Pilih nomer hiji...
Pilih nomer dua....
Pilih Nomer tilu.......
Hirup “si eta”, hirup “si itu”, hirup “si manehna”...*hirup “Jungjunan alias LieZMaya alias Neneng alias Nini alias ngaran lainna nu teu paruguh” haha :P
Masing masing individu saurang - saurangna bobogaan panguat hate pikeun milih pamingpin dina taun dua rebu salapan ieu (alias isukan, tanggal 8 Juli 2009) pikeun nangtukeun nasib bangsa Indonesia urang lima taun kahareup, tah eta ge kaasup simkuring pribadi, hate leutik aya kayakinan pikeun milih salah sahiji calon pasangan presiden kahareup. Tapi ngan hanjakal siganamah simkuring teh teu tiasa ngagunakeun hak pilih geuning lur da kusabab kartu pemilih simkuring masih keneh kacatet di lembur Bandung, sedengkeun simkuring ayeuna keur hirup nyicingan bumi Bekasi, heu ceunahmah ceuk beja bisa make KTP ngan kudu dibarengan jeung kartu kulawarga (beu anggeur anggeur keneh atuh da kartu kulawarga simkuringmah teu dibabawa kadieu, aya dina lomari arsip di imah lembur heuheu) jabaning ketang dih da kudu milih di tempat domisili urang...beu keneh kehked atuhnya, berarti etamah ngan sakur jang masyarakat nu teu kabagean/ kacatetkeun ngabogaan kartu pemilih tea meureunan... ah sarua jeung bohong jang simkuring mah atuh, jadi kapaksa we kudu golput da rek ngahaja ka Bandung mah balik heula imposibel pisan hiks.
Tapi kuring ngadu’akeun saha saha bae nu kapilih jadi pemingpin eungke mudah mudahan cing tuhu kana amanah rakyat, sangkan bisa mawa urang kana kahirupan nu leuwih hade batan waktu katukang.
Janteun amanat penting dina postingan ieu teh, sok pikeun anjeun anjeun nu geus ngabogaan hak pilih tong di sia – siakeun, da lamun hak sora urang teu dipake mah ke kalah jadi untung pikeun pamingpin nu ngabogaan niatan goreng...ceuk basa politiknamah “penggelembungan suara” ceunah pan, komo deuih lamun euweuh halangan nu karandapan ciga simkuringmah heheh....Beu hampura, lain teu hayang!
Tutumbu Carita diluhur:
- Walimatul Ursy/ Laki rabi N. Lilis Mayasari & Rohmat Musobir
- Naha bet peunteun lima Lis?
- Egoisna kuring…
- Korejat
- Bangbung Hideung
- Carpon: Misbahudin
- Serat keur sobat hate baheula
- Pileuleuyan Appa aki (Udin Bin Matnasik)
- Wilujéng warég Lis!
- Munjungan
- Poto “Narsis” Oncom Bandung
- 17 Agustusan di Lembur Rancakole (2009)
- Safari Garden/ Kebon Raya Safari
- Puncak Lembur Gentong
- Kacang Bulu
- Pacici - cici Putri, Kaulinan Barudak Sunda
- Piknik ka Cibolang - Pangalengan
- Wilujeng Boboran syawal 1430 H
- 21 Taun
- Tanjakan Tonjong
- Kodok bangkong
- Kokoro No Moto
- Buku Ipis warna beureum
- PR 16
- Wilujeng Boboran shiam 1432 Hijriah
- Info Bisnis - Jual Voucher Autosubmit LEBIH MURAH, cuma Rp. 27RIBU
- Kolot
- Antisipasi kaleungitan sendal
- Esmosi
- 40 kecap dina samenit
- Tukang Kiridit
- Lomba 17-an
- selamat menempati rumah baru
- Sajarah singkat EURO
- Ayat - Ayat AL-Qur'an jeung Kromosom/ Awak manusa
- Ngobrol heurey janteun Mikir
5 pesen:
pertama...
Dapet kehormatan jadi pemilih pertama yang nyontreng di TPS kang?
hidup gol put
aeh..aeh naha bet Golput atuh ? sok pipilueun wae ka sayah haha
??? (not sunda citizen)
Posting Komentar