen-sejen mah barang gok oge sok langsung rorontok muka anderok. Tapi nu ieu mah kalem pisan. Boro-boro ngarontok, diuk ge teu wani padeukeut. Di kamar hotel teh, Ninis diuk dina biwir ranjang, manehna mah camekblek we dina korsi."
"Geuning, aya nu kitu lalaki teh?"
"Ninis ge heran, May. Manehna kalah ngajak ngobrol, tatanya naon kasang tukangna pangna Ninis cenah jadi awewe panggilan. Ah, kasempetan ceuk pikir teh. Brak we dibuka sagalana. Meureun geus kersana Nu Kawasa. Eta lalaki teu pisan wani ngoromeoh. Kalah dek we nyieun reka perdaya. Nya ku anjeunna salaki gejul teh dijebloskeun ka panjara, sakalian Ninis dibantuan ngagugat talak...."

Duh, mani ngemplong ngadengena teh, Nis. Alam dunya asa ngadadak blungblang. Warung sate nu sumpek ge asa robah jadi stadion. Enya, bakat ku milu bungah.

"Nu matak, geus Ninis mah teu hayang deui boga salaki. Kapok. Ayeuna mah rek ngurus si Pipit di lembur. Rek disakolakeun sing luhur. Rek dipasantrenkeun. Sugan we jadi budak anu solehah," anjeun ngebrehkeun harepan.
"Maya salut ka Ninis," cekeng bari ngarangkul. "Maya angkat topi. Teu sangka Ninis bisa teger, tabah jeung tawekal. Mun Maya nu ngalaman kitu, duka bakal kumaha. Paling ge geus we maehan maneh. Gantung diri. Rek marakayangan jadi ririwa. Rek diuber salaki gejul kitu mah. Ngahukumna teu cukup ukut dibui kawas Kang Adin ayeuna. Salaki ucut burung mah kudu dijungjurigan sangkan paeh molotot!"
"Hush, nyarita teh sok sompral kitu, kumaha mun dituliskeun jurig?"
"Bae dituliskeun jurig mah, asal ulah dituliskeun malaikat we!" ngawalon teh bari jebi.

Nis, ayeuna Maya aya di teras. Ku naon ngetrok panto taya nu ngawaro? Geus tibra sare kitu? Boa Ninis jalir jangji, geus boga deui salaki. Mun enya teh, meureun ayeuna keur dikeukeupan, atawa keur ngahenen diparende ku bebene pamepes hate.

Ti saprak pisah di warung sate Pa Kumis tea, urang can bisa tepung deui. Bongan Ninis balik ka lembur. Maya teu nyaho ka lembur Ninis. Apan salila sosobatan teh urang mah teu ingkah ti kota Bandung. Tadi oge mapay-mapay we tatanya ka saban jalma nu kaparengkeun panggih di jalan.

Maya teh rek menta tulung, Nis. Bet sanasib geuning urang teh. Meureun sakumaha ceuk Ninis harita, omongan Maya dituliskeun jurig. Salaki Maya ge robah jadi euwah-euwah kawas Kang Adin. Maya sarua dilacurkeun ku salaki.
Duh, nyeri batin teh, Nis. Ampir saminggu tilu kali Maya kudu ngalayanan lalaki culas. Maya dipaksa teu meunang embung. Kawas Ninis harita, sarua Maya ge remen disiksa. Mun teu ditampiling, nya didagorkeun kana tembok. Sakapeung Maya dilelep-lelep dina bak mandi, terus dikerem sapeuting jeput.
Teu kuat Maya mah, Nis. Teu bisa teger jeung tabah kawas Ninis. Tilu poe ka tukang Maya nekad maehan maneh. Maya gantung diri, Nis. Boa Ninis ge terang kasusna dina Buser atawa Sergap. Kasus Maya diliput ku kabeh stasion tivi. Kungsi nonton teu?
Nis, geus dua peuting Maya marakayangan. Geus dua peuting ngubek kota Bandung neangan salaki. Cara omongan Maya harita, salaki gejul teh rek diuber. Rek diririwaan. Rek dijungjurigan ngarah paeh molotot.
Nis, ieu Maya aya di hareupeun imah. Buka atuh pantona. Piraku kudu gegedor? Maya bingung Nis. Salaki can kapanggih keneh. Duka ka mana kaburna tah jelema gelo teh. Sugan atuh lalaki nu bareto nulungan Ninis ayeuna bisa nulungan ka Maya. Pangnewakkeun salaki Maya. Lamun geus aya di pangberokan, keun bagean Maya nu ngajungjurigan. Satuju, Nis? ***


Bogor, 200309
Ku Dedin Rohaedin
Dicandak ti: Majalah-mangle




Tutumbu Carita diluhur:

1 pesen:

cara pemesanan xamthone plus mengatakan...

pas di buka pantona pasti ninis langsung ngacir


Pésén Admin

- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

TOKO ONLINE BAJU BUSANA MUSLIM SYAR'I MURAH
Mau belanja baju busana muslim, Gamis Syar'ie Murah Bekasi, perlengkapan rumah tangga, dll. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

 

Wilujéng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka dégét ayéna, nyaéta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

Nunutur

Nu Parantos Ngalongok

Copyright 2013 Tépas Pangacaprukan | Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!. ti taun 2006 dugi ka kiwari. Development by Jasa Pembuatan Website Murah