- Cangkurileung -
Cangkurileung...cangkurileung
Eunteup dina da rangrang awi
Abdi meulang...abdi nineung
Sok sieun mah teu tepang deuiCangkurileung...cangkurileung
Eunteup dina dahan kiara
Entong melang entong keueung
Ayeuna mah da geus merdekaHeulang ngelak dina caringin
Manuk dina dahan kai
Melang lamun da tengah weungi
pikir ngait da ti pandeuriPuyuh ngungkung sisi gunung
Ngala manjah sisi reuma
nu puguh matak kaduhung
mun nyana kieu jangjinapalasari gunung leutik
Ditema ku gunung kunci
matak ngerik matak runtik
Kamana mah abdi nya nyungsiGunung puyuh ti beh kidul
Cipeles malipir nagri
Nu puguh abdi tumawu
Ngahelas mah mikiran diri.
[ www.liriksunda.blogspot.com ]
Ieu lagu teh panasaran ku simkuring pilari lirikna saparantos ngadangukeun di villa kaca Arjasari basa mulang ka lembur lebaran Idul Adha sasih november kamari, kaleresan didinya nuju aya acara pentas seni karya barudak sakola pami teu leupatmah. Tah kaleresan simkuring ayeuna nuju purun kangge kutak ketik update blog, sakanteunan we bade ngacapruk nyaritakeun ngenaan lembur simkuring nu dipicinta deui nyaeta Arjasari…(mugia para wargi teu barosen macana hehe).
Di sebut villa kaca teh kusabab eta villa teh loba pisan kaca jandelana, aya sababaraha villa dina legana tanah pribadi nu cenah ceuk penjagana mah bareto teh (saméméh krisis moneter) teuteundeunan almarhum mantan presiden kadua republik Indonesia, nyaéta pak Soeharto tea. Nu aya di kacamatan Arjasari...legana mang hektar hektar, jalanana ge di aspal tur aya taman jéng kolam hirup paragi pepelakan lauk nu gede pisan...keur ukuran harita di lembur mah eta villa teh kalintang mewahna, dijaga ku pasapon dua puluh opat jam. Kaluargana cendana ceunah mah baréto teh sok mindéng moro ulin refreshing ke eta villa, aya dua...nu hiji deui aya di beulah tonggoh lembur kina nu teu jauh beda mewahna oge. Ngahaja disakulilingna dipelakan tatangkalan sabangsaning bungbuahan jéng herbal tur diléngképan ogé ku Taman bermain anak nu kalintang alusna, da matak jadi bahan cérik barudak disakuliling villa eta nu ninggali bakat ning hayang ulin di eta taman...nu tangtu dilengképan taneuh basisir nu sok aya dilaut tea.
Kungsi oge cindekna langsung pak Soeharto dibaturan ku isterina almarhumah Ibu Tien soeharto nincék eta villa, mun teu salah mah aya kana ngadua kalianana...népi ka ayeuna sok paribasa di omongkén yén eta villa teh hasil tina kakayaan pak Soeharto nu teu ka catet tea.
Aya hiji patung (tinggal gambar di luhur) anu numutkeun simkuring endah kacida, dibangun di palataran jalan saméméh abus ka halaman villa nu disebatna teh Patung Biola, luhurna mérén mun di kira – kira mah aya kana tilu metérna, bentukna teh hiji wanoja nu gélis keur maen biola (sigana ngangge raksukan samodel balutan kaen sari) bari bu’uk na nu panjang ngarumbay rada galing ikeul katebak angin katinggali pisan cetakan awakna nu bayuhyuh demplon lir ibarat cetakan biola ogé. Ngan ti basa Indonesia abus kana jaman krisis moneter tea (mun teu salah taun 1998), tur pak Soeharto teh lengser tina jabatanana jadi presiden Indonesia eta villa teh lila kalilaan béki teu ka urus, ahirna ti taun 2000an dibuka pikén umum, tah dasar masyarakat Indonesia tea nu teu bisa ngajaga fasilitas umum...barang sataun ge gés katinggali amburadul...malahan népi ka ayeuna ti mimiti taman, villa, kolam, jalan, gés teu mangrupa deui kawas bahéla...ngan patung – patung sasatoan ditaman nu rada aya urutna, tur eta patung Awéwé pamaen biola nu masih katinggali alus keneh mah.
Foto – foto pun rayi di taman villa kaca Arjasari…
Baheula mah da mimitina sok aya sababaraha hiji jalma nu ngadon lari jogging atawa ngan sakur rekreasi piknik moro mékél mayoran kadinya teh, lila kalilaan loba tukang dagang, nu antukna unggal poé minggu teh jadi rame kunu jarogging, momotoran, jalan – jalan, barudak ngora bobogohan, atawa pakumpulan ibu – ibu atawa masyarakat pikén ngiluan senam pagi, SKJ, atawa poco – poco tea...osok ogé dipake tempat kemping/ kemah barudak sakola pramuka atawa organisasi lainna...ngan cénah sok mindéng loba nu kasurupan mun barudak sakola ngadon mondok didinya teh ku lélémbutan eta patung Awéwé pamaen biola téa, nu sok hirup mun ti péting cunaaaaaaah, sok kadenge aya sora biola haha (wallohu’alam).
Cag ah,
Baktos simkuring Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Gambar foto ti: www.LieZMaya.Web.ID (hapunteun gambarna awon, maklum ngajepretna ngangge kamera HP VGA pas - pasan atuh da haha)
Lirik lagu ti: www.Liriksunda.Blogspot.com
Tutumbu Carita diluhur:
- Mitinéng sajarah Bandoeng Laoetan Api
- Poto “Narsis” Oncom Bandung
- 17 Agustusan di Lembur Rancakole (2009)
- Puncak Lembur Gentong
- Lembur Kuring Kacamatan Arjasari/ Ardjasari
- Piknik ka Cibolang - Pangalengan
- Bandung aing
- jalur Angkot Daerah bandung / sabudeureun bandung
- STaSiuN RaDio BaNduNg
- Tempat Jajanan nu arenak di bandung
0 pesen:
Posting Komentar