Babad Cirebon nyaéta karya sastra sajarah nu disusun dina tengah abad ka-19 di Cirebon jeung nyaritakeun kamekaran kasultanan Cirebon ti awal nepi ka mangsa penjajahan Inggris di pulo Jawa. Karéréan carita (leuwih ti 50%) nyaritakeun Sunan Gunung Jati salaku nu nyebarkeun agama Islam di Jawa Barat jeung nu ngadegkeun Kasultanan Cirebon. Ditulis dina huruf arab jeung ngagunakeun basa Jawa Cirebon sarta ditulis dina wangun wawacan.
Disalin sababaraha kali di sawatara tempat di wewengkon Cirebon jeung Priangan. Dina prosés nyalin téks téh ngahasilkeun sababaraha vérsi anu béda-béda. Samalah di Priangan ditarjamahkeun atawa disadur dina basa Sunda sakapeung mah make judul anu béda, kayaning Sajarah Lampahing Para Wali Kabéh (Riwayat Prilaku dan Perbuatan semua Wali). Naskah-naskahna kiwari aya di Perpustakaan Nasional Jakarta, Universiteits Bibliotheek Leiden (negeri Belanda), British Museum (London, Inggris), Museum Sri Baduga Bandung jeung di unggal individu jalma di Jawa Barat.
Ulikan kana Babad Cirebon téh geus dilakonan ku J.L.A Brandes jeung R.A Kern, tapi kawatesanan puseur ulikanana wungkul kana alihaksara (tina huruf Arab kana huruf Latin) jeung édisi téks dumasar dua naskah (Br36 jeung Br.107) nu kiwari disimpen di Perpustakaan Nasional Jakarta kalawan panganteur ulikan sarta ringkesan eusi dina basa Walanda. Karéréaan édisina nyaritakeun hal ihwal Sunan Gunung Jati katut Wali Songo. Sacara Tradisional mah Babad Cirebon téh ku urang-urang Cirebon mah dianggap sajarah.
Rujukan: * Rosidi, Ajip.dkk. 2000. Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (Termasuk Budaya Cirebon dan Betawi), Jakarta: Pustaka Jaya.
Di candak ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Gambar: REXYO74.COM
Tutumbu Carita diluhur:
- Daftar Pangarang Sunda
- Pileuleuyan ki Darso
- Uga Wangsit Siliwangi (sunda)
- Pileuleuyan Kang Ibing
- Kaulinan barudak sunda baheula
- Mitinéng sajarah Bandoeng Laoetan Api
- Sajarah Singkat Mang Koko
- Sajarah Singkat Karajaan Tasikmalaya
- Font Aksara Sunda Asli (Sundanese Font Unicode)
- Sangkuriang
- Muhamad Musa
- Gallery Kujang Sunda (Jawa Barat)2
- Kujang Sunda (Jawa Barat)
- Pahlawan Sunda: Déwi Sartika
- Jaka Susuru [ Sajarah Sunda ]
- Pakusarakan!
1 pesen:
Hatur nuhun artikeulna teh... ( wios ku abdi dipanggil teteh ? heu,, heu,,, ) kaleureusan pun adi gaduh tugas ti sakola piwarang milarian artikeul ngeunaan babad cirebon. naroskeun ka aki gugeul kalah dipawarang kadieu heu,, heu,,.
salam keunal ti palih Ciamis...
Posting Komentar