Tiriling...tiriliiing...tiriliiing... Hp disada, tandana sms aya nu asup isuk isuk ieu. Aya seueur operatos kartu di Indonesia nu kasebut murah ceunah, tapi da dsar hargamah moal meunang ngabobodo...bong abong murah loba pisan sms promosi nu arabus unggal poe teh, komo deui aya oge nu nepi ka make telepon...nu ngomongna nyaeta operator manusa sorengan jeung mesin/ komputer. Sakapeung reuseup macana lamun memang eta ingfo nu ditepikeun dina sms teh memang guna samodel mun aya diskon hehe, tapi asa seubeul lamun ingfo nu ditepikeun teh yen ingfo nu teu paruguh, halah horemlah pokoknamah macana teh. Isuk ieu meunang "ingfo Asyik" ceunah, nu eusina teh lumayan aya pengetahuanana...eusina teh kieu:
Di hutan hujan Ekuador, Amerika Selatan, terdpt tumbuhan yg bs berpura-pura sakit utk mengelabui dan menghindari serangan serangga yg suka memakan daun sehat! Daun akan berubah warna & muncul bintik atau garis2 jika tumbuhan itu sdg beraksi. Ternyata bukan cm manusia aja ya yg bisa pura2 sakit hehehe...
Subhanallah, Tah matak memang bener pisan yen Alloh mah Maha Agung, Maha kreatif nu nyiptakeun sagala mahluk nu moal bisa ditiron sampurna ku manusa ciptaan manteuna. Hmm pas ditilik tilik panasaran ingfona nu aya di website geuning aya ingfo nu akurat ditulis ku BBC ngeunaan tangkal nu sok api api geuring ieu teh, mangga pilari didieu yeuh bilih panasaran oge hoyong maca beritana.
Pilih nomer hiji... Pilih nomer dua.... Pilih Nomer tilu....... Hirup “si eta”, hirup “si itu”, hirup “si manehna”...*hirup “Jungjunan alias LieZMaya alias Neneng alias Nini alias ngaran lainna nu teu paruguh” haha :P
Masing masing individu saurang - saurangna bobogaan panguat hate pikeun milih pamingpin dina taun dua rebu salapan ieu (alias isukan, tanggal 8 Juli 2009) pikeun nangtukeun nasib bangsa Indonesia urang lima taun kahareup, tah eta ge kaasup simkuring pribadi, hate leutik aya kayakinan pikeun milih salah sahiji calon pasangan presiden kahareup. Tapi ngan hanjakal siganamah simkuring teh teu tiasa ngagunakeun hak pilih geuning lur da kusabab kartu pemilih simkuring masih keneh kacatet di lembur Bandung, sedengkeun simkuring ayeuna keur hirup nyicingan bumi Bekasi, heu ceunahmah ceuk beja bisa make KTP ngan kudu dibarengan jeung kartu kulawarga (beu anggeur anggeur keneh atuh da kartu kulawarga simkuringmah teu dibabawa kadieu, aya dina lomari arsip di imah lembur heuheu) jabaning ketang dih da kudu milih di tempat domisili urang...beu keneh kehked atuhnya, berarti etamah ngan sakur jang masyarakat nu teu kabagean/ kacatetkeun ngabogaan kartu pemilih tea meureunan... ah sarua jeung bohong jang simkuring mah atuh, jadi kapaksa we kudu golput da rek ngahaja ka Bandung mah balik heula imposibel pisan hiks.
Tapi kuring ngadu’akeun saha saha bae nu kapilih jadi pemingpin eungke mudah mudahan cing tuhu kana amanah rakyat, sangkan bisa mawa urang kana kahirupan nu leuwih hade batan waktu katukang.
Janteun amanat penting dina postingan ieu teh, sok pikeun anjeun anjeun nu geus ngabogaan hak pilih tong di sia – siakeun, da lamun hak sora urang teu dipake mah ke kalah jadi untung pikeun pamingpin nu ngabogaan niatan goreng...ceuk basa politiknamah “penggelembungan suara” ceunah pan, komo deuih lamun euweuh halangan nu karandapan ciga simkuringmah heheh....Beu hampura, lain teu hayang!
Tonjong nyaeta salah sahiji ngaran lembur nu aya di desa Babakan kacamatan Ciparay kabupaten Bandung, kaasup tatangga sabeulaheun kampung simkuring (Rancakole - Arjasari).
Tonjong oge loba kenangan pikeun kuring sorangan *cieeeh ceuk atu teh, baheula sakola simkuring nu SMP (SLTPN 3 Ciparay) aya di leubah lembur eta keneh (beh dieu’eun lembur kangkareng, unggal balik sakola bari gagaro hokcay ala budak lembur ngalengoy cape nyekelan buku tugas atawa kantong nu beurat di aakod mun pareung geus aya kagiatan ekstrakulikuler nunungguan mobil angkot disisi jalan bari lelenggutan peupeureuleukan heuay, sakapeungeun nyeukeulan es batu mun poe keur meujeuhna panas mentrang mentreng, ahhh pan lumayan atuh ngubaran hanaang dina jero dada *matak kulit teh hideung cakeutreuk.
Jaman baheula mah *isss gayana make jaman baheula* taun 2000-an alias karek asup kana era millenium tea supir angkot teh balaga lir ibarat president api api teu butuh, hhh jadi budak sakola saangkatan simkuring teh rada harese mun pas rek indit jeung balikeun sakola mah, kusabab kudu sabar nunungguan heula angkot beureum. Nya maklum we da kaayaan dilembur masih keneh aya sistem ngetem tea ngarah meunang penumpang nu leuwih loba, kusabab mun teu kitu maranehna (maksud teh supir angkutan kota) teh moal bisa nyumponan setoran kanu jadi dunungan meureunan, jeung teu poho oge nyetoran kanu jadi pamajikan jang ngahirupan sapopoe nu geus nunungguan diimah rek masak asin make jalantah *meureun deui tah ketang*.
Kitu oge mun inditkeun sakola isuk isuk atawa beurang ngalelenggut nunungguan angkot bari ngedegdeg da sieun telat heug we disetrap ku guru, komo ku guru fisika nu galak ciga pa Nana hihi (isuk isuk biasana leuwih hese, sabab saingan jeung nu rek arindit gawe, matakna start kudu ancang ancang leuwih subuh), bari jeung lamun keur pareung para supir angkot marema sok rada haroream (baca pikasebeuleun hayang disumpahan bitu ban meureun!) mawa barudak sakola mah, sabab meureun mayarna sok saeutik alias teu full kawas penumpang nu lain, nu indit nepi ka tujuan terminal panungtungan (mun teu salah baheula mayar teh tarifna masih keneh Rp. 300;- nepi ka Rp. 500;-) jeung atawa mayarna ngan sakur satengahna sabab nya memang kitu aturanana jang budak nu masih keneh make baju saragam sakola mah, jeung teu saeutik oge barudak sakola nu rada baraong *lamun pareung aya kasempetan sok kabur tara mayar* haha.
“nu alit dipangkon...nu alit dipangkon....”
Pok supir angkot atawa kendekna lamun kabeneran loba penumpang nu rek naraek marema (dasar embung rugi) nepi ka dijeujeul tah angkot teh palaur we tiguling da sok rada miring ka leubah kenca nu sok loba narangkel ti gigir jeung ti tukang body angkot, tah kabeneran pisan simkuring teh salian diciptakeun imut manis bari sakapeungeun haseum ge hehe ngagubrag ka alam dunya ieu teh ngabogaan awak nu leutik alias alit ceuk leumeusna supir angko tmah, awak teh baheula ipis pisan jauh ti awak nu ayeuna hehe, maklum ceuk kolot ge simkuring mah da ririwit, kapaksa we sok kabagean dipapangku ku nu lain *ih meng-Era-kan sekalih! Sttt stt tong dibeja beja nya, komo ka urang lebah kota Cimohay mah, bising dipoyok bebeakan :P*
Mun keur hese milik teu jarang oge loba barudak sakola nu kabareurengan atawa telat abus jam sakola lamun aya nu kabagean sakola beurang (jam kadua pelajaran antawis jam satu - lima sore), atuh karunya balikna oge kudu kabeurangan. Jabaning ti eta aturan angkot Arjasari – Ciparay nu ngabogaan cet warna beureum teh teu online *haha ciga internet* atawa operasi ngangkutna lain full 24 jam, nyaeta ngan nepi ka jam 7 peuting, ceunahmah kusabab te meunang alias DILARANG KERAS ku tukang ojeg kawas kang Endang nya atu! (geus jadi jatah manehna ti jam 7 peuting nepi ka subuhmah...hmmm paciwit ciwit rezeki meureunnya sakali ewang. Kumatakna lamun barudak nu balageurmah samodel si Dadan jeung si Yusuf mah (kaasup simkuring dkk. sakapeungeun lamun keur daek sok milih leumpang bae mun balikeun sakola mah) komo lamun kapaksa pisan alias emergency darurat tea! Hhh lain kunanaon alesanana teh, sabab musabab beakeun ongkos da nyaeta kajajankeun tadi basa istirahat atawa memang teu dibeukeulan ongkos ku indung bapana :P atawa jatah ongkos kabeakeun jang iuran uang kas atawa motokopi soal ulangan pelajaran! beu Tragis pisannya sodara sodara! Haha. Tah Tanjakan Tonjong teh jadi kampung carita tempat nunungguan angkot nu hese parebut rek balik alias paheula heula naek, ku sabab di tanjakan Tonjong teh angkot daek teu daek sok eureun heula kulantaran sok loba penumpangna nu tarurun didinya (aya jalan parapatan nu rek motong jalan ka lemburna masing - masing ngambeh tereh nepi meureun atawa rek sindir sumampir ka warung randa ceu Ipah nu geulis bahenol nerkom *meureun, tong tatanya para pamirsa, da ayeunamah geus kawin deui, geus kolot deuih hihi).
Kuring masih keneh inget pisan, harita teh sok dibekelan ku kolot teh dua rebu paling saeutik nepi ka lima rebu nu panglobana *eta ge maksa bari neangan alesan ngawadulan kolot da hayang meuli jajan atawa banda nu dipihayang hihi, duh hampura ya alloh*.
Tapi syukur Alhamdulillah, mun teu salah ti taun 2002 mah eta supir angkot teh teu rada balaga teuing, anggurana beuki nyedek ka wanci kadieu kadieu mah kalah atoh manggihan penumpang teh najan budak sakola, kusabab loba saingan mobil angot alanyar, nu antukna jadi hese meunang penumpang komo deuih ti saprak aya kanaekan BBM nu ngabeuratkeun ongkos jadi ngapung kaluhur, mahalna menta dibedog!
Jadi sabenerna mah ieu postingan teh leuwih pantes dibere judul “angkot beureum Arjasari – Ciparay” meureunnya, lah keun bae we lah, da nulisna ge keur dina raraga sono nostalgia beurat ka lembur Tonjong hehe maksa pisan.
Salam kangge Neng Ika sareung neng Illa urang Tonjong (ciga dina siaran radio wae nya) nu kamari ieuh kungsi mere suprais pas mulang ka lembur *speechless beu!...hiks hayu ah rek nyalingkeur heula dijuru hawu nuluykeun nostalgia baheula jeung babaturan nu carulun keneh bari ngegelan jagong tutung :P.
Cag ah.
Baktos ti Lilis mayasari A.K.A Liezmaya, kelas 1D, 2D, 3C urang cidodol – Rancakole nu kungsi jadi juara *halah2...mmm mun aya nu wanoh ka simkuring? Atawa asa asa inget inget poho deui, aaah Sok atuh tong isin isin jeung asa asa heug noel geura, deuh meuni sono dak! Siapa tau pan tiasa nonostalgilaan ka jaman baheulllll.
- Postingan nu meureun teu penting didieu teh samata mata hayang mancing tag kina search engine keur urang lembur nu iseng iseng meureun keur neangan batur lemah cai ku ngaran ngaran lembur simkuring di Bandung, hapunteun kanu kaabotan kana basa simkuring nu kirang merenah panginteunnya, boh dina basa jeung tulisan.
Ayeunamah hiburan ditanah sunda teh geus mangrupa rupa, ditingali tingali ti saprak cing mareceunghul stasion stasion tipi lokal, samisalkeun nu aya di Jawa barat nyaeta: Bandung TV, Bogor TV, CB Channel, CT Channel, Ghanesha TV, IMTV, Padjajaran TV, STV Bandung, Jabar TV, jst. artis artis lokal ge ngiluan harudang, loba beungeut beungeut anyar nu sautik gedena ngiluan jadi tenar makalangan alias terkenal jadi idola lokal pikeun urang sunda khususna, komo bari jeung ku urang urang paisisianmah nu biasana kaum para kokolot, nu masih keneh satia panceug kana hiburan kasundaan.
Program program khusus nu disuguhkeun nu karasa dipaporitkeun (kusabab langka, jeung beda ti stasion TV Nasional) jeung memang karasa pisan ku simkuring pribadi keneh asa aya rasa nu atoh, bungah mencrong/ ngalalajoanana ge kitu tah. Contona program nu dipaporitkeun eta teh diantawisna nyaeta: Program Tembang sunda, bobodoran sunda sapertos Sasagon nu tayangna dina TVRI tea (tapi dibareungan ku pesen nu kaharti tur hade kangge masyarakat), jalan jalan Bandung nu dicandakeun/ host na teh di kang Aang pami teu leupatmah, wayang golek komo mun nu dibaturan ku bodor si pohang mah jeung saparakancana nu nuju nge-trend di kalangan urang pasisisan bahkan urang kota tur urang sunda umumna nu geus pernah lalajo naha eta tina kaset VCD atawa tina akses internet langsung saperti Youtube, jst. nu ku simkuring pribadi disebut/ dilandian Extravaganza sunda meurunnya (hiburan sunda nu dipaporitkeun).
Ku bosen-na acara nu ditayangkeun dina TV nasional teh nu lolobana eusina teh "eta eta keneh" alias sajenis kusabab lolobana sok patiron tiron tea pikeun meunang rating ceunah mah jeung komo teu sautik nu nayangkeun program nu sama sakali teu mutu ngan ukur ngabobodo nu lalajo bisa jadi pangbeubeurah manah kanu mikacinta Budaya sunda nu kiwari beuki hese ditingali komo deuih nu dikalangan barudak ngora, bahkan nu cindeukna diantara budak turunan urang sunda keneh sacara langsung.
Sapangalaman simkuring nu kirang langkung tos ampir tos tilu taun balakecrakan dina dunya maya (internet) kalah lolobana urang batur nu justru hayang diajarkeun Basa sunda atawa mung sakadar tatanya ngenaan budaya sunda nu sacara kasimpulanana memang budaya urang teh endah jeung patut jeng dilestarikeun, batan ti urang sunda eta sorangan nu cigana keur ngomong basa sunda dina sapopoe wae ku hese ngecapkeunana, teuing ku era atwa memang teu barisaeun!
Cag ah, hampura lamun aya salah kecap, sakadar pangacaprukan ieumah.
-- Poto: Simkuring, sakalian narsis nu ngepens jeung Ohank hihi :P
Hiji mangsa kuring sakulawarga keur beberes imah rek pindahan, katohian teuing timana torojol datangna ujug ujug aya bangkong dina handap ranjang kasur teh.
lanceuk kuring langsung ngajerit sieun ku eta bangkong hejo nu gedena sapeureupeun leungeun, bari pok nyubut "kodooook...kodooook" satarikna bari tutunjuk kanu handapeun kasur. Ngadenge kitu kuring teu mikir panjang deui, spontan langsung we ngodok eta kolong kasur.
barang itungan deyik dina leungeun kuring geus kaceukeul hiji bangkong hejo, naa da harita keneh ku kuring tuluy langsung dialungkeun deui bari ngiluan ngajerit bari lulumpatan luncat kana luhureun kasur da sieun bari gogorowokan nyubut "bangkoooong...bangkoooong"
Teu kungsi lila emang kuring neangan eta bangkong rek dipiceun, beu teuing kamana eta bangkong lumpatna da teu jeu'eung deui haha...
peristiwa yang langka sekali terjadi sodara sodara dan tentunya sangat mengherankan bagi kami sekeluarga, hingga akhirnya terdengar gelegar tawa dirumah kami tersebut!
Nu kangaranan manusa mah moal jauh tina kasalahan jeung dosa, salalawasna...salila manehna masih keneh ngarenghap, tapi nya kitu tea kasalahan, naha leutik tawa gede, naha eta teh dijieun jieun ngahaja, teu dihaja kalawan teu sadar ku kasalahan manehna sorangan jeung memang aya nu sama sakali teu dipikahayang. Tapi da masing masing manusa teh beda beda harakat hatena teh, aya nu bisa narimakeun kusabab memang teu dipusingkeun atawa geus biasa tur ngamaklum ku kasalahan sahiji jalma kamanehna nu dihaja atawa teu dihaja, jeung sabalika...aya oge jalma nu sama sakali teu bisa mere hampura hiji kasalahan ku sabab geus kaleuleuwihi, teu make itungan leutik gedena ari bakat ku geus keuseul mah.
Duh ngacapruk...heu intinamah anjeun teh tos kaleuleuwihi, geus teu bisa ditarimakeun ku akal heureuy simkuring atawa memang duka teuing simkuring nu sarius teuing tawa nu geus poho deui kana selera humor anjeun, ngan hate leutik jeung hate gede simkuring tos teu tiasa narimakeun. Tapi da hampura mah masih keneh saleuwi moal saat meureun jang anjeun teu kudu hariwang...ngan menta heula sajengkal waktu pikeun mopohokeun nu teu bisa ditarimakeun eta. Hade goreng tulisan ieu di tungtungan ku Hampura tina hate pribadi, sakali deui hampura kuring nu teu ngarti, sami wae simkuring'ge jalmi nu teu sampura, teu bisa leupas tina harokat manusa nu teu weuleh nyieun kasalahan.
Munggaran ngadangu lagu ieu teh basa tilu taun katukang, basa simkuring kakarek ninceuk taneuh kota Jakarta (teu ngangge ghithu Lhoh a!)...mmm lagu ieu tos lami, mung diaransemen ulang ku cep Delon sareung mayumina nyarira. Mun muteur ieu tembang teh angger w resep keneh, jeung asa nyareblak kana hate teh...beu inget baheula meureunnya haha *lebaaay ngacaaaay*
Ai wa itsumo rarabai Tabi ni tsukareta toki Tada kokoro no tomo to Watashi o yonde
Anata kara kurushimi o ubaeta sono toki Watashi nimo ikiteyuku yuuki nga waite kuru Anata to deau made wa kodoku na sasurai-bito Sono te no nukumori o kanji sasete
Cintamu terbayang selalu Hingga waktu tidurku Saat kau menyebut namaku Kau memanggilku sayang
Ketika cinta semakin dalam Segalanya pun berubah Kenangan indah Tak terlupakan Menjadikan suatu pertanda Kau buka pintu hatiku Dalam kesepiaan kau beri Sentuhan tulus cinta darimu Hapus air mataku
Cintamu terbayang selalu Sebuah perjalanan yang panjang Saat kau menyebut namaku Kau memanggilku sayang
Cutatan: eta lirik bahasa jepun-na mun ku urnag sunda (komo sunda ti leuweung) mah pasti diseungseurikeun, lantaran lucu kadengena meureunnya.
Poenan kamari aya kasempetan keur balik ka lembur di Bandung. Kuring teh ninggalian deui buku buku nu baheula kungsi dibabawa, diaakeup nu dibungkus ku kantong nu disoren atawa di akod nu ampir saminggu pinuhna ka sakola. Teug hate pas ninggali buku nu geus lila teu katingali mang taun taun diteangan pek kamari ngelol teu kahaja di hareupeun mata, nya pek w buku ipis nu warna beureum eta teh dibuka salamar salamar ku kuring...teu kungsi lila katingali kuring ciga nu gelo, seseurian sorangan, tuluy beungeut jadi serius jol hayang murupuykeun cimata..
Kosong Buntu Hampa entah apalah Terjebak aku rasa dalam himpitan ruang waktu Tak lagi bisa menghela bebas Tak mampu pula menembus batas ketiadaan Yang tak pernah kuketahui keadaannya yang ada
Lelah, Jenuh, Berontak! Kuyup semua tubuh dalam hujan tangisan Abdi asmara menyepi dalam diamku Belenggu hebat mengikat erat Benang takdir tak dapat diputus, terus menjerat
Bila hariku tersambar Bila sambaran itu kilat hebat Bila kehebatan itu bagaikan jerat kuat Tak dapat kulepas Tak dapat kutarik, hanya ada hujaman keras
Setidaknya berikan waktu tuk hinggap sejenak dalam pelukan terakhirnya Tak peduli setelah itu Kau kan matikan aku atau... Cari ruang sendiri di dunia Temukan hangat dalam beku terhampar hingga tak ada lagi yang perlu dikenang.
(09 Januari 2003 – 02.20 AM).
lengkeup keneh eta buku ipis teh sugan moal palid nepi ka kuring kolot.
kamari sim abdi iseng iseng maca status rerencangan, nga-link ka salah sahiji situs, geuning ididnya teh aya test nu nguji "kecepatan ngetik"...hasil simkuring (mmm mung 40 point simkirungmah *eh simkuring, 40 words
sok mangga bilih bade dicobi langsung bae kadieu yeuh, Speed test, pami tos beres aya hasilna wartosan abinya hehe
Bangbalung hate kuring kamari asa teu paruguh, rarasaeun ciga aya rinyuh keur ngaregot sawak awak, nya pek cag w kuring teh reureuh tina pagawean sakeudeungeun, ngarenghap panjang jeung meureumkeun panon sakeudeung lungse dina korsi hideung panjang, hayang pisan dina wanci eta gusti teh maparinan pangimpian nu ngamatakeun hate kuring jadi rada gereunah, nya sarupaning ninggali ka hiji situ atawa curug atawa naon w lah nu ngamatakeun hate kuring tengtreum najan sakeudeung ge, aaah da tapi dasar ari dihaja haja mah hese geuning hayang ngimpi teh, komo hate kuring keur dug deugmah ku pikiran itu ieu, nu ayamah peutingge kuring jadi hese sare guling gasahan nepi ka tengah peuting mindeung nyileuk sorangan, bari da mata mah rarasauen teh tunduh pisan...duh kuring teh "insomnia" meureunnya hiks.
Hiji mangsa basa kuring keur gawe bari ngadengekeun lagu keroncong nu judulna “Aryati” dorr w aya nu noel di YM…
Nu noel: wah...nuju keroncongan, neng Nu noel: btw, kumaha damang? Nu noel: tos lami teu tepang didieu Simkuring: muhun, nuju lawas hehe Simkuring: Alhamdulillah panestu, sawalerna? Nu noel: alhamdulillah Nu noel: seueur gaduh keroncongan, neng? Simkuring: teu oge, mung hiji dua Simkuring: keroncong vokal pameget da Simkuring: 081.21.31.XX.X.XX Simkuring: eh punteun lupat ngintun Nu noel: :)) Nu noel: ka saha yeuh.. ;)) Nu noel: suit² Simkuring: ka tukang kiridit Nu noel: :)) Simkuring: mengajukan kiridit kanggge panci Nu noel: ohh.. :D Nu noel: sakantenan nu sanesna atuh, tong pameng Simkuring: muhun2 Nu noel: s emang na aya keneh? Nu noel: bade sakantenan pesen atuh Nu noel: seueur parabot nu teu acan gaduh oge yeuh.. Nu noel: :P Simkuring: ah teu aya milik, nembe tos ngabeuleunyeung kang Simkuring: tuh tos dugi pengkolah Nu noel: ahh.. Nu noel: muhun sanes milik nya.. Nu noel: karunya s emang na atuh, teu kenging rizki langkung Simkuring: ah sanes sabalikna anjeuna aya milik? Simkuring: pan akangmah sok harese majarmah saur tukang kiridit nu hiji deui mah :)) Nu noel: :"> Nu noel: ah..jenten isin Nu noel: ulah wartos² ka s emang na nya.. Nu noel: ke abdi teu kenging kriditan deui.. Nu noel: :( Simkuring: =)) Simkuring: sok atuh asal mang lunasankeun heula kiriditan panci abi Nu noel: :)) tiasaan s neng mah Nu noel: benten ari nu tos biasa ngiridit mah.. Simkuring: ih nya muhun ateuh Nu noel: kantenan nya.. ;))
Ah hampura duh tukang kiridit tos nambut nami salira kangge janteun korban topik jalmi nu teu aya dameul *panas ceuli nya pantes!, sugan w bulan hareup dilunasan kukuring kabehanana ditambahan leuwih lah mun bisamah "bonus cinta" haha.
Alhamdulillah, akhirnya PR yang diberikan oleh seorang teteh nun jauh disana selesai juga dibuat malam ini walaupun dengan mata merah dan terkantuk kantuk (malu sih tiap ketemu belum juga dipenuhi kewajibannya hihi *Afwan ya teh). Walaupun singkat dan acak acakan, kurang lebih 16 point dibawah ini sedikit banyaknya dapat menggambarkan kepribadian saya.
1. Egois Yup gpplah, point pertama terang terangan saya akaui kalau bahwasannya saya ini adalah orang yang agak sulit mengendalikan ego.
2. Cuek Dipoint pertama saja menurut saya cukup menjelaskan kriteria point kedua ini, ya kan? Orang orang terdekat saya pasti sudah tau betul mengenai sifat saya yang satu ini, saya adalah seseorang yang cuek, hanya ingin berkespresi menjadi diri sendiri, tidak ingin terkekang dengan pribadi orang lain terutama disekitar saya, just be my self, and feel comfortable with my own life.
3. Galak? Orang yang pertama kali bertemu atau sekedar bertatap muka seringnya mereka beranggapan kalau saya ini adalah seseorang yang berkepribadian galak dan sinisme, mungkin dikarenakan mata saya yang agak sipit dan kalau menatap sangat tajam sampai sampai bisa membuat orang salting. ooops! namun ternyata kebanyakan dari mereka juga merubah pendapatnya masing masing ketika sudah berjabatan tangan dengan saya dan bertukar sapa.
4. Plin plan Tidak jarang ketika saya sedang dihadapkan dalam beberapa pilihan atau paling seidkitnya diantara dua pilihan, otak kanan dan kiri saya saling bersinggungan, dan akhirnya malah jadi bingung sendiri, tetapi ketika saya sudah mendapatkan satu pilihan yang mantap dan dirasa paling baik, hey tidaklah mudah untuk menggoyahkan pijakan saya!.
5. Si malas yang rajin Seringnya syndrome malas mengidap dalam diri saya, dari dulu susah sekali untuk menghilangkannya, tetapi kalau di satu hari ketika api semangat saya menyulut seperti perjuangan merebut kemerdekaan 45' saya adalah orang yang serakah dalam bekerja, hingga akhirnya menjadi kecapean sendiri dan sakitpun menyapa kemudian hehe.
5. Sundanese addicted
Hmm Yess I am, I love my culture, I love sunda!
6. Pemarah Saya termasuk orang yang susah mengendalikan esmosi, eeh maksudnya emosi. Kebetulan saya ini adalah seorang Leo, menurut testimonial dari beberapa teman teman saya, kalau di ibaratkan saya ini adalah “singa manis” huahah.
7. Pemaaf Asalkan ada itikad untuk memperbaiki kesalahan saja
8. Simple dan ceria Asalkan saya merasa nyaman, saya bukanlah tipe yang rewel, ditengah kesedihan n sesedih sedihnya saya masih saja bisa tertawa *Alhamdulillah, saya mensyukurinya.
Saya suka ngelucu, dan humoris, mungkin dikarenakan spirit sunda saya "bukan orang sunda kalo gak ketawa", n keturunan dari Bapak yang gak kalah humoris juga sampai membuat kami orang orang disekitarnya tertawa terpingkal pingkal.
9. Si irit tapi boros Ketika berjalan jalan di mall atau ditempat belanja lainnya, saya akan berpikir panjang untuk mengambil satu barang dan menebusnya ke kasir! Namun ketika penyakit bawaan boros saya sedang menyala nyala seringnya saya sedniri kaget ketika melihat sisa lembaran di dompet hehe *katanya sih maklum buat seorang cewek hihi sudah dikodratkan dari sananya.
10. Ulet dan tidak pernah bosan untuk mencari ilmu baru dan terus mencoba untuk bisa.
11. Teman yang nyaman untuk diajak curhat dan solid (banyak teman saya yang menjuluki saya si konsultan)
12. Suka sekali dengan hal hal yang berbau coklat dan hitam *oops! Penyuka musik jenis klasik dan unik, yang penting telinga saya merasa nyaman mendengarkan satu alunan nada, maka kepala dan tangan saya bisa langsung sedikit bergerak.
13. Agak sedikit Introvert, tidak mudah untuk dapat mencurahkan isi kepala kepada orang lain, menyimpannya dalam hati sendiri juga gak salah kan, tapi kalau ada tempat kepada seseorang yang sudah dipercaya sepenuh hati maka akan banyak sekali peluru kalimat kalimat yang membludak saya curahkan.
15. Pemalu dan Nggak tegaan! Duh mudah mudahan aja para sales gak baca nih tulisan
16. Pelupa Nah inilah penyakit menyebalkan yang sudah sekian lama mengidap dalam diri saya, sampai - sampai sering kali berujung tangisan hiks.
Mohon maaf berantainya tidak saya teruskan ya teh, disini aja…dah lama juga sih nggak blogwalking hehe, tapi kalau saja ada teman teman yang kebetulan mampir kesini dan mempunyai waktu luang, monggo dipersilahkan untuk meneruskan tag berantai ini, lumayan susah juga hihi.
Poe eta kuring nyorangan mapay mapay jalan sawah, galengan nu baheula mindeung jadi carita pangulinan kuring keur leutik jeung babaturan, sosorodotan dina gawir sawah nu hejo ku jukut, turun ka handap nepi ka baju teh bobolokot ku leutak nu antukna balik dicarekan ku indung bebeakan hehe, ah tapi da dasar bangkelang kuringmah, dicarek sababaraha kali ge tara kapokan, malahan nu ayamah kalah ngahajakeun, naek tangkal jambu, tangkal sawo nu nini, tangkal buah nu tatangga jang ngarujak teu bebeja haha.
Ah nyaan kuringmah mun diinget inget baheula buntangul pisan, kalakuan ciga budak lalaki, teterekelan, maen kaleci duh nepi ka pernah ngarandapan cicing pinuh ku cipanon ngararasakeun kanyeri dina kasur sabulan lantaran labuh tina sapedah nepi ka tulang suku potong hiks, nepi ka teu bisa miluan UAN alias ujian kelulusan basa kelas genep, nya kapaksa w aya guru nu nungguan kuring ngajawab soal di imah (ah tapi angger w teu meunang niron tawa dibejaan, tega pisannya "jelema geuring di titah mikir bereung jeung nyanyautan nyeri tulang hiks"!
Tapi ayeuna kuring geus nyengseung gede, mun ceuk baturmah kuring teh geus parawan heuheuy lain budak bau cikur deui, geus boga kabogoh nu kasep deuih *nya enya atuh, meunya teuing geulismah hiiiy!, geus boga hate ka lalaki (maksud teh duriat ceuk kang Darso mah), nya papakean ge geus aya ka era, daek make nu ririmbil saeutikmah teu ciga baheula ngan sakur mamake kaos sangsang rek ulin teh haha (cape deh, hereudang atuh da).
Duh nyeblak hate ninggali ngeplakna sawah nu keur meujeuhna dipanen, koneng pare nyurucudkeun cimata, inget ka jaman jaman baheula keur meujeuhna baong, sok ngala eceng, nyair impun, ngiluan nguseup (tapi tara wani da sieun oray, ninggalikeun w ti kajauhan), jeung ngala antanan (paragi coel sambel), najan di carek ge ku kolot tapi da neugtreug we hayang, ceuk kang Obama mah “No matter hey said” pokoknamha “maju terus pantat mundur” oops!
Baheula mah enya ge kuring teh Tomboy ceuk si Oneng mah, tapi angger we ari hatemah “feminim” heuheu hayang w meuli Barbie (dibaca berbi ceuk si Enung mah), jeung mun aya kahayang teh olo olo pisan, kudu pok torolong, heu maklum baheula kuring can boga adi awewe, jadi budak panggedena nu ogoan jeung imut imut najan sakapeung amit amit heheh, jeung da baheulamah kaayaan kolot teh lumayan keur aya, hayang meula nanaon ge asal kuringna cageur da dilaksanakeun waelah, Alhamdulillah.
Ayeuna kuring geus gede, kaayaan kolot ge geus beda, nyaa geus kudu kituna w meureun ku gusti Allah teh, da kawas ceuk papatah ge “hirupmah moal salawasna datar, aya mudun jeung tanjakanana”, nya matakna kuring sabisa bisa narimakeun jeung nyukuran nu ayeuna ku kuring dipimilik, da lamun melong kaluhurmah ke ka dupak, melongna mindeung ka handap ngambeh mindeung oge ngusap dada, nyukuran sagala nu ku urang dipimilik ayeuna, da baturmah moal tangtu boga jeung ngapimilik.
Alhamdulillah nun gusti, masih keneh dibere kahirupan jeung kanikmatan nepi ka renghapan ayeuna, moal kaitung jeung moal kawales naon naon nu geus dipaparinan ku Anjeun teh, hampura abi nu tara nyukuran, mopohokeun parentah jeung resep nyiar nyiar dosa…duh hampura gusti.
- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID
VPS Indonesia Murah/ Dedicated server atau Shared hosting dan berkualitas.
Yuk kunjungi WebiiHost.com aja! Langsung daftar, proses aktivasunya cepat banget lhoo.