Najan telat mosting ieu topik bulan Agustus dina mangsa mitineung perjoangan para karuhun bangsa Indonesia urang baheula nyeta sok di ayakeun acara 17an (tujuh belasan) pikeun ngaramekeunana tea. Saetik nyambung carita ti pun eyang simkuring nu pernah ngadongeng ngenaan pangalamanana basa jaman di jajah walanda (Jepang mah duka kaalaman duka heunteu).
Babarengan jeng batur pada lalumpatan mun pareng walanda nyerang teh, leumpang hijrah teu karasa jauhna ti lembur beh Cimahi – Soreang – Banjaran – nepi ka Arjasari, nyumput di sisi walungan Ci jengkol nu aya di lembur simkuring ayeuna nu kasebutna Cidodol Rancakole. Cai harita teh ngulidag gedena keur usum mijih/ hujan…jadina mun budak ceurik ge teu pati sieun kapergok ku walanda, da nyeta kasileup sorana ku gumuruhna cai walungan Ci jengkol nu nyambung ka walungan Citarum. Pun aki (nu ti bapa) kapungkurna lebet kana militer janteun salah sahiji pajoang nu milu andil ngusahakeun ngamerdekakeun Indonesia, sakuat tanaga nyalametkeun masyarakat waktu harita, sanjata cing dorr darr kadenge dimana – mana, loba jalma nu jadi korban lamun ngalawan kana parentah.
Balik deui kana carita perayaan Agustusan 2009 simkuring kamari ieuh, alhamdulillah bulan eta teh saminggu samemehna simkuringge nincak nambahan umur alias milangkala, jadina sok asa atoh babarengan raramean sakaligus haha (nebeng ceunah), nya simkuring ge harita teh di olo kunu di lembur pikeun mulang ngadon Agustusan babarengan di lembur sakalian nyangu koneng tanda katineung deudeuh nu jadi indung bapa jeng kulawarga. Kabeneran pisan harita teh Desa lembur simkuring (rancakole) ngayakeun acara gede, nu ges lila teu di laksanakeun salila lima taun vacum.
Parade kasenian ceuyah diayakeun ku masyarakat nu dibagi perkolompok RW nu arak – arakan mapay lembur, startna ti Desa Rancakole dugi ka lapangan sepak bola Bahuan, tah di lapang eta hiji – hiji dipanggil ku panitia pikeun nampilkeun hiburan jang masyarakat nu lalajo (samodel kontes lomba), nu pang alusna di bere hadiah ku Lurah…unggal kalompok wajib nyieun tandu nu hias ku mangrupaning kadaharan samodel opak, ranginang, kurupuk, bungbuahan, sangu tumpeng, kembang gedang, jsb.(contona ciga nu katinggal dina gambar diluhur), Harita teh mun teu salah aya 8 kolompok, nyaeta lembur:
- Rancakole - Cikendit (RW 1) - nu nyuguhkeun hiburan alla militer, aya mobil perang tank baja sagala nu dijieun tina sabangsaning kardus, aya nu make baju tantara barelang hejo tur baju walanda warna kopi susu ngora marake sanjata bedil, jempol pokoknamah lah.
- Rancaselang (RW 2) - nu nyuguhkeun kendang penca khas payuguban leutik didinya, silat nu marake baju warna harideung bari make iket dina sirahna, ibu - ibu marilu jaroged euyah - euyahan harita teh suka bungah.
- Pojok - Pasir leutik (RW 3) - Nu nyuguhkeun singa depok dipirig ku kendang penca nu khas tarompet, lembur ieu ngabogaan pakumpulan nu sok ngahibur seni singa depok dina hajatan, bangsa barudak leutikna lalucu imut ngangge kabaya warna warni.
- Cidodol kulon - Cidodol Wetan (RW 4) - Tah ieu lembur simkuring nu nyuguhkeun lagu dangdut, aya boneka gedeee pisan teu mangrupa dijieun ku para pemuda pemudi anggota karang taruna di lembur, darangdan teu puguh, ceunah nu penting mah HEBOH!!! haha dasar!
- Pasir sereh (RW 5) - Tah ieu topikna teh nyuguhkeun ala barat jeng tradisional, lalaki darangdan ciga awewe mamake baju suster, aya oge nu make wig bule (dilembur mah disebutna Blanhur - singkatan tina Blanda Hurik haha), bangsa wanoja - wanojana nu garelis mamake kabaya tur caping nu khas lamun rek indit ka sawah, jeng aya maskot aki - aki jeng nini nini peot, ngan aneh nu maenkeunana teh kalah lalaki...tapi di kelompok ieu numutkeun simkuring pang alusna mah, loba nu karasep soalna huahahaha *pisss ah
- Larangan (RW 6) - Aya Suster suster, jeng pamuda “Bayi sehat” nu di dangdanan ciga budak orok, didodorong kana kareta bayi mamawa dot tina Galon aqua jeng pernel huahaha..popok sagala rupa, jeng make cantel sagede gaban *amit - mit ninggalina getek pisan rarasaan teh hihihi...jeng aya nu dangdan sapasang panganten mamake baju khas sunda heuheu kabita.
- Bahuan (RW 7) - Lembur ieu mah mun teu leupat aya nu mamawa doger monyet sagala da :P
- RW 7....duka nu ieu mah yeuh teu apal :P
Cag ah,
Baktos simkuring Lilis Mayasari/ LieZMaya
Rancakole, Bandung - 17 Agustus 2009.
Tutumbu Carita diluhur:
- Pileuleuyan ki Darso
- Naha bet peunteun lima Lis?
- TAU SIAH ? - IWAN PEKONG
- Kempelan Bobodoran Sunda MP3 Cangehgar, kang Ibing, wayang Cepot, Bi Ijem, dkk.
- Bangbung Hideung
- Font Aksara Sunda Asli (Sundanese Font Unicode)
- Gallery Kujang Sunda (Jawa Barat)2
- Kujang Sunda (Jawa Barat)
- Download Mp3 Kacapi Suling
- Hiburan online radio sunda “Dora Dori”
- Extravaganza sunda
- Khotbah Nikah Bahasa Sunda
- Musik Sunda
- Walimatul Ursy/ Laki rabi N. Lilis Mayasari & Rohmat Musobir
- Naha bet peunteun lima Lis?
- Egoisna kuring…
- Korejat
- Bangbung Hideung
- Carpon: Misbahudin
- Serat keur sobat hate baheula
- Pileuleuyan Appa aki (Udin Bin Matnasik)
- Wilujéng warég Lis!
- Munjungan
- Poto “Narsis” Oncom Bandung
- Safari Garden/ Kebon Raya Safari
- Puncak Lembur Gentong
- Kacang Bulu
- Pacici - cici Putri, Kaulinan Barudak Sunda
- Piknik ka Cibolang - Pangalengan
- Wilujeng Boboran syawal 1430 H
- 21 Taun
- Kapaksa Golput...
- Tanjakan Tonjong
- Kodok bangkong
- Kokoro No Moto
- Buku Ipis warna beureum
- PR 16
1 pesen:
mani wararaas teh simkuring tos aya panginten 15 taun mah teu ningali tujuh belasan sapertos kieu di leumur simkuring ge aya tah nu nga gotong tandu mung dileumur sim kuring mah di sebatna teh jampanan sami eusi namah sabangsaning ka emaman ayadeui teh ebeg,terang teu ebeg? eta teh kenang penca anu penca na bari naek kuda tina bilik, anu di sebat kuda lumping tea gening mung hanyakal we simkuring teu gaduh potona
puntenwe ah rada ngacapruk
komen saalit ah kedahnamah ngiring ngarameken tujuhbelasan teh dina poto nu ngareneng sareng sobat dalit ti sd gentesan, teh elis di kumisan ngango godeg sareng jangot, tah sobat teh lis ngango kerudung ha ha ha ah ha ha ha ah
Posting Komentar