Geus sababaraha bulan ieu aya nu anteung teu boseun bosen maturan simkuring didameul online dina internet, sajabaning ti maen pesbuk sareung tuiter heheh. Ti mimiti wanci jam satu beurang keur panas mentrang mentring nepi ka jam tilu sore nyetel winamp ngadengukeun streaming radio nu ngagaduhan jinggle khasna “Geboy mania” Rama FM Bandung anteung ngadangukeun acara Gentra Parahyangan Rama nu di candakeun ku “Tenteu Dorra sareung kang Dorry” nu lalucu heuheu (osok oge direncangan ku tokoh tokoh khas kang Dorry nu sanesna), eh aya oge acara kilat Cangegang nyaeta singkatan ti "Carita Ngeunah dan segar" *mun teu leupat mah.
Sok mangga geura bilih bade panasaran sono ka lembur atanapi baroseun ngadangukeun lagu lagu jaman ayeuna nu "teu paruguh", sakedikna tiasa ngabeubeurah manah ngadangukeun siaran radio sunda oge teu kalangkung diputeur oge tembang tembang sunda, tiasa ngarequest oge da atanapi telepon.
Alamat streamingna nyaeta: http://rama-fm.simaya.net.id:8800/ tanapi langsung bae tepangan website-na ramafm.com
Tutumbu Carita diluhur:
- Pileuleuyan ki Darso
- Naha bet peunteun lima Lis?
- TAU SIAH ? - IWAN PEKONG
- Kempelan Bobodoran Sunda MP3 Cangehgar, kang Ibing, wayang Cepot, Bi Ijem, dkk.
- Bangbung Hideung
- Font Aksara Sunda Asli (Sundanese Font Unicode)
- 17 Agustusan di Lembur Rancakole (2009)
- Gallery Kujang Sunda (Jawa Barat)2
- Kujang Sunda (Jawa Barat)
- Download Mp3 Kacapi Suling
- Extravaganza sunda
- Khotbah Nikah Bahasa Sunda
- Musik Sunda
2 pesen:
Neng Jungjunan teh neng liezmaya tea?
Teh Liz... streamingna Rama teu hurung nya...
sono ka Dora Dory
Salam ti Kang Ismet di Sukabumi
Posting Komentar