“Teh Lis, bade masak naon kangge ayéna?” tanya kapi adi teh
“Hmm naonnya” bari kuram kireum, kucap kiceup molototkeun panon kuring nu sipit alatan beurat keneh tos hudang sare.
“Itu si Ujang sayur atos ngantosan dipayun”
“heug, kela kituh tunduh keneh”
“Euuuh burukeun atuh nyai, karunya si Ujang gés nunungguan” ngorejat kuring ngadenge sora si teteh (kapi lanceuk) ngahudangkeun make sora tarik kawas nu make toa, sugan teh aya panggilan perang ti pamarentah bakat ku reuwas wkwkwk...
Nya teu make loba omong, kuring teh langsung w lémpang ka luar imah nyampeurkeun si Ujang sayur nu gés nangkring nunungguan kuring rek balanja sayur jang tuang poé harita.
“aya naon wae Jang?” tanya kuring
“kangkung, roay, bayém, tahu, tempe, jamur, paria, pokcoy, toge, ikan kembung, jagong, putren, sayur asemeun, baso, terong, bonteng, engkol, bandeng, asin, kikil, udang, ebi, surawung, jengkol, jeung sajabana lah tuh lobaaaaa....”
“hmmm naon atuhnya bingung, meni barosén lah”
“numis kangkung w atuh jéng tempe tambahan ku kacang beureum digoreng...nikmaaaat” pokna bari ngacungkeun ramo – ramo jempol duanana.
“aah eta mah kahayang didinya w meureunan haha” tuluy dibales nyengir serengeh ku si Ujang bari manehna kudak kodok saku nyokot hape-na.
“Nya anggér lah maneh mah mun era teh sok kudak kodok wae”
“heu atuh da kumaha sok narerpeus diheureuyan ku didinya mah”
“huahaha” nya barakatak we seuri kuring teh.
Tidinya kuring sibuk ninggalian sayur, asin, nu aya dina gerobak sapeda pangdagangan si Ujang, bari ngimpléng nyipta – nyipta dahar nu matak ngulimeud kana beuteung, seubeuh...sabab gés sababaraha poé asana teh teu nafsu kana dahar teh. Sabot ninggalian, si Ujang nunjuk peuteuy nu harejo balalotot ka kuring...
“Sabarahaan hijina?”
“dua rebuan”
“halah malah – mahal teuing”
“sok atuhlah keun baé sarebu lima ratus”
“hmm kela...” Kuring tuluy nyampér ka imah nenga kapi adi nanya manehna hayang dahar jéng naon, heug pokna teh “kuma teteh we” ceunah, kitu deuih jéng kapi lanceuk kuring “kuma dinya w lah, teteh mah moal waka tuang, rek kaluar engke beurengge”.
Hah da sébél ngamatakeun kuring jadi bingung, nya langsung w kuring nyabét sarawung sagagang, asin cumi – cumi sa- ons, bahan jang sambeuleun, peuteuy dua papan, waluh cina laleutik sabungkus, jeng kangkung jang tuang engke sore. Kabehanana jadi pas hargana sanggés ditambahan buah gédang jang alo kuring nu pangleutikna béh babari “pup” dua puluh rebu rupiah.
Nya kuring teh langsung w ka dapur mawa balanjaan sapalastik tadi, tuluy mawa talenan jéng peso jang nyiksikan. Gés beres nyiksikan tuluy kuring nitah kapi adi teh cénah nyangu da géning ditinggali dina reskuker (rice cooker) teh tereh beak. Tuluy w kuring nyién kuah bungbu ngeu’euman tempe.
“Breusss tempe di goreng”...karek satengah asak kompor gas teh lila kalilaan seuneu-na ngaleutikan tuluy jésss w pareum. Duh kunaonnya tanya kuring dina hate, pas tingggali géning gas-na gés béak. Beuuu palangsiang kuring gés teu kuat lapar kukurubukan teh, nya tuluy kuring teh ngageroan kapi lanceuk jang menta duit meuli gas. Untungna teh dihareupeun imah aya warung sembako, harita keneh selang satengah jam tabung gas teh di ganti ku tukang warung...pek song kuring ngasongkeun duit jang mayar eta gas saratus rebu, ngan harita teh euweuh pamulangan, nya keun baé we cék kuring teh engke deui mun balanja di cokot.
Derrr deui kuring teh masak tempe, bari nyiapkeun bahan jang nyambeul surawung dadakan, deuuuh aripek teh ditinggali tarasina geus béak...langsung we nyokot konci motor mukakeun gerbang.....breeeeeeeeung tancap gas meuli tarasi ka warung Yayuk (warung sayur urang jawa). Karek ge sapuluh meter ti lawang gerbang, cukclak girimis ti langit disambung ku géréték teh hujan gede. Duh gusti da gés kagok ngalengkah, kuring nekat nuluykeun maju ka warung, langsung meuli tarasi sarebueun ka si Yayuk teh. Bari hujan – hujan ge kuring maksakeun balik deui ka imah, keur mah kabeneran sapeuting teh karek inget yen kuring teh géning can mandi haha, sakalian we ah baseuh beh daek ke langsung mandi pas datang ka imah teh (benenya, nanaon ge pasti aya hikmahna hehe :P).
Datang ka imah kasampak kapi adi teh keur masak keneh tempe dua iliran, nya kuring teh pas datang langsung di bere anduk, jaribrug kahujanan kuring langsung lumpat ka kamar mandi, brusss mandi najan caina tiis kacida...make baju tuluy ngabalurkeun minyak kayu putih kana awak, teu sabaraha lila kuring langsung masak deui da teu kuat gés lapar téa. Hah harita kuring brang breng brong perang di dapur ngagoreng asin cumi – cumi cing balaleutak, ngoseng ngoseng waluh cina jéng cabe gendot husam hasim teu kuat ngangseu hawa masakan nu nyegak. Ngarendos sambel tarasi surawaung dadakan. Deuuuh beuteung beuki dieu beuki kukurubukan, leungeun jéng awak ngadaregdeg bakat ning ku lapar.
Alhamdulillah gusti jadi oge geuning masak teh, kari tuangna...sugan panyakit mah (maag) téh teu jadi harita. Nglimeud tuang teh nyaan da nikmat kacida…najan bau baham ge anggesna kudu ngosok huntu bulak balik tilu kali, ngagelom peremen beak 5 bungkus haha, tapi Alhamdulillah gusti asa jadi kulit jadi daging ceuk paribasa kolot baheula mah :)
Bekasi, 16 Januari 2010.
Cag ah. Baktos simkuring, Lilis Mayasari. Nu sono ka lembur, sono ka masakan mamah :(
- Foto: ti simkuring pribados, bakatku haat ninggali pajoangan tuang kuring harita hahaha. Wilujeng wareg!
Tutumbu Carita diluhur:
- Walimatul Ursy/ Laki rabi N. Lilis Mayasari & Rohmat Musobir
- Naha bet peunteun lima Lis?
- Egoisna kuring…
- Korejat
- Bangbung Hideung
- Carpon: Misbahudin
- Serat keur sobat hate baheula
- Pileuleuyan Appa aki (Udin Bin Matnasik)
- Munjungan
- Poto “Narsis” Oncom Bandung
- 17 Agustusan di Lembur Rancakole (2009)
- Safari Garden/ Kebon Raya Safari
- Puncak Lembur Gentong
- Kacang Bulu
- Pacici - cici Putri, Kaulinan Barudak Sunda
- Piknik ka Cibolang - Pangalengan
- Wilujeng Boboran syawal 1430 H
- 21 Taun
- Kapaksa Golput...
- Tanjakan Tonjong
- Kodok bangkong
- Kokoro No Moto
- Buku Ipis warna beureum
- PR 16
2 pesen:
Beu, kabita eta ningali peuteuy sareng goreng asin cumina. Janten lapar :)
haduhhh... jadi laperrr
Posting Komentar