
Ayeunamah hiburan ditanah sunda teh geus mangrupa rupa, ditingali tingali ti saprak cing mareceunghul stasion stasion tipi lokal, samisalkeun nu aya di Jawa barat nyaeta: Bandung TV, Bogor TV, CB Channel, CT Channel, Ghanesha TV, IMTV, Padjajaran TV, STV Bandung, Jabar TV, jst. artis artis lokal ge ngiluan harudang, loba beungeut beungeut anyar nu sautik gedena ngiluan jadi tenar makalangan alias terkenal jadi idola lokal pikeun urang sunda khususna, komo bari jeung ku urang urang paisisianmah nu biasana kaum para kokolot, nu masih keneh satia panceug kana hiburan kasundaan.
Program program khusus nu disuguhkeun nu karasa dipaporitkeun (kusabab langka, jeung beda ti stasion TV Nasional) jeung memang karasa pisan ku simkuring pribadi keneh asa aya rasa nu atoh, bungah mencrong/ ngalalajoanana ge kitu tah. Contona program nu dipaporitkeun eta teh diantawisna nyaeta: Program Tembang sunda, bobodoran sunda sapertos Sasagon nu tayangna dina TVRI tea (tapi dibareungan ku pesen nu kaharti tur hade kangge masyarakat), jalan jalan Bandung nu dicandakeun/ host na teh di kang Aang pami teu leupatmah, wayang golek komo mun nu dibaturan ku bodor si pohang mah jeung saparakancana nu nuju nge-trend di kalangan urang pasisisan bahkan urang kota tur urang sunda umumna nu geus pernah lalajo naha eta tina kaset VCD atawa tina akses internet langsung saperti Youtube, jst. nu ku simkuring pribadi disebut/ dilandian Extravaganza sunda meurunnya (hiburan sunda nu dipaporitkeun).
Ku bosen-na acara nu ditayangkeun dina TV nasional teh nu lolobana eusina teh "eta eta keneh" alias sajenis kusabab lolobana sok patiron tiron tea pikeun meunang rating ceunah mah jeung komo teu sautik nu nayangkeun program nu sama sakali teu mutu ngan ukur ngabobodo nu lalajo bisa jadi pangbeubeurah manah kanu mikacinta Budaya sunda nu kiwari beuki hese ditingali komo deuih nu dikalangan barudak ngora, bahkan nu cindeukna diantara budak turunan urang sunda keneh sacara langsung.
Sapangalaman simkuring nu kirang langkung tos ampir tos tilu taun balakecrakan dina dunya maya (internet) kalah lolobana urang batur nu justru hayang diajarkeun Basa sunda atawa mung sakadar tatanya ngenaan budaya sunda nu sacara kasimpulanana memang budaya urang teh endah jeung patut jeng dilestarikeun, batan ti urang sunda eta sorangan nu cigana keur ngomong basa sunda dina sapopoe wae ku hese ngecapkeunana, teuing ku era atwa memang teu barisaeun!
Cag ah, hampura lamun aya salah kecap, sakadar pangacaprukan ieumah.
Poto: Simkuring, sakalian narsis nu ngepens jeung Ohank hihi :P
Tutumbu Carita diluhur:
- Pileuleuyan ki Darso
- Naha bet peunteun lima Lis?
- TAU SIAH ? - IWAN PEKONG
- Kempelan Bobodoran Sunda MP3 Cangehgar, kang Ibing, wayang Cepot, Bi Ijem, dkk.
- Bangbung Hideung
- Font Aksara Sunda Asli (Sundanese Font Unicode)
- 17 Agustusan di Lembur Rancakole (2009)
- Gallery Kujang Sunda (Jawa Barat)2
- Kujang Sunda (Jawa Barat)
- Download Mp3 Kacapi Suling
- Hiburan online radio sunda “Dora Dori”
- Khotbah Nikah Bahasa Sunda
- Musik Sunda
6 pesen:
Kang Ohang ya... waktu resepsi pernikahan saya tahun lalu di Tasik, kang Ohang juga ikut berpartisipasi.... Klw ketemu kirim salam ya...
ke ari eta saha siga kang Oon ?
walah.. abdige.. penggemar ti kang ohang.. lamun papendak deui.. salam ti http://luragung.com teh.. kank_ripay tea.. salam kenal bagi mbak cantik yang punya web ni...
hi mbak...baru sekali ini nich nemu web yg pakai bahasa sunda. ibu saya jawa sunda. tp krn saya besar di jkt, bisa ngerti sundanya sedikit2 nich... :) salam kenal dech mbak....
Heuheu boboraah beu geuning ayeunamah terkenal da aya dina tipi2 teh...sok salam w patepang langsung dina layar kaca sareung anjeuna :D
@Urang bali: Lain atuh, etamah kang Ohang bentang sunda, kawas kang ibing kitu lah tukang ngabodor...heuheu mirip ci kang onto lucuna meureunnya :P
cing nyungkeun lagu ohang anu judulna hararese!
bilih aya nu gaduh pasihan terang abdi!!
nuhun sateu acanna!!
ichsan di cimahi.
Posting Komentar