Tonjong nyaeta salah sahiji ngaran lembur nu aya di desa Babakan kacamatan Ciparay kabupaten
Tonjong oge loba kenangan pikeun kuring sorangan *cieeeh ceuk atu teh, baheula sakola simkuring nu SMP (SLTPN 3 Ciparay) aya di leubah lembur eta keneh (beh dieu’eun lembur kangkareng, unggal balik sakola bari gagaro hokcay ala budak lembur ngalengoy cape nyekelan buku tugas atawa kantong nu beurat di aakod mun pareung geus aya kagiatan ekstrakulikuler nunungguan mobil angkot disisi jalan bari lelenggutan peupeureuleukan heuay, sakapeungeun nyeukeulan es batu mun poe keur meujeuhna panas mentrang mentreng, ahhh pan lumayan atuh ngubaran hanaang dina jero dada *matak kulit teh hideung cakeutreuk.
Jaman baheula mah *isss gayana make jaman baheula* taun 2000-an alias karek asup kana era millenium tea supir angkot teh balaga lir ibarat president api api teu butuh, hhh jadi budak sakola saangkatan simkuring teh rada harese mun pas rek indit jeung balikeun sakola mah, kusabab kudu sabar nunungguan heula angkot beureum. Nya maklum we da kaayaan dilembur masih keneh aya sistem ngetem tea ngarah meunang penumpang nu leuwih loba, kusabab mun teu kitu maranehna (maksud teh supir angkutan kota) teh moal bisa nyumponan setoran kanu jadi dunungan meureunan, jeung teu poho oge nyetoran kanu jadi pamajikan jang ngahirupan sapopoe nu geus nunungguan diimah rek masak asin make jalantah *meureun deui tah ketang*.
Kitu oge mun inditkeun sakola isuk isuk atawa beurang ngalelenggut nunungguan angkot bari ngedegdeg da sieun telat heug we disetrap ku guru, komo ku guru fisika nu galak ciga pa Nana hihi (isuk isuk biasana leuwih hese, sabab saingan jeung nu rek arindit gawe, matakna start kudu ancang ancang leuwih subuh), bari jeung lamun keur pareung para supir angkot marema sok rada haroream (baca pikasebeuleun hayang disumpahan bitu ban meureun!) mawa barudak sakola mah, sabab meureun mayarna sok saeutik alias teu full kawas penumpang nu lain, nu indit nepi ka tujuan terminal panungtungan (mun teu salah baheula mayar teh tarifna masih keneh Rp. 300;- nepi ka Rp. 500;-) jeung atawa mayarna ngan sakur satengahna sabab nya memang kitu aturanana jang budak nu masih keneh make baju saragam sakola mah, jeung teu saeutik oge barudak sakola nu rada baraong *lamun pareung aya kasempetan sok kabur tara mayar* haha.
“nu alit dipangkon...nu alit dipangkon....”Pok supir angkot atawa kendekna lamun kabeneran loba penumpang nu rek naraek marema (dasar embung rugi) nepi ka dijeujeul tah angkot teh palaur we tiguling da sok rada miring ka leubah kenca nu sok loba narangkel ti gigir jeung ti tukang body angkot, tah kabeneran pisan simkuring teh salian diciptakeun imut manis bari sakapeungeun haseum ge hehe ngagubrag ka alam dunya ieu teh ngabogaan awak nu leutik alias alit ceuk leumeusna supir angko tmah, awak teh baheula ipis pisan jauh ti awak nu ayeuna hehe, maklum ceuk kolot ge simkuring mah da ririwit, kapaksa we sok kabagean dipapangku ku nu lain *ih meng-Era-kan sekalih! Sttt stt tong dibeja beja nya, komo ka urang lebah
Mun keur hese milik teu jarang oge loba barudak sakola nu kabareurengan atawa telat abus jam sakola lamun aya nu kabagean sakola beurang (jam kadua pelajaran antawis jam satu -
Kuring masih keneh inget pisan, harita teh sok dibekelan ku kolot teh dua rebu paling saeutik nepi ka
Tapi syukur Alhamdulillah, mun teu salah ti taun 2002 mah eta supir angkot teh teu rada balaga teuing, anggurana beuki nyedek ka wanci kadieu kadieu mah kalah atoh manggihan penumpang teh najan budak sakola, kusabab loba saingan mobil angot alanyar, nu antukna jadi hese meunang penumpang komo deuih ti saprak aya kanaekan BBM nu ngabeuratkeun ongkos jadi ngapung kaluhur, mahalna menta dibedog!
Jadi sabenerna mah ieu postingan teh leuwih pantes dibere judul “angkot beureum Arjasari – Ciparay” meureunnya, lah keun bae we lah, da nulisna ge keur dina raraga sono nostalgia beurat ka lembur Tonjong hehe maksa pisan.
Salam kangge Neng Ika sareung neng Illa urang Tonjong (ciga dina siaran radio wae nya) nu kamari ieuh kungsi mere suprais pas mulang ka lembur *speechless beu!...hiks hayu ah rek nyalingkeur heula dijuru hawu nuluykeun nostalgia baheula jeung babaturan nu carulun keneh
Cag ah.
Baktos ti Lilis mayasari A.K.A Liezmaya, kelas 1D, 2D, 3C urang cidodol – Rancakole nu kungsi jadi juara *halah2...mmm mun aya nu wanoh ka simkuring? Atawa asa asa inget inget poho deui, aaah Sok atuh tong isin isin jeung asa asa heug noel geura, deuh meuni sono dak! Siapa tau pan tiasa nonostalgilaan ka jaman baheulllll.
- Postingan nu meureun teu penting didieu teh samata mata hayang mancing tag kina search engine keur urang lembur nu iseng iseng meureun keur neangan batur lemah cai ku ngaran ngaran lembur simkuring di Bandung, hapunteun kanu kaabotan kana basa simkuring nu kirang merenah panginteunnya, boh dina basa jeung tulisan.
Tutumbu Carita diluhur:
- Walimatul Ursy/ Laki rabi N. Lilis Mayasari & Rohmat Musobir
- Naha bet peunteun lima Lis?
- Egoisna kuring…
- Korejat
- Bangbung Hideung
- Carpon: Misbahudin
- Serat keur sobat hate baheula
- Pileuleuyan Appa aki (Udin Bin Matnasik)
- Wilujéng warég Lis!
- Munjungan
- Poto “Narsis” Oncom Bandung
- 17 Agustusan di Lembur Rancakole (2009)
- Safari Garden/ Kebon Raya Safari
- Puncak Lembur Gentong
- Kacang Bulu
- Pacici - cici Putri, Kaulinan Barudak Sunda
- Piknik ka Cibolang - Pangalengan
- Wilujeng Boboran syawal 1430 H
- 21 Taun
- Kapaksa Golput...
- Kodok bangkong
- Kokoro No Moto
- Buku Ipis warna beureum
- PR 16
3 pesen:
Ohhh my GOD, I really didn't understand.
Thank you
Aduh..ngaos postingan ieu..nukabayang teh lembur kuring...jeung nineung ka jaman keur sakola (anu ngangge keneh lancingan pondok).. duh waas...
beu didieu mah nani euweuh angkot :sad: komo delman mah, jadi kuring mah nyeker we kamamana teh da numpak taksi mah mahal
Posting Komentar