Hiji mangsa basa kuring keur gawe bari ngadengekeun lagu keroncong nu judulna “Aryati” dorr w aya nu noel di YM…
Nu noel: wah...nuju keroncongan, neng
Nu noel: btw, kumaha damang?
Nu noel: tos lami teu tepang didieu
Simkuring: muhun, nuju lawas hehe
Simkuring: Alhamdulillah panestu, sawalerna?
Nu noel: alhamdulillah
Nu noel: seueur gaduh keroncongan, neng?
Simkuring: teu oge, mung hiji dua
Simkuring: keroncong vokal pameget da
Simkuring: 081.21.31.XX.X.XX
Simkuring: eh punteun lupat ngintun
Nu noel: :))
Nu noel: ka saha yeuh.. ;))
Nu noel: suit²
Simkuring: ka tukang kiridit
Nu noel: :))
Simkuring: mengajukan kiridit kanggge panci
Nu noel: ohh.. :D
Nu noel: sakantenan nu sanesna atuh, tong pameng
Simkuring: muhun2
Nu noel: s emang na aya keneh?
Nu noel: bade sakantenan pesen atuh
Nu noel: seueur parabot nu teu acan gaduh oge yeuh..
Nu noel: :P
Simkuring: ah teu aya milik, nembe tos ngabeuleunyeung kang
Simkuring: tuh tos dugi pengkolah
Nu noel: ahh..
Nu noel: muhun sanes milik nya..
Nu noel: karunya s emang na atuh, teu kenging rizki langkung
Simkuring: ah sanes sabalikna anjeuna aya milik?
Simkuring: pan akangmah sok harese majarmah saur tukang kiridit nu hiji deui mah :))
Nu noel: :">
Nu noel: ah..jenten isin
Nu noel: ulah wartos² ka s emang na nya..
Nu noel: ke abdi teu kenging kriditan deui..
Nu noel: :(
Simkuring: =))
Simkuring: sok atuh asal mang lunasankeun heula kiriditan panci abi
Nu noel: :)) tiasaan s neng mah
Nu noel: benten ari nu tos biasa ngiridit mah..
Simkuring: ih nya muhun ateuh
Nu noel: kantenan nya.. ;))
Ah hampura duh tukang kiridit tos nambut nami salira kangge janteun korban topik jalmi nu teu aya dameul *panas ceuli nya pantes!, sugan w bulan hareup dilunasan kukuring kabehanana ditambahan leuwih lah mun bisamah "bonus cinta" haha.
Tutumbu Carita diluhur:
- Wilujeng Boboran shiam 1432 Hijriah
- Info Bisnis - Jual Voucher Autosubmit LEBIH MURAH, cuma Rp. 27RIBU
- Kolot
- Antisipasi kaleungitan sendal
- Esmosi
- Kapaksa Golput...
- 40 kecap dina samenit
- Lomba 17-an
- selamat menempati rumah baru
- Sajarah singkat EURO
- Ayat - Ayat AL-Qur'an jeung Kromosom/ Awak manusa
- Ngobrol heurey janteun Mikir
8 pesen:
hihi amun nganjuk boboko sabaraha nya samingguna, duh nu kuring mani rawing boboko teh, tapi tara aya nu ngider deui urang tasik jiganamah nu sok ngiriditkeun teh si mamang
Euleuh naha jadi blogspot ayeunamah teu wordpress
lieur, euy.
Tapi ngadangukeun degung-nya asik dan menentramkan.
salam kenal, main ya ke blog aku.
salam.
Heu..heu..
Aya-aya wae.. !!
ngiring ngalangkung geulis ahh punten tumaros, aya fasilitas kanggo kredit surga teu ?
hmmmmm.... geningan jungjunan teh resep ditoelan, manawi teh teu kitu, ciks...ciks..ciks...
hayang ngiluan noel jungjunan ogeeeeee.....
Salam dari Malaysia!
Ini bahasa indonesia atau Sunda?
@Lunaticg: Bahasa sunda :)
Posting Komentar