Wilujeng sumping lur.

27 Jun 2010

Toko Kaset Online kapalay.Com

Duh tos lami tara mosting gening, da kumaha atuhnya teu gaduh pisan ideu sareng kaleresan nuju pakupis ku padamelan hehe. Postingan ieu mung hoyong nguningakeun ka para saderek sadaya yen saupamina hoyong ngagaleuh kaset – kaset wayang Giriharja (Asep Sunandar Sunarya)/ Tembang kasundaan sapertos Darso, Ida Widawati, Nunung Nurmalasari, Bobodoran Si Pohang/ Ohank, Rafli Sunandar,  jsb. mangga bujengan wae situs www.kapalay.com Alhamdulillah simkuring parantos nyobian mesen, servicena kirimanana enggal  dikintun, rapih sareng kaset – kasetna original namung mirah.

CIMG9822 CIMG9826

Mangga, wilujeng...mugia kaangge.
Cag ah, baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.



11 Jun 2010

Resep Masak Ulukutek Leunca Oncom Teri

Oncom oh oncom, katuangan favorit urang sunda (komo deuih urang bandung pasti uninga sadaya ge), leunca nu seger matak segut kana tuangna, ditambih teri nu nikmat dituangna mmmm yummmy.

IMG_3183

Mangga nu bilih bade nyobian kaleresan bahanna didinya aya, atanapi sok mangga pegat eta tukang sayur nu sok ngalangkung unggal enjing atanapi ka pasar, atanapi pesen ka tukang sayur nu caket sareng bumi *halah2 kalah promosi beu!

Bahan:
- Leunca saparapat 1/4
- Sakotak oncom, atanapi upami ukuranan alit atuh mangga 2 kotak oncomna
- Teri medan/ teri biasa digoreng teras dituuskeun
- sabatang serehna diprekprek sakedik beh seungit
- Sareng dua keureut laja/ lengkuas, sami diprekprek sakedik
- Dua lembar daun salam
- Uyah sacukupna (kira - kira sasendok teh w lah)
- Gula sasendok teh oge
- Penyedap rasa anu rasa ebi, tanapi pami teu aya rasa ayam geu teu sawios
- Minyak sacekapna kangge numis
- Cai 100 Ml/ satengah gelas

Bumbu nu dilemeskeun/ direndos:
- Cabe beureum 5 siki
- Cengek 10 siki (pami kangge nu raresep kana lada/ pedas)
- 4 sihung bawang beureum
- dua sihung bawang bodas
- cikur w sakeureut/ sakedit w tong seer2 teuing

Cara masakna:
- Panaskeun minyak, teras tumis/ goreng bumbu nu direndos sakedap
- Tambihkeun oncom sareng leunca
- Tambihkeun cai, aduk - aduk cing rata, teras tutup katel dugi ka leuncana leumpeuh hipu
- Leubeutkeun salam, sereh, jeng laja, teras oseng - oseng dugi ka caina garing sareng warnana rada coklat
- Tambihkeun uyah, gula, sareng penyedap rasa
- Tambihkeun terina, aduk - aduk dugi ka garing atanapi sakumaha salera nu dipikahoyong.
- Siap disayogikeun, dituang sareng bonteng kurupuk...aiiih nikmat!

Catetan: Bahan Leuca tiasa oge digentos ku cangkang tangkil pami nu resepmah, cara masakna sami bae…tah sapertos gambar dihandap ieu…

IMG_3196

Mangga, wilujeng...mugia kaangge.
Cag ah, baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.



7 Jun 2010

Egoisna kuring…

egoisna kuring... Mindeng pisan kuring ngaheureuyan (maksudna ngajailan) jeng sagala cara tur muslihat mitnah manehna haha *kejaaan, nyaaa maksudnamah urang duaan teh sok silih oleg sangkan jadi geuleuh, gemes, atawa pikasebeleun. Tapi oge teu jarang lamun keur heureuy kitu tungtungna teh teu saperti harepan mimiti nu tadina hayang silih gonjak sesuseurian tapi kalah jadi maranyun parasea pernah oge nepi ka ceurik nu sajadi - jadina. Tah eta sok mindeng karandapan ku kuring lamun keur mangsa hate keur rarungsing atawa kabeneran w keur sial dina waktuna.

Mood manusa teh teu salalawasna lempeng, nyeta sok robah robah lir ibarat pangombakan laut nu sasakali mempeng tarik tapi oge bisa wae ujug - ujug langsung karasa sepi ciga gaang nu katincak. Kuring kagolong manusa nu gampang pisan barobah kahayang hate, teu peduli aya sebab atawa heunteu sama sakali, tapi seringnamah ku sabab...yen nu jelas atawa sabalikna, saeutik atawa loba teu pedulilah, pokoknamah eta pasifatan kuring nu aneh. Jalma - jalma nu disakuliling kuring ges papada ngarti tabiat kuring nu hiji ieu, meureun bisa diabuskeun kana kategori nu plinplan tea, meureun oge disebut ku pasifatan nu egois nya, tapi oge da kuring teh jalma nu lumayan cukup toleran papada ngarti ningali diri *tuuuh pan plinplan.

Tapi untungnana teh, bebende kuring sabarna beak tikarep lamun keur nyingharepan sifat kuring diluhur, nya memang ges kabuktian sakali - sakali kecap nu mindeng dikedalkeun teh, samodel "i love u, akang nyaah ka salira" eta kabuktian pisan alias lain ngan sakur kecap nu teu guna samata, sabab kuringge ges ngarasakeun rada kadeudeuh manehna ka kuring sacara nyata. Sakapeung kuring sok ngarasa karunya oge ka manehna nu ditakdirkeun paamprok jeng kuring nu ngabogaan pasifatan nu pikasebelen ieu, tanngtuna moal babari pikeun manehna, kitu ge meren hatena teh bener nyaah kacida ka kuring teh, sakali deui kuring tegeskeun yen kuring ngarasa bagja jeng manehna.

Pernah dina hiji isuk kuring ngarasa bagja kacida pas hudang sare pinuh ku rasa nu kacida bungahna sono ka manehna, tapi pas beurengna kuring lier ku pagawean nu narumpuk beak tikarep nu ngamatakeun kuring naek darah, nu antukna kurinng ngan bisa amuk - amukan dina jero hate, tungtuna nu jadi korbanana mah nya bebende hate kuring sorangan nu jadi korban, kuring ambek - ambekan ka manehna teu puguh tanpa sabab hhhhh.

Engkang...hampura kuring nu mindeng nyieun salah pikasebeleun.
mugia teu bosen nyabaran :D



15 Mei 2010

Lutung Kasarung


Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti prameswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakanca, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih, nu katujuh Purbasari. Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun badé tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh Purbasari lain Purbararang, putra cikalna.
Prabu Tapa Ageung : Anaking, Bapa téh geus ngarasa kolot, kulantaran kitu Bapa rék tatapa di leuweung. Tuluy gaganti Bapa téh anu ngolah ieu nagara nyaéta Purbasari.
Purbararang : Tapi Pa? Naha lain abdi anu ngagentos Bapa téh? Lain abdi téh budak anu pangkolotna?
Prabu Tapa Ageung : Bapa milih Purbasari kusabab Purbasari téh bangun pisabareun, pibageureun, leuwih ti nu séjén. Kusabab kitu Bapa leuwih percaya ka Purbasari dina ngolah ieu nagara. Pokona mah ieu kaputusan geus mutlak jeung teu bisa dirobah deui

Tuluy Prabu Tapa Ageung indit tatapa ka leuweung.
Purbasari : Teu bisa kitu! Kuring teu narima! Kuring salaku budak cikal ngarasa dihina jeung asa ditincak hulu ku adi bungsu sorangan. Pokona kuring nu bakal ngolah ieu nagara. Purbasari, manéh indit…!!!

Purbasari diusir ti Karaton jeung dipiceun ka Gunung Cupu.

***
Kacaturkeun di Kahyangan, Guruminda putra déwata cikalna, titisan Gurian Tunggal ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu.
Guruminda : Ambu, abdi bieu ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Ambu.
Sunan Ambu : Jung geura téangan pijodoeun hidep anu sarupa jeung Ambu. Tapi ulah torojongan, anggo heula ieu raksukan… Lutung…!!!

Janggelek Guruminda rupa jadi lutung katelah Lutung Kasarung.

***

Kocap deui di nagara Pasir Batang… Niti Suwari ngersakeun haying tuang daging lutung. Tuluy nitah Aki Panyumpit pikeun néangan lutung ka leuweung.
Niti Suwari : Léngsér! Kuring téh haying dahar daging lutung.
Aki Panyumpit : Mangga juragan.

Di leuweung…
Aki Panyumpit : Ka mana nya lutung téh? Meni ka sepi euweuh sasatoan pisan ieu leuwung téh?

Aki Panyumpit geus pegat pangharepan. Barang rék muang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Barang rék disumpit, lutung téh nyoara.
Guruminda : Eh, Aki bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho nu ngaranna karaton.
Aki Panyumpit : Ih bisa ngomong lutung téh! Heg atuh ari kitu mah, sok geura turun!




Lutung Kasarung dibawa ka Karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang anu teurak, teu bias dirogahala.
Niti Suwari : Aya naon Léngsér, asa rariweuh katingalina!
Aki Panyumpit : Ieu lutung meni ka hésé dipeuncitna, na kumaha atuh ieu téh Juragan?
Niti Suwari : Pasrahkeun wé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.

Eta lutung téh dipasrahkeun ka Purbararang. Purbararang keur ngagembrong ninun barang Lutung Kasarung nyampeurkeun. Tuluy koloprak téh taropong Purbararang murag ka kolong Balé.
Purbararang : Cing lutung, pangnyokotkeun taropoong di kolong Balé!

Tuluy éta taropong téh dicokot. Ari béréwék téh dibebekeun jadi lima, sor disodorkeun ka Purbararang.
Purbararang : Jurig lutung! Taropong Aing sabogoh-bogoh dibebekeun! Léngsér! Teu sudi Kuring mah, anteurkeun Si Lutung ka Purbasari di leuweung!

Tuluy Lutung dianteurkeun ku Aki Panyumpit ka Purbasari di leuweung.
Aki Panyumpit : Neng, ieu lutung pamasihan Purbararang kanggo pibujangeun
Purbasari : Eh, Léngsér, geuning si Tétéh téh aya kénéh adilna, sanajan lutung ogé teu kunanaon, tamba keueung di leuweung. Hatur nuhun béjakeun ka si Tétéh.
Aki Panyumpit : Mangga Néng.

Caturkeun di sisi leuweung, Purbasari ngagolér dina palupuh sabebek, di hateup welit sajalon. Lutung Kasarung ngangres ninggal kaayaan putri anu sangsara.
Guruminda : Deudeuh teuing Putri téh nalangsa pisan. Kuring rék neneda ka Sunan Ambu, neda sapaat para Bujangga, niat misalin meungpeung Purbasari saré kénéh.

Raksukan digedogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan, Panejanan tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggleg karatonna leuwih agréng ti nagara. Tempas saré Purbasari jadi kasur tujuh tumpang, disimbut sutra Banggala, disumpal ku benang emas. Janggelek Guruminda jadi lutung deui..
Purbasari : Ya Allah, naha jadi karaton ano agréng leuweung téh? Alhamdulillah ieu kanikmatan téh meni ka ajaib.

Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara Pasir Batang. Purbararang tambah sirik. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah Purbasari.
Purbararang : Awas manéh Purbasari! Urang bakal ngancurkeun sagalana!

Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna PUrbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, pageulis-geulis rupa. Tapi rahayat jeung jaksa mutus teu weléh Purbasari nu unggul.
Tungtungna Purbararang ngajak pakasép-kasép beubeureuh. Sakasép-kasépna lutung moal ngéléhkeun sagoréng-goréngnana manusa.
Purbararang : Purbasari, ayeuna manéh bakal éléh kusabab beubeureuh kuring mah manusa ari manéh mah beubeureuhna ngan lutung!

Purbasari ngan bisa cicing rumasa éléh, tenggekna kari saketokeung di teukteuk. Tuluy Lutung Kasarung ngagedogkeun raksukanana, baranyay hurung janggelek jadi Guruminda deui.
Purbararang : Indrajaya, paéhan éta lutung jadi-jadian, beubeureuh si Purbasari!

Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanna.
Indrajaya : Ku Aing paéhan sia!

Dina ahirna, Purbasari ngadeg Ratu di nagara Pasir Batang jadi prameswari Guruminda. Ari Purbararang jadi pangangon. Indrajaya dihukum jadi pangarit. Nagara Pasir Batang jadi maju dina pamaréntahan Purbasri jeung Guruminda.

Carita/ dongeng diluhur tur gambar dicandak ti: Rendy Bambang Junior
Cag ah, baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Cutatan: Wilujeng milangkala kangge kang Iman anu kaleresan nuju udur.


25 Apr 2010

Korejat

“Leuh gusti, ari ieu teh Neng Lilis putrina si mamah nu pang gedena teh?”
”mmm...muhun" tembal kuring bari semu kerung hariweusweus ninggali sakuliling petempatan nu asa teu asing dina ingetan, kuburan aki kuring!
"hilap deui ka ema?" tanya menehna bari halon ngusapan buuk kuring
"mmm saha nya?" tanya kuring bari nyengir
"duuuh gusti ges gede deui gening incu teh, ari sugan teh moal hirup maneh teh cu!" bari ngagabrug
Kuring ngan bisa cicing bari reuwas ninggali ka palebah mata si mamah, katinggali cipanon ngareclak kana damisna.
"ieu teh buyut maneh cu, pentes w atuhda teu inget ge atuh da can pernah mangku ma uyutmah"
"Hah" kuring beuki kerung ngadengena bari teg teh hate rada sieun teu wani ngalepaskeun leungeun nu keur meulit kana awak kuring harita teh, leungeun ti nini - nini nu ngakuna yen manehna teh uyut kuring
"sa sa sanes ma uyut abdimah tos parupus sadayana ge?"
Heueuh geulis, tong sieun, tong hariwang...ma uyut mah menta widi heula sakeudeung ka malaekat pikeun panggih jeng maneh sakeudeungmah dina pangimpian"
atuhnya kuring teh beuki reuwas, cur kesang lembut kesang badag, kesang tiis kesang panas ngadenge jawabana teh.
korejat hudang ngagorejag bari rurat reret kasakuliling kamar kuring nu poek mongkleng...da puguh w geuning keur aliran listrik teh...nyiwit leungeun ngayakinkeun lamun kuring teh ges hudang alias teu keur aa dina pangimpian deui.

Cag ah, baktos simkuring: Lilis Mayasari, nu kahudangkeun tengah peuting.


20 Apr 2010

Bangbung Hideung

Update bewara: Innalillahi wa innaillaihi rojiun, parantos tutup yuswa seniman sunda asal Kota Bandung, Detty Kurnia (49) di RS Hasan Sadikin Bandung, Salasa enjing tadi. Mugia ditampi iman islamna, dicaangken pakuburanana :'(

Carita basa dua bulan katukang kuring mulang ke lembur, keur aya acara imtihan di lembur nini kuring. Kabeneran kapi adi kuring teh miluan marigél euyah dina acara eta teh, nya atuh kuring teh indit ninggalian kadinya bari nunungtun adi kuring nu bungsuna, jabaning samemehna da memang gés dipenta tulung ku Mamang kuring teh piken motoan sajepret dua jepretmah cénah jang kenang – kenangan motoan si Ujang jéng si éneng.

Acarana teh dimimitian ti jam 9 beurang, rada tereh jeng panbeja ti si Mamang samemehna nu ngomong yen acara teh dimimitianana jam 10. Nyaa kuring teh atuh karek jam 10 indit ti imah teh (jarak ti imah ka lembur nini teh kira – kira aya sakiloan). Népi kadinya teh hanjakal pisan, kapi adi kuring nu pangleutikna mah gés kaliwat ngigélna teh, tapi cénah da aya keneh hiji lagu deui engkin sore.
Kuring teh nya motoan we sababaraha jepret didinya teh samemeh indit ka Ciparay (ngaran Dayeuh tempat adi kuring nu lalaki sakola) pikén ngahadiran rapat orang tua ngawakilan indung bapa.

Beres balik ti sakola kuring balik deui ka lembur nini, bari Alhamdulillah gés disampakeun tuang liwét nyarambel jeng sadulur – dulur didinya nu kabeneran keur araya, da poénan libur harita teh...cénahmah ngahaja nungguan kuring beh balakecrakan heuheu. Beresna tuang kuring ngadaweung heula dina teras si Mamang bari garandeng ge ku sora pangeras/ sapekér ti buruan Masjid nu keur nabuh barudak imtihan tea.

Tuluy kuring hanjat ke beulah tonggoh nunungtun adi kuring nu bungsu jang ninggali kapi adi nu sakeudeung deui rek maju ka panggung cénah bari teu poho mamawa kamera nu gés disakuan dina calana. Alhamdulillah géning teu kaliwatan deui motoan kaparigelan kapi adi teh nu cing rancunit ujat ajet dina luhur pangggung kuring sésérian ninggali padukdeukna eta barudak teu bareunang diatur posisina..aya nu beuki maju, beuki mundur, jéng parohoan deui gerakan – gerakan ngigélna haha dasar barudak.

Peutingna acara teh masih keneh araya, tapi nu tarampil teh barudak gedena, tatarian, pidato dakwah jeng bobodoran nu aya dina acara panunggungan (Bentang bodorna Mamang kuring nu pangais bungsu haha). Keur lalajo kitu Mamang kuring datang nyampeurkeun ngomong yen engke bakal aya tari Jaipongan (dina jero hate kuring heran, Naha boro mah eta teh acara imtihan barudak ngaji tapi naha dibandungan titadi teh lolobana nu jaroged dangdut, pop…jeng ayena rek ditambah Jaipongan???) haha kuring mah ngan ukur bisa lalajo we wungkul lumayan jang hiburan bari sasakali mah ngajepret moto lamun aya nu alus.

Tuluy caritana teh budak lalaki jeng awewe (saumuran jeng kuring) ges naek kaluhur panggung teh, cenah rek duet jaipongan nu judulna teh Bambung/ bangbung hideung bari gés lengkep mamake kabaya beureum eta budak awewe teh, jeng lalakina make baju batik (huahaha teu nyambung pisan pikir kuring teh). Tapi ari ku kitunamah harita teh panonton nu didarinya teh pada ngarumpul baru nyaruitan jeng ngareprokan…tapi aya pamuda nu cing celetuk teh ngomong “naha bangbung hideung teh beureum eta mahnya!” barakatak teh panongton loba nu sareuri kaasup oge kuring harita teh.



CIMG2642

Derr kaset lagu Bangbung hideung teh diputer, sapanjang lagu eta diputer kuring mencrong asa ngabirigidig ninggalikeun nu daruet eta jaipongan, bari sasakali kuring keprok lamun pas dina mangsa adegan tari nu haradena kitu deui jeng panongton nu sejen ogé….dipirig ku musik nu hade jeng gerakan seni tarina nu hade diacungan jempol….duh waas! Tah Sanggésna kuring tatanya ka budak lalaki nu joged tadi da panasaran kana laguna, Alhamdulillah eta lalaki teh teu pédit mere beja yen eta lagu teh cenah ti Rika rafika , judulna bambung hideung heuheu….kuring nganuhunkeun ka manehna. Alhamdulillah kamari kuring maluruh dina Google menang eta tagu teh, sapo jeput eta lagu diputer dina winamp komputer kuring hahay….tah bilih dulur – dulur bade ngunduh mangga bujeungan bae ieu surélék:

http://www.4shared.com/audio/SVuecqG8/Rika_Rafika_-_Bangbung_Hideung.html

Deuuuh sok ingét mangsa katukang kuring keur leutik, lamun gés pareng datangna imtihan teh ngadadak asa rajin hayang buru – buru indit ka pangajian teh, da sidik balikna bari latihan pidato jéng ngigél haha....résép jabaning da bakal dipangmeulikeun baju anyar jang kana panggung.

CIMG2607 CIMG2615 CIMG2617 CIMG2632 CIMG2638 CIMG2640 CIMG2660 CIMG2672 CIMG2595 CIMG2598

Dokumentasi Foto: Lilis Mayasari.

Cag ah,
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya



12 Apr 2010

Carpon: Misbahudin

art (1)

Foto: Jalan motong (satapak) ka sakola SD, Cidodol – Bahuan (Lilis Mayasari).
Keur jaman sakola SD baheula angkatan kuring sakelas teh aya 35 urang murid, tadina mah aya 33 ketang, ngan basa naek ka kelas opat datang dua murid anyar, maranehna datang ti beulah Bandung nu rada ngota ngaranana teh si Penti jeng si Misbah (ngaran aslina Misbahudin). Ari si Penti mah budak awewe nu jangkung, buukna panjang lurus, sedengkeun si Misbah mah budak lalaki nu boga awak nu jangkung gede, bisa disebut pangkasepna harita mah, dibandingkeun jeng si Jujun atawa si Landak mah nu baragajul olol leho...nya kabuktian, loba babaturan wewe sakelas kuring nu jumlahna aya kana 20 urang nu katingalina kapentang asmara ku eta budak kaasup kuring salah sahijina haha.


Tah hiji mangsa barudak baragajul olol leho CS-an si Jujun teh arindit ulin rek marulung muncang cénah di kebon Pak Rubama, nu kabeneran di handapna teh aya susukan. Tangkal muncang pak Rubama teh leubeut kacida, unggal poé teu wéleh aya wae muncang nu marurag ka wahangan, tapi hanjakalna pak Rubama teh katelah galakna kacida ciga maung, laum manehna gés ambék hohoak barudak teh cing pelecir lalumpatan, nya jadi sabisa – bisa mah kudu waspada ulah nepika garandeng kapergok kunu bogana. Harita si Jujun teh ngajak si Misbah (murid baru tea) piken mulung muncang didinya, ari ku kuring mah gés kabaca yen manehna teh boga niat rek ngajailan eta budak kota. Nya tapina da dasar budak lalaki daek we diajak teh, jabaning kuring ge moal mungkin ngalarang manehna, da sidik can wawuh tea, gengsi tur boga keneh ka era mah harita teh heuheu.

Ari kuring mah harita jeng babaturan awewe teh kawas biasa ngaradon mulung asem, teuing kunaon kuring resep pisan pabalap balap eta kadaharan nu teu lazim, padahal mah mun dipikir – pikir ayéna mah jang naon da lamun gés meunang ge da tara di dahar, nu aya mah kalah nyeuri beuteung atawa di bikeun ka si Mimin atawa ka si Leni nu harobi pisan nambulan asem, reusép we meureunnya lulumpatan ngesang lah. Tapi hanjkalna si Penti mah harita teh teu ngilu mulung asem da sabab ceunah mah manehna teh keur gering, jadina teu bisa asup sakola. Tapina lain ngan barudak lalakina wungkul nu meunang kasusah teh, barudak awewe nu mulung asem ge boga rasa kasieun, sabab eta tangkal asem gede teh padeukeut pisan jeng kuburan samoja (kuburan hiji awewe nu maot basa waktu ngajuru, dikuburanana teh pinuh ku tangkal samoja kembang kayas jeng bodas...jeng loba nu ngadarongeng yen "aya jurigan"), jabaning teu jauh oge ti patempatan barudak lalaki marulung muncang.

Caritana basa waktu barudak lalaki CS si Jujun teh ngajailan si Misbah, nyaéta nitah si Misbah pikeun nyokot muncang dina wahangan maranehna lalumpatan bari cocorowokan patarik - tarik sangkan pak Rubama teh kaluar ti kandangna imah, da sidik si Misbah mah murid kota anyar nu teu apal nanaon...tah wanci eta barudak olol leho teh buru - buru ngabaleucir ninggali pak Rubama kaluar ti imahna mukakeun panto, si Misbah reuwaseun...atuh buru – buru manehna hanjat kana gawir rek ngiluan kabur jeng nu lian, tapi hanjakal manehna teu ahli tuak taek gawir nu léér, nu antukna atuh langsung ti soledat labuh kana wahangan, sukuna misalah (keseleo)...manehna cérik ngararasakeun tatu dina sukuna.

Kabeneran teuing kunaon harita teh kuring bét hayang balik heula ka imah sabab ku lapar, kabeneran imah kuring teu jauh ti sakola, lamun ku lumpat "kuda" beunang 7 menit ge langsung nepi hareupeun teras. Balikna, kabeneran pisan kasampakeun hawar – hawar kuring ngadenge sora aya nu ceurik, harita kuring teu langsung nyampeurkeun da sieun tea ku jurig, kuring ngarempod cicing handapeun tangkal kalapa bari bijil kesang lembut kesang badag....rek ngaliwat teh sieun kacida, niat kuring harita hayang balik deui we ka imah, jabaning katingali aya pak Rubama di hareupeun panto imahna...deuh kumaha yeuh pikir kuring!
Tapi pas ditilik – tilik di handap gawir teh katingali ciga aya leungeun keur muntang kana jukut gawir, leuh kuring kukuceuk mata da bisi salah titingalian harita teh...ah kuring teh panasaran, kuring maju salengkah...bari ngitung ramo – ramo,
Maju...
Entong...
Maju...
Entong...
Maju...
Entong...
Maju...
Entong...
Maju...
Entong...
Aaaah da entong, kumaha yeuh pikir na hate teh, tapi da kuring teh panasaran bisi nyaan jelema, kuring maca Bismillah bari leumpang semu lumpat...Baruk, gening katingali aya budak lalaki di handap teh keur cirambayan, si Misbah!
Kuring buburu nyampeurkeun bari nanya...kenapa kamu teh? (Si Misbah teh teu pati bisaeun nyarita basa sunda)
“ini, kakiku keseleo” pokna teh bari nyusutkeun cimata da era meureun ditinggali ku awewe... *anu bageur tea hihi*
“alaaah, kumaha atuhnya” bari halon kuring karunya ningali mahena nu keur kanyenyerian.
Haat hate kuring harita teh, tapi kuring teu mungkin bisa nulungan ngangkat manehna atawa narik leungeunna kaluhur da sidik kuring budak awewe leutik, berat awak ge ngan sakur 25 kilo harita teh, teu mungkin bisa ngangkat anak gajah *haha tong ngambek bah*. Ah kuring teh teu make pikir panjang deui, ngawani – wanikeun maneh pikeun menta tulung ka pak Rubama, da meren sagalak – galakna manehna moal mungkin tega meureunan nganteup.

Ari pekteh Alhamdulillah, énya we geuning di sampeurkeun di penta tulung teh manehna langsung buru - buru lumpat nulungan, malahan mah si Misbah teh dibawa ka imahna pikeun di ubaran, di urut sukuna...nya kuring ge milu abus ka jero imahna ninggalikeun si Misbah di urutan bari aya karunya oge cirambayan nyerieun semu ngajerit leutik nahan kasakit.

Kuring ninggali eusi imahna loba parabot nu hargana teu sapira, harurung harerang, kuringge ninggali aya loba piala nu ngajalenjreng dina lomarina, geningan manehna teh guru (panjang caritana mah manehna teh jadi guru kuring di SMP gening hahay). Jeung geningan da bageur manehna teh, teu ciga nu aya dina pikiran kuring jeng barudak sakola lianna nu ges mangtaun – taun kasieunan ku pake Rubama, pedah we eta nada ngomongna gés kitu tibaheula, ciga nu ambeuk heuheu.

Sanggés beres di urut teh si Misbah tuluy dibawa ka sakola bari di aakod, kuring nuturkeun ti tukangeun dibarengan hate nu asa bulingah sapapanjang jalan.

Tah hikmahna mah pamiarsa, ti poé eta kuring teu sieun deui ngaliwat ka gawir deukeut imah pak Rubama teh, jeng si Misbah ge jadi wawuh rada deukeut ka kuring...nya atuh laloba nu saririk barudak awewe nu lian teh, ngan hanjakal ari gés wawuh budak eta teh sok nunutur kuring, jadina teh lila kalilaan mah asa ilpil (ceuk basa barudak ayeuna mah haha, hampura ketang bah ah heurey...mun pareng salira maca ieu postingan, hampura kurang leuwihna nya kang misbah, dimana atuh ayeuna teh, meni teu keucet2 atuh???).
Hampura dak ah...sono pisan ka sobat baheula, teuing ngalencar kamarana :(

Cag ah,
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya - Bandung 11 April 2010 (nu cape karek mulang ti lembur).


1 Apr 2010

Kaulinan barudak sunda baheula

Saméméh kaulinan komputer sarupaning Sega, PSP, atawa Nintendo datang, barudak leutik di Tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manéhna sabada diajar atawa mantuan kolotna, ayeuna mah cigana geus langka pisan, kajabaning di lembur - lembur leutik ciga lembur simkuring meureunan hehe.

Beda jeung kaulinan elektronis nu sipatna nyorangan, rurupaning kaulinan heubeul ieu biasana kudu dipaénkeun ku leuwih ti saurang. Sipat ieu tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis ngadidik budak jadi teu kaiket/mahardika/independen, ngulik jeun kompetitip. Sabalikna, kaulinan heubeul ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuheuyeuk leungeun. Sawatara jalma boga pamadegan yén ieu téh aya hubunganna jeung sipat barudak ayeuna, hartina masarakatna nu bakal kahareup, anu leuwih gedé rasa kasoranganana jeung turun rasa babarenganana.

Dua sifat ieu aya goréng aya alusna, teu bisa dibédakeun hideung bodas. Ieu tangtuna tangtangan pikeun kolot supaya bisa ngawanohan budak jeung dunyana supaya kahareupna generasi hareup jadi generasi nu mardika, kompetitip, ngulik tapi teu égois, atawa boga 'rasa sosial' nu lemes.

Salian ti ngajarkeun rasa babarengan éta, hiji ciri lain kaulinan barudak lembur baheula téh biasana mah tara leupas ti kakawihan, sanajan kawihna ngan saukur kawih pondok tur leuwih deukeut kana hariring tibatan kana ngawih. Contona, dina kawih kaulinan pelak cau nu ngabogaan pancén "nyabut" bibit cau kudu uluk salam heula maké kawih. Kusabab ieu, loba nu ngahijikeun kakawihan jaung kaulinan budak.

Tah, Dina daptar di handap disebutkeun rupa-rupa kaulinan budak Sunda:

- Ambil-ambilan: kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan.
- anjang-anjangan: kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.
- bébénténgan: kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb.
- béklen: kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.
- boy-boyan: Ieu kaulinan salah sahiji kaulinan nu paling dipikaresep ku simkuring di lembur kapungkur. Kailinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.
- congklak: kaulinan maké papan kai dieusi kewuk.
- cacaburangé: kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing.
- cingciripit: kaulinan bari kakawihan.
- damdaman: kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.
- endog-endogan: kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.
- empét-empétan: kaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.
éncrak kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.)
- éngklé: kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
- galah asin: kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.
- gatrik: kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.
- gugunungan: kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul.
- hahayaman: kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.
- jajangkungan: kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang
- luncat tali/ luncat tinggi: kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun (biasana tina karet geulang).
- ngadu kaléci: kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.
- oray-orayan: kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor.
- paciwit-ciwit lutung: kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih
- pérépét jéngkol: kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.
- pelak cau: kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.
- sérmen: kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.
- sondah: kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.
- sorodot gaplok: ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
- ucing-ucingan: kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.
-  Galah Jidar
-  Ucing Baledog
- Popolisian
- ucing sumput: kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.
Aya nu bade nambihan manawi???


Dicandak Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda.
Foto ti: widjana.deviantart.com

Cag ah,
Baktos simkuring Lilis Mayasari nu ker sono ka lembur baheula.


24 Mar 2010

Mitinéng sajarah Bandoeng Laoetan Api

bandung lautan api

Monumen sajarah Bandung Lautan Api.

Hiji mangsa dina bulan Maret taun 1946 (salapan belas opat puluh genep), dina sakilat waktu nyaeta kurang lewih 7 jam lilana, sakitar 200.000 (dua ratus rebu) panduduk di ngukir sajarah ku cara ngaduruk imah jeng harta banda maranehna nu nyesa, ninggalken kota Bandung piken pikeun indit bajoang ka pagunungan di Selatan.
Sababaraha taun kaharepna, lagu "Halo - halo Bandung" di ciptaken pikeun ngalambangkeun emosi maranehna, sairing jangji nu patri yen hiji poe rek balik deui ka lemah cai maranehna nu dipika cinta, nu ayena ges tumpur ngajadi lautan api (pinuh ku seuneu).

- Insiden paristiwa Nyoekeun Bandera.
Sangges proklamasi kamerdekaan tanggal 17 Agustus 1945, Indonesia can bisa ngarenghap tenang lahir batin sapinuhna ngarenghap rasana mardeka. Kamerdekaan kudu di keureyeuh heula saeutik saeutik ku cara pajoangan rakyat nu rela ngorbankeun sagalana pikeun kahirupan anak incu jaga. Sangges Jepang eleh, tangtara Inggris datang pikeun ngalucutan tangtara Jepang. Maranehna kongkalikong jeng Walanda (Tangtara NICA) jeng ngamangpaatken Jepang piken ngajajah deui nagara Indonesia.

Aya warta dibacaken teks proklamasi kamerdekaan di Jakarta teh katarima di Bandung ti Kantor Berita DOMEI dina poe Juma'ah isuk isuk, 17 Agustus 1945. Isukna, tanggal 18 Agustus 1945 téh cetakan teks eta ges nyebar. Di cetak make mangsi warna berem ku percetakan Siliwangi. Di gedung Denis, Jalan Baraga (ayena Bank Jabar), kajadian insiden nyoekeun Bandera nu warna biru nyaeta bandera Walanda, sahingga warnana tinggal beurem jeng bodas wungkul (Bandera Indonesia). Paristiwa nyoekeun eta make pakarang bayonet nu dilakuken ku hiji pamuda Indonesia nyaeta Mohammad Endang Karmas, dibantuan ku Moeljono.

Tanggal 27 Agustus 1945 dibentuk hiji organisasi nu dingaranan Badan Kemanana Rakyat (BKR), di susul ku ngabentukna Laskar Wanita Indonesia (LASWI) dina tanggal 12 Oktober 1945. Jumlah anggotana 300urang, diwangun ku bagean pasukan tempur, Palang Merah, Penyalidikan jeng Perbekalan.

Paristiwa nu ngabeukikeun kacau situasi kajadian dina tanggal 25 November 1945. Salian ti nyanghareupan serangan musuh téh, rahayat nyanghareupan banjir nu rongkah oge kualatan caahna leuwi Cikapundung harita nu ngabalukarken ratusan korban kabawa teuleum jeng rebuan panduduk kaleungitan panyalindungan hirup. Kaayaan ieu di mangfaatken ku musuk piken nyerang rahayat nu keur dipaparinan musibah.
Sagala rupa tekanan jeng serangan terus dilakuken ku pihak Inggris jeng Walanda. Tanggal 5 Desember 1945, sababaraha pasawat terbang Inggris ngabom daerah Lengkong Besar. Dina tanggal 21 Desember 1945, pihak Inggris muragken bom jeng rentetan tembakan nu teu pandang bulu di daerah Cicadas nu antukna ngabalukarkeun loba tumpurna korban.

- Bandoeng Laoetan Api.
Ultimatun piken Tentara Republik Indonesia (TRI) ninggalken kota jeng rahayat ngalahirkeun politik "bumihangus". Rahayat teu rela lamun kota Bandung di mangfaatkeun ku musuh. Maranehna ngungsi ka daerah kidul/ selatan jeng para pajoang. Kaputusan jang ngabumihanguskeun Bandung dicokot dumasar kana musyawarah Majelis Persatuan Perjuangan Priangan (MP3) di darepeun sakabeh kakuatan pajoang, dina tanggal 24 Maret 1946.

Kolonél Abdul Haris Nasution salaku Komandan Divisi III, nyalabarkeun hasil musyawarah eta sarta maréntahkeun rahayat pikeun ninggalkeun Dayeuh Bandung. Poé éta ogé, rombongan nu nyicingan Bandung ngalir panjang ninggalkeun dayeuh. Bandung ngahaja diduruk ku TRI sarta rahayat jeung maksud ambéh Sekutu henteu bisa makéna/ nyicingan deui. Di ditu didieu haseup hideung ngebul ngabubung luhur di langit. Kabéh listrik mati paeh. Inggris mimitian nyerang nu ngabalukarken perang rongkah téh kajadian. Perang anu pang rongkahna lumangsung di Désa Dayeuhkolot, palebah kidul Bandung, di mana aya pabrik mesiu anu badag milik Sakutu.
TRI boga maksud ngancurkeun gudang mesiu eta. Ku kituna diutus pamuda Muhammad Toha sarta Ramdan. Kadua nonoman éta junun/ berhasil ngahancurken gudang eta make granat leungeun. Alhasil gudang badag éta ngajelegur sarta kabeuleum, tapi kadua pamuda éta ogé milu kabeuleum di jerona. Staf pamaréntahan kota Bandung mimitina mah baris tetep cicing di dayeuh, tapi demi kasalametan mangka dina jam 21.00 éta ogé milu kaluar dayeuh. Saprak waktu éta, kurang leuwih wanci 24.00 Bandung Kidul geus kosong ti nu nyicingan sarta TRI. Tapi seuneu masih keneh ngabubung ngaduruk dayeuh. Sarta Bandung ogé robah jadi lautan seuneu.

Pembumihangusan Bandung eta mangrupa kaputusan/ tindakan nu teu percuma, alatan kakuatan TRI sarta rahayat moal sanggup ngalawan pihak satru/ musuh anu ngabogaan kakuatan badag. Saterusna TRI babarengan rahayat ngalakonan ngalawan sacara gerilya ti luar Bandung. Kajadian ieu ngababarkeun lagu "Halo-halo Bandung" anu pinuh sumanget nu antukna sanggup ngobarkeun daya juang rahayat Indonésia.

Loba anu nanya panasaran ti mana istilah ieu mimitina. Almarhum Jenderal Besar A.H Nasution kainget waktu ngalakonan pasamoan di Regentsweg (ayeuna Jalan Dewi Sartika), sanggeus balik ti pasamoanana jeung Sutan Sjahrir di Jakarta, pikeun megatkeun tindakan naon anu baris dipigawé ka Dayeuh Bandung sanggeus narima ultimatum Inggris.

"Jadi saya kembali dari Jakarta, setelah bicara dengan Sjahrir itu. Memang dalam pembicaraan itu di Regentsweg, di pertemuan itu, berbicaralah semua orang. Nah, disitu timbul pendapat dari Rukana, Komandan Polisi Militer di Bandung. Dia berpendapat, “Mari kita bikin Bandung Selatan menjadi lautan api.” Yang dia sebut lautan api, tetapi sebenarnya lautan air”
A.H Nasution, 1 Mei 1997"

Istilah Bandung Lautan Api mecenghul ogé di poéan Suara Merdeka tanggal 26 Maret 1946. Saurang wartawan ngora waktu éta, nyaéta Atje Bastaman, nyaksian sorangan pamandangan dahsyat pembakaran Bandung ti pasir Gunung Leutik di sakitar Pameungpeuk, Garut. Ti penclut éta gunung Atje Bastaman nempo Bandung anu beureum ti Cicadas nepi ka jeung Cimindi.

Sanggeus anjog di Tasikmalaya, Atje Bastaman kalayan pinuh sumanget geura-giru nulis warta sarta méré judul Bandoeng Djadi Laoetan Api. Tapi alatan kurangna rohang pikeun tulisan judulna, mangka judul warta dipondokan jadi Bandoeng Laoetan Api.

Ari kiwari mah Bandung téh loba nu nyebut jadi lautan asmara atawa lautan runtah kitu nya? beu...
Postingan sajarah ieu di candak tina loba sumber.

Cag ah,

Baktos simkuring Lilis Mayasari/ Liezmaya.
hapunten bilih aya kirang langkungna, diantos koréksi di para dulur sadaya. Mugia jadi hikmah piken perjuangan hirup rahayat Indonésia kahareupeunana sangkan teu kagiridig ku bangsa deungeun (ngutip kang Ohang) hehe.



21 Feb 2010

Sajarah Singkat Mang Koko

Dina kasempetan postingan ayéna simkuring hoyong médar salah sawios tokoh Sunda nu kalintang gédé jasana pikeun sajarah kasenian Sunda, nyaeta Mang Koko tea nu tos makalangan, dugi ka generasi simkuring ayéna masih keneh séér nu mikabangga karya – karya anjéna.



mang_koko-01 Haji Koko Koswara, nénéhna Mang Koko, lahir di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917. Ramana Ibrahim alias Sumarta, anu aya teureuh ti Sultan Banten (Sultan Hasanuddin). Anjeunna kagungan putra 8, diantawisna Tatang Benyamin Koswara (ayeuna pupuhu Yayasan Cangkurileung) sareng Ida Rosida (salah sawios panembang kahot sareng kungsi maén sinetron "Inohong di Bojongrangkong"). Atikan anjeunna dikawitan ti HIS (1932), MULO Pasundan (1935). Mang Koko kalebet anu ta'at sareng patuh kana agamana (Islam).

Padamelanna dikawitan ti taun 1937, mangsa bangsa urang nyanghareupan révolusi. Saterusna patutur-tutur didamel di: Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Propinsi Jabar, guru anu saterasna janten Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonesia), Bandung, dugi ka pupusna ping 4 Oktober 1985.



- Bakat seni sareng karya-karyana.

Bakat senina ngocor ti ramana anu kacatet salaku juru mamaos Ciawian jeung Cianjuran. Saterasna anjeunna diajar ku nyalira ti seniman-seniman ahli karawitan Sunda anu parantos moyan, ogé neuleuman hasil karya widang karawitan ti Raden Machjar Angga Koesoemadinata (musikolog).

Anjeunna oge kacatet salaku anu ngadegkeun rupa-rupa pakumpulan kasenian, diantarana: Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946), "Taman Murangkalih" (1948), "Taman Cangkurileung" (1950), "Taman Setiaputra" (1950), "Kliningan Ganda Mekar" (1950), "Gamelan Mundinglaya" (1951), jeung "Taman Bincarung" (1958).

Oge anjeunna anu ngadegkeun sakaligus jadi pupuhu munggaran ti "Yayasan Cangkurileung" puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon. Anjeunna ogé anu ngadegkeun tur pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Kungsi anjeunna medalkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).

Karya cipta kawih-kawihna dikempelkeun dina buku-buku, boh anu kungsi dipedalkeun atawa anu masih mangrupa naskah-naskah, diantarana: "Resep Mamaos" (Ganaco, 1948), "Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952), "Ganda Mekar" (Taraté, 1970), "Bincarung" (Taraté, 1970), "Pangajaran Kacapi" (Balébat, 1973), "Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984), "Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984), "Layeutan Swara" (YCP, 1984), "Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jrrd.

Karya-karyana sanés ukur dina widang kawih, nanging ogé dina widang seni drama sareng gending karesmen. Dina lebah dieu kacatet, salah sawiosna nyaeta: "Gondang Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh Asih", "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon", "Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri Tampikan", "Si Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang", "Pangeran Jayakarta", "Nyai Dasimah".


- Pangajén ka Mang Koko.

mang_koko-02Mang Koko ginuluran seueur pangajén, boh anu asalna ti pamaréntah, lembaga atawa organisasi masarakat (LSM), upamana baé: Piagam Wijayakusumah (1971), salaku pangajén pangluhurna ti pamaréntah puseur (id: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan) dina kategori "Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan".

Tina riwayat ringkes kahirupan Mang Koko, urang patepang jeung hiji manusa anu enggeus masrahkeun jiwa, raga jeung bandanna pikeun kahirupan jeung kalanggengan seni, hususna seni Sunda. Jembarna, pikeun anjeunna, merenah upami urang ngaleleran gelar salaku "pahlawan panglelemes jiwa". Sabab, sakumaha kasauran anjeunna keneh dina salah sahiji kawihna, seni teh ngarupakeun panglemes jiwa.

Cag ah,
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya anu nuju murukusunu sono ka lembur indung :P
- Di cutat Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda.
- Gambar ti: Datasunda.Org



19 Feb 2010

Sajarah Candi Pawon

Dina postingan ieu husus simkuring hoyong medar paninggalan sajarah suku tatanggi urang, nyeta “urang jawa” tea, etang – etang jalan – jalan we nya hehe.

candi-Pawon

Candi Pawon nyaéta hiji candi nu aya di antara Candi Borobudur jeung Candi Mendut, kurang leuwih jarakna sakitaran 1750 méter ti Candi Borobudur sarta 1150 méter ti Candi Mendut. Candi ieu munggaran dipugar taun 1903.

Tacan aya nu bisa mastikeun kunaon ngaranna Pawon. J.G. de Casparis ngira-ngira yén Pawon éta asalna tina basa Jawa Awu (lebu) jeung awalan pa sarta ahiran an nu hartina tempat awu (tempat lebu). Ku sabab éta, arkéolog (Elmuan nu nalungtik paninggalan sajarah) ieu nganggap yén candi ieu baheulana dipaké pikeun meuleum mayit nepi ka jadi lebu. Lamun ditempo tina tempatna, candi ieu ayana nyaeta di désa Brojonalan, lamun dina basa Sangsakerta mah nyaéta vajra nu ngabogaan harti pakarang sarta anala hartina seuneu. Vajranala nyaéta sanjata Raja Indera dina mitologi bangsa India.

Dina jero candi henteu kapanggih ayana arca. Nu bisa dititénan tina ieu candi nyaéta ukirannana. Dina témbok luar aya réliéf tangkal Kalpataru nu diapit pundi-pundi jeung kinara-kinari (mahluk kayangan, sirahna manusa awakna manuk), saur sabagian urang aya nu ngayakinan yen candi ieu teh nu jadi pamiti kabentukna candi – candi sejen, kaasup ogé candi Borobudur tea. Aya oge nu nyebutkén yen Candi Pawon teh nyaeta Candi umat Budha.

Cag ah,
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Poto dicandak ti Kompas.
Sumber ti Wikipedia sareng web sanesna.



16 Feb 2010

Sajarah Singkat Karajaan Tasikmalaya

- Samemeh Datangna Islam.
Mimiti dina zaman abad ka VII nepi ka abad ka XII wilayah nu ayeuna katelahna kabupaten Tasik Malaya, katalungtik ayana hiji bentuk pamarentahan kabataran nu pusat pamarentahanana teh nyaeta disakitar Galunggung, jeng kakuasaan ngabisheka raja - raja (ti karajaan Galuh) atawa ceuk basa lainna mah dianggap syah lamun meunang widi/ pasatujuan Batara nu nahta di Galunggung. Batara atawa sesepuh nu marentahan dina abad eta nyaeta Batara Semplakwaja, batara kuncung putih, Batara Kawindu, Batara Wastuhayu, jeng Batara Hyang nu zaman pamarentaganana ngalaman perobahan bentuk tina kabataraan ngajadi karajaan.
Karajaan ieu ngarana teh karajaan galunggung nu di adegkeun dina ping 13 Bhadrapada 10033 Saka atawa 21 Agustus 1111 nu dipingpin ku panguasa munggaranana nyeta Batara Hyang, nu dumasar kabuktian ku Prasasti Geger Hanjuang nu kapanggil di bukit Geger Hanjuang, Desa Linggarwangi, kacamatan Leuwisari, Tasikmalaya. Ti sang batari ieu nya ajarana nu kasohor katelah ku sebutan Sang Hyang Siksakanda ng Karesian. Ajaranana ieu teh masih dijadikeun ajaran resmi dina zaman Prabu Siliwangi (1482-1521 M) nu nahta di pakuan Pajajaran. Karajaan Galunggung ieu ngdeg nepi ka 6 tungturanan raja saterusna nu masih keneh katurunan Batari Hyang.
Nincak periode saterusna nyaeta periode pamarentahan Sukakerta jeng ibukota Dayeuh tengah (Ayeuna kaasup kana kacamatan Salopa, tasikmalaya), nu mangrupakeun salah sahiji daerah turunan ti karajaan pajajaran keneh. Panguasa munggaranana nyaeta Sri gading Anteg nu sazaman hirupna saentragan jeng Prabu Siliwangi. Dalem Sukakerja nu neruskeun tahta dipekirakeun sazaman jeng Prabu Surawisesa (1521-1535 M) Raja Pajajaran nu ngagantikeun Prabu siliwangi.

- Datangna Islam.
Dina mada pamarentahan Prabu Surawisesa kadudukan Pajajaran sunda mimiti kadesek ku gerakan Karajaan Islam nu dipaloporan ku Cirebon jeng Demak. Sunan Gunung Jati ti taun 1528 ngumara kapalosok tanah sunda pikeun ngajarkeun Agama Islam. Dina mangsa pajajaran mimiti hilang daya (ngalemahan) daerah - darah kakuasaanana tarutamana nu aya di Bagian Timur teh usaha satekah polah pikeun ngalepaskeun diri. Meureun pisan Dalem Sukakerta atawa Dalem Sentaoan ges jadi panguasa Sukakerta nu merdeka, lepas ti Pajajaran. Teu mustahil oge lamun kadua panguasa eta teh ges asup Islam.

Cag ah, hapunten bilih aya nu leupat kirang langkungna artikel diluhur.
Baktos simkuring Lilis Mayasari/ LieZMaya.

Ti: Wikipedia tasik malaya
Gambar ti: Datasunda.Org.



14 Feb 2010

Serat keur sobat hate baheula


Basa munggaran patepang salira tos kedal carita yen "asa - asa tos kantos tepang sareng simkuring kapungkur", tapi duka dimana cenah. Aah ceuk pikir simkuring eta mah jurus hapeuk ti jaman tokotok dilebuan pikeun ngadeketan simkuring wungkul, nya rey we aya rasrasan hate rada sebel ka salira teh da bongana atuh kalakukan teh ciga lalaki nu pleyboy ceuk basa barudak mah. Tapi gening salira teh bager pisan ka simkuring, teu loba mikir daek mantosan lamun pareng simkuring meryogikeun.

Basa nuju mangsa CPD dina pelantikan PMR malihan mah salira kersa ngangakep abdi sababaraha kilo dugi ka sakola ku alatan sampean simkuring tatu tijalikeuh katinggang batu. Isin mah sing isin simkuring teh nalika harita teh, nya kedah kumaha pan ku kang Ibek palatih urang dipapaksa kedah mulang. Curucud cisoca masehan sapanjang jalan eta, kusabab ngaraos isin tur balideg ku kanyeri tatu sesenutan nu beuki lami beuki karaos pisan ngabarehan. Cag, simkuring di turunkeun dina bale - bale korsi di ruangan TU ku salira teh, teu malire kacape awak nu tos ngangakeup simkuring sajajalan salira langsung lumpat ka warung mang Toha rek meser es batu jang ngobatan kanyeri nu tos teu kiat deui di tahan ku simkuring.
Teu kungsi lila pak Toni guru pembina urang teh datang nyusulan bari nyanyandak tukang urut ibu - ibu satengah baya "duuuh meni asa hoyong maehan maneh dinten harita teh kang saleresna mah sabab sieun diraranca harita teh"...simkuring nangis satarikna, sabisana, mapalerkeun kanyeri waktos sampean di rampaan ku tukang urut eta teh, salira oge kantinggal haat ninggal kaayaan simkuring, teu tiasa nanaon deui da sidik beh simkuring damang kitu ge panginteun dina pikir mah.

Sasasih ti basa harita simkuring ngundurkeun diri tina organisasi PMR, salira sataker kebek ngolo simkuring sangkan kersa babalik pikir uih deui ngiring latihan. Aaah da dasar tekad ges buled, simkuring keukeuh alim ngiringan deui. Ditambih oge dicarek ku ibu rama yen ulah ngiringan deui organisasi nu baurat, sabab hariwang kana kaayaan fisik simkuring nu alit teu kaopan tea saur kolot mah. Salira teu tiasa kumaha deui, ngan sakur pasrah kana kaputusan simkuring.
Sataun urang papisah langki pendak gening kang, teu karaos tos nincak kelas 3 deui...urang papada sibuk ku urusan masing - masing, salira sibuk ku ngurus organisasi PMR, sedengken simkuring sibuk ku OSIS saprak taun kamarina ngiring gadung kadinya janten seksi kasenian nu Alhamdulillah asa kenging dunya nu memang tos ngepas sareng hate simkuring.

Basa urang ngiring papisahan dina acara pembagian rapor ka Jogja, salira ngahaja nyaketan deui simkuring...katinggal pisan marahmay raray piken ngabagjakeun simkuring satekah polah memeh kaluar ti sakola da sidik urang teh tos aya rancana bade neraskeun sakola ka nu benten tea. Harita 2 poe dua peuting urang piknik ka lembur jawa tengah teh jeng barudak kelas tilu saangkatan. Parang tritis - candi borobudur - karaton jogja nu jadi saksi cimata cing ngalemereh kana masehan pipi urang harita. salam silih rangkul jeng sobat dalit tur silih hampura silih bebaskeun keur poe nu ahir eta.
Acuk batik dihias ku kumbang nu jadi kenangan harita, naha duka dimana anjen ayeuna gening...taya basa taya carita ceuk beja anjen nuju nyiar elmu ka jogja, naha leres angkang?

Bekasi, 14 Februari dina wanci tengah peuting anu rungsing.
Lilis Mayasari.
- Gambar dokumentasi ti: Nijarhisam.web.id


5 Feb 2010

Terjamah Kamus Bahasa Sunda - Indonesia Online


#Ingin belajar Bahasa sunda online?
#Sedang mencari kamus sunda online?
#Ingin menjadi calon menantu Orang sunda tapi sama sekali gak ngerti sunda?
#Ingin menarik perhatian pacar sunda anda?
#Takut di maki dan ditertawakan oleh calon mertua anda?
#Pusing dibecandain sama temen sunda satu kost2an anda?
#Pusing dengan kata/ kalimat sunda yang tidak anda mengerti...penasaran yah? wkwkwkwkwk *bentarrrr....ketawa dulu yah :))*

Ehmmm Don wori bi hepi gayes, berdasarkan permintaan dari teman - teman dan pembaca setia Blog LieZmaya.Web.ID *ceileeeh gayanya*, maka sekarang Bagi anda yang tertarik dengan bahasa sunda dan ingin belajar bahasa sunda namun terkendala dengan kata - kata/ kalimat sunda yang kurang di mengerti, silahkan tanyakan di form komentar halaman dibawah ini, InsyaAlloh saya akan bantu sebisa mungkin untuk menjawabnya untuk anda. Berlaku juga untuk orang sunda sekali pun yang masih kurang mengerti basa sunda, katakanlah ini adalah kamus online basa sunda ya.

Note: namun mohon untuk tidak memberikan saya PR yang kurang beradab yang mana dapat membunuh otak dan waktu saya karena bahan translete yang kepanjangan hehe...maksimal 1 kalimat okeh! Dan mohon kesabarannya untuk menunggu karena keterbatasan waktu saya juga untuk berkutat dengan pekerjaan saya sehari - hari, namun saya akan berusaha secepat mungkin untuk segera mereply pertanyaan dari anda ^_^.

Diniatkan dengan Ibadah, mari sama - sama belajar Bahasa sunda yah, dengan senang hati dan bangga, saya akan membantu anda...
Lilis Mayasari/ LieZMaya.




Atau silahkan coba fitur terjemahan disini, sumber (tarjamah.sabilulungan.org).



Pésén Admin

- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

TOKO ONLINE BAJU BUSANA MUSLIM SYAR'I MURAH
Mau belanja baju busana muslim, Gamis Syar'ie Murah Bekasi, perlengkapan rumah tangga, dll. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

 

Wilujéng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka dégét ayéna, nyaéta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

Nunutur

Nu Parantos Ngalongok

Copyright 2013 Tépas Pangacaprukan | Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!. ti taun 2006 dugi ka kiwari. Development by Jasa Pembuatan Website Murah