Eulis enteupna hate engkang téh lain sakur sakahayang hate jang sakeudeungeun hirup, lain ngan sakur rasa nu datangna jorojoy neuteup kageulisan imut salira...lain pisan Eulis, nimbang nimbang rasa engkang samemeh rek nanya hate salira téh, geus salila urang paamprok di leuwi harepan di Cikahini...lembur urang nu basajan, hideung panon salira ngagenclang asa nyecep ku hiji kiceupan nu moal kapohokeun ku engkang nepi ka pedarna waktu.
Geus dua taun urang babareungan, geus rakeut pageuh hate engkang mikanyaah salira, lir ibaratna katumbiri nu pinuh ku warna kabungahan...ayeuna mun salira menta papisah hirup engkang téh Eulis bakal paeh, moal jauh ti bodas jeung hideung wungkul.
Euh Nya widadari engkang nu ngarajaan sakumna hate, Keun we Eulis rizki mah moal leungit kamana, nu leungit urang teang deui, nu can kaala urang udag babareungan, nu moal kabeunangan ku urang da lain jodona meureun Eulis, cing sabar...kitu deui jeung engkang, moal weleh nyabaran hate keur neundeun sumur kadeudeuh keur salira..ngan ukur hiji salira Eulis.
Tong tega Eulis ninggalkeun engkang, tali asih nu kungsi pasini pakait ati, ngajangji paheut basa urang pariron lelepen.
Cinta engkang masih keneh ngaleuwihan gedena sagara kulon nepi ka saumur dumeulah,...
Moal beak najan Eulis ngawurkeun kanyaah ieu.
Titipan ti salah sawios tamu nu satia ngalongok blog ieu "saurna teh" :D
Tutumbu Carita diluhur:
- Daftar Pangarang Sunda
- Carpon Sunda : Nini Jumsih Moro Langlayangan
- Carpon Basa Sunda : Bulan Wanci Sareupna
- Carpon Titis Tulis
- Aing Djago
- Hese mapalerkeun
- NAAAAA…ARI...NANI…
- Sajak sunda: Sapanjang Jalan malakarea
- Poék mongkleng
- Carpon: Nu anggang nu dipikameulang
- Sisi Padang Panjang
- Lutung Kasarung
- Font Aksara Sunda Asli (Sundanese Font Unicode)
- Sangkuriang
- Ngaran – Ngaran Wanci
- Muhamad Musa
- Gallery Kujang Sunda (Jawa Barat)2
- Gelo Ku Anu Kagegeloan
- Anjeun - Puisi titipan kang Haidar Pasundan
- Deudeuh Euis
- Tungtungna
- Sakeureut Hate
- Diteunggeul ngarah teu nyeri
- Sastra basa Sunda : BANDÉRA KONÉNG
3 pesen:
ups salah maca... sugan teh Euis.. padahal mah Eulis.. heheheheh
Friends are : Those who think and care about u…when u r far away from them”
Salam Kenal
Ieu Sami Urang Sunda.. CAmpuran Jawa...
Mun Tiasa Terang EuLis TEh Urang Mana ??????
maksad Eulis didieu teh nyeta duka saha, nu pastimah panginteun kameumeut hatena ci akang nu nitip ieu seratan :)
Posting Komentar