
Geus teu karasa ngaliwatan waktu nu sakitu lilana mun diitung sapoe sapoena, tapi da bakat ning ku betah dialam dunya ieu waktu nu dua puluh hiji taun ieu téh asa teu karasa lilana.
21 taun katukang téh kuring ngagubrag ka alam dunya ieu, teu make baju alias ti bubulucun, ngan dibeulit ku tali ari ari jeung ku kembaran kuring nyeta si Bali tea. Nepi ka ayeuna indung kuring masih keneh neundeun eta tanda lahir dina lomari...teuing ku naon jeung teuing jang naon *tong nanya!*, ngan nu pastimah meureun anjeuna téh boga kenangan supagi teu kapopohokeun perjoangan nu jadi indung pikeun ngalahirkeun budakna “nyeta simkuring” ka alam dunya ieu.
Ceunah mah ceuk carita kolot teh...
Kuring téh lahir ka alam dunya teu pati ngahsesekeun/ nganyeurikeun indung, kuring lahir dina kaayaan awak nu leutik...heu ceuk istilah dokteh mah kuring téh prematur tea dina poe ka sapuluh bulan Agustus tengah peuting jam dua belasan, teu karasa ceunah kaluar tina jeuro rahim téh...gedena ge ngan sakur sakeukeuleun botol coca cola, nepi ka ti mimiti indung bapa aki nini jeung dulur dulur téh nyurucudkeun cimata (asa percaya teu percaya kuring ge ngadengena, ngan nya Kawasa ning Gusti Alloh SWT – kun fayakun), ditambah indung téh ngabogaan sajarah pernah kaleungitan dua anakna nu kembar *nyeta lanceuk kuring nu awewe* barang borojol ngagubrag ka alam dunya téh langsung dipundut ku Gusti Allah, tah kumatakna maranehna téh ngahamdallahan kalahiran kuring nu salameut. Geus ngarandeug rada gede nyeta umur sataun dua taun kuring kakarek bisa leumpang, jalma jalma nu mikanyaah kuring disagigireun téh atohna kacida pas ninggali kuring hanjat ngabeuleunyeung lumpat moro jambu beureum nu murag ti buruan hareup..teu disangka sangka pisan kuring téh rek pihirupeun atuh da ceunah, kumatakna jadi tongtonan kabungahan, langsung dipirig ku cocooan jeung kado lianna nu teu sakabeh budak saeuntragan kuring waktu eta bisa meunang eta kabungah.
Ngarandeug geus rada gede nepi ka geus sakola SD kelas geuneup hirup kuring téh teu gampang, ririwit wae geuring...pang pangnamah dina kasehatan tulang kuring, mun labuh sautik téh kudu w langsung aya nu salah jeung tulang téh kudu dibenerkeun ka dokter atawa spesialis ahli tulang. Ngan Alhamdulillah Gustimah da Maha kawasa, ti saprak nincak bangku SMP nepi ka kiwari kasehatan kuring bisa disebut normal jeung nu lian, kuring sehat jag jag beuleujag nepi ka ayeuna geus nepi titincakan umur téh dua puluh hiji taun, kumatakna lamun paamprok jeung kolot baheula (dulur) nu geus lila teu panggih sok langsung digabrug, pokna teh sok asa teu percaya yen ieu teh kuring tea nu baheula leutik ciga kiciwis, ha'at ninggalina, nyukuran Alhamdulillah ku kabungah sabari teu eureun merinan pangjurung du'a.
Alhamdulillah pangdu’a ti kolot jeung sakabeh jalma nu nyaaheun ka kuring téh geuning di paprinan ku Gusti téh, susuagan mugia kuring teu nguciwakeun nu jadi panghareupan maranehna.
Umur 21, loba carita amis pait raheut asem asin nu geus kaasaan kukuring, najan can loba tapi Alhamdulillah geus kaceuceup nu kangaranan pamikiran leuwih dewasa/ kolot dina diri kuring. Cing panceug hirup sangkan jadi hurip, betah dialam dunya lain ngan sakur beutah ku kadunyaan wungkul, lamun dibere harepan umur panjang cing jadi mangfaat keur jalma jalma nu papada ngabutuhkeun, silih asah silih asih silih asuh jeung dulur, rizky nu halal, kabungahan lahir jeung batin nu dipihareup. Satungtung hirup abdi ulah nepi ka jadi budak nu doraka ka kolot, mugia cing ditebihkeun Gusti eta lalampahan nu dipika ngewa ku Anjeun téh.
Hatur nuhun kangge ka sadayana nu ngiring ngadu'akeun simkuring, mugia cing diwales ku Alloh SWT. - Jika lupa bukan berarti melupakan, sudah cukup bahagia dengan semua yang telah kau berikan padaku tuan.
Tutumbu Carita diluhur:
- Walimatul Ursy/ Laki rabi N. Lilis Mayasari & Rohmat Musobir
- Naha bet peunteun lima Lis?
- Egoisna kuring…
- Korejat
- Bangbung Hideung
- Carpon: Misbahudin
- Serat keur sobat hate baheula
- Pileuleuyan Appa aki (Udin Bin Matnasik)
- Wilujéng warég Lis!
- Munjungan
- Poto “Narsis” Oncom Bandung
- 17 Agustusan di Lembur Rancakole (2009)
- Safari Garden/ Kebon Raya Safari
- Puncak Lembur Gentong
- Kacang Bulu
- Pacici - cici Putri, Kaulinan Barudak Sunda
- Piknik ka Cibolang - Pangalengan
- Wilujeng Boboran syawal 1430 H
- Kapaksa Golput...
- Tanjakan Tonjong
- Kodok bangkong
- Kokoro No Moto
- Buku Ipis warna beureum
- PR 16
2 pesen:
Euleuh-euleuh gening 21 taun nyah ? beu gening beda sapuluh tahun sama sayah hihi. Tah atuh ayeunamah tinggal menikah sajah iraha atuh ?
Haloo.. haloo mbak Lies...
saya mampir :)
thank u untuk ucapan selamatnya yah...
mohon maaf, saya gak bis akomen isi blognya...
gak mudeng bahasa Sunda euuy (menunduk malu)
maafkan...
Salam,
EKA
Posting Komentar