“Leuh gusti, ari ieu teh Neng Lilis putrina si mamah nu pang gedena teh?” ”mmm...muhun" tembal kuring bari semu kerung hariweusweus ninggali sakuliling petempatan nu asa teu asing dina ingetan, kuburan aki kuring! "hilap deui ka ema?" tanya menehna bari halon ngusapan buuk kuring "mmm saha nya?" tanya kuring bari nyengir "duuuh gusti ges gede deui gening incu teh, ari sugan teh moal hirup maneh teh cu!" bari ngagabrug Kuring ngan bisa cicing bari reuwas ninggali ka palebah mata si mamah, katinggali cipanon ngareclak kana damisna. "ieu teh buyut maneh cu, pentes w atuhda teu inget ge atuh da can pernah mangku ma uyutmah" "Hah" kuring beuki kerung ngadengena bari teg teh hate rada sieun teu wani ngalepaskeun leungeun nu keur meulit kana awak kuring harita teh, leungeun ti nini - nini nu ngakuna yen manehna teh uyut kuring "sa sa sanes ma uyut abdimah tos parupus sadayana ge?" Heueuh geulis, tong sieun, tong hariwang...ma uyut mah menta widi heula sakeudeung ka malaekat pikeun panggih jeng maneh sakeudeungmah dina pangimpian" atuhnya kuring teh beuki reuwas, cur kesang lembut kesang badag, kesang tiis kesang panas ngadenge jawabana teh. korejat hudang ngagorejag bari rurat reret kasakuliling kamar kuring nu poek mongkleng...da puguh w geuning keur aliran listrik teh...nyiwit leungeun ngayakinkeun lamun kuring teh ges hudang alias teu keur aa dina pangimpian deui.
Cag ah, baktos simkuring: Lilis Mayasari, nu kahudangkeun tengah peuting.
Update bewara: Innalillahi wa innaillaihi rojiun, parantos tutup yuswa seniman sunda asal Kota Bandung, Detty Kurnia (49) di RS Hasan Sadikin Bandung, Salasa enjing tadi. Mugia ditampi iman islamna, dicaangken pakuburanana :'(
Carita basa dua bulan katukang kuring mulang ke lembur, keur aya acara imtihan di lembur nini kuring. Kabeneran kapi adi kuring teh miluan marigél euyah dina acara eta teh, nya atuh kuring teh indit ninggalian kadinya bari nunungtun adi kuring nu bungsuna, jabaning samemehna da memang gés dipenta tulung ku Mamang kuring teh piken motoan sajepret dua jepretmah cénah jang kenang – kenangan motoan si Ujang jéng si éneng.
Acarana teh dimimitian ti jam 9 beurang, rada tereh jeng panbeja ti si Mamang samemehna nu ngomong yen acara teh dimimitianana jam 10. Nyaa kuring teh atuh karek jam 10 indit ti imah teh (jarak ti imah ka lembur nini teh kira – kira aya sakiloan). Népi kadinya teh hanjakal pisan, kapi adi kuring nu pangleutikna mah gés kaliwat ngigélna teh, tapi cénah da aya keneh hiji lagu deui engkin sore. Kuring teh nya motoan we sababaraha jepret didinya teh samemeh indit ka Ciparay (ngaran Dayeuh tempat adi kuring nu lalaki sakola) pikén ngahadiran rapat orang tua ngawakilan indung bapa.
Beres balik ti sakola kuring balik deui ka lembur nini, bari Alhamdulillah gés disampakeun tuang liwét nyarambel jeng sadulur – dulur didinya nu kabeneran keur araya, da poénan libur harita teh...cénahmah ngahaja nungguan kuring beh balakecrakan heuheu. Beresna tuang kuring ngadaweung heula dina teras si Mamang bari garandeng ge ku sora pangeras/ sapekér ti buruan Masjid nu keur nabuh barudak imtihan tea.
Tuluy kuring hanjat ke beulah tonggoh nunungtun adi kuring nu bungsu jang ninggali kapi adi nu sakeudeung deui rek maju ka panggung cénah bari teu poho mamawa kamera nu gés disakuan dina calana. Alhamdulillah géning teu kaliwatan deui motoan kaparigelan kapi adi teh nu cing rancunit ujat ajet dina luhur pangggung kuring sésérian ninggali padukdeukna eta barudak teu bareunang diatur posisina..aya nu beuki maju, beuki mundur, jéng parohoan deui gerakan – gerakan ngigélna haha dasar barudak.
Peutingna acara teh masih keneh araya, tapi nu tarampil teh barudak gedena, tatarian, pidato dakwah jeng bobodoran nu aya dina acara panunggungan (Bentang bodorna Mamang kuring nu pangais bungsu haha). Keur lalajo kitu Mamang kuring datang nyampeurkeun ngomong yen engke bakal aya tari Jaipongan (dina jero hate kuring heran, Naha boro mah eta teh acara imtihan barudak ngaji tapi naha dibandungan titadi teh lolobana nu jaroged dangdut, pop…jeng ayena rek ditambah Jaipongan???) haha kuring mah ngan ukur bisa lalajo we wungkul lumayan jang hiburan bari sasakali mah ngajepret moto lamun aya nu alus.
Tuluy caritana teh budak lalaki jeng awewe (saumuran jeng kuring) ges naek kaluhur panggung teh, cenah rek duet jaipongan nu judulna teh Bambung/ bangbung hideung bari gés lengkep mamake kabaya beureum eta budak awewe teh, jeng lalakina make baju batik (huahaha teu nyambung pisan pikir kuring teh). Tapi ari ku kitunamah harita teh panonton nu didarinya teh pada ngarumpul baru nyaruitan jeng ngareprokan…tapi aya pamuda nu cing celetuk teh ngomong “naha bangbung hideung teh beureum eta mahnya!” barakatak teh panongton loba nu sareuri kaasup oge kuring harita teh.
Derr kaset lagu Bangbung hideung teh diputer, sapanjang lagu eta diputer kuring mencrong asa ngabirigidig ninggalikeun nu daruet eta jaipongan, bari sasakali kuring keprok lamun pas dina mangsa adegan tari nu haradena kitu deui jeng panongton nu sejen ogé….dipirig ku musik nu hade jeng gerakan seni tarina nu hade diacungan jempol….duh waas! Tah Sanggésna kuring tatanya ka budak lalaki nu joged tadi da panasaran kana laguna, Alhamdulillah eta lalaki teh teu pédit mere beja yen eta lagu teh cenah ti Rika rafika , judulna bambung hideung heuheu….kuring nganuhunkeun ka manehna. Alhamdulillah kamari kuring maluruh dina Google menang eta tagu teh, sapo jeput eta lagu diputer dina winamp komputer kuring hahay….tah bilih dulur – dulur bade ngunduh mangga bujeungan bae ieu surélék:
Deuuuh sok ingét mangsa katukang kuring keur leutik, lamun gés pareng datangna imtihan teh ngadadak asa rajin hayang buru – buru indit ka pangajian teh, da sidik balikna bari latihan pidato jéng ngigél haha....résép jabaning da bakal dipangmeulikeun baju anyar jang kana panggung.
Foto: Jalan motong (satapak) ka sakola SD, Cidodol – Bahuan (Lilis Mayasari).
Keur jaman sakola SD baheula angkatan kuring sakelas teh aya 35 urang murid, tadina mah aya 33 ketang, ngan basa naek ka kelas opat datang dua murid anyar, maranehna datang ti beulah Bandung nu rada ngota ngaranana teh si Penti jeng si Misbah (ngaran aslina Misbahudin). Ari si Penti mah budak awewe nu jangkung, buukna panjang lurus, sedengkeun si Misbah mah budak lalaki nu boga awak nu jangkung gede, bisa disebut pangkasepna harita mah, dibandingkeun jeng si Jujun atawa si Landak mah nu baragajul olol leho...nya kabuktian, loba babaturan wewe sakelas kuring nu jumlahna aya kana 20 urang nu katingalina kapentang asmara ku eta budak kaasup kuring salah sahijina haha.
Tah hiji mangsa barudak baragajul olol leho CS-an si Jujun teh arindit ulin rek marulung muncang cénah di kebon Pak Rubama, nu kabeneran di handapna teh aya susukan. Tangkal muncang pak Rubama teh leubeut kacida, unggal poé teu wéleh aya wae muncang nu marurag ka wahangan, tapi hanjakalna pak Rubama teh katelah galakna kacida ciga maung, laum manehna gés ambék hohoak barudak teh cing pelecir lalumpatan, nya jadi sabisa – bisa mah kudu waspada ulah nepika garandeng kapergok kunu bogana. Harita si Jujun teh ngajak si Misbah (murid baru tea) piken mulung muncang didinya, ari ku kuring mah gés kabaca yen manehna teh boga niat rek ngajailan eta budak kota. Nya tapina da dasar budak lalaki daek we diajak teh, jabaning kuring ge moal mungkin ngalarang manehna, da sidik can wawuh tea, gengsi tur boga keneh ka era mah harita teh heuheu.
Ari kuring mah harita jeng babaturan awewe teh kawas biasa ngaradon mulung asem, teuing kunaon kuring resep pisan pabalap balap eta kadaharan nu teu lazim, padahal mah mun dipikir – pikir ayéna mah jang naon da lamun gés meunang ge da tara di dahar, nu aya mah kalah nyeuri beuteung atawa di bikeun ka si Mimin atawa ka si Leni nu harobi pisan nambulan asem, reusép we meureunnya lulumpatan ngesang lah. Tapi hanjkalna si Penti mah harita teh teu ngilu mulung asem da sabab ceunah mah manehna teh keur gering, jadina teu bisa asup sakola. Tapina lain ngan barudak lalakina wungkul nu meunang kasusah teh, barudak awewe nu mulung asem ge boga rasa kasieun, sabab eta tangkal asem gede teh padeukeut pisan jeng kuburan samoja (kuburan hiji awewe nu maot basa waktu ngajuru, dikuburanana teh pinuh ku tangkal samoja kembang kayas jeng bodas...jeng loba nu ngadarongeng yen "aya jurigan"), jabaning teu jauh oge ti patempatan barudak lalaki marulung muncang.
Caritana basa waktu barudak lalaki CS si Jujun teh ngajailan si Misbah, nyaéta nitah si Misbah pikeun nyokot muncang dina wahangan maranehna lalumpatan bari cocorowokan patarik - tarik sangkan pak Rubama teh kaluar ti kandangna imah, da sidik si Misbah mah murid kota anyar nu teu apal nanaon...tah wanci eta barudak olol leho teh buru - buru ngabaleucir ninggali pak Rubama kaluar ti imahna mukakeun panto, si Misbah reuwaseun...atuh buru – buru manehna hanjat kana gawir rek ngiluan kabur jeng nu lian, tapi hanjakal manehna teu ahli tuak taek gawir nu léér, nu antukna atuh langsung ti soledat labuh kana wahangan, sukuna misalah (keseleo)...manehna cérik ngararasakeun tatu dina sukuna.
Kabeneran teuing kunaon harita teh kuring bét hayang balik heula ka imah sabab ku lapar, kabeneran imah kuring teu jauh ti sakola, lamun ku lumpat "kuda" beunang 7 menit ge langsung nepi hareupeun teras. Balikna, kabeneran pisan kasampakeun hawar – hawar kuring ngadenge sora aya nu ceurik, harita kuring teu langsung nyampeurkeun da sieun tea ku jurig, kuring ngarempod cicing handapeun tangkal kalapa bari bijil kesang lembut kesang badag....rek ngaliwat teh sieun kacida, niat kuring harita hayang balik deui we ka imah, jabaning katingali aya pak Rubama di hareupeun panto imahna...deuh kumaha yeuh pikir kuring! Tapi pas ditilik – tilik di handap gawir teh katingali ciga aya leungeun keur muntang kana jukut gawir, leuh kuring kukuceuk mata da bisi salah titingalian harita teh...ah kuring teh panasaran, kuring maju salengkah...bari ngitung ramo – ramo, Maju... Entong... Maju... Entong... Maju... Entong... Maju... Entong... Maju... Entong... Aaaah da entong, kumaha yeuh pikir na hate teh, tapi da kuring teh panasaran bisi nyaan jelema, kuring maca Bismillah bari leumpang semu lumpat...Baruk, gening katingali aya budak lalaki di handap teh keur cirambayan, si Misbah! Kuring buburu nyampeurkeun bari nanya...kenapa kamu teh? (Si Misbah teh teu pati bisaeun nyarita basa sunda) “ini, kakiku keseleo” pokna teh bari nyusutkeun cimata da era meureun ditinggali ku awewe... *anu bageur tea hihi* “alaaah, kumaha atuhnya” bari halon kuring karunya ningali mahena nu keur kanyenyerian. Haat hate kuring harita teh, tapi kuring teu mungkin bisa nulungan ngangkat manehna atawa narik leungeunna kaluhur da sidik kuring budak awewe leutik, berat awak ge ngan sakur 25 kilo harita teh, teu mungkin bisa ngangkat anak gajah *haha tong ngambek bah*. Ah kuring teh teu make pikir panjang deui, ngawani – wanikeun maneh pikeun menta tulung ka pak Rubama, da meren sagalak – galakna manehna moal mungkin tega meureunan nganteup.
Ari pekteh Alhamdulillah, énya we geuning di sampeurkeun di penta tulung teh manehna langsung buru - buru lumpat nulungan, malahan mah si Misbah teh dibawa ka imahna pikeun di ubaran, di urut sukuna...nya kuring ge milu abus ka jero imahna ninggalikeun si Misbah di urutan bari aya karunya oge cirambayan nyerieun semu ngajerit leutik nahan kasakit.
Kuring ninggali eusi imahna loba parabot nu hargana teu sapira, harurung harerang, kuringge ninggali aya loba piala nu ngajalenjreng dina lomarina, geningan manehna teh guru (panjang caritana mah manehna teh jadi guru kuring di SMP gening hahay). Jeung geningan da bageur manehna teh, teu ciga nu aya dina pikiran kuring jeng barudak sakola lianna nu ges mangtaun – taun kasieunan ku pake Rubama, pedah we eta nada ngomongna gés kitu tibaheula, ciga nu ambeuk heuheu.
Sanggés beres di urut teh si Misbah tuluy dibawa ka sakola bari di aakod, kuring nuturkeun ti tukangeun dibarengan hate nu asa bulingah sapapanjang jalan.
Tah hikmahna mah pamiarsa, ti poé eta kuring teu sieun deui ngaliwat ka gawir deukeut imah pak Rubama teh, jeng si Misbah ge jadi wawuh rada deukeut ka kuring...nya atuh laloba nu saririk barudak awewe nu lian teh, ngan hanjakal ari gés wawuh budak eta teh sok nunutur kuring, jadina teh lila kalilaan mah asa ilpil (ceuk basa barudak ayeuna mah haha, hampura ketang bah ah heurey...mun pareng salira maca ieu postingan, hampura kurang leuwihna nya kang misbah, dimana atuh ayeuna teh, meni teu keucet2 atuh???). Hampura dak ah...sono pisan ka sobat baheula, teuing ngalencar kamarana :(
Cag ah, Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya - Bandung 11 April 2010 (nu cape karek mulang ti lembur).
Saméméh kaulinan komputer sarupaning Sega, PSP, atawa Nintendo datang, barudak leutik di Tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manéhna sabada diajar atawa mantuan kolotna, ayeuna mah cigana geus langka pisan, kajabaning di lembur - lembur leutik ciga lembur simkuring meureunan hehe.
Beda jeung kaulinan elektronis nu sipatna nyorangan, rurupaning kaulinan heubeul ieu biasana kudu dipaénkeun ku leuwih ti saurang. Sipat ieu tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis ngadidik budak jadi teu kaiket/mahardika/independen, ngulik jeun kompetitip. Sabalikna, kaulinan heubeul ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuheuyeuk leungeun. Sawatara jalma boga pamadegan yén ieu téh aya hubunganna jeung sipat barudak ayeuna, hartina masarakatna nu bakal kahareup, anu leuwih gedé rasa kasoranganana jeung turun rasa babarenganana.
Dua sifat ieu aya goréng aya alusna, teu bisa dibédakeun hideung bodas. Ieu tangtuna tangtangan pikeun kolot supaya bisa ngawanohan budak jeung dunyana supaya kahareupna generasi hareup jadi generasi nu mardika, kompetitip, ngulik tapi teu égois, atawa boga 'rasa sosial' nu lemes.
Salian ti ngajarkeun rasa babarengan éta, hiji ciri lain kaulinan barudak lembur baheula téh biasana mah tara leupas ti kakawihan, sanajan kawihna ngan saukur kawih pondok tur leuwih deukeut kana hariring tibatan kana ngawih. Contona, dina kawih kaulinan pelak cau nu ngabogaan pancén "nyabut" bibit cau kudu uluk salam heula maké kawih. Kusabab ieu, loba nu ngahijikeun kakawihan jaung kaulinan budak.
Tah, Dina daptar di handap disebutkeun rupa-rupa kaulinan budak Sunda:
- Ambil-ambilan: kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan. - anjang-anjangan: kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa. - bébénténgan: kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb. - béklen: kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras. - boy-boyan: Ieu kaulinan salah sahiji kaulinan nu paling dipikaresep ku simkuring di lembur kapungkur. Kailinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog. - congklak: kaulinan maké papan kai dieusi kewuk. - cacaburangé: kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing. - cingciripit: kaulinan bari kakawihan. - damdaman: kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang. - endog-endogan: kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih. - empét-empétan: kaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami. éncrak kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.) - éngklé: kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun - galah asin: kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan. - gatrik: kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé. - gugunungan: kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul. - hahayaman: kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager. - jajangkungan: kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang - luncat tali/ luncat tinggi: kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun (biasana tina karet geulang). - ngadu kaléci: kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan. - oray-orayan: kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor. - paciwit-ciwit lutung: kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih - pérépét jéngkol: kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas. - pelak cau: kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas. - sérmen: kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh. - sondah: kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak. - sorodot gaplok: ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun - ucing-ucingan: kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing. - Galah Jidar - Ucing Baledog - Popolisian - ucing sumput: kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan. Aya nu bade nambihan manawi???
Dicandak Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda.
Foto ti: widjana.deviantart.com
Cag ah,
Baktos simkuring Lilis Mayasari nu ker sono ka lembur baheula.
Hiji mangsa dina bulan Maret taun 1946 (salapan belas opat puluh genep), dina sakilat waktu nyaeta kurang lewih 7 jam lilana, sakitar 200.000 (dua ratus rebu) panduduk di ngukir sajarah ku cara ngaduruk imah jeng harta banda maranehna nu nyesa, ninggalken kota Bandung piken pikeun indit bajoang ka pagunungan di Selatan. Sababaraha taun kaharepna, lagu "Halo - halo Bandung" di ciptaken pikeun ngalambangkeun emosi maranehna, sairing jangji nu patri yen hiji poe rek balik deui ka lemah cai maranehna nu dipika cinta, nu ayena ges tumpur ngajadi lautan api (pinuh ku seuneu).
- Insiden paristiwa Nyoekeun Bandera. Sangges proklamasi kamerdekaan tanggal 17 Agustus 1945, Indonesia can bisa ngarenghap tenang lahir batin sapinuhna ngarenghap rasana mardeka. Kamerdekaan kudu di keureyeuh heula saeutik saeutik ku cara pajoangan rakyat nu rela ngorbankeun sagalana pikeun kahirupan anak incu jaga. Sangges Jepang eleh, tangtara Inggris datang pikeun ngalucutan tangtara Jepang. Maranehna kongkalikong jeng Walanda (Tangtara NICA) jeng ngamangpaatken Jepang piken ngajajah deui nagara Indonesia.
Aya warta dibacaken teks proklamasi kamerdekaan di Jakarta teh katarima di Bandung ti Kantor Berita DOMEI dina poe Juma'ah isuk isuk, 17 Agustus 1945. Isukna, tanggal 18 Agustus 1945 téh cetakan teks eta ges nyebar. Di cetak make mangsi warna berem ku percetakan Siliwangi. Di gedung Denis, Jalan Baraga (ayena Bank Jabar), kajadian insiden nyoekeun Bandera nu warna biru nyaeta bandera Walanda, sahingga warnana tinggal beurem jeng bodas wungkul (Bandera Indonesia). Paristiwa nyoekeun eta make pakarang bayonet nu dilakuken ku hiji pamuda Indonesia nyaeta Mohammad Endang Karmas, dibantuan ku Moeljono.
Tanggal 27 Agustus 1945 dibentuk hiji organisasi nu dingaranan Badan Kemanana Rakyat (BKR), di susul ku ngabentukna Laskar Wanita Indonesia (LASWI) dina tanggal 12 Oktober 1945. Jumlah anggotana 300urang, diwangun ku bagean pasukan tempur, Palang Merah, Penyalidikan jeng Perbekalan.
Paristiwa nu ngabeukikeun kacau situasi kajadian dina tanggal 25 November 1945. Salian ti nyanghareupan serangan musuh téh, rahayat nyanghareupan banjir nu rongkah oge kualatan caahna leuwi Cikapundung harita nu ngabalukarken ratusan korban kabawa teuleum jeng rebuan panduduk kaleungitan panyalindungan hirup. Kaayaan ieu di mangfaatken ku musuk piken nyerang rahayat nu keur dipaparinan musibah. Sagala rupa tekanan jeng serangan terus dilakuken ku pihak Inggris jeng Walanda. Tanggal 5 Desember 1945, sababaraha pasawat terbang Inggris ngabom daerah Lengkong Besar. Dina tanggal 21 Desember 1945, pihak Inggris muragken bom jeng rentetan tembakan nu teu pandang bulu di daerah Cicadas nu antukna ngabalukarkeun loba tumpurna korban.
- Bandoeng Laoetan Api. Ultimatun piken Tentara Republik Indonesia (TRI) ninggalken kota jeng rahayat ngalahirkeun politik "bumihangus". Rahayat teu rela lamun kota Bandung di mangfaatkeun ku musuh. Maranehna ngungsi ka daerah kidul/ selatan jeng para pajoang. Kaputusan jang ngabumihanguskeun Bandung dicokot dumasar kana musyawarah Majelis Persatuan Perjuangan Priangan (MP3) di darepeun sakabeh kakuatan pajoang, dina tanggal 24 Maret 1946.
Kolonél Abdul Haris Nasution salaku Komandan Divisi III, nyalabarkeun hasil musyawarah eta sarta maréntahkeun rahayat pikeun ninggalkeun Dayeuh Bandung. Poé éta ogé, rombongan nu nyicingan Bandung ngalir panjang ninggalkeun dayeuh. Bandung ngahaja diduruk ku TRI sarta rahayat jeung maksud ambéh Sekutu henteu bisa makéna/ nyicingan deui. Di ditu didieu haseup hideung ngebul ngabubung luhur di langit. Kabéh listrik mati paeh. Inggris mimitian nyerang nu ngabalukarken perang rongkah téh kajadian. Perang anu pang rongkahna lumangsung di Désa Dayeuhkolot, palebah kidul Bandung, di mana aya pabrik mesiu anu badag milik Sakutu. TRI boga maksud ngancurkeun gudang mesiu eta. Ku kituna diutus pamuda Muhammad Toha sarta Ramdan. Kadua nonoman éta junun/ berhasil ngahancurken gudang eta make granat leungeun. Alhasil gudang badag éta ngajelegur sarta kabeuleum, tapi kadua pamuda éta ogé milu kabeuleum di jerona. Staf pamaréntahan kota Bandung mimitina mah baris tetep cicing di dayeuh, tapi demi kasalametan mangka dina jam 21.00 éta ogé milu kaluar dayeuh. Saprak waktu éta, kurang leuwih wanci 24.00 Bandung Kidul geus kosong ti nu nyicingan sarta TRI. Tapi seuneu masih keneh ngabubung ngaduruk dayeuh. Sarta Bandung ogé robah jadi lautan seuneu.
Pembumihangusan Bandung eta mangrupa kaputusan/ tindakan nu teu percuma, alatan kakuatan TRI sarta rahayat moal sanggup ngalawan pihak satru/ musuh anu ngabogaan kakuatan badag. Saterusna TRI babarengan rahayat ngalakonan ngalawan sacara gerilya ti luar Bandung. Kajadian ieu ngababarkeun lagu "Halo-halo Bandung" anu pinuh sumanget nu antukna sanggup ngobarkeun daya juang rahayat Indonésia.
Loba anu nanya panasaran ti mana istilah ieu mimitina. Almarhum Jenderal Besar A.H Nasution kainget waktu ngalakonan pasamoan di Regentsweg (ayeuna Jalan Dewi Sartika), sanggeus balik ti pasamoanana jeung Sutan Sjahrir di Jakarta, pikeun megatkeun tindakan naon anu baris dipigawé ka Dayeuh Bandung sanggeus narima ultimatum Inggris.
"Jadi saya kembali dari Jakarta, setelah bicara dengan Sjahrir itu. Memang dalam pembicaraan itu di Regentsweg, di pertemuan itu, berbicaralah semua orang. Nah, disitu timbul pendapat dari Rukana, Komandan Polisi Militer di Bandung. Dia berpendapat, “Mari kita bikin Bandung Selatan menjadi lautan api.” Yang dia sebut lautan api, tetapi sebenarnya lautan air” A.H Nasution, 1 Mei 1997"
Istilah Bandung Lautan Api mecenghul ogé di poéan Suara Merdeka tanggal 26 Maret 1946. Saurang wartawan ngora waktu éta, nyaéta Atje Bastaman, nyaksian sorangan pamandangan dahsyat pembakaran Bandung ti pasir Gunung Leutik di sakitar Pameungpeuk, Garut. Ti penclut éta gunung Atje Bastaman nempo Bandung anu beureum ti Cicadas nepi ka jeung Cimindi.
Sanggeus anjog di Tasikmalaya, Atje Bastaman kalayan pinuh sumanget geura-giru nulis warta sarta méré judul Bandoeng Djadi Laoetan Api. Tapi alatan kurangna rohang pikeun tulisan judulna, mangka judul warta dipondokan jadi Bandoeng Laoetan Api.
Ari kiwari mah Bandung téh loba nu nyebut jadi lautan asmara atawa lautan runtah kitu nya? beu... Postingan sajarah ieu di candak tina loba sumber.
Cag ah,
Baktos simkuring Lilis Mayasari/ Liezmaya. hapunten bilih aya kirang langkungna, diantos koréksi di para dulur sadaya. Mugia jadi hikmah piken perjuangan hirup rahayat Indonésia kahareupeunana sangkan teu kagiridig ku bangsa deungeun (ngutip kang Ohang) hehe.
Dina kasempetan postingan ayéna simkuring hoyong médar salah sawios tokoh Sunda nu kalintang gédé jasana pikeun sajarah kasenian Sunda, nyaeta Mang Koko tea nu tos makalangan, dugi ka generasi simkuring ayéna masih keneh séér nu mikabangga karya – karya anjéna.
Haji Koko Koswara, nénéhna Mang Koko, lahir di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917. Ramana Ibrahim alias Sumarta, anu aya teureuh ti Sultan Banten (Sultan Hasanuddin). Anjeunna kagungan putra 8, diantawisna Tatang Benyamin Koswara (ayeuna pupuhu Yayasan Cangkurileung) sareng Ida Rosida (salah sawios panembang kahot sareng kungsi maén sinetron "Inohong di Bojongrangkong"). Atikan anjeunna dikawitan ti HIS (1932), MULO Pasundan (1935). Mang Koko kalebet anu ta'at sareng patuh kana agamana (Islam).
Padamelanna dikawitan ti taun 1937, mangsa bangsa urang nyanghareupan révolusi. Saterusna patutur-tutur didamel di: Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Propinsi Jabar, guru anu saterasna janten Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonesia), Bandung, dugi ka pupusna ping 4 Oktober 1985.
- Bakat seni sareng karya-karyana.
Bakat senina ngocor ti ramana anu kacatet salaku juru mamaos Ciawian jeung Cianjuran. Saterasna anjeunna diajar ku nyalira ti seniman-seniman ahli karawitan Sunda anu parantos moyan, ogé neuleuman hasil karya widang karawitan ti Raden Machjar Angga Koesoemadinata (musikolog).
Anjeunna oge kacatet salaku anu ngadegkeun rupa-rupa pakumpulan kasenian, diantarana: Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946), "Taman Murangkalih" (1948), "Taman Cangkurileung" (1950), "Taman Setiaputra" (1950), "Kliningan Ganda Mekar" (1950), "Gamelan Mundinglaya" (1951), jeung "Taman Bincarung" (1958).
Oge anjeunna anu ngadegkeun sakaligus jadi pupuhu munggaran ti "Yayasan Cangkurileung" puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon. Anjeunna ogé anu ngadegkeun tur pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Kungsi anjeunna medalkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).
Karya cipta kawih-kawihna dikempelkeun dina buku-buku, boh anu kungsi dipedalkeun atawa anu masih mangrupa naskah-naskah, diantarana: "Resep Mamaos" (Ganaco, 1948), "Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952), "Ganda Mekar" (Taraté, 1970), "Bincarung" (Taraté, 1970), "Pangajaran Kacapi" (Balébat, 1973), "Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984), "Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984), "Layeutan Swara" (YCP, 1984), "Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jrrd.
Karya-karyana sanés ukur dina widang kawih, nanging ogé dina widang seni drama sareng gending karesmen. Dina lebah dieu kacatet, salah sawiosna nyaeta: "Gondang Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh Asih", "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon", "Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri Tampikan", "Si Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang", "Pangeran Jayakarta", "Nyai Dasimah".
- Pangajén ka Mang Koko.
Mang Koko ginuluran seueur pangajén, boh anu asalna ti pamaréntah, lembaga atawa organisasi masarakat (LSM), upamana baé: Piagam Wijayakusumah (1971), salaku pangajén pangluhurna ti pamaréntah puseur (id: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan) dina kategori "Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan".
Tina riwayat ringkes kahirupan Mang Koko, urang patepang jeung hiji manusa anu enggeus masrahkeun jiwa, raga jeung bandanna pikeun kahirupan jeung kalanggengan seni, hususna seni Sunda. Jembarna, pikeun anjeunna, merenah upami urang ngaleleran gelar salaku "pahlawan panglelemes jiwa". Sabab, sakumaha kasauran anjeunna keneh dina salah sahiji kawihna, seni teh ngarupakeun panglemes jiwa.
Cag ah, Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya anu nuju murukusunu sono ka lembur indung :P - Di cutat Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda. - Gambar ti: Datasunda.Org
Dina postingan ieu husus simkuring hoyong medar paninggalan sajarah suku tatanggi urang, nyeta “urang jawa” tea, etang – etang jalan – jalan we nya hehe.
Candi Pawon nyaéta hiji candi nu aya di antara Candi Borobudur jeung Candi Mendut, kurang leuwih jarakna sakitaran 1750 méter ti Candi Borobudur sarta 1150 méter ti Candi Mendut. Candi ieu munggaran dipugar taun 1903.
Tacan aya nu bisa mastikeun kunaon ngaranna Pawon. J.G. de Casparis ngira-ngira yén Pawon éta asalna tina basa Jawa Awu (lebu) jeung awalan pa sarta ahiran an nu hartina tempat awu (tempat lebu). Ku sabab éta, arkéolog (Elmuan nu nalungtik paninggalan sajarah) ieu nganggap yén candi ieu baheulana dipaké pikeun meuleum mayit nepi ka jadi lebu. Lamun ditempo tina tempatna, candi ieu ayana nyaeta di désa Brojonalan, lamun dina basa Sangsakerta mah nyaéta vajra nu ngabogaan harti pakarang sarta anala hartina seuneu. Vajranala nyaéta sanjata Raja Indera dina mitologi bangsa India.
Dina jero candi henteu kapanggih ayana arca. Nu bisa dititénan tina ieu candi nyaéta ukirannana. Dina témbok luar aya réliéf tangkal Kalpataru nu diapit pundi-pundi jeung kinara-kinari (mahluk kayangan, sirahna manusa awakna manuk), saur sabagian urang aya nu ngayakinan yen candi ieu teh nu jadi pamiti kabentukna candi – candi sejen, kaasup ogé candi Borobudur tea. Aya oge nu nyebutkén yen Candi Pawon teh nyaeta Candi umat Budha.
Cag ah, Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya. Poto dicandak ti Kompas. Sumber ti Wikipedia sareng web sanesna.
- Samemeh Datangna Islam. Mimiti dina zaman abad ka VII nepi ka abad ka XII wilayah nu ayeuna katelahna kabupaten Tasik Malaya, katalungtik ayana hiji bentuk pamarentahan kabataran nu pusat pamarentahanana teh nyaeta disakitar Galunggung, jeng kakuasaan ngabisheka raja - raja (ti karajaan Galuh) atawa ceuk basa lainna mah dianggap syah lamun meunang widi/ pasatujuan Batara nu nahta di Galunggung. Batara atawa sesepuh nu marentahan dina abad eta nyaeta Batara Semplakwaja, batara kuncung putih, Batara Kawindu, Batara Wastuhayu, jeng Batara Hyang nu zaman pamarentaganana ngalaman perobahan bentuk tina kabataraan ngajadi karajaan. Karajaan ieu ngarana teh karajaan galunggung nu di adegkeun dina ping 13 Bhadrapada 10033 Saka atawa 21 Agustus 1111 nu dipingpin ku panguasa munggaranana nyeta Batara Hyang, nu dumasar kabuktian ku Prasasti Geger Hanjuang nu kapanggil di bukit Geger Hanjuang, Desa Linggarwangi, kacamatan Leuwisari, Tasikmalaya. Ti sang batari ieu nya ajarana nu kasohor katelah ku sebutan Sang Hyang Siksakanda ng Karesian. Ajaranana ieu teh masih dijadikeun ajaran resmi dina zaman Prabu Siliwangi (1482-1521 M) nu nahta di pakuan Pajajaran. Karajaan Galunggung ieu ngdeg nepi ka 6 tungturanan raja saterusna nu masih keneh katurunan Batari Hyang. Nincak periode saterusna nyaeta periode pamarentahan Sukakerta jeng ibukota Dayeuh tengah (Ayeuna kaasup kana kacamatan Salopa, tasikmalaya), nu mangrupakeun salah sahiji daerah turunan ti karajaan pajajaran keneh. Panguasa munggaranana nyaeta Sri gading Anteg nu sazaman hirupna saentragan jeng Prabu Siliwangi. Dalem Sukakerja nu neruskeun tahta dipekirakeun sazaman jeng Prabu Surawisesa (1521-1535 M) Raja Pajajaran nu ngagantikeun Prabu siliwangi.
- Datangna Islam. Dina mada pamarentahan Prabu Surawisesa kadudukan Pajajaran sunda mimiti kadesek ku gerakan Karajaan Islam nu dipaloporan ku Cirebon jeng Demak. Sunan Gunung Jati ti taun 1528 ngumara kapalosok tanah sunda pikeun ngajarkeun Agama Islam. Dina mangsa pajajaran mimiti hilang daya (ngalemahan) daerah - darah kakuasaanana tarutamana nu aya di Bagian Timur teh usaha satekah polah pikeun ngalepaskeun diri. Meureun pisan Dalem Sukakerta atawa Dalem Sentaoan ges jadi panguasa Sukakerta nu merdeka, lepas ti Pajajaran. Teu mustahil oge lamun kadua panguasa eta teh ges asup Islam.
Cag ah, hapunten bilih aya nu leupat kirang langkungna artikel diluhur. Baktos simkuring Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Ti: Wikipedia tasik malaya Gambar ti: Datasunda.Org.
Basa munggaran patepang salira tos kedal carita yen "asa - asa tos kantos tepang sareng simkuring kapungkur", tapi duka dimana cenah. Aah ceuk pikir simkuring eta mah jurus hapeuk ti jaman tokotok dilebuan pikeun ngadeketan simkuring wungkul, nya rey we aya rasrasan hate rada sebel ka salira teh da bongana atuh kalakukan teh ciga lalaki nu pleyboy ceuk basa barudak mah. Tapi gening salira teh bager pisan ka simkuring, teu loba mikir daek mantosan lamun pareng simkuring meryogikeun.
Basa nuju mangsa CPD dina pelantikan PMR malihan mah salira kersa ngangakep abdi sababaraha kilo dugi ka sakola ku alatan sampean simkuring tatu tijalikeuh katinggang batu. Isin mah sing isin simkuring teh nalika harita teh, nya kedah kumaha pan ku kang Ibek palatih urang dipapaksa kedah mulang. Curucud cisoca masehan sapanjang jalan eta, kusabab ngaraos isin tur balideg ku kanyeri tatu sesenutan nu beuki lami beuki karaos pisan ngabarehan. Cag, simkuring di turunkeun dina bale - bale korsi di ruangan TU ku salira teh, teu malire kacape awak nu tos ngangakeup simkuring sajajalan salira langsung lumpat ka warung mang Toha rek meser es batu jang ngobatan kanyeri nu tos teu kiat deui di tahan ku simkuring. Teu kungsi lila pak Toni guru pembina urang teh datang nyusulan bari nyanyandak tukang urut ibu - ibu satengah baya "duuuh meni asa hoyong maehan maneh dinten harita teh kang saleresna mah sabab sieun diraranca harita teh"...simkuring nangis satarikna, sabisana, mapalerkeun kanyeri waktos sampean di rampaan ku tukang urut eta teh, salira oge kantinggal haat ninggal kaayaan simkuring, teu tiasa nanaon deui da sidik beh simkuring damang kitu ge panginteun dina pikir mah.
Sasasih ti basa harita simkuring ngundurkeun diri tina organisasi PMR, salira sataker kebek ngolo simkuring sangkan kersa babalik pikir uih deui ngiring latihan. Aaah da dasar tekad ges buled, simkuring keukeuh alim ngiringan deui. Ditambih oge dicarek ku ibu rama yen ulah ngiringan deui organisasi nu baurat, sabab hariwang kana kaayaan fisik simkuring nu alit teu kaopan tea saur kolot mah. Salira teu tiasa kumaha deui, ngan sakur pasrah kana kaputusan simkuring. Sataun urang papisah langki pendak gening kang, teu karaos tos nincak kelas 3 deui...urang papada sibuk ku urusan masing - masing, salira sibuk ku ngurus organisasi PMR, sedengken simkuring sibuk ku OSIS saprak taun kamarina ngiring gadung kadinya janten seksi kasenian nu Alhamdulillah asa kenging dunya nu memang tos ngepas sareng hate simkuring.
Basa urang ngiring papisahan dina acara pembagian rapor ka Jogja, salira ngahaja nyaketan deui simkuring...katinggal pisan marahmay raray piken ngabagjakeun simkuring satekah polah memeh kaluar ti sakola da sidik urang teh tos aya rancana bade neraskeun sakola ka nu benten tea. Harita 2 poe dua peuting urang piknik ka lembur jawa tengah teh jeng barudak kelas tilu saangkatan. Parang tritis - candi borobudur - karaton jogja nu jadi saksi cimata cing ngalemereh kana masehan pipi urang harita. salam silih rangkul jeng sobat dalit tur silih hampura silih bebaskeun keur poe nu ahir eta. Acuk batik dihias ku kumbang nu jadi kenangan harita, naha duka dimana anjen ayeuna gening...taya basa taya carita ceuk beja anjen nuju nyiar elmu ka jogja, naha leres angkang?
Bekasi, 14 Februari dina wanci tengah peuting anu rungsing. Lilis Mayasari. - Gambar dokumentasi ti: Nijarhisam.web.id
#Ingin belajar Bahasa sunda online? #Sedang mencari kamus sunda online? #Ingin menjadi calon menantu Orang sunda tapi sama sekali gak ngerti sunda? #Ingin menarik perhatian pacar sunda anda? #Takut di maki dan ditertawakan oleh calon mertua anda? #Pusing dibecandain sama temen sunda satu kost2an anda? #Pusing dengan kata/ kalimat sunda yang tidak anda mengerti...penasaran yah? wkwkwkwkwk *bentarrrr....ketawa dulu yah :))*
Ehmmm Don wori bi hepi gayes, berdasarkan permintaan dari teman - teman dan pembaca setia Blog LieZmaya.Web.ID *ceileeeh gayanya*, maka sekarang Bagi anda yang tertarik dengan bahasa sunda dan ingin belajar bahasa sunda namun terkendala dengan kata - kata/ kalimat sunda yang kurang di mengerti, silahkan tanyakan di form komentar halaman dibawah ini, InsyaAlloh saya akan bantu sebisa mungkin untuk menjawabnya untuk anda. Berlaku juga untuk orang sunda sekali pun yang masih kurang mengerti basa sunda, katakanlah ini adalah kamus online basa sunda ya.
Note: namun mohon untuk tidak memberikan saya PR yang kurang beradab yang mana dapat membunuh otak dan waktu saya karena bahan translete yang kepanjangan hehe...maksimal 1 kalimat okeh! Dan mohon kesabarannya untuk menunggu karena keterbatasan waktu saya juga untuk berkutat dengan pekerjaan saya sehari - hari, namun saya akan berusaha secepat mungkin untuk segera mereply pertanyaan dari anda ^_^.
Diniatkan dengan Ibadah, mari sama - sama belajar Bahasa sunda yah, dengan senang hati dan bangga, saya akan membantu anda... Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Atau silahkan coba fitur terjemahan disini, sumber (tarjamah.sabilulungan.org).
Hari itu minggu, tanggal 24 Januari 2010 Appa (nama panggilan kakekku) menghela nafasnya yang terakhir, banyak air mata yang mengalir untuk mengiringi kepergiannya dari tetangga, sanak saudara, teman – teman, bahkan orang yang baru kenal. Pukul 13:15 tepatnya beliau di jemput ajalnya oleh sang Illahi, dan adik sepupuku menelpon dari Bandung untuk mengabarkan berita duka itu pada kami cucu – cucunya yang ada di Bekasi. Innalillahi wa inna illahiraji’un, sontak kalimat tersebut berhamburan dari mulut kami. Dengan perasaan sedih terkenang memori dengan beliau kami pun langsung mengepak pakaian dan keperluan lainnya, segera berangkat menunju ke Bandung untuk melayat beliau. Pukul 15:00 kami pun langsung mengunci pintu rumah dan pagar, tak lupa menitipkannya dan sekaligus berpamitan kepada tetangga terdekat yang sudah kami anggap seperti saudara sendiri, hujan gerimis pun ikut serta mngiringi keberangkatan kami ke Bandung waktu itu. Di jalan kami menerima telepon kembali dari saudara, bahwasannya mereka meminta ijin dari kami untuk segera menguburkan Appa yang akan dilaksanakan pada pukul 16:00, dikarenakan cuaca yang mengkhawatirkan di Bandung akan turunnya hujan dikarenakan sang awan pun sudah terlihat menghitam kelabu di langit kampung kelahiranku tersebut yakni Cimuncang – Jelekong. Dengan sangat berat hati kami pun memberikan ijin dengan keikhlasan untuk para kerabat disana mengantarkan Appa ke liang lahat meskipun kami tidak dapat menyolatinya dan mengucapkan salam perpisanan yang terakhir dengan beliau. Sampailah kami di Bandung pukul 18:00 pas disambut hujan lebat yang mengguyur langit Cimuncang. Aku pun langsung bergegas ke rumah Appa, disana terlihat orang – orang yang berbaju hitam hampir memenuhi ruang di rumah tua itu, terlihat ada sanak saudara, mulai dari uwak, paman – paman, saudara sepupu/ cucu – cucu, sampai ke cicit – cicit apa terlihat disana. Aku pun melangkah bersalaman dengan mereka satu persatu yang melingkar di ruang tengah rumah, terlihat mata mereka yang merah karena tangisan tentunya, ooh memang Appa sudah tidak ada lagi, beliau sudah dikebumikan tadi. Ahhh tak apalah pikirku, aku hanya dapat mendo’akan dari sini saja, semoga iman islamnya diterima disisi Alloh SWT, dan segala amalan kesolehannya membuatnya mencapai surga dengan ketanangn di alam kubur sana. Aku pun langsung memeluk émak (Nenekku tercinta) yang sudah tak kalah tuanya dengan Appa. Beliau terlihat sangat murung namun tetap berusaha untuk terlihat tabah oleh orang lain, pikirku mungkin émak sedang melamunkan memori – memori yang telah mereka lalui dahulu, atau beliau sedang memikirkan kehidupannya ke depan, atau mungkin yang lainnya. Aah entahlah, aku tak berani bertanya pada saat itu, aku hanya berusaha menghibur beliau saja, untuk mau meneguk beberapa tetes air minum dan memasukan makanan kedalam perutnya. Kata mamahku, beliau tidak mau makan dan minum sejak beberapa hari sebelumnya...”tak lapar” lirihnya. Waktu itu masih banyak sekali orang yang berdatangan lalu lalang untuk mengucapkan belasungkawa kepada nenek dan kami keluarga yang ditinggalkan oleh Appa. Terlihat sangat jelas sekali, kesedihan mereka mendengan kabar kepergian apa, sosok lelaki yang sangat berwibawa dari muda hingga tua hingga banyak mendapat hormat dan menganggap apa sebagai tetua di kampung. Lelaki tua yang kurus kering itu beberapa bulan yang lalu sudah sakit – sakitan sebenarnya, beliau sudah beberapa kali keluar masuk rumah sakit untuk menjalani pengobatan, namun tak ada hasilnya. Seiring dengan waktu penyakitnya pun semakin bertambah parah saja. Dua minggu sebelum kepergiannya sebenarnya aku telah menemui beliau langsung ke Bandung, untuk bertatap muka dan menyampaikan permintaan maaf, terlebih lagi beliau yang meminta kepada pada sausara dan keturuanannya untuk menemui beliau waktu itu, karena ditakutkan ajalnya memang sudah hampir tiba, beliau takut tidak sempat membebaskan perkara saling maaf – memaafkan sebelum menghembuskan nafanya yang terakhir. Sudah 7 bulan beliau merasakan sakit itu, 3 bulan yang paling parah mematikan tubuhnya yang tidak dapat lagi bergerak kesana kemari seperti biasanya selagi beliau masih sehat, bahkan untuk ke kemar mandi pun harus dibopong oleh orang lain, dan untuk shalat pun beliau tayamun dan berbaring saja di tempat tidur. Hhh sungguh memilukan. Penyakit kakengker paru – paru yang menderanya sungguh membuat beliau tersiksa teramat sangat, beliau sampai menangis mengeluarkan air mata bahkan dalam tidurnya karena kesakitan dan tidak ingin menginap di Rumah sakit. Itulah akibatnya yang ia petik dikarenakan tidak mau menuruti nasehat kami untuk berhenti merokok dari dulu, beliau adalah seorang pecandu rokok yangs angat akut dari masa mudahnya, sehari bisa menghabiskan berbatang – batang/ berlintingan – lintingan rokok dari tembakau “lebih baik tidak makan ketimbang harus berhenti merokok” jawabnya dengan santai, uuuh selalu saja!. Hingga paru – parunya di vonis kanker oleh dokter, sudah parah sekali katanya, bahkan ketika di rontgen pun hanya terlihat hitam saja di dalam paru – parunya tersebut. Yah, mau apa dikata lagi, nasi sudah menjadi bubur, menyesal tidak akan datang di depan, menasehati atau memarahi beliau saat itu percuma saja, toh beliau sudah tidak berdaya, dan mungkin dalam hatinya pun sangat menyesal. Dahulu beliau adalah seorang laki – laki yang kuat, tak pernah merasa kecapaian untuk menghidupi keluarganya, mengelola tanah – tanah kebun, sawah sawah dan empang yang ia miliki. Di usinya yang lanjut pun beliau masih saja membuat kami khawatir dengan “kerjinannya” yang berlebihan tersebut, terutama nenek. Kami sangat mengkhawatirkan kesehatannya yang tak mau sadar diri akan usianya yang sudah lanjut, namun beliau sangat terlihat enjoy – enjoy saja menjalani semua itu “gak enak duduk – duduk termenung diam saja dirumah seperti seorang kakek tua yang tidak berguna” imbuhnya kepada kami. Sekarang aku hanya mengkhawatirkan nenek yang sudah tua, tentunya akan sangat berat menjalani hari – hari tuanya sendiri tanpa Appa, aku belum tahu apakah nantinya beliau akan tinggal dengan anaknya yang mana, apakah itu dengan uwakku, pamanku, atau orang tuaku, yang jelas itu pilihan beliau sendiri, namun belum tentu juga sepertinya beliau mau mengambil tawaran tersebut untuk tinggal dengan anak – anaknya, karena sifat Appa dan émak dari dulu sangat tidak ingin bergantung dan menyusahkan hidupnya kepada orang lain. Aku harap Tuhan meluluhkan hatinya saja dan memberikan beliau ketenangan jiwa melepas kepergian Appa dialam baka sana dan tentunya beliau diberikan kesehatan dan umur yang berkah di ridhoi oleh Alloh SWT. AMIN.
Lilis Mayasari, salah satu cucu dari Appa Udin Bin Matnasik. Bekasi, Rabu – 27 Januari 2010 dalam duka. hapunteun postingan ieu teu diserat dina versi Basa sundana.
Dina topik guratan pangacaprukan saung simkuring ayeuna bade nyobian ngulas ngenaan aksara sunda, terus terang simkuring mah bangga ku warisan ti karuhun nu hiji ieu sanajan nembe ayeuna – ayeuna simkuring wanoh kana ieu aksara teh, hoyong diajar pisan ti kapungkur nu ngan sakilar apal tina materi Sajarah basa mangsa diajar keneh dina bangku sakola, pangulasanana nu ngan saeutik nyeledek rasa panasaran, ngan hanjakal nu dipedar teh ngan saulas wungkul dibubuhan ku gambar nu sakilar saperti gambar patilasan dina prasasti – prasasti saksi sajarah karajaan sunda.
Basa sunda kiwari masih keneh dijadikeun mata pelajaran tambahan pikén barudak SD jéng SMP di Jawa Barat (CMIIW). Kiwari oge Basa sunda mah gés diaku tur dipake ku rumpaka website Internasional nu disingkat ku SU, samisalna Google, Wordpress, wikipedia, numawi aya nu uninga deui nu sanesna?
Aksara sunda bisana ditulis make abjad latin nu bisana dipake jang nulis basa universal, ngan sabalikna lamun naskah sunda mah masih keneh dipake dina ruang lingkup nu khusus wungkul, teu diajarkeun dina kurikulum ku pamarentah Jawa Barat. Skrip urang sunda dikembangkeun tina naskah sunda nu heubeul (Aksara sunda kuna), nu dipaké antara abad ka-14 jéng 18, jéng gés distandarkeun dina taun 1990han. Sunda ogé gés ditulis dina versi gaya aksara arab.
- Huruf Vokal (Aksara Swara)
- Diakritik (Rarangkén)
- Huruf Konsonan
- Angka
-Conto teks dina basa sunda
Transliterasi Sakumna jalma gubrag ka alam dunya teh sifatna merdika jeung boga martabat katut hak-hak anu sarua. Maranehna dibere akal jeung hate nurani, campur-gaul jeung sasamana aya dina sumanget duduluran.
Terjemahan
Semua manusia dilahirkan merdeka dan mempunyai martabat dan hak-hak. Mereka dikaruniai akal dan hati nurani dan hendaknya bergaul satu sama lain dalam semangat persaudaraan. (Pasal 1 dari Deklarasi Universal Hak Asasi Manusia)
Translation: All human beings are born free and equal in dignity and rights. They are endowed with reason and conscience and should act towards one another in a spirit of brotherhood. (Article 1 of the Universal Declaration of Human Rights).
- Ka para akang - akang miwah ceuceu ceuceu nu hoyong nyobian ngotret aksara sunda atanapi ngadownload aksara sunda unicode kangge nginstall dina komputer mangga tepangan surélék dihandap ieu: http://sabilulungan.org/aksara/
Cag ah, baktos simkuring Lilis Mayasari/ LieZMaya. Gambar tur ingfo ti: Omniglot.com jeng Www.LieZMaya.Web.ID Video ti: Youtube Kang Dadan sutisna.
Hampura boh bilih aya nu leupat eusi atanapi basa nu kirang mernah.
Praktek ngotret nami simkuring pribadosconto ngadamel nami tina aksara sunda ngangge photoshop efek tilu dimensi tea.
“Teh Lis, bade masak naon kangge ayéna?” tanya kapi adi teh “Hmm naonnya” bari kuram kireum, kucap kiceup molototkeun panon kuring nu sipit alatan beurat keneh tos hudang sare. “Itu si Ujang sayur atos ngantosan dipayun” “heug, kela kituh tunduh keneh” “Euuuh burukeun atuh nyai, karunya si Ujang gés nunungguan” ngorejat kuring ngadenge sora si teteh (kapi lanceuk) ngahudangkeun make sora tarik kawas nu make toa, sugan teh aya panggilan perang ti pamarentah bakat ku reuwas wkwkwk... Nya teu make loba omong, kuring teh langsung w lémpang ka luar imah nyampeurkeun si Ujang sayur nu gés nangkring nunungguan kuring rek balanja sayur jang tuang poé harita.
“aya naon wae Jang?” tanya kuring “kangkung, roay, bayém, tahu, tempe, jamur, paria, pokcoy, toge, ikan kembung, jagong, putren, sayur asemeun, baso, terong, bonteng, engkol, bandeng, asin, kikil, udang, ebi, surawung, jengkol, jeung sajabana lah tuh lobaaaaa....” “hmmm naon atuhnya bingung, meni barosén lah” “numis kangkung w atuh jéng tempe tambahan ku kacang beureum digoreng...nikmaaaat” pokna bari ngacungkeun ramo – ramo jempol duanana. “aah eta mah kahayang didinya w meureunan haha” tuluy dibales nyengir serengeh ku si Ujang bari manehna kudak kodok saku nyokot hape-na. “Nya anggér lah maneh mah mun era teh sok kudak kodok wae” “heu atuh da kumaha sok narerpeus diheureuyan ku didinya mah” “huahaha” nya barakatak we seuri kuring teh.
Tidinya kuring sibuk ninggalian sayur, asin, nu aya dina gerobak sapeda pangdagangan si Ujang, bari ngimpléng nyipta – nyipta dahar nu matak ngulimeud kana beuteung, seubeuh...sabab gés sababaraha poé asana teh teu nafsu kana dahar teh. Sabot ninggalian, si Ujang nunjuk peuteuy nu harejo balalotot ka kuring... “Sabarahaan hijina?” “dua rebuan” “halah malah – mahal teuing” “sok atuhlah keun baé sarebu lima ratus” “hmm kela...” Kuring tuluy nyampér ka imah nenga kapi adi nanya manehna hayang dahar jéng naon, heug pokna teh “kuma teteh we” ceunah, kitu deuih jéng kapi lanceuk kuring “kuma dinya w lah, teteh mah moal waka tuang, rek kaluar engke beurengge”. Hah da sébél ngamatakeun kuring jadi bingung, nya langsung w kuring nyabét sarawung sagagang, asin cumi – cumi sa- ons, bahan jang sambeuleun, peuteuy dua papan, waluh cina laleutik sabungkus, jeng kangkung jang tuang engke sore. Kabehanana jadi pas hargana sanggés ditambahan buah gédang jang alo kuring nu pangleutikna béh babari “pup” dua puluh rebu rupiah.
Nya kuring teh langsung w ka dapur mawa balanjaan sapalastik tadi, tuluy mawa talenan jéng peso jang nyiksikan. Gés beres nyiksikan tuluy kuring nitah kapi adi teh cénah nyangu da géning ditinggali dina reskuker (rice cooker) teh tereh beak. Tuluy w kuring nyién kuah bungbu ngeu’euman tempe. “Breusss tempe di goreng”...karek satengah asak kompor gas teh lila kalilaan seuneu-na ngaleutikan tuluy jésss w pareum. Duh kunaonnya tanya kuring dina hate, pas tingggali géning gas-na gés béak. Beuuu palangsiang kuring gés teu kuat lapar kukurubukan teh, nya tuluy kuring teh ngageroan kapi lanceuk jang menta duit meuli gas. Untungna teh dihareupeun imah aya warung sembako, harita keneh selang satengah jam tabung gas teh di ganti ku tukang warung...pek song kuring ngasongkeun duit jang mayar eta gas saratus rebu, ngan harita teh euweuh pamulangan, nya keun baé we cék kuring teh engke deui mun balanja di cokot.
Derrr deui kuring teh masak tempe, bari nyiapkeun bahan jang nyambeul surawung dadakan, deuuuh aripek teh ditinggali tarasina geus béak...langsung we nyokot konci motor mukakeun gerbang.....breeeeeeeeung tancap gas meuli tarasi ka warung Yayuk (warung sayur urang jawa). Karek ge sapuluh meter ti lawang gerbang, cukclak girimis ti langit disambung ku géréték teh hujan gede. Duh gusti da gés kagok ngalengkah, kuring nekat nuluykeun maju ka warung, langsung meuli tarasi sarebueun ka si Yayuk teh. Bari hujan – hujan ge kuring maksakeun balik deui ka imah, keur mah kabeneran sapeuting teh karek inget yen kuring teh géning can mandi haha, sakalian we ah baseuh beh daek ke langsung mandi pas datang ka imah teh (benenya, nanaon ge pasti aya hikmahna hehe :P).
Datang ka imah kasampak kapi adi teh keur masak keneh tempe dua iliran, nya kuring teh pas datang langsung di bere anduk, jaribrug kahujanan kuring langsung lumpat ka kamar mandi, brusss mandi najan caina tiis kacida...make baju tuluy ngabalurkeun minyak kayu putih kana awak, teu sabaraha lila kuring langsung masak deui da teu kuat gés lapar téa. Hah harita kuring brang breng brong perang di dapur ngagoreng asin cumi – cumi cing balaleutak, ngoseng ngoseng waluh cina jéng cabe gendot husam hasim teu kuat ngangseu hawa masakan nu nyegak. Ngarendos sambel tarasi surawaung dadakan. Deuuuh beuteung beuki dieu beuki kukurubukan, leungeun jéng awak ngadaregdeg bakat ning ku lapar.
Alhamdulillah gusti jadi oge geuning masak teh, kari tuangna...sugan panyakit mah (maag) téh teu jadi harita. Nglimeud tuang teh nyaan da nikmat kacida…najan bau baham ge anggesna kudu ngosok huntu bulak balik tilu kali, ngagelom peremen beak 5 bungkus haha, tapi Alhamdulillah gusti asa jadi kulit jadi daging ceuk paribasa kolot baheula mah :)
Bekasi, 16 Januari 2010.
Cag ah. Baktos simkuring, Lilis Mayasari. Nu sono ka lembur, sono ka masakan mamah :( - Foto: ti simkuring pribados, bakatku haat ninggali pajoangan tuang kuring harita hahaha. Wilujeng wareg!
Babad Cirebon nyaéta karya sastra sajarah nu disusun dina tengah abad ka-19 di Cirebon jeung nyaritakeun kamekaran kasultanan Cirebon ti awal nepi ka mangsa penjajahan Inggris di pulo Jawa. Karéréan carita (leuwih ti 50%) nyaritakeun Sunan Gunung Jati salaku nu nyebarkeun agama Islam di Jawa Barat jeung nu ngadegkeun Kasultanan Cirebon. Ditulis dina huruf arab jeung ngagunakeun basa Jawa Cirebon sarta ditulis dina wangun wawacan.
Disalin sababaraha kali di sawatara tempat di wewengkon Cirebon jeung Priangan. Dina prosés nyalin téks téh ngahasilkeun sababaraha vérsi anu béda-béda. Samalah di Priangan ditarjamahkeun atawa disadur dina basa Sunda sakapeung mah make judul anu béda, kayaning Sajarah Lampahing Para Wali Kabéh (Riwayat Prilaku dan Perbuatan semua Wali). Naskah-naskahna kiwari aya di Perpustakaan Nasional Jakarta, Universiteits Bibliotheek Leiden (negeri Belanda), British Museum (London, Inggris), Museum Sri Baduga Bandung jeung di unggal individu jalma di Jawa Barat.
Ulikan kana Babad Cirebon téh geus dilakonan ku J.L.A Brandes jeung R.A Kern, tapi kawatesanan puseur ulikanana wungkul kana alihaksara (tina huruf Arab kana huruf Latin) jeung édisi téks dumasar dua naskah (Br36 jeung Br.107) nu kiwari disimpen di Perpustakaan Nasional Jakarta kalawan panganteur ulikan sarta ringkesan eusi dina basa Walanda. Karéréaan édisina nyaritakeun hal ihwal Sunan Gunung Jati katut Wali Songo. Sacara Tradisional mah Babad Cirebon téh ku urang-urang Cirebon mah dianggap sajarah. Rujukan: * Rosidi, Ajip.dkk. 2000. Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (Termasuk Budaya Cirebon dan Betawi), Jakarta: Pustaka Jaya.
Di candak ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya. Gambar: REXYO74.COM
- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID
VPS Indonesia Murah/ Dedicated server atau Shared hosting dan berkualitas.
Yuk kunjungi WebiiHost.com aja! Langsung daftar, proses aktivasunya cepat banget lhoo.