
Innalillahi Wa Inna Ilaihi Roji'un
Assalamu'alaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh,
Innalillahi Wa Inna Ilaihi Roji'un kaping 18 Oktober 2018 (Kp. Cidodol Rancakole) caroge ti pun Ibu, bapak ti opat murangkalih anu ngagaduhan jenengan Bapak Ayi Abdurahman parantos ngantunkeun, mulih ka Rahmatulloh.
Nyuhunkeun pidu'ana ka sadayana kangge almarhum mugia...

Assalamu'alaikum, kumaha daramang lur?
Tos lami teu apdet, copas nu rerencangan FB, sugan atuh haturan lumayan kangge nu satia ngantosan blog simkuring dugi kiwari hehe.
KABOGOH AMPROK TI FESBUK CARITANA REK KOPDAR ALIAS KOPI DARAT ..cekidooott
kopdar euy!
Udin : "Halow cih!.. Ieu uing geus dilembur maneh, pas jalan gede.. Lebah mana imah teh?"...

Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS)
nuju ngeureuyeuh ngadata para pangarang Sunda ti mangsa ka mangsa kanggo
didamelkeun biografina. Di handap béréndélan pangarang nu sok nyerat
dina média basa Sunda. Ieu data teu acan lengkep, ka sugri nu gaduh
maksad ngembohan, boh daftaranana boh biografina, tiasa ngalebetan
komentar di bagian handap.
A....

Alhamudlillah wa syukurillah sujud sukur kahatur Alloh SWT. dina denget ayeuna simkuring sareng caroge tur kulawarga nuju aya dina kabingagan, dinten Minggon ping 15 September 2013 kamari parantos salamet ngayakeun syukuran nikah/ Walimatul Ursy di Kampung Cidodol Desa Rancakole Arjasari Bandung dilajeng syukuran mulung mantu di desa Kebarongan Banyumas...

Nu karaos ku simkuring…kenap “Teu karaos wakto nyerelek” the da enya sanes paribasa wungkul palawargi, 3 dinten urang nyumponan ibadah shaum dina sasih Romadhon, ayeuna parantos nincak sasih Syawal deui. Mugia amal Ibadah urang salami sasih anu pinuh kamulyaan eta the cing ditampi janten pahala, janten barokah sareng mugia kasono urang...

Assalamu’alaikum wr.wb, kumaha Lur daramang? Mugi aya dina kasehatan tur panangtayungan nu Maha Kawasa Alloh SWT. amin Simkuring bade babagi sakedik carita dina sonten ieu, kamari pun rayi simkuring anu isteri ka Bekasi ngajajap kapo raka langsung tuturubun nyungken tulung ka simkuring piken pangmilarikeun lirik tembang Mars Bandung sareng kataragan...

Tamba sepi we nya ieu mah Lur, hapunteun tacan tiasa mairan deui carita, bubuhan we aya nu ngeleketek wae hoyong di kitunan carpon saurna ghehehe, mangga derrrr ah. Ku : MAMAT SASMITA “Geus seubeuh maneh Sujang..?” ceuk Nini Jumsih, bari ngareret ka incuna nu keur andekak dahar di tengah imah. “Bisi can seubeuh kop tah beakeun alas...

Djungjunan...
Mun mangsa nyeudek ka peuting
Hate teh sok nugencang
Palaur salira kapalingan
Nu endah...
Sore ieu neuteup cai hujan
Nu ragrag cing aneprok kana taneuh
Pon kitu deui hate nyai djungjunan
Anu ragrag miharep salira.
Cinta nu sepi
Endah nu pudar
Hate nu ampir - ampiran layu
Duuh djungjunan, nyai sono kanu tos ilang.
...

Teu dihaja kuring liwat ka ieu lamping deui, lamping di sisi gunung Cakrabuana, anu mere kawaas mangsa sababaraha puluh taun katukang. Narembongan deui ngolebat dina sisi lamping tingarudat siga muter film di bioskop. Kuring meungpeun beungeut asa wegah jeung nyeblak basa kagambar hiji wanoja anu sok imut pikayungyuneun.
Duh, Nyai......gerentes...

Teu karaos waktos nyerelek, tapi ieu tepas masih keneh lowong hehe…maklum simkuring nuju saribuk ngurus itu ieu dak! Ieu mah mung sakur pangbberah manah bae, mangga…manawi katampi, carita di candak ti Daluang.com (manawi teu kaabotan kang Dadan hehe). Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus...

...

Nis, ieu Maya, sobat anjeun baheula. Geus tilu kali ngetrok panto, ku naon teu dibuka bae? Lampu di tengah imah ngemprah keneh. Sora televisi kadenge ka luar. Karek tabuh salapan ieu teh, piraku Ninis geus tibra. Asa moal salah imah deuih. Maya geus tatanya ti gapura komplek keneh. Kabeh nu ditanya nuduhkeun ka dieu, ka nomer ieu. Jeung moal keur...

- Ku S.A. Hikmat - ,,Tah dada aing” Sorana mani handaruan. Kurang-kurangna teger mah nu ngadenge matak baseuh tjalana. Song dada rubakna nu buluan diasongkeun. Sorot panonna nu buringhas siga tembus kana hulu angen musuhna. Njaliara ka sakudjur awak nu keur disanghareupan. Unggal rindat, usik djeung kereteg musuhna geus kaukur. Moal kapiheulaan babar...

Djungjunan
nuju naon ayeuna salira?
Naha masih emut ka simkuring wengi ieu?
Duh djungjunan
pametik ati, pamepes hate panglipur qolbu
nyai sono pisan ka salira, ku hese dipapalerkeunana
liek ka langit ngan ukur ceudeum kahalangan awan hideung gening..
Djungjunan,
satadina mah rek nitip ka angin
salam hate nyai sugan tepi ka salira
tapi sihoreng gening...