"Duh gawat aing mah yeuh mun unggal poe kieu wae kaayaan teh"
"naha naon kitu?"
"Heu unggal poe teh loba wae pikacapekeun huntu teh aingmah, kudu afdol we ambeuk ambeukan teh euy...aya aya wae lah nu ngagoda teh aing mah, mangkaning pan sakeudeung deui rek nincak bulan puasa pan, palaur batal we aing mah lah!....Esmosi yeuh Esmosi!!!"
"Latihan meureun ti Gusti Alloh ngambeh maneh leuwih bisa nyabaran hate"
"heu'euh meureunan, tapi da atuh lila lila mah da kuring teu kuat...asa hayang ngadahar jelema, ngeunah meureunan!"
"aduh siah, kabur ah aingmah sieun" ber ngabeucir bari ngagigiwing sendal capit nu sisirangan.
Punteun ah nu diluhur mah mung sakadar carita barudak lembur kamari ieuh basa mudik Agustusan ti Bandung heuheu, Simkuring nyungkeun neda dihapunteun tina samudaya kalepatan nu parantos dibalukarkeun ku simkuring pribados, mugia dina mayunan sasih shaum, sasih romadon urang silih bebaskeun sangkan bersih tiasa ngajalankeun sagala rupi ibadah nu dipikaridho ku Gusti Alloh SWT. Amin.
Wilujeung mayunan sasih Romadon 2009/ 1430 Hijriah :)
Tutumbu Carita diluhur:
- Wilujeng Boboran shiam 1432 Hijriah
- Info Bisnis - Jual Voucher Autosubmit LEBIH MURAH, cuma Rp. 27RIBU
- Kolot
- Antisipasi kaleungitan sendal
- Kapaksa Golput...
- 40 kecap dina samenit
- Tukang Kiridit
- Lomba 17-an
- selamat menempati rumah baru
- Sajarah singkat EURO
- Ayat - Ayat AL-Qur'an jeung Kromosom/ Awak manusa
- Ngobrol heurey janteun Mikir
4 pesen:
uhunlah sami2, kuringge kitu, Wilujeng mayunan sasih shiam, neda dihapunteun tina samudaya kalepatan oge, was........, salam..!
Hatur nuhun, nembe yeuh diameungan deui ka rorompok bari nyerat komen sagala.
Betah pisan ieu didieu, asa-asa di lembur sorangan.Tp da abdi mah era euy sundana kasar sareung alus dihijikeun he..he...salam kenal nya ieu ti sunda pang wetanna.. Bantarkawung Brebes (bener pang wetanna, karunya teuing euy)
buagus...
*gambarnya*
Posting Komentar